Tue, 22-05-2012
Carita Pondok

Sketsa Kuring

Pintonkeun di FB

Ku: Fier Hilari

Tengah poe panas moreret!

Karung beas urut ti isuk mula digagandong karasa hampang keneh, eusina ukur sabangsa palastik wungkul. Nu kapanggih teh ember sabeulah, ember urut wadah cet, jeung piring plastik salosin sesa kabeuleu. Teu kardus teu beusi urut, sakitu aprak-aprakan asup kaluar gang jeung mapay-mapay jalan.

Panasaran keneh, jalan pusat karamean kota diasupan, milu pabuis jeung lengkah batur luhureun trotoar. Wadah runtah bogana pamarentah dikorehan. Rada lumayan beubeunangan teh. Kardus urut wadah tip meunang dua, ditambah kardus leutik urut wadah kadaharan aya kana limana. Susuganan manggihan nu leuwih, wadah runtah nu ngajajar sisi jalan imeut dipapay. Bet kosong taya pulungeun sakitu diimeutan! Ngalengkah deui muru harepan sugan jeung sugan.

Lebah parapatan sakedapan ngahuleng. Melong ka kulon, jalan nu mayat nanjak geus ngareunteutkeun niat. Taya harepan ongkoh liar ka dinya mah! Kenca katuhueun jalan teh gedong sigrong wungkul nu buni ku pager beusi, karek laha-loho haruepeun pager ge geus diharengan anjing ti jero!

Jalan nu wetan? Teu hayang ngaliwat deui ka dinya! Pernah sakali ngulampreng ka dinya kalah dipolototan tibum nu keur jaga di pos hareup. Moal aya bubututan ka dieu mah! Omongna. Da memang enya atuh. Jalan teh ari hareupeun kantor Bupati mah mani lening, teu aya urut bungkus komo deui urut cangkang cau ngagoler! Jauh pisan upami dibandingkeun jeung jalan di jero pasar nu nya becek nya balatak runtah, tacan ditambah ku rupa-rupa babauan nu matak babalongkengan keur nu boga irung teu kaopan.

Bingung mikiran pilakueun, tungtungna ngahenen handapeun tangkal caringin sisi alun-alun. Tumaninah naker, linduk iuh diusapan angin nu mawa tunduh! Cienteh bekel ti imah bari teu amis ge karasa seger maseuhan tikoro, beuteung kadenge kukurubukan menta dieusian. Ngawayahnakeun maneh we loba warung sangu ge lain teu hayang meuli, teu boga saperak-perak acan keur meulina! Sakieu ge uyuhan boga patuangan teh bageur. Tadi isuk sarapan teh ukur cikopi sagelas jeung goreng ketan sakeureut meunang nganjuk.

Kantong bako dikaluarkeun. Ngalinting papir, diseungeut! Tikoro ngadadak karasa renyem. Jegoh-jegoh batuk beumang tilu balikan mah. Can cukup umur meureun udud bako teh, da ari aki kuring mah tipeler-peler wae udud bako ieu teh. teu renyem teu batuk anggur raos we, cenah. Perkara ngaroko ge geus ngawayahnakeun maneh deui we nguereuyeuh bako teh. Tong boro meuli roko ngeunah bungkusan, meuli batangan ge geus seuseut seuat! Hasil ngajual rongsokan teh timbang mahi keur dahar sapoeun. Teu nyesa keur poe isuk komo deui pageto bati usaha teh.

Lain jijieunan, jadi tukang mulung teh ripuh ku pulungeun ayeuna mah. Mulung rongsokan motor atawa mobil onaman pantes rek hese oge, ieu mah teu pira; ember butut, beusi urut, kardus, keretas urut jeung sajabana nu bisa dijual deui da hesena beak karep atuh!

Batur saprofesi nambahan, pulungeun nuntut ngurangan! Nu icikibung di susukan neangan paku balatak, nu leuleumpangan cara kuring singkelendang teu beurang teu peuting. Wadah runtah dikorehan. Leos itu jol ieu bari sarua kokoreh! Giliran kuring kokoreh lapur teu diagehan nanaon ari lain sangu bulukan jero keresek mah. Padahal mun ngudag pangalaman karir mah geus kaasup senior kuring teh enya ge ngora keneh. Tamat sakola Es-De teu diteruskeun da can aya BOS, nya sok mantuan kolot neangan kardus. Padahal ari cita-cita mah hayang jadi tentara kuring teh, tapi nu kahontal teh lain mamanggul bedil kalah mamanggul karung beas urut, bari mamawa gacok tina kawat gede nu ngahaja dielukeun, diseukeutan jeung digagangan geus jadi atribut matuh sapopoe. Nuluykeun tapak lacak jeung lapak bapa kuring almarhum.

Bisa disebutkeun jaman kaemasan harita mah! Pulungeun balatak, nu mulungna bisa diitung. Eta we lian ti lancar mayar sewaan bedeng kabedag meuli tivi berwarna opat belas in kumplit jeung vi-ci-di-na, encan kadaharan jeung pakean keur indung. Malah make mikir-mikir neangan pipamajikaneun panggih jeung nu daekeun. Kacipta mun boga pamajikan teh pasea isuk sore, teu kabajuan teu kabiayaan!

Ari ayeuna bet tibalik! Pulungeun euweuh, nu mulung rabeng! Matak pantes katel atawa panci anyar ngumbah jeung keur dipoe di pipir bisa ngaleungit teu pupuguh ge tong aneh, nu butut geus dipulung komo deui nu alus keneh bari nu bogana bongoh. Rantang paragi wadah lebu bari geus bolong ge tong gagabah nunda, bisa leungit ilang tanpa karana digusur jaman nu geus samar ku bebeneran.

Sora sirineu ngaheang ngagebah lamunan. Horeng mobil pulisi nu keur ngawal gegeden! Teuing bupati teuing saha da sedanna mani alus herang ngagenclang. Kuring hare-hare, gegeden sarua hare-hare. Keur kuring mah rek aya bupatian rek teu dibupatian, sarua euweuh karaana jeung jasana. Tukang nyapuan jalan onaman puguh karasa jasana. Jalan jadi lening tur matak asri ningalina! Ari gegeden nu dikawal? Boro-boro mere kejo ka kuring nu keur ngalungsar ngararasakeun lapar, ngareret oge henteu! Teu ngabibisani ketah, tong boro ku gegeden. Ku sarua cacah ge tara dilieuk-lieuk acan, malah lain dianggap jelema boa! lain nanaon boga engkeuhan kitu teh. Lamun keur neangan kipayah, jiga ayeuna we contona! Ti isuk nepika ayeuna, sakitu jelema pabaliut, berekah teu ngomong sakecap-kecap acan. Tukang beca tara pirajeunan nanya komo deui nu make dasi, estuning hare-hare we sarua papada manusa ge.

Kukurilingan di tengah lembur batur, boro-boro aya nu narik aya nu nakon. Kalah tingkuciwes bari tingarindat!

"Teko Ibi mah kamari leungit, can lila da moe teh. ngajait heula popoean, eh ari ditempo deui geus euweuh!" ceuk Si Ibu di teras imah.

"Lain ngalelewe Ibi, didieu mah panci nu leungit teh! anyar keneh meunang nganjuk ti tukang kiridit! Keur tiis awak meureun, can lunas can naon geus leungit!" tembal Si Ibu gigireunna.

"Eh, puguh didieu ge anyar keneh kaleungitan katel, sarua weuteuh keneh! Mun nyaho nu maokna da moal asa-asa dijenggut tah buukna. Keuheul tuda, dibelaan ngaduakeun huap hayang katel eta teh!" ceuk Si Ibu nu dibaju biru. Nu boga imah meureun da saliwat kareret mawa keler kueh, rek nyuguhan.

"Geus dipapay?"

"Enggeus! Ka pasar loak ka tempat rongsokan. Kukurilingan jeung bapa budak ka unggal tempat ge euweuh!"

"Maenya euweuh da moal ka mana jigna atuh!"

"Nyaeta euweuh, ari nu harideung jeung karentob mah loba, nu didieu mah pan weuteuh keneh! Dipake di imahna meureun ku nu maokna."

"Bisa jadi ari geus dipapay euweu mah!"

"Enya! Matak ayeuna mah mun barang poe parabot teh kudu ditalingakeun! Loba jelema teu paruguh ayeuna mah di lembur urang teh," ceuk nu boga imah. Ngomongna ngahaja ditarikeun ambeh kadenge ku kuring nu keur milihan pulugeun dina bak pamiceunan runtah.

Rada teu genah hate oge diomongkeun teh. Lain nanaon naha bet disakompet daunkeun. Amanat kolot teu weleh ngagalindeng ngeusian hate, ngagelendut na lelembutan;

"Nyiar rejeki mah kudu dibarengan niat nu hade! Nu halal jeung maslahat kudu jadi udagan! Kade mihape we bapa mah, sakumaha susahna hirup, omat ulah kapoekan teu bisa ngabedakeun salah jeung bener!" pokna. Inget keneh nepika ayeuna ge. Bari ngopi di teras bedeng, di luar hujan ngaririncik ngagelendutna teh. Teu nyangka sacongo buuk ge, tilu poe ti harita bapa tilar dunya!

Ambek aya hayang seuri aya ngadenge nu tingkuciwes teh. Hayang seuri lebah ngadenge nu harideung jeung karentob. Lain sakali dua kali nempo babaturan saprofesi nakolan panci nu alus keneh nepika karentob malah nepika kohok, babarengan jeung katel nu nasibna sarua ditakolan heula, diasupkeun kana jero durukan ambeh leuwih apdol! Puguh we nu tadina herang jadi salin rupa, geus karentob jaba hideung ditambah belewuk deuih. Rek apal kumaha geura tah Si Ibu teh!

"Priii,..iii,...iiit!"

Sora piriwit mani ngajelengeng. Nu numpak motor kaciri rada sepa dieureunkeun ku pulisi. Reuwas keur ngeunah-ngeunah ngebut disalip bari dipiriwitan.

"SIM-nya mana?" Kadengena teh.

kalah alangah-elengeh dipenta SIM teh.

"STNK?"

Katingali nu ditanya ngasongkeun keretas tina loketna. Keretas dialak-ilik ku pulisi bari diakurkeun jeung plat nomer motor.

"Ikut!" omongna bari mesakan keretas tadi.

"Dagoan sakeudeung!" ceuk nu dititah ikut ka baturna nu dibonceng.

Motor pairing-iring ka kaler. Baturna ngajentul ngadiukan trotoar. Ngaluarkeun bungkus, melenyun sosoranganan teu nawaran-nawaran acan ka kuring nu keur ngalalajoan. Teu lila nu ikut geus norojol deui ti kaler. Sorangan ayeuna mah teu pairing-iring deui.

"Apes aing mah, tilu puluh rebu we hiber!" datang-datang teh ngadon kukulutus.

"Bae lah duit sakitu mah!" Baturna seuri bari naek kana boncengan. Motor mangpret deui neruskeun ngebutna.

Tilu puluh rebu, cenah! Babari batur mah meunang duit teh jaba unggal bulan narima gajih. Ari kuring? Ti isuk mula bari luut-leet kesang teh boro-boro puluh rebu, moal kurang moal leuwih rebu perak duit meunang usaha teh. Geus tibalik meureun dunya teh! nu geus loba duit beuki babari deui neangan duit, nu teu boga beuki hese kana rek bogana, beuki lebeng baluweng ahirna nyangsaya handapeun tangkal caringin kawas kuring. Ngalalajoan hideung bodas kahirupan.

Beuki beurang hawa jalan beuki karasa nyongkab. Botol cai geus beak, beuteung beuki pupurilitan. Teuing pedah hawa panas teuing beuteung lapar, mikiran pilakueun teh kalah jadi jangar sirah. Nyengkatkeun awak, ngalengkahkeun suku teu make deui pipikiran lir kapas nu diulinkeun angin.

Salengkah-salengkah jalan nu ngabetrak panas dikeureuyeuh. Hareupeun hiji warung, seungit beuleum sate nebak kana irung. Ukur neureuy ciduh ningali girinyih daging domba dina pameuleuman. Seungitna, girinyihna teu weleh ngalangkang sabot leumpang asup ka jero gang.

Tukangeun hiji imah, lengkah ngarandeg. Luak-lieuk ngawaskeun sakuriling, jempling! Rurusuhan karung digandong, lengkah digancangan. Kaluar ti gang ngagidig mapay rel kareta, sanggeus jauh nguliwed lebah dapuran awi, tuturubun turun muru sisi walungan nu taringgul batu.

Hanjat ti walungan, lengkah ngagidig muru lapak panampungan. Duit ladang ngajual katel jeung panci nu tadi keur dipoe tukangeun imah Si Ibu nu ngomongkeun saminggu ka tukang rek dibeulikeun sate. Itung-itung salametan, poe ieu poe panungtungan jadi tukang mulung bubututan!

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

eddy koesnady ngomentaran:

Hareupeun hiji warung, seungit beuleum sate nebak kana irung "tangtuna ge warung sate... lain warung lotek ...hehehehehehe hadena kurang moho kana sate teh, eta we ...lamun geus ngambeu beuleuleum sate teh....sok pusing, komo lamun eusi dompet kosong...hehehe deui...

eddy koesnady ngomentaran:

Hareupeun hiji warung, seungit beuleum sate nebak kana irung "tangtuna ge warung sate... lain warung lotek ...hehehehehehe hadena kurang moho kana sate teh, eta we ...lamun geus ngambeu beuleuleum sate teh....sok pusing, komo lamun eusi dompet kosong...hehehe deui...

Neni Ratna Yuliani ngomentaran:

Ke, ke ke .... Carita ditutup ku kalimah "itung-itung salametan, poe ieu poe panungtungan jadi tukang mulung bubututan!" Moal kitu si kuring teh bade luluasan mateni diri sorangan alias bunuh diri?? Beu .. bati ngahelas sareng manghanjakalkeun ...