Tue, 22-05-2012
Carkrim

Harewos Nini Paraji (Bag. 5)

Pintonkeun di FB

Ku Ensa W

Sepi jempling, rehe combrek lain ukur mamanis basa sangkan murwakanti. Kitu teh saenyana. Tas hujan ngaririncik ti sore keneh, arang nu ngulampreng. Keur mah jalanna becek katambah paroek, pangeusi lembur teh milih numpi maneh. Nu kabagean ngaronda ge kaleked naker. Upama teu digugudrag ku OKD mah mereun ngadedempes we di pangkengna.

Kana panto dapur Ma Ratna aya nu keketrok. Nu keur nangunjar lamar ngarieus ubar-ubaran dicaangan ku cempor curinghak. Pes niup cempor.

"Ma, Ema...?"

Ma Ratna ngeteyep ngadeukeutan panto.

"Saha?"
"Uing, Ma?"
"Enya saha?"
"Uing ti tonggoh."

Geus sidik ka nu datang, nu ngahaja rek ka manehna, Ma Ratna nekeskeun paneker, ngahurungkeun cempor.

Kolotrak pribumi muka panto. Kasorot ku lampu cempor, lalaki jabrig nu ngajanteng hareupeun panto, nyurungkeun awewe bureuyeung nyekelan beuteung.

"Ku naon Nyai?"
"Karasa patuangan, Ma."
"Euh, sok atuh gancang ka jero."

Teu lila nu bureuyeung teh ngajuru. Sanggeus kitu, orokna dimandian. Najan rumanggieun, Si awewe teu sirikna disered, dibawa ka luar, dibawa najak. Di lebah pengkolan, geus disadiakeun tandu. Taksiran, ti tonggoh ge kana tandu, ngan sanggeus deukeut ka imah Nini Ratna, nu rek ngajuru teh diturunkeun terus dipayang ku duaan.

Najan simpe horeng aya nu nganyahoankeun. Harita nu ngronda, Kang Said, ngusial beuteung. Beurangna atuda ngarujak hiris lada teuing. Mangka teu cukup ku rujak hiris wungkul, tapi deuih nyoelkeun bonteng kana samara nu napel keneh dina coet. Balukarna, peutingna keur mah asup angin deuih, beuteung Said kukusialan tandaning eusina menta dikaluarkeun. Keur kitu mah kapaksa ngaludeung-ludeung maneh. Berebet ka tonggoh, ka deukeut susukan. Keur ngahenen nungguan eusi beuteungna nyurulung, kadenge sada sora orok, kitu ge ukur hawar-hawar nepi ka nu keur di pos ronda mah nu anggangna ukur saratus meter teu kadengeeun.

Horeng, lian ti Said, sora orok teh  kadengeeun ku Oji, OKD nu matroli nepi ka tangkal muncang. Manehna kabagaean jaga, babarengan jeung Cici. Waktu ka tonggoh ka tungtung lembur, kadenge sora orok. Teu guyur, da sieun ukur dedengean.

Isukna rebun-rebun keneh, manehna ngajak Cici ka rada tonggoh. Lebah lawang ka buruan Ma Ratna aya siga urut getih nyakcalkan. Nu atra keneh beureumna mah nu napel kana kalakay daun manalika. Ojo nyusud eta getih, tapakna kapanggih nepi ka pengkolan. Ti lebah dinya mah taya tapak-tapakna Teg weh, getih jelema. Ti dinya  eta OKD teh nyusud deui asal-muasal getih teh. Tetela, mimitina teh ti deukeut panto tukang Nini Ratna.

Duka sabaraha kali Nini Ratna diondang ku 'urang leuweung'. Disampeurna bada isa, dijajapkeunaana deui memeh subuh. Cenah, mangubarankeun budak nu hareeng atawa ngurut nu tas ngajuru.  Ngan, waktu Yuda tetelepek kana sual tempat nu ngajak tea, Ma Ratna teu betus. "Poho deui....!"

Papanggihan Oji kitu dicaritakeun ka nu ngaronda. Horeng, dongeng Oji teh dihaminan ku Said. Jinek we, dedengean Said teh lain  dedengean wungkul tapi jeung nyatana. Kacindekanana, di imah Nini Ratna aya nu ngadon ngajuru!

Beja nyebar. Tina sajeungkal jadi sadeupa. teuing kumaha asalna, Ma Rana disuar ka koramil dipariksa.
Keur Yuda jeung Yaomil dongeng-dongeng Ma Ratna nu kumaha bae, teu matak ngurangan rasa hormatna ka eta nini paraji. Malah, ceuk Yaomil mah, loba caritaan ngeunaan Ma Ratna teh aya nu ngarekayasa.

"Maksud Yaomil?"
"Enya, kawas-kawas aya nu ngahaja hayang ngaragragkeun martabat Nini Ratna."
"Saha kira-kirana?
"Teuing ari saha-sahana mah. Ngan, nu tetela, nu ngarasa kabaribinan ku ayana Ma Ratna."
"Ke, ke asa teu kaharti. Naha make kaganggu ku nini, da nini mah moal ngaganggu nu sejen."
"Enya kitu tea mah. Ngan, keur nu ngarasa boga dosa sieun kaboker mah, bisa jadi Nini Ratna teh dianggap ngabahayakeun."
"Ngabahayakeun?"
"Enya, sakurang-kurangna ngarugikeun."

Yaomil ngahuleng. Ceuk pikirna, mun sieun karebut pangaruh, da Nini Ratna mah tara ieuh campur gaul jeung nu lian.

Upama nilik kana sababaraha kajadian, Yuda ge asa teu ngarti upama nu karandapan ku Nini Ratna teh ukur kabeneran. Tudingan dukun teluh, paraji sok ngaaborsi, jeung nu ngahaja ngaruang orok pipireun dapur Nini Ratna, naha ukur kajadian nu kabeneran atawa memang aya nu bener-bener ngahaja nepakeun geugeuleuh ka Nini Ratna? Ngan, mun tea mah enya Nini Ratna bener-bener kudu nyingkah ti dinya, naha henteu dipaksa diusir? Beuki haben dipikiran, beuki panasaran. Yuda hayang bener-bener nyaho kana pasualan nu keur disanghareupan ku Nini Ratna.

Kasus Ma Ratna, jadi panitenan Yaomil jeung babaturnana. Kitu teh, lain lantaran katalian ku sobat, tapi sakalian rek dijadikeun studi kasus, dijadikeun bahan kuliahna. Yaomil percaya, kasus nu tumiba ka Ma Ratna aya nu ngadalangan. Tapi, saha dalangna? Tah, eta nu misti kaungkab teh.

Sanggeus sababaraha kali disidangkeun, Ma Ratna dipones bebas. Wanoja nu miceun orokna tea dipones dua taun genep bulan. Si Wanoja teu bukti maehan orok, tapi da cenah orok teh memang geus maot dina kandungan. Ceu Jarniah dipones salapan bulan, dianggapmilu mantuan nu karuron kalayan teu boga hak nulungan, lantaran lain ahlina. Tah, eta mah kasus tilu welas bulan ka tukang. Ari Kang Adeng tukang ojeg ukur dipones genep bulan. Naha lantaran manehna mah make pangacara? Lebah dieu ge  matak teu kaharti. Pada apal, Albar, SH.MH teh pangacara sohor. Pangacara 'papan atas', nu remen nanganan kasus-kasus jalama nu kandel eusi pesak. Tapi, pantaran Kang Adeng bet bisa make pangacara sohor. Saha nu ngawaragadanana? Enya,  Adeng teh panyawah Marjan, nu keur urang lembur mah lain si itu si eta. Kaasup jalma cukup manehna teh, da boga lahan aya kana lima hektarna. Sawah nu ngablag sisi lembur beulah wetan apan lelegana mah nu Marjan.

Sual sawah sisi lembur beulah wetan, keur Yuda mah matak panasaran. Apan, ceuk Nini Ratna mah eta lahan anuna.  Tapi, naha bet jadi milik nu sejen. Naha dijual? Ma Ratna ukur nyebutkeun sawah titinggal kolotna. Memang, sawareh disambut ku pakacarna, sawareh deui disambur ku nu sejen. Ngan, basa ramana mulang ka kalanggengan, eta sawah teh teu kaurus. Ma Ratna mah ukur ngagarap lahan samahi-mahina keur sorangan. Ukur nyawah sababaladon tungtung lembur beulah kulon jeung dua kotak nu di beulah kidul. Kitu ge ditengahkeun ka nu sejen, diurus ku Ma Yati. Tetela, hasil tina nyawah teh keur tuang sorangan mah teu beak. Atuh keur kapereluan sejen, da boga kebon jeung balong.

Waktu Yuda nanyakeun sual sawah sisi lembur beulah wetan, Ma Ratna ngabuntut bangkong. "Keun we jaga ge kanyahoan," pokna.

Upama loba nu resep, tara anggang ti nu mikangewa. Kitu ceuk Nini Paraji ka Yuda. "Matak, hidep ge ulah kaget upama hiji mangsa meunang katugenah ti batur, najan hidep sorangan teu kungsi nganyerikeun ka eta jalma," pokna deui. Ma Ratna nyarita kitu, basa Yuda bebeja aya nu meupeuskeun kaca spion motorna. Mun teu ngahaja, moal enya duanana, kenca ka tuhu.

Najan Ma Ratna bangun sadrah, Yuda mah teu mikeun upama ninina katidersa lantaran lain kasalahanana. Memang enya, najan loba nu mikolot ka eta nini-nini teh, tapi di antarana aya sababaraha urang nu jelas-jelas teu resepeun ka Ma Ratna. Kang Dasim ge bisa jadi ngarasa tugenah ku Ma Ratna teh. Pasalna, waktu pilihan tua kampung, Kang Dasim ngarasa teu dirojong ku Ma Ratna. Malah, nini paraji teh kalah ngarojong Toharudin. Buktina, sababaraha kapung lebakeun imah Ratna marilih Toharudin. Ari urang lembur, saha wae nu rek jadi pangurus boh jadi lurah boh jadi tua kampung sok nanyakeun heula ka Ma Ratna.
Yuda kacida hayangna memeres pasualan nu tumiba ka Nini Ratna. Sanggeus tunya-tanya ka Wa Asmita jeung dikonsultasikeun ka Yaomil, Yuda nyatet sababaraha ngaran nu 'payus' mikagiruk Ma Ratna. Aya limaan, nu ceuk pikir Yuda 'diduga kuat', tumali jeung kasus-kasus nu karandapan ku Nini Ratna. Kahiji, Kang Dasim (kokolot lembur), kadua, Pa Marjan, katilu Kanda (veteran perang kamerdekaan), jeung Kang Adeng. Ngaran-ngaran nu kasebut bieu, saterusna dibere katerangan asal-usul jeung alesan-alesan pangna maranehna giruk ka nini paraji. Asalna, memang aya limaan, ngan nu duaan deui mah dicoret. Kitu teh, sanggesu dikonfirmasikeun ka Wa Asmita. "Uwa apal pisan ka maranehna, moal nepi ka boga hate goreng ka Ma Ratna," ceuk Wa Asmita.

Angkanan ngawangkong jeung Wa Asmita teh rek nepi ka sore. Tapi, bolay lantaran Yuni nga-SMS. Cenah, draf buku Nini Ratna geus di-Email-keun. Pangna Yuda gura-giru, lantaran kudu gancang-gancang ka kantornna muka E-mail. Kusus sagancangna maca eta naskah, sakalian nambahan, mun aya nu kudu ditambahkeun.

Wa Asmita ge hanjelu, padahal mah. Lantaran aya nu kudu gancang-gancang ditepikeun ka Yuda teh.  
Diitung ti satutas berkasna di anteurekeun ka panagdilan, geus aya kana lima belas poena. Cenah, kemis hareup kasusna rek mimiti disidangkeun. Yaomil jeung Yuda geus ngontak Firman, SH. MH., pangacara nu rek marengan Nini Ratna sidang di pangadilan. Yuda reug-reug, cenah, gede kamungkinan Nini Ratna dipones bebas. Kitu teh, sabab taya bukti-bukti nu nguatan Nini Ratna mantuan nu aborsi.

***

(hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula