Hirup Pengkuh kana Al-Qur
Ku Irfan Zidni Turmudzi
Lamun seug hantem dipikiran, kurang-kurang temah wadi mah estu matak musyrik kana takdir. Temahna nganaha-naha ka Nu Maha Kawasa, naha iraha datangna kabagjaan anu sajati? Saha atuh jalmana anu kasinugrahan bagja-bagjaning hirup? Lamun mah satiap jalma nu kumelendang di alam dunya ieu, teu leupas tina pasualan, lesot hiji jol deui pasualan sejen.
Ayeuna masih dina mangsa Romadon, nu disebat sayyidus suhur, panghuluna bulan sareng syahrul huda, bulan pituduh. Oge, bulan diturunkeunana al-Qur'an, Syahrur romadonal ladzii, ungjila fihil qur'an sareng kaagungan-agungan sanesna.
Teu tiasa dicarioskeun deui karohmatan Alloh dina sasih romadon, ku seueur-seueurna rohmat Alloh pikeun manusa nu ariman. Dawuhan Alloh : Wanunajillu minal qur'aani maa hua sifaa'uw warohmatul lil u'miniina. Wala yajiidudh dhoolimiina illaa khosaaro. Nu hartosna kirang langkung kieu : "Jeung Kami nurunkeun tina Qur'an saniskara anu jadi ubar jeung jadi Rohmat pikeun mu'minin, jeung (Qur'an teh) ari pikeun anu darolim mah henteu nambahan naon-naon salian ti karugian.
Pidawuh Alloh di luhur, sagemlengna langkung ti cekap kanggo urang dina ngawaler patarosan di luhur. Tos jadi obat kasusah oge syukuran kasenangan margi Rohmat-Na tea. Ku margi kitu, dina mieling nuzulul qur'an, tangtos momen ieu kedah dijantenkeun muhassabatun nafsi, kanggo ngariksa diri sangkan tiasa intropeksi. Tos dugi ka mana urang nempatkeun Al-Qur'an? Naha leres jadi cepengan hirup urang? atanapi bujeng-bujeng jadi cepengan, pituduh, dalah kanyataan mah dibumi nyalira oge teu aya al-Qur'an-al-Qur'an acan. Euh, biheung temenan Alloh masing rohmat-Na. Aya deui, saurna ari al-Qur'an mah gaduh, malahan Qur'anna sae, kaligrafi herang lir emas 24 karat, tapi duka kumaha maosna. Nu aya mah, resep piasan kana hiasan Al-Qur'an mantak adem cenah. Pas sumping ka pa Ustad, saurna hoyong pangwurukan murangkalihna, margi ramana teu tiasa iqro-iqro acan. Kumaha upami kitu? Mangga uihkeun deui ka pribadi masing-masing. Sahenteuna aya opat perkara nu kedah janten emutan dina lampah hirup urang teh.
Kahiji, surat al-Alaq, ayat 1-5, Iqro bismirobbikal ladzii kholaq, baca, kalayan asmana-Na Alloh Pangeran maneh anu geus ngayugakeun. Ieu nuduhkeun sangkan milari elmu. Margi ku elmu bakal caang. Kangjeng Rosululloh SAW negeskeun, Thalabul ilmi faridotun 'ala kulli muslimin wa muslimat" Milari elmu teh wajib pikeun satiap muslim jeung muslimat, "Uthlubul ilma wa lao bish shin", prak paluruh elmu sok sanajan ayana di nagri Cina. Kitu deui, "Uthlubul ilma minal mahdi ilal lahdi", teangan elmu ti mimiti brol lahir nepi ka liang kubur. "Innamal ulama warasatul anbiya", anu baroga elmu, eta teh ahli waris para Nabi. Malihan dina dawuhan sejenna Rosul SAW kantos nandeskeun, yen dina poe kiamat teh bakal ditimbang mangsi ulama sareng getih syuhada, kabuktian mangsi ulama leuwih beurat tinimbang getih syuhada.
Dina hadis sanes oge, darajat manusa gumantung kana al-Qur'an. Dawuhan Rosululloh SAW nu hartosna kieu: Innaloha yarfa'u bihaadal kitaabi aqwaama wado'u bihi aahorin. Hartosna : Alloh bakal ngangkat darajat sababaraha kaum ngaliwatan kitab ieu (al-Qur'an) jeung Alloh bakal nurunkeun (darajat) sababaraha kaum sejenna ngaliwatan kitab ieu (Al-Qur'an).
Kadua, terang kana agama sareng tauhid. Jalmi tiasa to'at sareng fasik teh gumantung kana terang sareng henteuna kana pituduh-Na. Islam hiji agama ngagaduhan dasar-dasar pokona, nu disebat rukun Islam tea, syahadat, solat, zakat, puasa, sareng munggah haji. Jadi sadayana kedah ditempatkeun dina agama, dien tea. Kitu deui, agama teh ceuk urang Sunda mah, pan dihartikeu aturan, garapeun, manusa. Jadi aturan garapeun manusa. Lamun geus hiji garapeun hartosna agama teh sanes pacengkadan.
Katilu, manhaz al-Hayat sareng washilah al-hayat. Ngalangkungan al-Qur'an urang tiasa terang kana manhaz al-hayat, aturan naon nu wajib, naon nu haram, makruh, sunat, mubah, batal, syah jeung sajabana.
Kaopat, amaliah. Al-Qur'an disebatna oge hudan, pituduh sangkan manusa ulah tigebrus kana picilakaeun, ulah kabawa, kasered kana jalan pidorakaeun. Nu mawi, ngalangkungan al-Qur'an tiasa terang, golongan mu'minin, golongan muttaqin, muslihin, solihin, sobirin jeung sajabina. Kitu deui aya golongan munafik, fasik sareng golongan sasar sanesna. Dina sasih Romadon ayeuna, hayu urang ngajadikeun sababiyah ka urang sangkan ulah diengke-engke deui, kudu ayeuna pisan urang ngagungkeun Alloh, merhatikeun bagbagan paelmuan nu estuning jadi tatapakanana amal soleh. Jalma pengkuh nyepeng al-Quran (jeung hadis) tanwande salila hirupna moal pinanggih jeung sasar. Mun kahirupan henteu undut kalinduan gedag kaanginan satuhu ngajalankeun parentah al-Quran dijamin saratus persen naon anu jadi udagan kahirupan bakal kahontal. Mudah-mudahan Alloh Swt. dina Nuzulul Qur'an ieu salawasna masihan pituduh sareng hidayahNa. Amin Ya Robbal 'Alamin.
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaeddy koesnady ngomentaran:
"Mudah-mudahan Alloh Swt. dina Nuzulul Qur'an ieu salawasna masihan pituduh sareng hidayahNa. Amin Ya Robbal 'Alamin." kalintang ngagalindengna eta kecap upami di ibaratkeun dina tembang mah, kantun urang BADE MOAL NAMPINA PITUDUH+HIDAYAH ALLAH atanapi mung RESEP MAOS+DIDAMEL PAPAES (kaligrafi)wungkul...Yu aaach BISMILLAH ALLAHUAKBAR Urang tanjeurkeun Kalimatillah