Tue, 22-05-2012
Carkrim

Babaung Ajag (2)

Pintonkeun di FB

Ku: Dede Syafrudin

"Abdi ieu mah, Ma!" ceuk nu ngabelegbeg hareupeun Ma Acih.
"Saha?" sora Ma Acih ngageter.
"Asruh."
"Jang Asruh?"
"Enya."   
"Si Bedul teh! Nanaonan atuh wayah kieu sulungkar-salingker dina rungkun? Meh bae  jajantung Ema ragrag," ceuk Ma Acih bari ngurutan dadana.
"Biasa we, Ma," tembalna. Kituna teh bari tuluy ngaleos ninggalkeun Ma Acih anu masih keneh ngajengjen.
"Dasar budak burung, keur samagaha kieu kalah hayoh sulungkar-salingker di buruan imah batur. Kawas bangsat bae ...!" Ma Acih kukulutus.
"Aeh, boa enya rek ngabangsat Jang Asruh teh? Tapi da kacirina mah lengoh, teu barang bawa nanaon. Jeung deuih tara kabejakeun panjang leungeun budak teh sok sanajan badeur oge. Atawa boga maksud goreng sejen kitu, matak sulungkar-salingker oge?" Ma Acih uleng mikir. Neguh-neguh naon anu geus dipilampah ku Kang Asruh.
"Ah keun bae ketang, da aya nanaon mah moal neangan jurig nu teu kadeuleu," Ma Acih ngagarentes. 
Ma Acih luha-loho deui ka imah Ceu Dedeh. Angger simpe, teu kapireng aya nu hudang.
"Beu tibra budak teh, teu daek hudang. Mangkaning samagaha!" Ma Acih ngomong sorangan.

Sanggeus yakin di jero imah Ceu Dedeh taya tanda-tanda nu hudang, laju ceuli Ma Acih ngadedengekeun deui sora-sora lebah kandang domba. Tetela ayeuna mah teu kapireng sora nu babaung atawa sora kandang diteunggaran ku tanduk domba.

Sabada ngarenghap panjang, Ma Acih tuluy bae neruskeun hancana, mapay-mapay imah nu pangeusina aya nu keur bureuyeung. Ngingetan sangkan ngajalankeun palakiah anu kudu dilakonan dina saban datang samagaha. Kurang ti satengah jam ge Ma Acih geus beres ngurulingan kampung, tuluy mulang deui ka imahna.

Balikna mah teu pati keueung Ma Acih teh, lantaran mindeng pasarandog jeung jalma anu kakara mulang ti masjid.

"Euleuh, geuning Ma Acih. Nyorangan?" ceuk Pa Kandar, nu kakara pisan mulang ti masjid jeung sawatara urang Kampung Lebakhaur lianna.
"Heueuh, ludeungan Ema mah, kolot-kolot," Enduy milu nyarita.
"Lain ludeungan, ieu mah maksakeun. Pedah inget kana kawajiban," tembal Ma Acih.
"Kawajiban naon, Ma? Ngaronda?" ceuk Bah Juar, ditungtungan ngaheheh seuri.
"Si! Na heureuy teh sok kaleuleuwihi, kawas lain kolot. Ieu mah kawajiban ngingetan anu keur barureuyeung, bisi kaparulesan, heug poho kudu mandi ari datang samagaha teh," ceuk Ma Acih.
"Engke mah ulah sosoranganan kitu, Ma, bisi kumaonam. Mangkaning tadi ge kadenge  sora ajag babaung," Pa Kandar nyarita deui.
"Keun bae da Ema mah geus biasa nyorangan. Jeung deuih ari ajag babaung mah da geus adatna, asal ulah ganggu we." 
"Bisi dikerekeb keh, Ma. Sabageur-bageurna ge ajag," ceuk Bah Juar.
"Moal ngerekeb ka Ema ketang, horeameun ajagna ge, tulang wungkul. Mun ka Bah Juar pasti langsung ngerekeb, da gajih wungkul!" Enduy nyaritana ditungtungan ku nyakakak seuri.
"Hus, amit-amit!" Bah Juar ngabirigidig.

Teu papanjangan ngarobrolna teh, tuluy bae marulang ka imahna sewang-sewangan.
Isuk-isuk keneh pisan, Mang Iding walahwah-weuleuhweuh lantaran dombana paeh dikerekeb ku ajag. Getihna ucrat-acret dina kandang. Atuh tangtu bae tatanggana jadi rabul, ngariung kandang domba Mang Iding.
"Enya bae mani gorowong kitu beuheungna ge, tapak disogot ku huntu ajag!" ceuk Pa Kandar.
"Heuheuh, ngan teu kagusur da meureun kahalangan ku sarigsig kandang. Mun teu kitu mah, pasti bangkena bakal digusur ka leuweung," ditema ku Bah Juar.
"Paingan atuh keur peuting rageg sada anjing jeung aya babaung ajag," ceuk Enduy, bari nyidik-nyidik beuheung domba.
"Heueuh," ceuk nu sejen.
"Heueuh bener. Moal salah deui pasti ku ajag," tembal nu sejenna deui.
"Heueuh."
"Enya."
Antukna reang jalma-jalma teh pada ngaheueuhkeun pada ngaenyakeun.
"Ari Mang Iding naha atuh bet cicing bae, na teu kadenge tadi peuting rageg anjing jeung ajag babaung?" Erwe Yoyo anu kakara datang ujug-ujug langsung bae nanya ka Mang Iding anu keur ngahuleng hareupeun kandang domba.
"Enya, kuring oge jeung Pa Kandar anu keur di masjid ngadenge, piraku ku Mang Iding nepi ka teu kadenge?" Bah Juar mairan.
"Ngadenge mah ngadenge kuring oge aya sora babaung ajag jeung rageg anjing ngagogog, tapi ieu panon teuing ku naon mani rapet-rapet teuing. Siga aya nu nyirep!" tembal Mang Iding.
"Kasirep ku naon Mang Iding? Kasirep ku rangda?" ujug-ujug bae kapireng sora nu ngomong, kalawan nada sora nu ngageuhgeuykeun.

Atuh ger nu araya di eta tempat teh ngadadak sareuri.

Mang Iding mureleng ka nu ngomong, manehna apal pisan kana nu boga sorana. Sora Kang Asruh.
"Tong padu engab bae siah nyarita teh. Kawas nu atoh silaing mah kuring meunang musibah teh!" Mang Iding nyeuneu.

Nempo Mang Iding kahudang amarahna, Kang Asruh mah ukur ngaheheh bae. Tuluy nguliwed ka tukangeun Pa Kandar.

"Naha siah kalah nyumput tukangeun tonggong batur?" Mang Iding beuki nyeuneu.
"Meunggeus! Naha kalah ngaributkeun nu lain-lain, lain hayoh geura pariksa eta domba teh geus paeh atawa acan!" Erwe Yoyo geuwat nyapih nu keur ngemu amarah.
"Sidik geus paeh, Pa Erwe," Enduy ngaharewos kana ceuli Erwe Yoyo.
"Keun bae...," geuwat Erwe Yoyo nyiku iga Enduy, mere isarah sangkan henteu nyarita deui.
"Cik cagap Mang Iding, dombana. Naha awakna haneut keneh atawa henteu," Erwe  Yoyo nyarita deui.

Najan keur ngemu amarah, Mang iding nurut kana parentah Erwe Yoyo. Ragamang leungeunna nyagapan awak domba.
"Geus tiis, We," pokna.
"Hartina geus paeh rada lila," ceuk Erwe Yoyo.... 
Beuki beurang beuki rea bae jalma anu ngaliud di kandang domba Mang Iding teh. Kira-kira jam salapan torojol Jang Cucu, ngagugusur bangke anjing.
"Anjing nu Mang Wahya oge dikerekeb ajag. Bugangna kapanggih di sisi leuweung pineus," pokna.
Jalma-jalma anu keur ngaliud di kandang domba Mang Iding tinglalieuk. Tuluy merhatikeun bangke anjing anu dibawa ku Jang Cucu. Pusat perhatian teh jadi pindah, tina bangke domba Mang Iding kana bangke anjing nu dibawa ku Jang Cucu.
"Lain anjing Mang Wahya wungkul nu kapanggih paeh di sisi leuweung pineus teh, tapi jeung anjing Pa Rukmana Polhut," Jang Cucu nyarita deui.
"Kawasna ngudag ajag nu kabur ka leuweung sanggeus ngerekeb domba Mang Iding meureun," ceuk Enduy.
Tuluy jalma-jalma teh raeng deui ngaenyakeun pamanggih Enduy.
"Meunggeus ayeuna mah tong dirariung bae kitu bangke domba jeung anjing teh. Geura ruang anggur mah, bisi kaburu bau bangke!" ceuk Tua Kampung.

Jalma-jalma teh nurut kana parentah Tua Kampung. Tuluy ngagarali lombang keur ngaruang bangke domba jeung anjing. Sanggeus beres ngaruang bangke, tuluy bae  marulang ka imahna sewang-sewangan, bari uteukna pinuh ku rupa-rupa dongeng jeung gambaran ngeunaan ajag.

Sanggeus kajadian domba Mang Iding jeung anjing Mang Wahya dikerekeb ku ajag. Warga Kampung Lebakhaur jadi guligah, kebek ku rasa hariwang jeung keueung, komo nu boga ingon-ingon mah. Rea jalma nu ngadadak ngasah bedog jeung parang. Nu boga bedil mah tuluy bae nyiapkeun pelorna.

Ingon-ingon nu biasa ngencar, ti sore keneh geus diampihkeun. Kandang-kandang diwewegan, malah tuluy ditambahan ku pager. Nu kandangna rada anggang ti imah, ngadadak dipindahkeun ka deukeut imahna.
Maju ka burit, kaayaan di Kampung Lebakhaur tiiseun, leuwih ti biasana. Beuki peuting beuki tiiseun. Saban kapireng sada rageg anjing, jalma-jalma cug-ceg kana pakarang, tuluy kaluar ti imah, mariksa ingon-ingonna....
Isukna, isuk-isuk keneh pisan, geus ibur domba Haji Suki paeh salima-lima, dikerekeb ajag.* (hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula