Kingkilaban Edisi 2236
GANJAR KURNIA; Nya Rektor Nya Budayawan Sunda
Riweuhna pagawean ngurus Unpad teu ngajadikeun Rektor Ganjar Kurnia jadi kateug ngamalirkeun tekadna ngamumule hirup-huripna kasenian-kabudayaan Sunda.Ti barang prak mancen damel ge ieu seniman kampus anu kungsi aktip di Damas (Daya Mahasiswa Sunda) jeung jadi panaratas Lises (Lingkung Seni Sunda) Unpad teh, langsung masieup Universitas kareueus urang Jawa Barat anu dipingpinna ku kagiatan-kagiatan kasenian jeung kabudayaan Pasundan, boh anu sipatna pagelaran boh padungdengan (diskusi jeung seminar ilmiah).Malah ieu Doktor wedalan Perancis teh ngadegkeun "Bale Rumawat Pajajaran" , gedong kasenian anu diadegkeunana di kampus puseur Jl.Dipatiukur 35 Bandung.
Geus sababaraha kali pagelaran lumangsung di gedong kasenian ieu, di antarana: Renungan Ahir Taun "Konser Tunggal Iwan Abdurahman", Euis Komariah Dina tembang, Kawih jeung Celempungan, Nini-Aki Maca Sajak, Pamentasan Teater Bell "Woisek", Ngadegung ku Gitar, Nongton Wayang di Unpad,Wanoh Jero ka Kang Ibing, Nyungsi Lagu Pasanggiri, Pidangan lalaguan Pasanggiri Tembang Sunda Damas XIX, Lukisan Pangabdian, muter Film Dokumenter Prof.Dr.Kustejo, Pagelaran Drama Tarian Terakhir (AUL),Joint Piano Recital Awinta Sarasono & Elsa Anggelie, Mojang India Nembang Sunda, Anita Balasubramanian. Pidangan Lalaguan Karyana Mang Koko jeung anu bakal datang Pasanggiri Tembang Sunda Damas (Okt 2009), Mapay Laratan Kang Darso (Konser Tunggal Calung Darso-November 2009) jeung Gelar Ipukan , Pagelaran kasenian barudak kaulinan urang lembur dina milangkala Gedong Kasenian Bale Rumawat Pajajaran. (Desember 2009).
Basa ditalek kunaon resep ngurus kasenian jeung kabudayaan? Kasenian mah konsumsi jiwa anu bakal nyeukeutan kana rasa jeung moral, saurna teh.Pangalamanna di Perancis, budak SD wae geus diwajibkeun maca jeung kudu apal dua carita novel sastra, SMP 10 novel.Ku kituna nepi ka kiwari ge dina sela-sela kariweuhan damelna, Ganjar Kurnia anu kungsi jadi koordinator tim kasenian Unpad anu remen ngalanglang ka mancanagara teh, kuateun keneh nulis sajak jeung nyutradraan pagelaran kasenian.
***
(Asp GP)
Prof.Dr. .MULADI, SH; Merangan Terorisme ku Pulisi, Rayat jeung TNI
Gubernur Lemhannas Prof.Dr. Muladi, SH, rengse nepikeun kuliahna "Etika Keilmuan, HAM, Demokrasi jeung Peradaban" dina Kuliah Perdana Pascasarjana Unpad di Graha Sanusi Hardjadinata Jl. Dipatiukur 35 Bandung (24/08),ditalek ngeunaan teroris ku wartawan.Nurutkeun muladi terorisme kiwari geus jadi ancaman kedaulatan RI,terosrisme teh kajahatan anu luar biasa anu boga jaringan internasioal.Jadi ku kituna urang teu bisa ngungkulan terorisme ku cara tradisional ngan ukur ngandelkeun pulisi. Tapi kudu disanghareupan ku sakumna segmen masarakat.
Jadi cek Muladi, cara-carana kudu dirobah, kudu aya badan husus pikeun ngungkulanana anu ngalibetkeun sakumna masarakat jeung TNI anu tetep diluluguan ku Pulisi, ku kituna kudu aya "payung hukumna" anu diatur ku kawijakan pamarentah (dilembagakeun) dina hal ieu Lemhanas ge geus ngancokeun ayana Dewan Keamanan Nasional.
Kumaha kitu ketak Densus 88 salami ieu? "Is tos sae. Tapi kapan teu tiasa sosoranganan peryogi rampak gawe babarengan sareng RT/RW sakumna masarakat sareng TNI anu gaduh Babinsa (Bintara Pembina Desa) anu tiasa ngahontal masarakat lapisan handap. Mung poma, jaman kiwari mah ulah gancang curigaan teuing saperti baheula ( jaman Orba). Undang-Undang Intelejen, UU Terorisme jeung UU Rahasiah Negara tiasa diangge tapi ulah kaleuleuwihi.Kitu deui "Panalingaan Dakwah" anu kiwari jadi pro-kontra saleresna mah teu kedah diuar-uar, jalankeun wae da eta mah pancen kapulisian (intelejen) salaku pangayom masarakat.Da lamun aya anu ngahasut masarakat ngalakukeun riributan mah tiasa dipocongok kenging ku delik hukum, tiasa dijagragkeun ka pangdilan, unggah bale watangan.
***
(ASEP GP)