Tue, 22-05-2012
Carkrim

Harewos Nini Paraji (Bag. 4)

Pintonkeun di FB

Pagetona, Yuda datang deui. Enya, nyorangan. Harita mah, Ma Ratna rada bruk-brak. Malah, aya nu kacida pentingna, nu kakara dicaritakeun baheula.

"Gali tina tihang kandang embe kosong deukeut tangkal manalika," Ma Ratna ngaharewos.
"Lebah mana?"
"Urut nu bareto basa ngali botol tea?"
"Euh, muhun."

Saban tepung jeung Nini Ratna, sok ras ka jaman ka tukang. Dirina tetelepek ka ninina. Mun dipikir ayeuna mah asa teu ari-ari nananyakeun nu bisa jadi teu penting meunang jawaban anu jinek.

"Naha ema milih jadi paraji?" ceuk Yuda dina hiji waktu.
"Teu sing kahayang ema," pokna bangun ngumbar panineungan.
"Baheula mah, teu boga kahayang. Tapi, ...." pokna teu kebat.

Kawas nu sungkan nyarita. Ketang, lain nyarita da ukur ngaharewos. Ku Ma Yati, nu diuk satukangeun bilik ge moal kadengeeun.

"Tapi, kumaha, Ma?" Yuda keukeuh.

Ma Ratna ngabugeug.

Mun geus kitu, taya harepan bisa ngobrol leuwih panjang. Yuda apal pisan Ma Ratna mah tara bisa dipaksa. Kajen bungkem, upama nyarita lain karepna.

Tapi, sabalikna, mun aya kalakuan teu parok jeung pikirna, Ma Ratna sanggup nyarita bedas. Kungsi kasaksen sawatara waktu ka tukang. Harita, Ki Dasim, nyaritakeun lembur kudu ditumbal.

Lembur teh mindeng ngalaman bancang pakewuh. Loba nu hayang pindah ti dinya. Padumuk bayeungyang jeung marudah. Remen kajadian, aya nu ngagantung maneh. Kang Ikin, Ceu Mae, Jang Indin, jeung Sarkosih, panggih ngagulantung dina tangkal jambu deukeut Astana Tunjang Batang.

Warga sapuk, kudu numbal lembur. Ki Darsim, kapapancenan mingpin upacara.

"Ceuk impian, lembur kudu ditumbal embe hideung," pokna.
"Nyakseni," ceuk nu haladir.
"Mangga ngiringan," ceuk nu sejen meh saur manuk.

Teu kungsi lila, aya nini-nini seselekat, diiteuk. "He, bawirasa, lain lembur nu kudu ditumbal, tapi urang sarera, pangpangna mah anjeun Dasim," ceuk nini-nini.

Bray, nu ditiung karembong hideung nembongkeun jirim. Horeng nu nyarita teh Nini Ratna.
Heran, sarerea ge, Nini Ratna bisa nyarita bedas, jeung geueuman. Apan, biasana mah ukur ngaharewos!
Saha Nini Ratna? Warga mah teu loba nu apal. Memang loba dongengna nu masih keneh perlu dibuktikeun bener henteuna. Ngan, ti antara beja nu rada-rada bisa dipercaya teh, dongeng Wa Asmita nu nyebutkeun Nini Ratana turunan Jagabaya Pajajaran. Waktu Pajajaran Runtag, sawareh nyingkur. Ngan, cenah, isuk jaganing geto kudu tetep aya nu ngajaga lembur.

Wa Asmita teh narima dongeng ti bapana, bapana ti akina, terus cenah kitu turun tumurun. Buktina, karuhun Nini Ratna pada ngajenan, kaasup diajenan ku Walanda. Bukti-bukti titinggalna, ceuk Wa Asmita deui, Nini Ratna lega tanahna.

"Ngan, mana buktina, mana surat-suratna?"
"Tah, eta mah, uwa ge teu apal," ceuk Wa Asmita.

Nini Ratna ge kungsi disabata ku wa Asmita sina pindah ka lebak. Tapi, keukeuh nolak. Atuh, basa imahna kahuruan, oge disambat deui. Ngan, deui-deui teu daek pindah. Malah, imahana teh angger dina urut kahuruan tea. Wangunan jeung legana persis kawas samemehna.

Nini Ratna sorangan nu nundaan tatapakanana. Dibantuan ku Yuda. Tukang kayu ukur nurutkeun tatapakan tiheula. Ukuran kai, ukuran awi kudu luyu jeung tempat batu tatapakan.

Yuda kungsi boga karep, mun geus bosen jadi wartawan, rek cicing nyieun jobong di lahan Ma Ratna di tonggoh. Pamajikanana oge satujueun. Cenah, eukeur-eukeur istirahat najan teu dicicingan matuh oge.
Imah Ma Ratna pasagi panjang. Ukuranana opat meter ka tilu meter satengah. Kamarna hiji. Panyanguan mah misah di luar. Tukangeun imah, aya sumur jeung tampian. Pamiceunana langsung ka susukan nu brasna ka walungan.

Datangna karuhun Ma Ratna ka suku gunung Manglayang taya nu apal perseis. Ngan, urang lembur percaya, nu ngababakan di eta tempat teh karuhun Nini Ratna. "Nini Ratna, turunan prajurit Dipati Ukur nu milu ngarurug Kumpeni di Batawi," ceuk dongeng sejen.

"Saur saha Mang?" ceuk Yuda.
"Ceuk aki," pokna.

Lalakon Ma Ratna, loba kaolna. Aya oge nu nyebutkeun, urut nyai-nyai Walanda. Kitu the, pedah, lega tanahna. Mun teu deukeut jeung Walanda, tangtu moal nepi ka kitu," ceuk sabagian nu nyarita.

"Saha atuh Ma Ratna teh?"

Tah, pasualan eta ge teu weleh jadi kapanasaran Yuda jeung yaomil. Ka dieunakeun, Silmi ge pipilueun hayang ngungkab lalakon hirup ema paraji.

Silmi katajieun ku kanyaho ema paraji. Waktu nanyakeun sual umur janin dina kakandungan, Ma Ratna pasehat naker. Sabulan namper, dua bulan lumanggang, tilu bulan gumulung, opat bulan mangrupa, lima bulan usik, genep bulan malik, tujuh bulan kolot, dalapan bulan ngora, salapan bulan kolot. saterusna salapan bulan 10 poe lahir.

Silmi leuwih kataji, waktu Nini Paraji bisa neguh awewe atawa lalaki janin anu aya di jero beuteung indungna. Remen disebut utun inji, utun lalaki, inji awewe. "Insya Alloh awewe, budak teh?" ceuk Ma Ratna ka Ceu Dedah waktu rek ngalahirkeun. Teteguhan Ma Ratna teu nyalahan, padahal, harita teh piduaminggueun deui ka Ceu Dedah ngajuru.

Anaking jimat awaking,
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
bet teu sangka aya nu datang
ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep
nu opat poe teu mulang
ngepung gunung pager bistis
cenah tiwas peuting tadi
layonna keur kadieukeun dipulangkeun

Kadenge kawih tina RRI. Wa Asmita mah biasa wayah kitu teh sok manco kana radio, ngadengekeun kakawihan. Biasa, ngabandungan lalaguan mangsa lawas.

Yuda asa dijalanan. Ngadenge lagu Kembang Tanjung teh. Keur manehna mah aya pakuat-pakaitna jeung nu kungsi kadenge welasan taun ka tukang. Mun ayeuna aya nu nyabit-nyabit sual gorombolan, sok ras inget kana dongeng indungna. Cenah, Nini Ratna ge kungsi disaur ka koramil. Harita sabab dianggap sapongkol ngilungan gorombolan.

"Teu apal ema mah eta teh gorombolan," ceuk Ma Ratna ka Babinsa Pasir Loa.
"Naha teu curiga kitu, aya awewe jolna ti tonggoh dibarengan ku lalaki buukna jabrig. Tangtu gorombolan."
"Nyeta teu apal."
"Naha ari teu apal mah bet daek dibawa ka leuweung?"
"Kami mah ukur nulungan, sabab cenah aya nu rek ngajuru!" ceuk Nini Ratna.

***

(hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula