Tue, 22-05-2012
Carita Pondok

Hampura Mamah, Ita!

Pintonkeun di FB

Ku Runengsih

Brug! Sesa dagangan nu kari sabuntelan leutik teh digubragkeun kana korsi. Goloyoh ka enggon, brak nangkarak bengkang. Panon neuteup lalangit kamar. Teuteup kosong, nyawang panglamunan. Awak karasa lungse. Atuh kituna mah pantes, sapopoe ngiderkeun dagangan, bari langganan teh lolobana mah nganjuk. Tapi dalah dikumaha....batan dagangan nyamos pisan mah. Dianjukan- dianjukan oge, lumayan aya arep-arepeun. Lamun teu butuh mah puguh oge matak hoream dagang bari dianjukan teh. Duitna hese golang, komo ninggang di nu mayarna hese. Loba duit macet, balukarna mindeng ngamodal dagang teh.

Ningal budak nu keur meujeuhna capetang hate sok ngagedur deui sumanget teh. Ras kana nasibna, leutik keneh geus ditinggalkeun rucah ku bapana.

Boga salaki teh teu kabeneran. Keur kurang usaha teh kalakuanana bet nongtorogan. Dimimitian ku unggal peuting ukur gapleh, ririungan jeung budak ngora pamabokan. Saban nempo kalakuan salaki, sok gancang nginget-nginget papagah Ustad Sukri. Cenah, hirup rumah tangga mah aya pasang surutna, moal ngeunah wae, moal teu ngeunah wae. Nurutkeun papagah ustad, kuring nyanghareupan talajak salaki model kitu. Pangasilan salaki nu ukur pagawe bangunan di proyek kalan-kalan, ku kuring dijeujeuh-jeujeuh. Tara aral subaha mangsa manehna nganggur. Malah kuring sok ngabeberah sangkan manehna sabar jeung sadar. Bari ku kuring sok dijurungan ngabantuan kolot sorangan di sawah.

Tapi dasar lalaki gawok! Diomongan, dileuleuyan, disabaran teh lain mikir jeung cageur. Tapi kalah ka beuki maceuh. Jiga nu enya indit ka sawah. Padahal ceuk nu apal, ka sawahna teh kitu bae ukur ngurek!

Mimiti teu betah di imah. Unggal peuting gawena gapleh jeung catur. Leuheung basa ukur kitu bari liliwetan, da ieu mah apan sok bari marabok. Hate bati rumahuh. Rek gumantung ka kolot, erana nataku. Pinuh ku karumasaan, ti keur lalagasan nepi ka rumah tangga hirup euweuh hojahna. Ukur nyusahkeun jeung nyusahkeun.

Baheula kungsi boga kahayang. Ngurihit ka Bapa hayang sakola nepi ka tamat SMA. Alhamdulillah laksana, malah terus ngalamar gawe tur ditarima di hiji pabrik di Bandung. Harepan teh lian ti boga gawe, sugan jeung sugan meunang jodo nu bakal bisa mantuan kuring nyenangkeun kolot. Jodo nu dipiharep bisa mawa kahirupan ka jalan nu leuwih bungbang. Kungsi hahadean lila jeung urang Bandung, hanjakal rek saprukkeun pisan manehna ngadak-ngadak mutuskeun jangji pasini nu geus paheut. Cenah ceuk beja, kolotna kurang satuju manehna meunangkeun kuring nu urang kampung bau lisung.

Sawangan ukur sawangan. Paribasa, cacah teu pantes meunangkeun raja, bisa jadi aya benerna. Tambaga kudu jeung tambaga, waja mah alusna jeung waja deui.

"Dasar kulak centong maneh mah, Tin! Hayang sarebu kali hayang ge, hese ngudagna keur urang nu teu boga mah. Anu jegud mah ti baheula oge sok ngajodo ka nu jegud deui. Pantes kituna mah, da maranehna oge hayang ngajaga hartana, malah mun bisa ngalobaan, meureun. Lamun ngajodo ka pantar urang mah...boro-boro ka nambahan," antukna jadi suudon pikiran kolot jeung kuring teh.

"Geus tong dipikiran. Tong loba teuing kahayang nu pamohalan ngajadi. Geura mikir deui rumah tangga. Ngarah mun geus aya nu mawa mah, Bapa jeung Ema lugina. Hapa-hapa ge, kasebutna geus ranggeuyan. Ngarah teu nogencang teuing! Soal eta pangaboga, engke oge nuturkeun ari panjang jodona mah. Sing runtut raut, rikrik kana rijki!"

Katarik ku omongan kolot, hate kuring malah jadi teu tenang. Dina pikiran, kuring kudu gancang meunang jodo, sangkan bisa gancang leupas ti kolot.

Amprok jeung pisalakieun teh ukur sabulan. Waktu manehna wakca hayang mileuleuheungkeun, kuring teu mikir lila. Ongkoh harita mah sikep manehna jiga nu enya, lalaki tanggung jawab. Sanggeus pruk kakara kanyahoan, niat hade teh ukur saharita, ukur pangolo jeung pangbibita, ukur jangji manis hareupeun panghulu. Prak-prakanana mah buntu.

Tepi ka Ita umur sataun, kalakuanana teu robah, kalah beuki maceuh. Awak kuring rangkebong, lir rorongkong, balas mikiran talajak salaki. Lila-lila teu kuat ku kalakuan salaki, kuring ninggalkeun kontrakkan, balik ka kolot. Ti harita, salaki teh taya nyusul ka imah. Geus teu mirosea anak pamajikan. Kungsi sakali manehna datang bari sasadu. Bari rambay cimata buaya, manehna jangji rek ngarobah kalakuan. Nempo kitu hate kuring luluh. Ongkoh dijurung ku kolot sangkan kuring daek narima deui manehna.

Mimiti mah bener, usaha daek deui. Ka pamajikan jeung anak daek mirosea. Tapi ukur mimingguan, manehna maceuh deui. Dasar adat kakurung ku iga. Kuring balik deui ka kolot, manehna ngampleng teu datang-datang.

"Mamaah...tos uih?" sora ogo Ita, ngagareuwahkeun lamunan kuring. Kuring ngorejat, budak dipangku.
"Atos geulis...ti mana Eneng teh? Ameng sareng Nini?"

Keur meumeujeuhna lucu kembang soca teh. Keur meujeuhna disimbeuhan asih indung jeung bapa kuduna mah. Deudeuh ku nasibna, sagede kitu geus disangsara ku nu jadi bapa.

"Mamah...saur Nini, sakedap deui Ita ulang taun nya?"

Kuring ngaranjug, asa diingetan, saminggu deui budak teh ulang taun nu katilu.

"Mamah, Ita mah ulang taunna hoyong siga Neng Sali. Nyanyi-nyanyi, balon-balon, kuehna oge Mamah, aggeueung....teh. Kadona oge seueul. Ita oge kadona hoyong seueul jiga Neng Sali!" ceuk Ita bari ti cadel-cadel wae nyaritakeun ulang taun Neng Sari.

***

Kajurung ku hayang nyugemakeun budak, kuring boga niat hayang ngaramekeun ulang taunna najan leuleutikan. Usaha mingkin getol, nu tadina tara unggal poe ngiderkeun dagangan teh, ayeuna mah maksakeun. Leutik-leutik ulang taun, tangtu butuh duit teu saeutik. Dina kaayaan kieu, kuring sok ngarasa cape jadi kolot nunggal teh. Tadina mah gede hate, ngarasa bakal sanggup ngagedekeun jeung nyakolakeun Ita ukur nyorangan. Tapi geuning kadieunakeun beuki karasa, teu gampang jadi indung ngarangkep jadi bapa teh. Teu gampang ngaganti peran hiji bapa teh. Ayana bapa, nu nyata diperlukeun ku Ita mah. Lain peran ganda kuring.

Dua poe samemeh ulang taun Ita, kurunyung bapana datang! Ampir sataun ngejatna, ayeuna datang bari teu riuk-riuk boga dosa. Najan kuring mah nyempod bae di dapur teu daek nepungan, budak mah beda deui. Najan enya lila teu tepung, geuning batinna mah bangun nu nganteng bae ka bapana teh. Sakeudeung oge budak teh geus bisa ocon banyol jeung bapana.

Najan hate kuring can bisa narima pamolahna nu teu riuk-riuk boga dosa, nempo Ita mimiti dalit ka bapana mah hate kuring mimiti rada leah. Kuring embung ngaruksak jiwa Ita ku nembongkeun pacogregan antara kuring jeung bapana. Keur hiji indung, nu utama nyata mah kabagjaan anak. Anak nu salila ieu ku kuring dibelaan.

"Ita tereh ulang taun nya, Mah? Tah, lumayan bisi rek numpeng. Wayahna ukur sakitu. Salila ieu Akang nyoba usaha, ider-ideran neangan lowongan di pausahaan teh batan beubeunangan mah kalah ka gering," pokna basa nepungan kuring di dapur.

Waktu salaki mere biaya dina itungan poe nu samporet ka cunduk waktuna Ita ulang taun, kuring asa katulungan. Sagala kapeurih kasedih nu karasa salila ditinggalkeun ku manehna, ngadadak sirna ku rasa bagja kuring bisa nyugemakeun Ita dina poean ulang taunna. Keun we, eta ku kuring rek dianggap hiji gogoda dina rumah tangga. Kuring oge sabenerna mah embung misahkeun Ita jeung bapana. Teu aya niat mere bapa tere ka budak, taya niat ngaruksak jiwa anak ku runtagna rumah tangga sorangan.

Teu lila ti ulang taun Ita lekasan, salaki ngedalkeun maksudna seja balik deui ka kuring jeung Ita.

"Akang inget wae ka Ita, Mah. Karunya, sakitu geus gede ditinggal-tinggalkeun bae ku bapa. Kahayang mah ti ayeuna ka hareup, urang teh ulah papisah deui. Ayeuna Akang niat babalik pikir. Akang geus boga usaha matuh. Kumaha? Mamah rek narima deui Bapa keur Ita? Teu kudu dijawab ayeuna. Hiji mangsa Bapa balik deui pikeun riung mungpulung jeung Mamah katut Ita," harita manehna nyarita.

Hate geus gilig, kuring niat narima manehna, sahenteuna keur Ita. Tekad buleud moal bisa kapangaruhan ku sasaha. Tapi najan kumaha kuring tetep waspada. Najan enya kuring nyaah ka Ita, kuring apal kana adat salaki. Teu buru-buru mere jawaban, kuring sabisa-bisa neangan inpormasi ngeunaan salaki nu kungsi ampleng-amplengan ninggalkeun. Inggis, niat hayang miara jiwa Ita teh kalah jadi ngaruksak lamun bapana bohong deui.

Nepi ka hiji mangsa kuring meunang cecekelan, meunang kacindekan ngeunaan kahirupan salaki kuring ayeuna. Mangsana manehna datang, kuring geus panceg dina hiji jawaban. Ngadenge jawaban kuring, manehna bangun nu reuwas. Ngorejat, ti dituna mah rek megat lengkah kuring sangkan teu ngejat saharita. Tadina, manehna bangun nu  gede harepan kuring bakal narima. Tapi leungeun, awak jeung pangpangna hate kuring geus leueur mun kudu ditewak ku manehna. Hate nu tadina niat hade narima manehna keur Ita, bolay saharita.

Saminggu ka tukang, kuring meunang beja yen Kang Didi, salaki kuring, bapana Ita teh geus boga pamajikan di lembur peuntas. Asa dibentar gelap tengah poe ereng-erengan. Nyerina hate ngaleuwihan katunggaraan nu geus karandapan salila ieu. Peun nepi ka dieu. Hampura Mamah, Ita!

***    

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Taufik ngomentaran:

Neng rohmah... Teu kedah sieun mayunan rumah tangga teh.. da seueur keneh pameget nu satia sareng tanggal waler ka kulawargi... Niatkeun weh rumahtangga teh sing janten ibadah, mugya janten kulawargi nu sakinah, mawahdah warahmah... Amin...

rohmah ngomentaran:

ya Alloh abdi janten sieun bade mayunan imah tangga teh,,soalna anu karandaapn ku mamahna itha tangtosna aya dina kanyataan,sanes fiksi. sae pisan iyeu carpon,,

Ummi ngomentaran:

Duh... ita, gemtosan wae bapana ku Bian.......... rupina kedah disambungdeui kuumaha salajengna kahirupan ITA

Ummi ngomentaran:

Neng ITA sing sabarnya, sugan isuk jaganing Geto patepung jeung kabagjaan

Rubiantara Akbar Zain ngomentaran:

Hampura ITA, sing sehat nya da mamah tos teu nampi Bapa ( ngawakilan Bapana Neng ITA ) teraskeun ah sambungannana atuh kang