Tue, 22-05-2012
Pangalaman Para Mitra

Pangalaman Para Mitra Edisi 2235

Pintonkeun di FB

Kakabueun

Di mana - di mendi pagawean kuring mah ngojay, teu kaop ningali balong ngemplang rarasaan teh hayang sagebrus-gebruseun teuteuleuman. Kuring ku Aki dibawa nyaba ka lembur, sapaparat di lembur teh balong, aki mah ningali weh kana beungeut kuring sigana geus kajudieun ku aki teh pasti kuring hayangeun ngojay. Aki nyarios kieu ka kuring, "Ari bulan puasa mah tong sok ngojay nya, bisi batal puasana." Kuring malik nanya ka Aki, "Naha make batal, Ki? Apan ngojay mah ukur ku awak henteu ku baham, mun kitu rek diinuman cai balongna kakara eta batal."

Tapi ngawalerna kalah ngadongengkeun bapa jaman keur alit. Cenah "Baheula bapa hidep kungsi ngojay dina waktu puasa. Jigana meureun lila teuing, atawa aya cai anu kainum, duka ngahaja, malum budak keur meujeuhna bangor, sigana cai teh dihirup tuluy kateleg. Ku Aki bapa teh kapanggih keur neueul-neueul leungeun kana beuteungna di sisi balong. Basa disampeurkeun cenah nyelengit beuteung jeung asa eungap nyedek ka luhur. Meureun silaing mah nginuman cai balong nya, kudu mah ulah diteleg burakeun, kapan puasa?" cek Aki.

Bapa nembalanana araap-eureueup teu puguh da sieun meureun ku Aki. Jigana rumasaeun nyieun kasalahan. Da basa dipariksa ku mantri oge cenah bener ieu budak teh loba teuing nginum, da basa diketig palebah pundukna oge loba kaluar cai. Dasar budak badeur, cai balong diuyupan jadi weh kakabueun. ***

 

Agustiana

Padalarang

Oleh-oleh Ti Madura

BAGJA ka diri sorangan. Sok sanajan, hirup di Bandung, kuring mah geus ngaliwatan jembatan Suramandu (Surabaya-Madura) teu lila saprak diresmikeun ku Bapak Presiden SBY, 14 Juni 2009.

Disebut bagja, kapan Suramandu minangka mahakarya jambatan antar-pulau pangpanjangna di Indonesia anu ampir 5,4 kilometer dijieun ku bangsa urang ngaliwatan Selat Madura. Kaduana, can rea urang Madura sorangan, komo anu ngumbara ngasaan liliwatan make jambatan eta.

Ceuk para ahli, jambatan Suramandu bakal tahan nepi ka saratus taun. Mangpaatna, waktu anu satadina ampir 30 menit lamun ku kapal feri, ayeuna cukup sapuluh menit ge nepi.

Kuring mah ngaliwatan jambatan masih keneh haratis, soalna masih keneh uji-coba. Ayeuna mah geus ditarip tilu rewu motor, mobil biasa jeung beus ukur tilu puluh rewu rupia jeung kontainer kelas III mah salapan puluh rewu rupia. Ieu kaitung murah satengahna tibatan naek feri.

Hanjakalna, infrastruktur di Pulau Madura beda pisan jeung di Surabaya (Jawa). Eta neangan toilet meh ampir 5 kiloan kakara manggih, eta ge di masigit. Sapaparat jalan anu disorang di Pulau Madura totoang jeung totoang wungkul. Bakat ku rusuh, sendal nu dipake copot jadi leumpang ge inkud-ingkudan. Sanggeus mereskeun "hajat" pribadi, kuring neang warung meuli sendal capit tujuh rewu rupia. Ahirna naek deui beus anu geus muter malik deui ka arah Suramandu.

Sabot naek, panumpang sejen tingserengeh seuri. Malah barudak mah keprok. Siga selebritis we ka kuring teh. Majar teh kuring hiji-hijina panumpang anu sukses "menginjakan kaki" jeung "nyirian" Pulau Madura tur bisa mawa oleh-oleh sanajan ukur sendal capit ti bumi Madura. Soalna beus geus asup deui ka jambatan Suramandu ti arah Madura teu sempet eureun heula.

Eta nu matak reueus nepi ka ayeuna, kuring pinunjul ti panumpang sejen. Keun bae teu jiga Neil Amstrong jeung Edwin Aldrin nincak bulan, atuh kuring mah nincak-nincak lembur Mbok Bariah? Emh, bagja! ***

 

Pupu Mafuah

UPIANA FC

Isola - Gerlong

Bandung

Ngimpi

Durugdugna dulag dina wanci janari, geus ngageuingkeun hate kuring inget ka manehna, sobat kuring waktu keur ngora, ayeuna di mana boa. korejat kuring hudang, leos ka dapur, kasampak anak kuring keur barang-asakan deungeun sangu saaya-aya.

Ret kana arloji, karek tabuh satengah dua. Dug deui bae kekedengan dina kasur, nyot udud Jarum Super, bari ngabandungan acara ngadu bako di Radio Pasundan FM. Cianjur, resep ku carapetangna penyiar Radio Pasundan mah, jeung dina ocon-banyol gogonjakanana oge estu mani nyararambung.

Panon neuteup kana lalangit, hawar-hawar sora jangkrik di pipir imah, awor jeung sora dulag di tajug nu rada anggang, estu tambah jararauh panineungan, rusras inget ka anu geus lawas.

Lampah anu kungsi kasorang waktu keur ngora kabeh narembongan. Lalakon mangsa ka tuknag anu direkam dina pita ingetan, ayeuna diputer deui, narembongan dina layar kahirupan.

Tuh jalan satapak anu kungsi ditincak, kuring kungsi kacugak. Tuh lamping anu nangtawing, ampir kuring tiguling. Tuh jurang anu lewang, kuring raheut gudawang.

Dina tanjakan hese engapan, dina pudunan labuh tikusruk, nyuuh rumahuh. Di jalan buntu, linglung kasarung salah itung. Di tegalan liliwatan ilang padoman, di pengkolan ilang tujuan, ilang udagan. Ras inget kana rumpaka lagu Hareupeun Kaca anu dihaleuangkeun ku Ida Rosida di RRI Bandung.

"Hareupeun kaca ngajanteng salila lila, roman alum urat duka atra narembongan. Hareupeun kaca sagala anu karandapan, lalakon ka tukang nuntut dararatang. Reueuk rumeuk dina eunteung, semu keueung semu nineung. Jiwa awaking nyarita, siga nu nganaha naha. Duh ieung geuning siga nu nganaha naha. Bejakeun deudeuh bejakeun, rumasa geus katalimbeng..."

rumasa, rumasa kuring geus katalimbeng, ayeuna kuring geus kolot, kiwari geus aki-aki cetuk huis, hamo bisa ngora deui. Paling ngan ukur kahayang, hayang anu ngora ngora, nu disebut ngongoraeun.

Padahal basa harita nginum cai kalapa ngora, regot hambar, sedot hambar. Ari dibeulah eusina ngan lumeho, batokna lung dipiceun kana paruntahan. Tapi lamun kalapa geus dikolotkeun, diantep bakal jadi kitri, mun dipesek tapasna dimangpaatkeun bisa dijieun kekesed. Batokna teu mubadir bisa dijieun cangkir, dibeuleum dijieun areng. Atuh cai na teu eleh ku cai dawegan, bisa dijieun cuka, eusina dikeletik dijieun minyak, galendo, santan bubur jeung sabangsa. Hampasna tong dimomonyah, nyaah, keur parab hayam atawa parab lauk di balong.

Lebar teuing nya kalapa ngora bet dimumurah ngan ukur dijual cai na, padahal teu sabaraha, sakadar ubar hanaang, ubar lieur waktu keur liar.

Emh deudeuh teuing kalapa kolot. Kiwari kuring ngarti, horeng simana horeng dawegan ukur udagan, ngudag-ngudag tanpa wangenan, kalapa kolot carang ditoker ditoel, remen diantep cimekblek...

Tuh, diditu disawatara tempat, sok katempo aya anu daragang kalapa ngora, lebar nya?

Remeng-remeng breh aya hiji tempat, lampuna teu matak jelas nyaangan rupa ieu saha itu saha. Tatabeuhan teu puguh pupuh irama pacampur dangdut, jaipong pagalo sora jalma tingbarakatak tingcikikik tingharegung bangun paur tingrarenghik jiga ceurik, kawas budak dibere duit saeutik.

Aya sora jalma sosoak siga badak galak, mabok arak. Aya sora tanpa manusa aneh tapi nyata. Ka mana eta anu baroga sora?...

Kuring nguriling teu hayang cicing, sugan we papanggih jeung manusa, tapi weleh bongkor teu kapanggih, nu aya... kabeh buaya. Buaya nyalampeurkeun ka kuring karepna rek ngegel. Kuring kasima, taya tangan pangawasa, rek lumpat teu kaduga, rek ngalawan teu bisa walakaya, gep bae ramo leungeun kuring digegel, nyerina kabina-bina, kuring ceurik jejeritan menta tulung. Tulung! Tuluuuuuung! Tuluuuuuuuung!.....

"Bapa!... kunaon gogorowokan di kamar? Kunaon ngagorowok menta tulung! Euleuh eta seuneu kana kasur! Bapa, eta seuneu tina roko meureun, matak oge ulah sok ngaroko bari ngedeng, bisi kasarean, tibra, roko seuneuan keneh. Geura saur, bisi kaburu imsak!..."

korejat kuring hudang bari leungeun pakupis, singhoreng ramo leungeun kuring tutung kasundut ku seuneu roko. Emh, harianeun ngalamun teh, nepi ka tutung ramo, ngimpi digegel buaya....***

 

Aki Pangebon

Darangdan Purwakata

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Rohmat ngomentaran:

kiwarimah panginten tos jarang aki pangebonteh.

aditya kamana ngomentaran:

sae pisan , abdi ngarts kna eusi sareng tujuana ,rumaos asa ksndiran ,matk laku lmpah teh kdu bner ,wilujeng ah AKI PANGEBON

edwin ngomentaran:

wilujeng aki pangebon,mugi kiwari janten poe nu loba harti.