1000 Operasi Katarak Sarentak di 12 Kota: Kontribusi Chartered Bank Indonesia Dina Mieling HUT RI Ka-46
Dina raraga mieling dirgahayu Kamerdekaan RI ka-46, Standard Chartered Bank Indonesia anu geus ngadeg 146 taun di nusantara,dina tanggal 15 Agustus 2009 geus ngayakeun operasi katarak haratis (kaasup obat jeung cek up) serentak di 12 kota di Indonesia pikeun masarakat teu mampuh.Husus pikeun urang Jawa Barat operasi katarak diaksanakeun jeung diurus ku PERDAMI Bandung gawe bareng jeung Palang Merah Remaja (PMR) SMPN 2 bandung, di Departemen Mata Rumah Sakit Cicendo Bandung anu harita geus hasil ngoperasi 29 manula (manusia lanjut usia)
Nurutkeun Corporate Affairs Manager Standard Chartered, Nia Firtica, sakabeh rengrengan kagiatan ieu mangrupa bagean tina program "seeing is believing (SiB)" Standard Chartered Bank di sakuliah dunya anu geus lumangsung ti taun 2003 anu saterusna gawe bareng jeung International Agency for the Prevention of Blindness (IAPB) jeung meunang rojongan Badan Kesehatan Dunia (WHO).Husus di Indonesia program operasi katarak ieu digelar kalayan gawe bareng jeung Perhimpunan Dokter Spesialis Mata Indonesia (PERDAMI). Nepika kiwari geus leuwih ti sajuta jalma anu geus meunang mangpaat tina ieu kagiatan.
Nurutkeun Dr.dr.Tjahyono D.Gondhowiardjo, Sp.M.(K). Pupuhu pangurus PERDAMI Puseur, Katarak teh kiruhna lensa mata anu wajar kaalaman ku akibat kakolotan luyu jeung kondisi kasehatan jeung paktor lingkungan.Tapi sok sanajan kitu katarak bisa diubaran ku jalan dioperasi jeung "penanaman lensa". "Ku kituna Dr.Tjahyono ge kacida bagjana ku ayana ketak swasta Strandard Chartered Bank Indonesia anu gede pangrojongna kana ieu kagiatan.Saterusna Standard Chartered Bank Indonesia ge tetep ngayakaeun kagiatan operasi katarak bulanan nepi ka ahir 2009 kalayan target 200 urang dina sabulanna di sakuliah Indonesia.Husus pikeun urang Jawa Barat atawa Bandung sabudeureunana bisa daptar ka Rumah Sakit mata Cicendo, PERDAMI Bandung atawana Nia Firtica tlp 021-25 550 000 ext.51313.Haratis ngan ukur nembongkeun KTP wugkul. (ASEP GP)