Tue, 22-05-2012
Tamu

KH. Hafizh Utsman: Aparat Kaamanan, Ulah Ngareureuwas Rayat

Pintonkeun di FB

Nu da'wah teu perelu dipoconghok ku pulisi. Kitu ceuk KH. Hafizh Utsman, Ketua Majelis Ulama (MUI) Propinsi Jawa Barat. Eta teh komentar kana rencana pulisi nu boga karep nitenan para da'i.

***

Karep aparat kaamanan nyiptakeun katingtriman, payus meunang pangrojong balarea. Tapi, cara miara kaamanan ku cara-cara nu ngaganggu rasa kaamanan masarakat oge misti dipahing. Kitu di antara jejer obrolan MANGLE jeung Ketua Majelis Ulama Indonesia (MUI) Jawa Barat, KH. Hafizh Utsman. Komentar Kiai Hafizh kawas kitu, timbul balukar ayana rencana pihak kapulisian ngayakeun pangawasan ka para juru da'wah, pangpangna dina bulan Puasa.

Karep pihak kaamanan kawas kitu, ditetelakeun ku Kadiv Humas Mabes Polri Irjen Nanan Sukarna sawatara waktu ka tukang. Nanan nyebutkeun, bakal aya pangawasan kana kagiatan da'wah di masjid-masjid. Kitu teh, keur nyegah asupna paham-paham ‘radikalisme' nu bisa ngabarubahkeun balarea. Kadieunakeun, Kapolri Jendral Bambang Hendarso Danuri nandeskeun, pihak kapulisian teu boga karep moconghok pihak-pihak nu keur da'wah. Hartina, pulisi moal ngayakeun pangawasan ka nu keur nepikeun panerangan agama Islam.

 

Nyigeung Mamaras

Kagiatan ‘amal maruf nahyi munkar', memang kawajiban sakumna umat Islam. Kagiatan kitu, di antarana ngaliwatan da'wah. Nepikeun panerangan agama Islam ka umatna. "Janten, teu perelu pangawasan pulisi," ceuk KH. Hafizh Utsman tandes naker.

Nu dara'wah, ceuk Kiai Hafizh henteu perelu dipoconghok pulisi. Sabab da'wah mah  geus jadi pagawean rutin umat Islam. "Bentuk pangawasan ti polisi teh pagawean nu mantak ngagetkeun batur," pokna. Upama tea mah, aya masalah husus nepi ka kudu ditalingakeun, apanan pihak kaamanan geus boga intel. "Kari prak we ngalaksanakeun program nu biasa," pokna.

Dina mangsa kaamanan merangan teroris, loba umat Islam nu ngarasa kasigeung mamaras rasana. Loba pasantren nu kabaribinan, lantaran nu dituding kabaud kana teroris teh, aya wedalan pasantren. "Tumali jeung upaya ngabasmi teroris, pihak kaamanan ulah nyakompetdaunkeun," ceuk ieu kiai teureuh Menes Pandeglang teh. Hartina, aparat kaamanan ge kudu bisa ngabedakeun, mana nu salah mana nu bener. Nu jelas, ceuk Hafizh Utsman, paripolah radikal, lain monopoli hiji golongan. "Radikalisme aya di mana-mana," ceuk ieu lulusan Fakultas Hukum Islam  Universitas Nahdlatul Ulama (UNNU) Surakarta teh.

Ceuk kajian basa, teror teh, upaya-upaya nyiptakeun kasieun jeung kahariwang. Ku lantaran kitu, saha wae nu paripolahna kawas kitu, bisa disebutkeun teroris. Nu boga paripolah kawas kitu, bisa muncul di mana-mana. "Teroris dina mangsa kiwari bisa muncul dimana wae, jeung di nagara mana wae, saperti di Amerika," pokna.

Ku lantaran golongan teroris aya di mana-mana, teu aneh teu sing upama paham teroris babari asup ka hiji nagara, kaasup ka Indonesia. Dina mangsa ka luar nagri geus jadi jalan ka cai, loba nu miang ka jauhna boh jadi pagawe boh ngadon sakola. Atuh, sabalikna urang asing oge loba nu datang ka urang. Hartina, rupa-rupa pangaruh bisa gampang tepa ka saha bae. Lian ti eta, pangaruh tehnologi informasi ge, teu kurang-kurang mahabuna. Kaayaan saperti kitu, bakal mangaruhan kana paripolah masarakat.

Tudingan teroris nu dialamatkeun ka umat Islam, memang matak prihatin. Ku lantaran kitu, ceuk Hafizh Utsman, umat Islam sakumna kudu paheuyeuk-heuyeuk leungeun ngajaga jeung ngariksa umatna. Sabalikna, upama remen pacengkadan, bakal babari pisan katepaan pangaruh goreng.

Di antara palaku teror, nu di tuding teh, memang aya nu asalna ti Tatar Sunda. Tapi, Kiai mah teu percaya Jawa Barat dianggap sayang teroris. "Jawa Barat lain sayang teroris," pokna tandes naker. Ngan, upama Jawa Barat dimangpaatkeun ku para teroris, memang kamaphum. Urang Sunda mah katelah someah hade ka semah. Nu datang  ti mana wae teu weleh dibageakeun. Atuh upama katatamuan, deuih tara ieuh suudon. Teu weleh hade sangka ka batur. Tapi, pasipatan kitu, tetela, teu salilana hade. Buktina, bisa dimangpaatkeun ku nu boga karep teu hade. Tumali jeung kanyataan kitu, Kiai Hafizh Utsman umajak, sangkan warga Tatar Jawa Barat beuki ati-ati dina nyanghareupan nu nyemah ka lemburna. "Ari pasipatan hade mah teu perelu dirobah. Ngan, kudu leuwih ati-ati dina narima semah atawa pangaruh," pokna.

Nyanghareupan kaayaan kitu, memang samistina ngahangkeutkeun da'wah. Masing-masing pamingpin agama, kudu leuwih daria nalingakeun umatna. Kudu mampuh ngajaga jeung ngariksa sakumna umat. "Komo deui, para nonoman jeung rumaja, kudu meunang atikan agama nu hade, kudu ditalingakeun samistina," ceuk ieu Kiai nu milu naratas ngadegna IAIN (UIN) Sunan Gunung Djati Bandung teh.

Para rumaja jeung nonoman, memang gampang pisan narima pangaruh, boh goreng boh hade. Komo deui, ceuk Pa Kiai Hafizh, dina kaayaan sarwa susah, pangaruh goreng teh bakal babari pisan napelna. "Dina kaayaan bingung nyanghareupan hirup,  barudak ngora bisa nyorang jalan sasab upama teu cukup panalinga ti kolot, oge ti lingkunganana," pokna.

Dina nyanghareupan pasualan nu karandapan saperti mahabuna teroris, perlu gawe bareng sakumna pihak. Peran ulama, ustad, tokoh masarakat, kacida pentingna. "Tapi nu ngatur masarakat mah da kawajiban pamarentah," ceuk ieu Anggota Komisi Fatwa MUI pusat teh. Cindekna, da'wah ‘bil lisan' tugasna ulama. Da'wah bil mal tugasna pamarentah," pokna.

Dina nyanghareupan kahirupan, paripolah jalma teh teu angger, malah bisa robah. Pamustunganana, teu jarang nu kudu ngalaman asup ka panjara. "Nu jadi sual, binaan di panjara ge teu jinek. Loba nu gagal," pokna. Satutas nara pidana asup kapangberokan, teu jarang si eta jalma ngalakukeun kajahatan deui. Malah, kajahatan nu dipilamapahna teh leuwih ‘gede' batan samemehna. Nilik ka dinya, ceuk Hafizh Utsman mah, butuh panalinga nu leuwih daria deui dina ngabina para napi. Atuh, masarakat oge kudu narima jalma-jalma satutas kaluar ti pangberokan. "Ulah curiga wae, sabab jelema teh bisa robah. Malah, apan nu alus mah nu husnul khotimah," pokna.

Dalit jeung Pasantren

Upama urang Jawa Barat someah hade ka semah, lain ujug-ujug. Hartina, pasipatan kitu teh ngaliwatan lalakon panjang. Pasipatan kitu, ceuk ieu Anggota MPR RI mangsa bakti 1977-1982 teh, teu leupas tina atikan pasantren. Baheula, atikan  masarakat museur di pasantren jeung masjid-masjid di palemburan, da puguh taya jaman harita mah jarang sakola. Aya soteh sakola, ka dieunakeun, sanggeus Walanda ngawasa lemah cai urang. "Pasantren gede jasana keur kamajuan masarakat," ceuk ieu pangurus sababaraha pasantren teh.

Ku lantaran kitu, upama ayeuna aya pihak-pihak nu nyakompetdaunkeun pasantren, tangtu we teu bener. "Pasantren mah teu salah, malah kacida gede jasana keur kamaslahatan masarakat," pokna tandes naker.

Upama KH. Hafizh Utsman pasehat naker nyaritakeun pasantren, da memang di dinya icikibungna. Mitembeyan tolab elmuna oge di antarana di Mu'allimin Nahdatul Ulama, Menes Pandeglang. Saterusna, saba pasantren ka sababaraha tempat. Ayeuna, sanggeus kapapancenan jadi ketua MUI Jawa Barat, kagiatan da'wahna teu kungsi pareum. Tetep boga jadwal maneuh di sababaraha majels talim. "Gaduh hanca medar kitab," pokna. Kitu teh, kabisaan ngajina. Contona, saban Ahad minggu ka-2 di Masjid Agung, Bandung. Medar Kitab Umdatul Ahkam. Atuh di sabudeureun bumi pamatuhanana ge kabagean jadwal. Maneuh medar Tafsir Al-Munir.*** (Ensa/RH)

 

Ngandelkeun Lisan jeung Tulisan

Hafizh Utsman lahir taun 1940, di Menes Pandeglang, Banten. Lingkungan kulawarga nu raket jeung dunya atikan agama, ngalantarankeun Hafizh milih sakola agama. Di antarana nyukcruk elmu di Mu'alimin Nahdlatul Ulama di Menes. Ti dinya, nyuprih elmu di Takhassus Diniy Aliy Pondok Pasantren Rasyidiyyah Khalidiyyah (Rakha) di Amuntai Kalimantan Selatan. Saterusna, tolab elmu di Fakultas Hukum Islam - Kulliyatul Qadla Universitas Nahdlatul Ulama (UNNU) Surakarta, Angkatan 1966.

Satutas aber-aberan nyiar elmu, cekel gawena ge teu jauh jeung urusan agama Islam. Di antarana kungsi jadi Kepala Bagian Peradilan di Jawatan Peradilan Agama Provinsi Jawa Barat. Atuh saterusna, kungsi jadi Anggota MPR RI mangsa bakti 1977 - 1982.

Kiwari, ieu Kiai teh teu weleh riweuh. Malum, jabatanana ge rupa-rupa naker. Lian ti jadi ketua MUI Jawa Barat, deuih jadi Anggota Komisi Fatwa MUI Pusat, Rois Syariah Pengurus Besar Nahdlatul Ulama jeung Wakil Ketua Badan Wakaf Indonesia (BWI).

Dunya atikan, dunya, dawah, memang pamatuhanana. Ngan, keur Kiai Utsman mah teu ngan wungkul getol nyarita di Majelis Ta'lim, tapi deuih da'wah ku wangun tulisan. Hasil karya tinulisna ge loba naker. Di antarana, Ijtihad Dalam Islam. Lian ti karya pribadi, oge rupa-rupa hasil tarjamahan tina kitab-kitab sohor hasil karya Ulama Besar saperti Imam Al-Ghazali. Lian ti eta, tulisanana oge sumebar dina rupa-rupa media masa boh nu medal di Bandung, Jakarta, jeung sajabana. *** (Ensa)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula