Katumbiri Edisi 2235
Nu Barungah Dina Poe Kamerdekaan
Nu keur jadi pangeusi Lembaga Pemasyarakatan (LP) loba nu bungah dina poean mieling kamerdekaan mah. Kitu teh saperti kasaksen, LP Narkotika kelas II A,Bandung di kelurahan Wargamekar, Baleendah.
Tina 96 tahanan nu aya di LP Narkotika Kelas II A, Bandung, nu meunang remisi, ceuk Bupati Kabupaten Bandung, H. Obar Sobarna, 70 urang tahanan. Opatan remisi bebas, Wawan, Ijang, Leman, jeung Herman Sugiarto. Ari nu 66 urang mah meunang potongan tahanan sabulan nepi ka tilu bulan.
Hanjakal, Wawan nu umurna kira-kira 35 taun teh kudu mondok deui di hotel prodeo salila tilu bulan, lantaran teu mampu mayar dengda Rp 500 rebu.
"Waktos divonis di pengadilan, Wawan nu dihukum alatan pembalakan liar (Ilegal Loging ) teh vonis hakim lamina sataun langkung, ditambih denda Rp 500 rebu subsider tilu sasih.Kumargi Wawan teu tiasa bayar denda akhirna, ditahan deui lamina tiu sasih," ceuk Kasi Binadik, Ahmad Fauji nu dijejeran ku Kasubsi Registrasi Arip Herdian.
Bupati Obar miharep, para tahanan nu meunang kabebasan, di luar kudu leuwih hade sangkan lain wae bisa ditarima deui kulawargana, tapi oge ku masarakat. "Sagala rupa bentuk pendidikan nu dilaksanakeun di lapas, boh pendidikan karohanian atawa katerampilan, taya lian pikeun bekel sangkan urang teu kajerumus deui kana prilaku nu ngalanggar hukum," pokna.
Samemeh ngumumkeun remisi, Bupati Obar ngamusnakeun 30 rebu botol inuman keras (miker), 2000 VCD porno jeung 1,5 Kg ganja di Jl. Al-Fathu, Soreang. Barang-barang eta hasil operasi antara Satpol PP jeung Polres Bandung.
Dina mieling HUT ka 64 RI, Bupati Obar Sobarna nyebutkeun, nilik kana legana wilayah, jumlah padumuk jeung sumber daya alamna di Indonesia teh potensina gede pisan. Hanjakal, potensi kitu can mampu mere jaminan kaamanan, kaadilan jeung karaharjaan pikeun rakyatna. Kaayaan kitu, ceuk bupati, alatan lemahna kualitas persatuan jeung kesatuan bangsa oge kengkerna potensi sumber daya pangwangunan.
Leuwih tandes Bupati Obar nyebutkeun, sumangat pangwangunan jeung partiotisme nu tumuwuh dina jaman perjuangan, geus kasilih ku sumanget merjuangkeun kapentingan pribadi, kelompok jeung golongan.
Perjoangan politik nu sabenerna ceuk Bupati Obar, perjoangan nu ngorbankeun kapentingan diri pribadi, kelompok jeung golongan pikeun ngabela kapentingan masarakat. "Tapi sanes hartosna perjoangan nu ngaatasnamakeun jeung ngorbankeun rakyat,demi kapentingan pribadi atawa golongan," pokna tandes naker.
Puncakna mieling HUT RI ka 46 di Kab.Bandung direuah-reuah ku pawai 20 kendaraan hias ti dinas jeung pausahaan nu aya di wilayah Kab.Bandung. Salian ti kitu 150 jampana nu datang ti opat kacamatan, Soreang, Katapang, Kutawaringin jeung Kacamatan Cangkuang. Dina eta kagiatan, masarakat milu iring-iringan mintonkeun karancagean sewang-sewangan. *** (nunk)