Tim Sukses
Ku: Nano S
Sakumaha kabiasaan upama rek pentas, keur nayaga mah dua jam samemeh indit ge geus karumpul di imah dalang. Parabot gamelan hideng diakutan, diasupkeun kana treuk. Kitu deui perlengkapan son sistim kaasup generatorna, sanajan aya petugas husus oge nu tanggung jawabna, nayaga mah tetep hideng ngabantuan. Satengah jam ge sagala persiapan peralatan geus beres. Satutas eta ngariung deui, bari ngopi atawa ngaroko. Mun geus kitu suasana teh jadi robah. Upama keur ukat-akut, kabehanana jejem kana tugasna sewang-sewangan, bari teu pati loba omong, sedeng ari geus ngariung, mimiti kadenge obrolan, anu dibarung ku seuri anu rarangu. Ma'lum umumna tukang hareureuy.
"Ke ari ente asa lawas tara ulin ka dieu? Pan biasana ge rek aya panggung atawa henteu, ente mah sok mindeng datang ngalongokan!" ceuk Omod ka Ewon.
"Balik ka lembur euy. Aya pilihan lurah!" tembal Ewon datar.
"Milu nyolok nya!" ceuk Kewen, mairan.
"Lain sakadar nyolok ayeuna mah, tapi boga tugas sejen, jadi tim sukses!" ceuk Ewon bari nyerebungkeun haseup rokona, meunang menta ti Omod. Ngadenge kecap tim sukses, sarerea jadi tingraringeuh. Perhatianana museur ka Ewon, kajiret ku rasa panasaran.
"Hebat euy maneh! Pasti loba bati nya!" ceuk Kewen bari seuri.
"Lumayan..., aya we dua panggungeun mah!" ceuk Ewon kalem.
"Ke, kumaha mimitina ente tepi ka bisa kapilih jadi tim sukses? Teu kabayang sayah mah!" ceuk Harja, lurah sekar panayagan.
"Enya teu kabayang! Mana komo lamun dibanding jeung para tim sukses Pilpres dina televisi mah, nya euy!" ceuk Engko mairan.
"Lain euy, kumaha maneh miluan debat saperti kitu? Kacipta maneh mah teu bisa molotot, da panonna siga buah peuteuy selong!" ceuk Emen ngaheureuyan.
"Ulah ngahinis euy..., sacarana-sacarana, sabisana-sabisana we!" ceuk Ewon.
"Lain kitu euy, sayah mah jadi panasaran. Kumaha mimitina pangna didinya milu jadi tim sukses salah sahiji kandidat kapala desa! Nyaan euy teu kabayang!" ceuk Harja bari neuteup seukeut ka Ewon.
"Dasarna mah tina sebel we!"
"Har?" nu ngariung, meh rampak karerung tarangna.
"Naha kitu, teu meunang sayah sebel?" Ewon rada teugeug.
"Di jaman demokratis mah, boleh boleh saja, asal jelas alesanana! Tah sayah teh hayang nyaho alesan maneh sebel teh, kunaon? Naha tina dahareun, honor, atawa tina ... nenjo tai kotok nu meleber masih ngebul?" ceuk Harja bari pepeta, dituturkeun ku rampak seuri pada baturna.
"Maraneh hayang nyaho?" ceuk Ewon bangun nangtang.
"Enya!" meh rampak museur melong ka Ewon.
"Sayah teh kaserang seueul jeung sebel, tina loba teuing ngadenge pidato euy. . "
"Tah... nu ieu mah rada model jeung aneh nya!" ceuk Omod ka pada baturna.
"Ngarah jelas, kumaha upama ente memberikan pemaparan tentang visi dan misi terjadinya sebuah ledakan seueul dan sebel?" ceuk Harja bari seuri.
"Nyaan euy, sayah jadi panasaran hayang ngadenge, meungpeung aya waktu keneh samemeh indit!" ceuk Onda mairan.
"Roko dulu...!" ceuk Ewon ngalaga. Sung song babaturanana ngaluarkeun roko, ditawarkeun ka Ewon. Roko disundut. Diseuseup disedot jero. Serebung haseupna dikaluarkeun. Huntuna nu rada hideung katingali.
"Maneh mah leleda pisan! Tong loba teuing ektingna atuh!" ceuk Oman keuheul. Ewon imut, asa meunang lapak. Dikitukeun kalah nyelang unggut unggutan heula.
"Ieu mah nyaan euy, lain aransemen!" Ewon ngamimitian nyarita. Nu sejen daria niat rek ngadengekeun. "Pisaminggueun deui kana pemilihan, di lembur teh diaya keun debat kandidat, alpukahna panitia pemilihan. Sayah ge milu hadir, sanajan harita mah can asup kana anggota tim sukses ti salah sahiji calon. Carana dina eta acara debat, langsung tuturut munding cara nu mindeng katenjo dina televisi. Aya naon teh ngarana teh, dorator dorator kitu. Terus aya tim penanya. Pokona mah ciples diteplak weh! Keun dina hal visi dan misi mah, suasana masih datar keneh. Tah lebah mimiti aya nu nanya, mimiti ruy rey teh. Ceuk sayah mah sikepna pulici! Hayang katanggar pinter! Leuwih loba ngadedetkeun, atawa ngekesek ka para calon. Keun ku kitu. Tapi sayah ningali, karasa ayana keberpihakan ka salah saurang calon. Kieu-kieu ge sayah teh jadi nayaga anu sok mirig dalang, tur kaasup remen manggungna. Jadi apal kana saruping permainan sandiwara mah. Kade euy ulah salah, lain sayah wungkul! Tapi rakyat leutik di lembur ge geus loba nu engeuh kana hal sarupa kitu mah! Geus palinter euy, geus moal bisa dibobodo deui. Sanajan jangjina salangit. Pamerena brobroan. Reklamena galede. Programna aduhai! Moal euy, moal kabobodo tingal ayeuna mah! Rakyat leutik teh geus ngarti!Geus apal!Geus.... bosen! Geus sinis! Geus.... . "
"Enggeus atuh soal lebah dinyana mah!" ceuk Harja ngagebes, rada nyentak.
"Oh. . diliwat nya lebah dinyana mah! Enya nya, pan sarua urang teh kaasup golongan rakyat leutik. Poho euy, rarasaan teh jadi panayagan mah geus kaasup golongan elit! Enya litak tak bertulak tea geuning..." ceuk Ewon nyengir.
"Langsung kana goong, euy! Naon sababna maneh jadi milu kana tim sukses salah sahiji calon di lembur maneh!" ceuk Uwas semu keuheul,tapi beuki panasaran.
"Terus terang we..." ceuk Ewon neruskeun caritaanana, "Sayah teh ningali salah saurang calon, anu kabeneran sa erte di lembur. Sayah apal pisan, manehna teh jal ma basajan. Jujur. Bermasarakat, jeung taat kana agama. Ceuk sayah, manehna mah boh dina sikep jeung nyaritana, sanajan henteu ngagelebug jiga angin tornado, tapi eusina mantep jeung ngeusi. Kitu lah, sigana teh bakal leuleus jeujeur liat tali, ceuk babasan tea mah. Leuwihna, teu loba jangji. Tapi naha atuh, ari pek teh boh ku tim penanya, boh ku sasama kandidat, jeung balad baladna, eta mah istilahna teh, geus asup kana wilayah beh ditueun dikekesek! Ceuk bahasa ayeuna mah, purunyus tendensius! Leuheung mun puguh sasaran nanyana teh, da ieu mah loba nu teu nyarambung! Contona, naon beda Obama jeung Osama? Pokona mah loba pisan nu leuwih araheng patanyaanana teh, anu moal kapanggih dina debat di televisi luar negri oge. Bisa jadi meureun hayang nembongkeun, yen di lembur ge ayeuna mah pikiranana geus maraju. Sing inget ieu teh tingkat desa, di lembur! Cing ceuk di dinya nu kitu geus relepan asup kana ukuran kamajuan atawa henteu? Sok saha nu bisa mere jawaban...!" Ewon nyelang nangtang nanya.
"Geus lah kumaha maneh we eta mah, teu kudu tatanya deui. Pan sayah nu keur nanyana oge! Naha jadi malik nanya nu teu singkron! Kuring mah hayang nyaho, kumaha pangna maneh milu jadi tim sukses! Tah langsung we kadinya! Gancang yeuh waktu, waktu...!" ceuk Omod beuki keuheul, bari nuduhkeun jam erlojina.
"Enya. . pan sayah ge rek menuju ka dinya! Maneh we nu teu sabaran! Pan dina wayang ge, upama adegan keur meujeuhna rame, sok diselang heula ku permin taan lagu. Atuh cenah euweuh lagu, matak naon di dieu mah, pan bisa diganti ku roko deui!" ceuk Ewon tenang.
"Beubeulieun maneh mah! Tah roko sayah beakkeun!" ceuk Uwas bari ngalungkeun bungkus roko jarum kabeukina.
"Tenang we atuh, da saeutik deui ieu ge. Supaya sayah seger, urang selang ku nga roko heula. Sok lah nu sejen ge, nu kaasup ahli hisapun, urang sasarengan melenyun!" Ewon nyelang nyundut roko anyar, sok sanajan kuntungna masih panjang keneh oge, "Tah ti dinya euy mimitina teh. Tina sebel ka nu nanya, timbul simpati sayah ka calon nu saerte tea. Paduli rek disebut nepotisme ge. Kajeun!
Sore-sore sayah datang ka imahna. Saya langsung nawarkeun maneh pikeun milu jadi tim suksesna. Caritana mah saya langsung ditarima. Sanajan kitu, terus terang sayah henteu nembongkeun diri jadi anggota tim suksesna. Lain bae ka pihak lawan, tapi oge ka anggota tim sukses ti eta calon. Wah euy, nyaan ngentab hate teh, utamana upama ningali polah jeung ketak anggota tim sukses nu lain. Sayah nyaho, aya nu mere sembako. Aya nu mere duit. Geus puguh kaos mah! Pokona mah rupa-rupa pangbibitana teh, bari ngaharewos sangkan milih jagoanana. Beuki deukeut, beuki saheng jeung rame.
Tah, pidua poeeun deui kana pemilihan, kakara sayah nepungan ka calon anu di tim suksesan ku saya. Saya terus terang menta duit lima puluh rebu! Ku sayah teu disebutkeun keur naon naonna mah. Pokona mah keur upaya memenangkan pilihan we. Aya kayid eta ge. Upama engke eleh, eta duit ku sayah rek dibalikkeun deui. Sang calon ukur nyebutkeun teu kudu, ngan titip ulah kasar, cenah. Atuh ku sikep kitu, sayah beuki kahudang hayang ngagoongkeun kemenangan keur calon nu sa erte tea. Nyaho henteu, rek nyieun tarekah naon sayah cing?" ceuk Ewon nguji kasaregepan nu ngadengekeun.
"Pan maneh nu boga lalakonna ge, kuma maneh we!" ceuk Onda sinis.
"Heug atuh, urang bujeng enggalna nya! Eta duit nu lima puluh rebu teh ku sayah dibelikeun kembang api nu gede, nu bisa hiber tea geuning, bari ngaheos sorana. Tah pidua poeeun pilihan tea, bada isa saya nyalingker ka kebon awi. Ulah waka jeung batur, anak pamajikan ge teu apaleun. Ti dinya eta kembang api gede nu ngajeos tea, ku sayah disundut, tur arahna ditujukeun melengkung supaya engke na nutug ragrag di sabudeureun imah calon jagoan sayah tea. Teu loba, ngan dua kali. Kabeneranana teh, pas sakumaha nu dipikahayang, ragrag nutug ka imah calon sayah tea. Isukna, sanajan teu kaasup guyur, loba masarakat di sabudeureun erte sayah nu tinggelentis, cenah tadi peuting aya cahaya saperti pulung ti arah kebon awi, nu nutug ka imah calon di eta tempat.
Eta beja teh teu lila tatalepa ka erte jeung rw sejenna, cenah aya cahaya mancur nutug ka imah salah sahiji calon. Tina beja eta tea, utamana para kokolot lembur loba nu unggut-unggutan. Sayah tangtu we bungah, sabab eta beja bisa gancang narekab. Peutingna piisukaneun pilihan, sayah teu nyeungeut kembang api nu gede deui, tapi ngahaja nyeungeut kembang api nu laleutik, nu samemehna dibubukeun heula tina gagangna. Tah eta bubuk kembang api nu laleutik tea, ku saya disundut di deukeut juru imah calon jagoan tea. Teu loba, jeung teu lila, sabab nu penting neangan perhatian wungkul, utamana keur nu kabeneran kungsi ningali hurungna eta kembang api tea. Rame nya euy!" ceuk Ewon nyelang nyalenggorkeun obrolan. "Teruskeun?"
Nu ngadengekeun arunggeuk panasaran, bangun teu sabar hayang nyaho tungtungna.
"Eta beja ayana nu ngabaranyay cahaya ti kebon awi dua poe katukang, nu nutug ka imah calon sayah tea, ternyata jadi beja nu narekab. Tapi kituna teh, lolobana bari haharewosan. Lain bae dilingkungan para sepuh, tapi geus tepi oge ka sabagian para pamudana. Suasana kitu teh, kababawa jadi rumor waktu dina prungna pilihan. Caritana mah, barang sorena diumumkeun hasil pilihan rakyat keur nu jadi kapala desana, diluar dugaan calon saya unggul telak pisan! Calon nu eleh teu bisa kumaha, da kanyahoan langsung ku masarakat di dinya. Salian ti memang simpati ka eta calon, sabab katingali ketakna basajan, teu make iming-iming moni politik, hal sejenna, utamana dikalangan para sesepuh, masih loba nu percaya yen cahaya nu kungsi ngabaranyay nu nutug ka imah calon nu unggul teh, eta teh tanda ayana panayogean, yen nu bakal meunang teh, calon nu tandang ti daerah eta.
Tepi ka ayeuna sayah teu mere beja ka calon sayah nu unggul tea, sabab sanggeus sayah nyaho jagoan sayah unggul, sayah indit ka Bandung. Dadaku ka nu di imah mah, nyebutkeun aya acara panggung. Berekah deuih, cenah tepi ka ayeuna, ayana cahaya kajajaden nu ngabaranyay tea, teu kungsi terlacak ku la wan calon sayah tea. Sayah ge geus tenang ayeuna mah, sabab jagoan saya nu unggul tea, cenah minggu kamari geus dilantik. Katambah teh deuih, berekah tepi ka ayeuna, jagoan sayah teu apaleun kana reka perdaya sayah nyieun cahaya kajajaden tina kembang api tea.
"Wah maneh mah kampanye hitam ari kitu mah!" ceuk Harja ngejek, bari ngagejlig leumpang asup ka imah dalang.
"Eit, entar dulu Bos! Mana mungkin disebut kampanye hitam alias kampanye poek mongkleng hideung, ieu mah cahayana ge ngabaranyay terang benderang!" ceuk Ewon asa meunang!
"Kuma sia we Ewooon...!" ceuk babaturanana, bari terus bubar, sabab waktu indit manggung geus manjing waktuna, dalang geus kaluar ti imahna.***
Pasir Hariring, lilikuran Juli 2009
<a href="http://www.hosting24.com/"><img src="http://analytics.hosting24.com/count.php" alt="web hosting" /></a>
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaRubiantara Akbar Zain ngomentaran:
Hade tah mang ewon teh, nbagela batur bari baturna teu apal dibelaan. GOOD lah