Tue, 22-05-2012
Pangalaman Para Mitra

Apel Bulan Puasa

Pintonkeun di FB

Ku Dhipa Galuh Purba

NUMPAK beus teh karasana mani lila. Kahayang mah sing geura-geura nepi ka nu dituju. Teu kuat sono, hayang geura-geura panggih jeung Si Manehna. Malah tadina mah kuring hayang ngabatalan puasa ku cara nyium pipina. Hanjakal pisan, isuk-isuk oge geus teu kuat nandangan hanaang cikopi jeung udud. Bae lah, rek indit-inditan jauh ieuh. Ceuk Ustad Otong oge, ari musafir mah puasana bisa dikodoan.

Najan lembur manehna aya di pasisian, tapi ari ku cinta mah mo burung jauh dijugjug anggang diteang. Neng Arin, kembang Cimendong anu menor, nu kabayang unggal mangsa wanci beurang, kaimpi-impi saban wanci janari.

"Punten, A, rokona pareuman. Hawatos seueur penumpang anu saum," teu kanyahoan, kondektor geus nangtung gigireun, bari leungeunna ngasongkeun karcis.
"Aduh, punten, hilap, kang," tembal teh bari buru-buru muragkeun roko. Dikekesek ku dampal sapatu. Sakur penumpang, panonna mani tamplok marelong. Komo wanoja anu diuk gigireun mah katingalina teh mani ijideun naker.
"Kabiasaan tara saum rupina nya?" Tanya eta wanoja.
"His... sembarangan! Nembe ayeuna batal teh. Kapaksa eta oge, pedah nyaba rada tebih..."

Manehna teu nembalan, kalah mangpengkeun teuteupna ka luareun jandela. Bareng jeung adan lohor, beus anjog ka Pamoyanan. Kuring  tuturubun turun. Keclak, naek ojeg. Biur, maju, tug nepi ka anjog ka hareupeun hiji imah anu ditingker balong.

Neng Arin jeung dua kolotna ngabageakeun kalayan darehdeh. Kawasna pedah ka urang Bandung. Bubuhan ari ti kota mah sok aya kasebutna laloba duit. Moal nyarangkaeun lamun kuring ukur boga duit saongkoseun.

"Saum?" bapana Neng Arin mimiti tumanya. Panonna kawas anu taya kabosen, nelek-nelek tangtungan kuring.
"InsyaAlloh," tembal teh rada kalem. Najan beuteung kukurubukan, teu hade ari kudu nembongkeun kabiasaan goreng hareupeun calon mitoha mah.
"Bageur pisan si Asep. Padahal ti Bandung ka dieu teh sakitu tebihna. Tangtos cape," pokna deui bari nembongkeun imutna.
"Punten, bade ngiring netepan lohor," ceuk kuring bari ngareret kana jam dingding. Ngahaja, ngarah beuki kapake.
"Mangga, ka pengker bae, Sep. Teu kedah asa-asa, anggap bae bumi nyalira" kitu tembalna.

Solat lohor ngahaja dililakeun. Pangpangna mah ngarasa betah cicing di kamar Neng Arin. Sarareungit, matak hegar kana rarasaan. Malah awahing ku lilana, make jeung kaburu nengetan engcelengan Neng Arin. Teu wani ari nyokot eusina mah. Dicabak soteh alatan resep wandana, jeung hayang ngira-ngira eusina. Maksud teh, asa hade upama eta cengcelengan dijieun sajak.

Kurang leuwih satengah jam, kakara kaluar deui ti kamar Neng Arin. Sarung jeung kopeah masih dipapake. Malah leungeun oge nyekelan tasbe, bari rada gegerenyeman. Tapi kacida ngaranjugna basa di rohangan tengah, kasampak bapana Neng Arin keur ngalepus udud. Neng Arin jeung indungna oge keur paciweuh nyiapkeun kadaharan.

"Punten, Cep. Tadi teh kabeurangan saur. Ari Embina jeung Si Nyai mah da geus dua poe oge aya halangan. Matak, euweuh nu puasa," pokna bari nyerebungkeun haseup udud.
"Teu sawios-wios, Pa," tembal kuring bari ngelemes. Sangu ngebul jeung goreng lauk, ukur waasna. Tada teuing nikmatna. Hanjakal geus kagok ngaku puasa. Ari rek milu dahar, sieun jadi teu kapake. Kapaksa ukur diuk bari ngararasakeun beuteung anu beuki kukurubukan.

Alhamdulillah. Nepi ka dur magrib, teu kagoda ku kadaharan atawa udud. Kasebutna puasa teh tamat, najan ngamimitianana ti jam 12. Puguh bae, Neng Arin sakulawarga beuki reueus ka kuring. Dahareun keur buka puasa disayagikeun sapuratina. Kolek cau, sop buah, goreng lauk, sambel, jste.

Barang rek ngamimitian dahar, kadenge sora motor anu eureun lebah buruan. Neng Arin gura-giru ka luar. Teu pati lila, manehna ngagorowok rada tarik.

"Mamah, aya Si Bibi ...!" kituna teh mani ocrak pisan. Bapana oge buru-buru kaluar.
"Na jam sabaraha ti Bandung?" kadenge bapana Neng Arin tumanya.
"Ari datang mah geus tibeurang mula. Tapi ngabuburit heula ka Tasik, meuli baju jeung nganjang ka babaturan..." kadenge sora awewe nembalan. Panasaran, kuring oge ngalieuk. Breh...gebeg. Kesang badag, kesang lembut mimiti rarenung maseuhan sakujur awak. Horeng, anu disebut Bibi teh, taya lian wanoja anu diuk gigireun, basa dina beus kota.

***

Bandung

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Gun gun Gumilar ngomentaran:

Hhee...

endang gunawan ngomentaran:

Teu kabayangkeun ahirna kang asep tepang sareng bibina kabogoh, siganamah benget janten beureum siga si cepot, hahaha....

aditya kamana ngomentaran:

aya lucu jdi seuri sorangann

dase sukarna ngomentaran:

Sukarna ngomentaran Nya rugi nya nya wirang, nya? Tapi sae. "Surprise" wajar.

H.SAEP ngomentaran:

Matakge ulah sok nyantri kang Asep ari masih keneh gaduh kalakuan theu eucreug mah, mudah mudahan kalakuan kang Asep teu ka kalanan deui.

uranglembursingkur ngomentaran:

wahahaha aya2 wae...mun kuring rek ngaliang da era pisan

yudi mulyadi ngomentaran:

karunya si Asep teh . . . . . ?

Kang Nana Subang ngomentaran:

walah..kapanggih modal...jadol siah ..hehe

Abdullah ngomentaran:

hehehehe..... na atuh kasep maneh teh gagayaan bari toloheor kitu.... borokokok kang dhipa mah eh si asep mah...hehe kumaha kuliah di pascana tos beres teu acan kang dhipa?

Arif ramana Eka ngomentaran:

puas tah hahaha..aya kukituna nya

Rubiantara Akbar Zain ngomentaran:

Naha atuh ari Asep ?!! sok toloheor jadi kapanggih modal... puas tah..... Karunya manehna. Boa-boa bolai kabale nyungcung? ha... ha... ha....