Surat Balesan
Ku: Endang S
Sanajan di Jayapura loba sakola unggulan, tapi bapana keukeuh peuteukeuh ka anakna Si Mudakir supaya neruskeun sakola di Bandung; tempat kalahiran indung bapana. Nu matak anak lalakina nu ngan hiji-hijina mah dipaksa kudu sakola di Bandung bae; ngarah manehna bisa diajar adat jeung budaya indung bapana atawa luluhurna nya eta adat istiadat budaya Sunda; utamana mah bisa ngomong basa Sunda jeung henteu nepi ka pareumeun obor teuing. Ulah nepi ka ngaku-ngaku urang Sunda tapi teu bisa ngomong Sunda sakecap-kecap acan. Entong kawas lanceuk-lanceukna sangking kabehanana awewe tapi adat-adatna teh euweuh pisan nu nyunda. Komo deui mun diajak ngomong basa Sunda, berekah teu bisa sakecap-kecap acan. Geura wae ari nyarita atawa ngomong basa Indonesia oge keur cowong teh jaba kasar deuih. Ulah. Ulah boro ka batur, cacak ka kolotna oge tara ieuh make tatakrama sopan santun jeung budi basa nu lemes. Ieu mah keur cowong teh goreng adat deuih; sok ngalunjak ka kolotna.
Eta kolotna deuih, kena-kena jadi jelema beunghar, sagala aya, bruh-breh bru di juru bro di panto ngalayah ditengah imah teh lain bobohongan. Mun ceuk basa Papua na mah manehna teh "Tida ada yang blok" cenah. Jadi sakumaha nu dipikahayang ku anakna tara ieuh anu dipangloh. Naon bae anu dipenta geus pasti ditedunan.
Nu matak Si Mudakir mah susuganan ari dijauhkeun ti kolot jeung lingkungannana bisa ngarobah adak kalakuan; jadi jelema anu nyunda, anu hartina Ati Sunda Jati Sunda. Jadi singetna mah sina tambah wawasan.
Kitu ceuk pamadegan bapana Mudakir teh. Ari beaya keur sakola jeung jajan mah sing menta sabaraha oge moal henteu ditedunan... da puguh bapana Mudakir teh tatadi ge geus kacaritakeun jadi jelema jegud jadi pangusaha nu sukses. Proyekna oge aya di mana-mana; atuh pakaya... cenah ceuk nu rahul mah: ti Sorong di Provinsi Papua Barat nepi ka Soreang di Provinsi Pasundan jeung ti Merak di Provinsi Banten nepi ka Merauke di Provinsi Papua teh lain bobohongan.
Sugan jeung sugan ari geus hasil ngarobahan adat jeung kalakuan nu goreng, sakumaha nu dipiharep ku kolotna jadi jelema nu pinter tur nu Ati jeung Jati-na Nyunda, ngarah Asep Mudakir oge rek diganti jadi Asep Sundana. Kapan ari ngaran nu ayeuna mah, ngaran Asep Mudakir teh singketan tina Asep MUka sunDa Ari Kalakuan IRian. Puguh ari kituna mah Si Mudakir teh, ari awak, beungeut, kulit katut irung mah kabehannana oge ngala ka kolotna nu asli Sunda; tapi orokaya kalakuannana bet asa mahiwal pisan. Loba goreng batan hade-na. ari digeunggeureuhkeun atawa dicarekan teh kalah ngalawan. Eta oge meureun kabawa pangaruh lingkungan didinya. Nu matak sakalian bae dingaranan Mudakir.
Dina waktu tilu taun mah kiriman duit, bistel jeung nu lianna ti bapana kacida lancar, malah kakara saminggu oge geus aya deui kiriman. Eta meureun bakat ku loba duit tea.
Pas nincak taun kaopat ngadadak usaha bapana Mudakir jadi bangkrut, proyekna macet, hutang raweuy meh ka unggal bank; teu sirikna mani salaput hulu. Antukna boro-boro keur mayar ka bank, mayar gajih pagawe atawa ngiriman duit ka anakna, dalah sakalian meuli bengsin oge mani seuseut seuat. Meureun eta teh ku ayana krisis moneter jeung undakna harga bengsin.
Ku lantaran usahana keur bangkrut tea, nya imbasna keuna ka anakna - Asep Mudakir - nu keur sakola di Bandung. Geus meh opat bulan Si Asep can meunang keneh kiriman ti bapana. Nelepon mah nelepon ka genep HaPe bapana teu nyambung hiji-hiji acan. Mana kitu oge meuren telepon diblokir jeung beak pulsana.
Ku lantaran can dikirim-kirim duit, Mudakir teh kapaksa ngirim surat ka bapana di Papua. Dina amplopna dieusian dua gepok potokopian duit dua puluh rebuan, jadi aya kana dua ratus lambarna mah.
Ari eusina eta surat teh teu pira ngan sababaraha kecap, tapi kacida matak nyelekit kana ati jeung nyeblak kana bayah anu macana.
"Bapa, ieu Dakir ngirim poto kopian duit dua puluh rebu dua gepok. Sanggeus katarima ieu surat, omat bapa oge kudu ngabales deui 2 gepok duit dua puluh rebuan, tapi kudu nu aslina...!!!"
Ti Dakir di Bandung
Barang maca surat ti anakna, bapa Mudakir nyalukan Maitua-na:
"Mace, eh... budak teh geuning beuki ngunghak bae ka kolot teh... ieu geura ngirim surat nu aneh-aneh...?"
"Nu aneh-aneh kumaha Bapa teh...?" ceuk indungna bari nyureng.
"Geus ulah loba teuing tatanya... ayeuna mah pangneangankeun kertas iklan Ektra Joss, nu aya gambaran peureup keur diacungkeun, terus poto kopi nu gede nya... buru-buru keur males surat Si Mudakir...!"
Indungna Si Mudakir teu wudu bingung oge. "Naon maksudna ngatuk kudu moto kopi peureup sagala rupa...?" gerentes pamajikannana bari ngaleos. Geus dipoto kopi mah terus bae dibikeun ka salakina.
Bari teu lemek teu nyarek terus dipoto kopian peureup ektra joss teh diasupkeun kana amplop. "Kurang ajar siah... awas ku aing dibales...!" bapana Dakir ngagereyem teu puguh kadengena. Indungna Dakir nu harita nempokeun polah salakina beuki bingung bae.
Gotret-gotret nulis surat balesan. Eta oge ngan sababaraha kecap.
"Dakir..., ieu bapa kakara bisa ngirim poto kopianana wungkul... tungguan wae nu aslina mah engke nyusul ka Bandung!!!"
Geus diasupkeun kana amplop mah gura-giru dikirimkeun ka kantor pos.***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heuladase sukarna ngomentaran:
Pan tos aya Mangle on line. Kumaha tah lamun surat polemikna on line. Poto-kopian gambar bisa oge dikirim. Ha....ha......ha