Tue, 22-05-2012
Carita Misteri

Nu Nitah Ngaduruk Buku Beureum!

Pintonkeun di FB

Ku U. Supratman

Wanci can peuting-peuting teuing, kira-kira sareureuh budak. Tapi kaayaan karasa jempling langka anu ngulampreng kaluar, waregah ku becek jeung tiris meureun. Genah keneh ngadumpel na jero simbutna sewang-sewangan.

Saentas budak nu bungsu sare dina enggon, kuring ngolosod turun na enggon, muru kaluar imah. Kitu jeung kitu unggal rek sare teh, hayangna di kelonan bae ku bapa, Si Bungsu mah puguh ge rada beda ti lanceuk-lanceukna, rada bedana manehna mah apet pisan ka bapa. Pamajikan mah geus ngageubra ti tas salat Isa keneh, capeeun balas ider-ideran dagang ti beurangna.

Di teras imah aya amben sasereteun tangtungan. Kuring ngagelehe deui ti dinya, nangkarak, sirah disanggeuy ku kadua leungeun. Can hayang sare, ngan panon asana rada seuseut dibeuntakeun.

Pasosore hujan ngagebret, rada lila, aya satengah jam mah maseuhan lemah. Kiwari ceubrikna masih keneh nyesa di buruan imah jeung di lalurung. Matak hoream anu lalar-liwat.

Panon neuteup erang-erang, pikiran kumalayang teu puguh nu dipikiran. Gogoleran di teras teh ampir meh unggal peuting, bari nungguan katunduh datang. Kakara mun seug geus karasa tunduh, pindah ka enggon. Duka, ka beh dieunakeun nu jadi pamajikan sok rada sewot mun kuring gegelehean di hareup teh. Enya, ti saprak kawenehan ririwa Wa Oneng ngajirim, keketrok ka saban imah.

Pikeun kuring mah teu sieun teu sing, ka anu ngaranna ririwa. Komo ayeuna mah geus rek boga incu, dalah keur budak geh jajauheun kasebut borangan. Pangwani-wanina leumpang ti nu poek. Cek nu bohong mah, kuring teh mindeng nganteurkeun barudak awewe ka imahna, mun marulang diwuruk ngaji di musola, harita mangsa keur budak.

Enya, ari ceuk beja mah ririwa Wa Oneng teu weleh ngulayaban unggal peuting. Ti sadugna tilu poe ka tukang anjeunna maot, dumadakan lembur teh jadi hareeng. Geunjleung ku beja pabeja-beja. Lin saurang wae nu nyarita, meh sapangeusi ieu lembur, ibur ngomongkeun geus kadatangan ririwa Wa Oneng. Rupa-rupa pamanggihna, cenah aya nu keketrok ka imahna, aya nu ukur cocorowokan ti buruan, aya deui nu ngadenge nu ceurik ngabangingik ti luar ka imahna. Nu kungsi kadatangan ku ririwa beuleugeunjeuran kitu teh, saurang ge teu wani mairan komo muka lawang panto imahna mah, jajauheun. Kalahka patingporongkol di jero imahna. Teu sudi abrig-abrigan, pokna.

Aya ketang nu ludeung nyanghareupanana, Jang Guru. Bubuhan Jang Guru mah luhur atikan di sagala widang, kana ibadahna suhud, tara lesot ngajalankeun nu lima waktu. Samalah mah anjeunna mindeng ngaimaman di musola sagala. Basa keur ngoreksi hasil ulangan muridna, maleman kadua Wa Oneng maot. Kutrat-kotret meunteunan hasil barudakna, ulangan tea. Ti luar aya kadenge sora gegeroan, teu bosa saeutik kacuriga, sanajan nu gegeroan di luar, geus lain wayahna pikeun natamu ka imah batur, jam satu peuting. Kuniang anjeunna hudang tina korsi, tuluy leumpang ka palebah lawang panto hareup. Samemeh mukakeun selot sosi panto, Jang Guru noong heula tina hordeng nu melenge saeutik. Kaayaan di buruan harieum, listrikna ukur lima watt. Sanajan kaayaan teu pati sidik, tapi anjeunna bisa mastikeun yen di palebah lawang pager aya nu keur nangtung nyanghareup ka anjeunna. Sanajan dumadakan bulu pundukna muringkak, beurat karasana, angger teger. Kolotrak muterkeun sosi panto. Bray, panto muka. Jang Guru ngajanteng na tengah lawang, nyidikeun. Tuluy pok anjeunna nyarita.

"Saha nya, rek aya perlu?"

Anu ditanya teu nembalan, kalah luk tungkul kawas nu era. Nyumputkeun beungeutna ku buukna nu ngajawigwig, awut-awutan. Baju daster kembang-kembang, nu geus leuseuh, mungkus jirim nu can sidik ku paneuteup Jang Guru. "Awewe, saha?" gerentes Jang Guru.

Awewe nu ngajawigwig buukna teh kalahka undur-unduran ngajauhan lawang pager. Tulu les ngaleungit. Jang Guru ukur colohok, tuurna karasa leuleus, geteg jantungna kerep. Tuluy gigisik kana panonna. "Aing teh henteu keur ngimpi!" Pokna, na hate. Bari mandeutkeun panto hareup, tuluy disosikeun deui.

Lain nu karandapan ku Jang Guru nu tetep teger, kadatangan ririwa rangda beunghar teh. Lain deui nu kaalaman ku Si Boha, lalaki cetuk dawuk masih keneh ngeungeuweuk rasa nu pohara beuranganana. Sakanyaho kuring mah manehna geus aya puluhna taun, ngawula ka Si Jenat, enya Wa Oneng tea. Husus manehna mah dipelak di bagean sawah. Ti mimiti ngawaluku-lahan, tebar, tandur, ngarambet, obat-obatan, panen nepi ka ngabawon Si Boha anu nguruskeun. Wa Oneng mah ngan narima laporan jeung hasilna, sausum-usumna teh, saban taun.

Kajadian nu kaalaman ku Si Boha teh heuleut sapoe, ti saprak Si Jenat ngajirim na lawang pager, tengah peuting ngajanteng di imah Jang Guru. Nu kajadian ku manehna mah mangsa wanci reup-reupan di saung sawahna si jenat, isukanana.

Harita hanca maculan namping galeng can rengse, ukur kari sajuru kulon deui. Sora adan geus rame ngongna di saban musola jeung tajug. Kereteg hatena teu merean rek eureun undur teh, kagok saeutik deui, teu pira panjangna ieuh. Hatena ngocoblak, ngupahan kalungse jeung kacape awakna.

Keur jongjon hayoh namping galeng, bari tungkul ngadedekul. Bedug magrib kakara liwat, can aya lima welas menitan. Hanca teh kemput tepi kajuru kulon. Manehna ngagandeuang bangun lungse, muru ka saung. Gek, Boha diuk bari kikiplik ku dudukuyna, ngaleungitkeun kesang. Henteu kungsi aya lima menitan ngareureuhkeun kacape di saung teh. Ceuleungkeung ti beh tukangna aya nu nyarita, sora awewe. Boha ngarenjag, culang-cileung.

"Geus lain wayah Ha, lin geuwat balik!" cek eta sora.

Puringkak, bulu pundukna dumadakan cengkat. Saenggeus sidik kana eta sora. Apal kacida kana sora dununganana mangsa keur hirup, kitu dengena, rada tenge. Sabot keur culang-cileung di mana jirim nu nyarita teh.

Meh bae manehna soak, ngudupruk kapiuhan, ngan hatena gancang nitah, "Lumpat!". Berebet manehna lumpat sakalumpat-kalampet. Henteu nempo titincakeun. Blag-blug labuh tikudawet kana kotakan, muru ka lembur. istuning tunggul dirarud catang dirumpak teh lin bobodoan. Teu tembong sorangeun dumeh wanci leuwih ti sareupna. Karasana lumpat teh teu jauh-jauh. Maju-mundur ngan lebah dinya wae. Tungtungna Si Boha teh cocorowokan "Tulung...tulung...tulung!" corowokna, sataker kebek.

Burusut, lalaki jeung awewe, kolot jeung budak lulumpatan muru ka nu menta tulung-tulungan di tengah sawah. Bisi aya nu dibegal, cenah. Atuh lalaki mah mawa sabedog-bedogna sewang. Ari awewe ngarempod baralik deui, bari ngajarewang barudakna. Tuluy digugusur rada anggang ti pasawahan, bisi kumaha onam.

"Ke heula Tarman, ilaing ulah waka wani-wani lumpat ka beh tengah, bisi cilaka deuleu!" Gorowok Abah Adim, ngelingan budak ngora anu tipoporose rek lumpat ka tengah kotakan, rek nulungan.

Reg, kabehanana eureun. Ukur rajeg lalajo di tempat nu anggang, teu wani ka beh tunjangeun, deukeut saung di tengah kotakan. Kabehanana ge can bisa nyidikeun saha nu menta tulung teh, da geus poekna jagat, jeung kahalangan ku luhurna pare meh semet cangkeng.

Lila-lila, sora nu menta tulung teh jep jempe, teu kadenge deui. Nya sakur nu aya ti dinya silih teuteup, ngemu goreng panyangkana. Boa geus perlaya dirogahala, meureun?

"Pek coba anu marawa senter maju ka hareup masing ati-ati, bari marawa pakarangna sewang-sewang!" cek Abah Adim, mere parentah.

Teu talangke Tarman mah tuluy wae nerejel panghareupna, ludeungan manehna mah. Tuluy dituturkeun ku anu sejenna. Atuda leumpang di galengan tea, teu bisa gogomplokan cara di lalurung. Di galeng mah leumpang geh antay-antayan, kawas barudak keur maen oray-orayan.

Angger, can kadenge deui sora nu menta tulung teh. Tarman jeung sabatur-baturna leumpang ge teu sirikna dodongkoan muru ka tunjangeun teh, sieun katohyan ku anu aya di tunjangeun, begal cek panyangkana.

Dadak sakala Tarman nu leumpangna panghareupna ngagurubug bari ngejat deui ka beh tukang. Ngadupak Si Jana. Duanana pating kucuprak kana kotakan, galey na leutak sawah. Batur-baturna ngarengkog, teu wani maju.

"Tarman, maneh nanaonan!?" cek Jana rada muncereng, cengkat na kotakan, baju jeung calanana lamokot ku leutak.

"Ke... ke eureun heula, dewek teh euy asa nincak nu hipu-hipu, siga...?" Tarman henteu kebat nyaritana. Ceulina ngadenge anu humaregung. Teuing ti mana asalna. Barasat, barasat senter ditojokeunka unggal madhab. Barang Tarman nojokeun senter ka beh galeng nu ditincak aya rasa beda ditincakna. Gebeg, manehna reuwas, nempo na luhur galeng aya nu nangkarak. Tuluy dideukeutan lalaunan.

"Hey... Mang Boha teu eling-eling!" pokna, ngagorowok ka batur-baturna.

Regeyeng, Mang Boha direjeng-rejeng digotong ka darat. Dumeh henteu nempo ti tincakeun ku marengkedong jeung leueur ku leutak tea. Nya atuh teu sirikna blag-blug nu keur ngagogotong raga Mang Boha rea anu labuh.

Saenggeus tepi ka darat, digolerkeun di tempat nu rada lega. Abah Adim imeut mariksa awak Mang Boha, bisi aya nu tatu keuna pakarang. Sidik euweuh bared-bared acan, ngan saawak-awakna lamokot ku leutak. Nu aya di dinya kabeh oge ngemu kaheran, nenjo Mang Boha kapiuhan teh. Rek nalek, can eling keneh.

Teu lila Mang Boha ngulisik bari cengkat, panonna pupucicilan kawas aya nu dipikasieun.

"Ka mana J...j..ju..ju.. jurig teh inditna!?" pokna, hariweusweus.

"Jurig saha Boha?" cek Abah Adim mesem, hayang seuri dina jero hatena mah, nenjo peta kolot kawas budak.

"Ju..Ju..jurig dunungan" Tembalna.

Nu aya di dinya dumadakan pating laleos. Teuing ngarasa keueung ngadengena, teuing asa ngewa nenjo peta Mang Boha siga budak leutik. Nu pasti mah, kabehanana oge nyosikeun pageuh arimahna sewang-sewangan. Abah Adim nganteurkeun Mang Boha ka imahna, masih keneh baluas meureun.

Nyeh kuring seuri mun inget kana talajak Si Boha kawas budak teh, dua poe ka tukang. Pikasebeleun ngiburkeun jagat wae. Matak naon atuh ari rumasa geus ngadahar rejekina, ulah ngera-ngera kulawarga Si Jenat atuh. Bisi teu ngeunaheun mun seug kadenge ku kadua anakna, majarkeun mah heueuh ririwa indungna teh galak, atawa geus nandasa dirina. Padahal dalah tepi ka Si Boha tatu parna oge eta mah ku polahna sorangan, kawas budak!

Ieu panon geus meletet hese rek dibeuntakeun. Mimiti karasa tunduh. Hate mah ngajurung uteuk, sangkan geuwat pindah ka enggon. Tapi asana teh raga aya nu ngabangbaluhan, beurat rek cengkat na amben teh. Duka teuing ku naon mah. Eujeung panon asa rapet, tapi kuring bisa mireungeuh, yen di lawang pager imah aya nu keur nangtung. Dikabaya pulas kayas disamping rereng, nyeh imut barang geus hareupeun kuring.

"Eh geuning aya Ceu Oneng?" cek hate, baham mah angger mingkem. Hese jeung pageuh nek ngedalkeun eusi hate teh.

"Can sare Hamid?"

"Aya peryogi Ceu, wengi-wengi ngadeuheus ka dieu?"

"Heu'euh puguh ge, susuganan Mid manehna bisa, teu cara Si Boha disampeurkeun ku Euceu teh kalah ka lumpat. Nurustunjung teh, tadina mah rek ditalatahan ku Euceu, pangnepikeun amanat ka anak Euceu."

"Amanat naon Ceu, ke ku abdi bade didugikeun ka Cep Dadang sareng ka Neng Yeni."

"Sukur ari maneh daek mah. Bejakeun nya ka budak, pangdurukeun buku nu pulasna beureum, jeung ulah dimasalahkeun naon-naon eta eusi buku. Sangkan lalampahan panjang Euceu mulus tan aya rereged cara ayeuna, karasa kasiksa Euceu teh Mid" pokna, bari undur-unduran ngajauhan kuring, tuluyna mah teu katempo kateureuy ku poekna peuting. Saentas jirim Wa Oneng teu katempo. Kuring ngorejat, bisa cengkat tina amben. Henteu tuluy asup ka imah, ngaheruk mikiran kajadian nu asa dipangimpian. Ngan sajorelat. Wa Oneng teh henteu pikasieuneun geuning, nepungan kuring mah. Ras inget kana cacaritaanana, nu mangrupa amanat nu kudu ditepikeun ka dua anakna. Pangdurukeun buku beureum! Dosa mun seug amanat teu ditepikeun.

Isukna, sanajan aya rasa ajrih jeung hariwang pikeun nepikeun amanat Si Jenat ka dua anakna. Teu burung enggeus anjeucleu di korsi nu hipu, di rohangan semah di gedongna Si Jenat. Disanghareupan ku dua anak almarhumah. Kahariwang kuring teu bukti, waktu duanana ngadenge kajadian anu kaalaman dipedarkeun ku kuring, ngeunaan amanat nu jadi indungna. Hanteu talangke deui eta mah Cep Dadang kaluar ti kamar urut indungna teh nanggeuy satumpukan buku-buku. Tuluy ditambrukeun di luhur meja.

"Buku anu mana nya Mang Hamid?"

"Ari amanah ka Mamang mah anu pulasna beureum, Cep!"

Hiji-hiji buku teh dipilihan ku anak lalakina. Neng yeni oge milu mantuan lanceukna milihan buku anu dimaksud. Kuring mah teu kumawani cubuk-cabak kana buku, cicing bari nitenan ku panteuteup wungkul.

"Tah sugan buku nu ieu Mang, Pulasna beureum"  Pokna. Bari dibuka salambar-lambar eusina. Sidik biwir Cep Dadang teh kawas nu keur ngilo kana tulisan nu aya di tiap lambarna.

"Naon eusina, A?" cek Neng Yeni ka lanceukna.

"Buku ieu mah eusina anu narambut artos ka Ibu geuning Yen." Tembal lanceukna bari terus mukaan hiji-hiji lambaranana tepi ka tungtung.

"Dina impenan Mamang teh, Ibu miwarang ngaduruk buku anu ieu boa A?"

"Enya, da teu aya deui anu pulas beureum, ukur ieu hiji-hijina."

"Nya atos duruk wae ku Aa."

"Muhun amanah almarhumah sanes ngan saukur miwarang ngaduruk wae, nanging hidep kedah ngaikhlaskeun kana naon nu diserat di eta bukku, panginten" cek kuring, milu nyarita.

"Tangtos abdi duaan moal bade baha kana kahoyong pun biang, sanaos eta amanah teh ngalangkungan impenan nu ku Mang Hamid katampina. Punten abdi miwarang ka Mamang, pangadugikeun ka sakumna urang dieu, anu nami-namina dicatet di lebet ieu buku, abdi sareng pun adi moal bade nagih atanapi ngayakeun tungtutan ahir ning jaga. Kuring duaan ngiklaskeun artos nu tos ditarambut ku aranjeunna ku kawening galih. Tah kitu Mang!" cek Cep Dadang rada dumareuda.

Dur, buku pulas beureum teh tuluy diduruk di buruan imah, disaksian ku kuring. Plong hate teh, amanat geus ditepikeun jeung dilaksanakeun, asa geus teu boga kabeungbeurat ayeuna mah.

Si Jenat mangsa kumelendang di ieu dunya, kapento rajana tukang nginjeumkeun duit ka sakurna rahayat leutik nu butuh keur nyumponan hirup sapopoe, baris nibankeun bungana nu matak nyekek beuheung nu ngarinjeum. Tapi najan asa dilekek beuheung ge, da ku butuh mah angger diboto wae ku maranehna.

Wa Oneng nyeh imut basa tepung deui dina impian.

"Hatur nuhun, Mid!" ***

 

Basisir Kaler 01082008

<a href="http://www.hosting24.com/"><img src="http://analytics.hosting24.com/count.php" alt="web hosting" /></a>

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Gustira ngomentaran:

hirup manusa mah kumaha pepelakana,,melak hade meunang hade, melak goreng meunang goreng,,,pun

rohmanbudiyana ngomentaran:

ku naon nya ari tukang renten seuseurna urang peuntas ti pulo sumatra geuning heheh

wiyanti ngomentaran:

maca d bumi...matak malaweung.

Ade Irma ngomentaran:

Pieunteungeun kanggo urang...

babah koemis ngomentaran:

hanjakal sanes dipotokopi heula.

irma darmasasih ngomentaran:

tah cerminan jang tukang renten

ali mudin sadad ngomentaran:

kade ah... ka tukang renten,sok caritana terasken..

Dasep Ismail ngomentaran:

Sing jadi contoh pikeun para renten..

Rubiantara Akbar Zain ngomentaran:

Sapertosna kitu upami tukang renten mun tos maot marakayangan.

Yandi Lasmana ngomentaran:

kahartos, ari kitu mah,

edwin ngomentaran:

aya keneh nu kitu dina mangsa kiwari..........sigana mah loba, ti mimiti butuh duit leutik dugi ka duit ageung kantun nyarios tepangan juragan gayus.