Tue, 22-05-2012
Carita Nyambung

Galuring Gending (Bag. 22)

Pintonkeun di FB

Ku Tatang

"Ieu teh basa Euceu karek kelas lima," Si Euceu nerangkeun.
"Ari indung Abdi?"
"Geus di SKP, kelas dua," tembalna. "Enya, gesehna umur teh aya kana tilu taunan, da."
"Jeung Euceu nyobat?"
"Puguh wae, najan teu sababad pisan ge. Jigana ngan jeung Euceu wungkul dalitna teh, da ari ku anu sejen mah tara pati didareukeutan."
"Naha?"
"Pangadatanana rada merekedeweng, sok hayang meunang sorangan wae. Anu matak, tara awet boga babaturan manehna mah. Teuing pedah anak bungsu, teuing memang pasipatanana kitu."

Kaharti mun bisa lana sosobatan jeung Si Euceu teh, sabab ari manehna mah tukang loba ngelehan. Tepikeun ka kolot ge pan angger kitun Ceu Cacih mah; tara loba omong, tara openan ka batur.

"Ari perasaan Euceu ka indung abdi, kumaha?" kuring nanya kitu, hayang ngungkab jero-jerona.
"Ah, teu kukumaha. Hanas bareto kungsi milu keuheul, heueuh, sabab Euceu kudu ngarampa perasaan anu jadi indung. Tapi ayeuna mah geus teu geuneuk, teu meleukmeuk, da. Geus dibalungbang-timurkeun; jalan gede sasapuan. Naon gunana atuh, Enji, mun urang hantem ngukut kakeuheul reujeung kangewa ka nu lian, kuriak wae jadi kasakit."
"Ti sanggeusna indung abdi ngereles ti dieu, naha harita kungsi aya nu neangan?"
"Ari Apa mah jigana kungsi, najan bari rerencepan. Tapi kawasna teh teu kapanggih raratanana. Heueuh, nyaeta atuh, dasar kudu manjangkeun lalakon," tembalna. "Moal diampihan potret ieu ge deuih?"
"Moal, ah."
"Nya, kajeun atuh. Keun urang teundeun deui. Saha nu nyaho, dina hiji waktu mah maneh bakal ngarasa butuh," bari sok diteundeun deui kana urutna. "Ngan peupeujeuh, Enji, naon-naon anu bieu dicaritakeun ku Euceu teh ukur samaneheun wungkul. Maneh ulah terus dodongeng deui ka nu lian, kaasup ka Apa."
"Moal, Ceu."

Ciwalen usum katiga, palias saat ngoletrak. Nu puguh mah caina beuki ngagenyas; matak betah betah ngoyok, ulin babaseuhan. Teu, teu paur kabawa palid, najan ari lebah leuwina mah angger liuh, teu katembong batu tarengtong.

Sarah bangun betaheun kukucuprakan dina ereng. Calana panjangna disengledkeun sahandapeun tuur, tapi teu burung we ari baseuh mah. Gek dina batu lempar anu kaiuhan ku tatangkalan saparat gawir, ngawaskeun barudak nu keur icikibung di beh hilir; matak pikabitaeun pisan.

"Geura hanjat ...!" gero-gero Panji ti lebah kebon.
"Betah keneh," tembalna, bari terus ngagupayan anu di tonggoh, maksudna mah sangkan Panji nyampeurkeun.

Tapi anu digupayanana kalah ngaleos deui ka tengah kebon.

"Panji ...! Panji ...!" manehna gegeroan.

Teu kadenge nembalan.

Teu kadengeeun kitu? Ah, paling ge api-api teu kadenge, ceuk dina hatena. Dasar!

Sarah ngagupayan budak anu keur silanglang handapeun curug. Batan nyampeurkeun, budak teh kalah rungah-ringeuh. Kapaksa wae manehna anu turun, nyampeurkeun ka lebah curug.

"Pangnyaurankeun Kang Panji, jig! Ka dieu, saur Teteh, kituh!"

Najan dititahna ku anu tacan wawuh, tapi budak teh teu burung ngaderegdeg ka tonggoh; dibubulucun.
Sarah keom. Padahal mah mun bebenjit teh dicalana heula, ulah ulad-alid kitu.

Teu lila geus jol deui. "Mangga, cenah," bari terus ngagujubar deui, nyampeurkeun baturna.

Sarah diuk deui dina urutna. Sukuna dirumbaykeun kana cai, tepi ka kakeueum seret mumuncangan. Dina batu nu rada demprak katembong aya urut budah sabun. Jigana mah bieu, samemeh manehna turun, karek aya nu tas nyeuseuhan. Malah mun pasosore mah sok loba nu ngadon mandi, cenah. Enya, cacak mun teu era mah, pasti matak betah ngeueum di dieu teh, ceuk dina hatena.

"Arek naon atuh?" omong Panji, waktu geus nyampeurkeun; dina cangkengna nyolegreng bedog galonggong, da manehna keur mantuan gawe di kebon.
"Baturan di dieu," tembalna.
"Hih, ku aya-aya bae, sakieu keur loba keneh gawe teh! Meungkeutan jagong ge tacan beres, tuh!"
"Keun engke dibantuan ku Sarah."
"Kawas nu bisa wae. Kuriak ramo kakeset hinis," pokna, tapi teu burung ari terus diuk mah, dina batu nu hiji deui.
"Panji sok ulin di cai kawas kitu?" bari nunjuk ka lebah barudak anu keur teuteuleuman.
"Iraha? Bareto atawa ayeuna?" kalah malik nanya.
"Ih, nya bareto atuh, jaman keur budak. Piraku ari ayeuna onaman; asa teu pararantes teuing!"
"Ceuk saha teu pantes? Puguh lucu keneh ayeuna."
"Yey! Matak birat nu keur nyareuseuhan atuh!" bari nyeuleukeuteuk. "Resep meureun nya, nJi, kokojayan kawas barudak teh? Tuh geuning, bangun galumbira naker. Hanjakal Sarah mah teu kungsi ngalaman ulin di walungan. Nyaho kana ngojay teh ukur di kolam renang wae. Suasanana asa beda pisan jeung di dieu, anu karasa pisan alamina."
"Nya kari gebrus atuh ari hayang ngojay nurutan barudak mah! Sok ka dieukeun, bajuna mah pihapekeun di dieu!"
"Geuleuh, ah! Memangna Sarah teh kurang saeundan?"
"Bisi panasaran we ieu mah," omong Panji, bari terus ngageroan barudak, sina ngajajar deukeut curug. "Hayang waluh, euy!"
"Hayang waluh, Kang?" budak nu panggedena ngajorowok.
"Heueuh. Sok, palila-lila kainyah!"

Sarah tiba rungah-ringeuh. Naha teu pupuguh Panji bet menta waluh? Ngarti-ngarti soteh sanggeus barudak ngerelepkeun sirahna, sina nutug ka dasar walungan. Pucunghul bujurna bari diperewengkeun. "Tuh, itu waluh teh, Sarah!" bari nunjuk ka lebah anu tingpereweng.

"Geuleuh, ah! Nanaonan eta teh?"
"Heueuh, eta wawaluhan ngaranna. Pan persis waluh nu geus euweuh cupatan, nya?" omong Panji bari nyerengeh.
"Ari sugan naon hayang waluh, hayang waluh teh! Singhoreng geuning nembongkeun momones nu kitu patut! Panji oge bareto sok kikituan?"

Panji nyerengeh deui.

"Teu kacipta ku Sarah mah."
"Teu kudu dicipta-cipta. Ilikan we geura, ayeuna urang buktikeun. Malah waluhna ge bakal leuwih alus batan bieu nu barudak. Lain leuwih alus wungkul, tapi leuwih seksi deuih!"
"Ah, Panji! Nanaonan? Mani kawas bolon!" Sarah nyentak.

Bosen ngoyok di cai, barudak haranjat ka darat, terus ngadon maroe maneh.

"Sok tara karasa ari ulin di cai teh. Mun ancrub tabuh salapan, nyaho-nyaho geus bedug lohor we. Komo lamun bulan puasa mah, betah pisan. Ari balik kokojayan teh awak karasa seger."
"Nya pantes masing rek seger oge, da ngojayna bari nginum," Sarah nempas bari seuri.
"Tah geuning apal. Kawasna Sarah ge ngalaman, nya?"

Dikitukeun teh seurina tambah nyeuleukeuteuk. "Tapi Sarah mah nginumna lain di walungan, sok di kamar mandi. Api-api kekemu. Sawareh diburakeun, sawareh sina terus asup kana tikoro," pokna. "Rek ngojay di walungan teh teui wani. Lain ku sabab sieun kabawa palid, tapi teu wani lantaran caina sakitu lecekna. Enya, meureun Panji oge apal, kumaha ari Cikapundung ayeuna. Mun keur jaman Emah budak mah, cenah, caina beresih keneh. Tuda alam harita mah Bandungna oge tacan gegek kawas ayeuna. Tah, Emah anu ahli kokojayan di Cikapundung mah. Kapan bumi Aki teh nampeu pisan ka dinya, teu jauh ti sasak gantung. Ayeuna mah jadi ngaran jalan wetaneun Jalan Pasundan. Ari sasak gantungna mah ti bareto keneh ge geus euweuh."

"Jadi, Sarah mah ti bubudak keneh geus matuh di kota, nya?"
"Di puseurna pisan, malah. Karek sawatara taun pindah ka rada beh sisi mah, sabab imah kasabet ku program tata kota, rek dipake pertokoan jeung pusat hiburan. Empah teu tiasa ngoretkeun. Nya wayahna wae imah tuturunan ti karuhun teh ahirna mah dipileuleuyankeun. Sedih saenyana mah. Tapi kumaha deui? Mun ayeuna rajeun ngulampreng ka eta pertokoan, ku Sarah sok dicipta-cipta deui jaman keur cicing di dinya. Tah, lebah dieu teh bareto mah kamar Sarah. Ari buruan nu sok dipake pangulinan ayana di beulah ditu. Terus, di beulah dieu dapur. Sok ngahaja eta teh dipapay deui."
"Napak tilas tea meureun eta teh," omong Panji. "Ari tepas jaman keur sok diapelan ku kabogoh, diteang deuih?"
"Gandeng, ah! Jaman keur matuh keneh di imah heubeul mah Sarahna ge tacan boga kabogoh."
"Ah, wadulhong!"
"Enyaan, suer!"
"Tapi ari nu bogoheun mah aya?"
"Nya aya wae meureun."
"Tangtu aya atuh, malah mungkin wae loba. Piraku ka bentang panggung taya nu bogoheun, da lalaki nu lolong mah teu loba."
"Geus gandeng, ah! Ongkoh keur ngajak ngawangkong ngeunaan imah Sarah bareto."
"Enya, sok atuh teruskeun!"
"Tah, basa imah kasabet proyek pangwangunan teh, Sarah karek di SMA. Ngalaman heula pipindahan, samemeh kulawarga Empah matuh di imah nu ayeuna teh."
"Ari Sarah terus misah imah, lin?"
"Dina ahirna mah kitu; Sarah teu ngahiji jeung kulawarga. Kapan terus boga imah tea, anu dongengna Panji geus apal."
"Ari imah sakitu ublug-ablagna, ari nu ngeusian ngan sorangan."
"Kapan dibaturan ku Bi Eka jeung Mang Badri," Sarah gancang nempas.
"Enya, tapi pan maranehna mah caricingna di tukang misah wawangunan."
"Ari enggeus, kudu cicing jeung saha atuh? Ari rek ngajak adi, taya nu daekeun."

Panji teu mairan, sabab pertanyaan Sarah cikeneh teu mikabutuh jawaban.

"Panji, geus wae imah teh urang kontrakkeun atuh, nya?"
"Is, nya kumaha ceuk Sarah ari sual eta mah atuh."
"Enya ah, mending keneh kitu."
"Ari Sarah rek terus cicing di mana? Rek balik deui ka imah Empah?" omong Panji. Dina hate leutikna mah ngarasa teu mikeun mun Sarah ngahiji deui jeung kolot katut dulur-dulurna, sabab bakal loba kakagok dina parengna keur nganjang.
"Ah, nya rek ngontrak deui imah we, tapi moal nu lega. Kitu we atuh nya, nJi?"
"Ih, nya karep apan cekeng ge. Mun katimbang leuwih hade kitu, nya tinggal kontrakkeun, asal sing puguh heula we urusanana."
"Ari Panji rek terus ngontrak di tempat nu ayeuna?"
"Naha make nanya kitu?"
"Kapan ayeuna mah Panji rek diiluan ku Uning. Piraku ari hiji kamar rek dieusian ku duaan mah."
"Kawasna mah rek pindah."
"Ka ...?"
"Teuing ka mana, ka manana mah. Jigana bakal gumantung ka Si Uning. Sabisa-bisa mah ulah nu jauh ti sakolana, mun engke neangan kontrakan anyar teh."
Sabot kitu, ti beulah tonggoh peuntaseun walungan kadenge sora ayeuh-ayeuhan, laju ditema ku gekgekna panting anjing. Barudak anu keur maroyan sawareh lalumpatan, muru ka lebah datangna sora.
"Nu keur naon eta teh, nJi, gogorowokan ditengah kebon?"

Panji teu sempet nembalan, da kaburu milu ngaderegdeg, nuturkeun barudak.

"Panji rek ka mana ...?" Sarah ngagorowok. "Hey, Panji ...!"

Kapaksa Panji ngarandeg deui, lumpatna teu terus kebat.

"Aya naon eta teh, Jang?" Sarah nanya ka budak anu teu pipilueun lumpat ka tonggoh.
"Nu moro bagong," tembalna, bari ngingsreuk leho nu nolol ampir sagede kuntung roko keretek.
"Moro bagong?" Sarah semu reuwas. "Engke lumpatna ka mana?"
"Sakapeung mah sok ka dieu, ka cai" tembalna deui, bari terus noyod.
"Ah, siah!" Sarah ngagorowok. "Panji! Panji! Awas mun teu kadieu! Hey, Panji!" bari gugupay kerep pisan.
"Aya naon atuh, mani gogrowokan?" omong Panji sanggeus nyampeurkeun deui ka tempat Sarah.
"Tong ditinggalkeun! Sieun!"
"Alah, moal jauh ieuh atuh. Paling ge ka tonggoh, rek milu megat."
"Embung urang mah!" bari nyekelan leungeun Panji pageuh pisan. "Hayu ah, urang balik deui ka saung!"
"Ke heula atuh!"
"Sieun tuda cicing di dieu mah!"
"Moal. Cicing we di dieu! Mun lumpat mah bisi bagongna ngarawel bujur," omong Panji bari seuri.
"Ah, siah!" bari dikenyang leungeunna.

Anu surak beuki rame jeung beuki ngadeukeutan. Sora anjing nu keur manting rame patembalan. Tapi ...

"Panji, hayu ...!" memetot ngajak ingkah.
"Ih, naha nya ...? Cicing di dieu, da moal nanaon ieuh! Malah mun urang lumpat mah sok kalah cilaka!"

Ramena nu ngudag boroan teh ngan sakeudeung, da saterusna mah kadengena bangun ngajauhan deui. Barudak anu bieu rek marilu ngudag ge kalah tarurun deui ka walungan.

"Ka mana, euy, lumpatna?" Panji nanya.
"Nonggoh deui, Kang. Ari sugan teh rek terus turun jeung mogok di dieu," tembal budak nu rada gedena.

Barang geus ngadenge kitu mah, kakara wae Sarah ngarasa rada ngemplong; teu karasa sieun teuing kawas cikeneh. Sama sakali teu kasawang, bakal kumaha jadina, mun bagong nu keur diboro terus turun ka walungan. Jigana teh bakal langsung kapiuhan.

"Hayu ah, urang hanjat!" bari metot deui leungeun Panji.

Panji teu ngawalonan; kalah dengdek-dengdek wae ngadengekeun panting anjing anu patembalan jeung hauk dununganana. Tapi lila-lila mah les bae teu kapireng. Kawasna mah udaganana lumpat ka gulampeng beulah ditu.

"Hayu, Panji!"
"Ah, da ayeuna mah geus jauh ieuh atuh bagongna ge. Moal, moal lumpat deui ka dieu."
"Enyaan?" bangun cangcaya.
"Naha mani teu percaya ka uing teh atuh, Aceuk!"
"Naha make nyebut moal ka dieu deui?"
"Heueuh, kapan eta sora nu ngarudagna oge geus teu kadenge. Lain karek sakali dua kali uing moro teh, naha mani teu ngandel teuing!"
"Panji sok milu moro, nyah?"
"Mindeng."
"Tara sieun?"

Panji gideug. "Mun sieun mah, moal ge miluan atuh. Geus we tunggu bubuy sampeu di hareupeun hawu!"

"Ari sugan teu rea bagong," omong Sarah.
"Di dieu mah tempatna atuh, Teteh."
"Ari ngalana sok ku bedil?"
"Mimindengna mah lain; sok ku kuli."
"Naon ari kuli?"
"Tumbak atuh ari kuli teh, ngan pedah dina seuseukeutna make ruruhit. Sok nanya deui, naon ari ruruhit, kituh!"
"Apal lah, ari ruruhit mah. Anu kawas dina useup tea, nya? Paranti ngaitna kana biwir lauk tea?"
Panji unggeuk. "Mun henteu ku kuli, biasana sok ditewak, diala hirupan."
"Ari carana kumaha? Teu hese?"
"Mun hayang apal cara newakna mah, hayu geura urang nuturkeun! Engke Sarah bakal nyaksian sorangan, kumaha ari prak-prakan newak bagong di leuweung."
"Nyao! Nyao! Geus ah, urang balik!"
"Jig we atuh sorangan! Tuh, da Si Akang jeung si Euceu ge araya keneh di kebon."
"Ari Panji rek ka mana?"
"Rek milu moro."
"Entong!" bari leungeunna terus dikenyang leuwih tarik, dibawa nyingkah ti walungan. Sanggeus tepi ka sisi kebon oge, leungeun Panji teu ieuh dilesotkeun.

***
(hanca)

 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula