Sobat
Ku Aulia
(Hiji)
Selengseng deui bau hangru. Ungas-ingus, enya asa deukeut. Leungeun kenca-katuhu dijungjungkeun diangseuan, padahal unggal poe ge tara poho make deodoran.
"Uworkh........!" Nita nutupan irungna ku tisu, si Meli mah titadi geus ngajengkat bari jebras-jebris ka kuring. Pa Eko nu diuk pangjauhna ge geus nangtung rek sajungjungeun mangkat.
Komputer di-shut down, invoice diberesan, diasupkeun kana file weekly report bereskeuneun isukan. Kuring rusuh ninggalkeun rohangan staf marketing bari norekkeun maneh tina sora nu tingkecewis.
Kajadian kawas kieu teh geus meh saminggu karandapan ku kuring. Unggal adan Asar nepi ka Magrib awak sok ngaluarkeun bau hangru, teuing kunaon. Da nilik tina dahareun kuring mah teu sagala dihuapkeun. Komo kana babawangan mah. Boh mun dina acar atawa gorengna, kuring mah teu dibere resep.
Unggal isuk mandi disabun cara biasa, malah make deodoran jeung minyak seungit sagala.
Tadina mah cara nu sejen, can jam lima mah can waka balik. Tapi sanggeus tilu poe awak ngaluarkeun bau hangru matak gujrud sarohangan, nepi ka dipanggil ku pa Tedi, kepala Merchandise. Cenah wayahna anggeus teu anggeus samemeh Asar kuring kudu balik, sabab bau hangru nu kaluar tina awak ngaganggu ka rekan kerja nu sejen.
"Pami tiasa mah sateuacan Asar padamelan tos rengse, janten Bingah tiasa mulih tipayun," kitu pokna harita.
Kuring unggeuk bari ngaheungheum kahandeueul pedah teu rumasa ngaganggu kinerja rekan-rekan nu sejen. Tapi teu bisa majar kumaha, sakitu oge pa Tedi salaku Kepala Merchandise kawilang wijaksana teu nitah kuring ngundurkeun diri, da geus karasa meureun salila ieu dedikasi jeung loyalitas kuring ka perusahaan.
***
Kurang ti 20 menit motor geus nepi ka buruan imah kontrakan. Kulutrak panto dibuka, sapatu dilaan, diteundeun kana erakna tukangeun panto. Selengseng bau lauk asin buruk. Tas jeung helm ditunda luhureun meja tamu. Bari mukaan sarung tangan, leumpang ka dapur nu ukur dipenggel ku buffet, puguh heurin kontrakan teh, teu beda ti perumahan RSS type 21. Cukup we keur kuring sorangan mah.
Tudung saji dibuka, bisi aya dahareun anu bari. Euweuh nanaon, iwal sesa sangu goreng jeung ceplok endog urut sarapan tadi isuk. Ret kana wadah runtah. Kosong. Puguh tadi isuk karek dipiceun ka wadah runtah sisi jalan ameh kaakut ku mobil PU.
Selengseng deui bau lauk asin buruk. Irung ungas-ingus bari leumpang ka kamar, leungeun mukaan kancing blazer.
"Iyyy.....!" dampal suku nincak nu geunyal.
Ret ka handap. Ya Alloh, mangpuluh bilatung utey di lawang kamar, di juru kamar, tuh aya nu utek-utekan ka luhur kasur nu diamparkeun dina ubin keramik.
Kuring mundur sababaraha lengkah, nyarande kana buffet. Awak leuleus, atuda gila ningali bilatung nu balucitreuk sagede-gede cingir. Ya Alloh, cocobi naon deui nu nuju tumiba ka diri abdi? Na bilatung ti mana ujug-ujug reuteum di kamar kuring? Kapan kuring mah boro-boro kamar nu disarean unggal peuting, ruang tamu nu jarang kadiukan ge teu kaeunteupan kekebul saeutik-eutik acan.
Bari jeung jejereged oge teu burung diberesihan bilatung teh. Disapukeun, dipiceun jauh ka wadah runtah umum sisi jalan. Saenggeus dipel make pewangi lantai, kamar disemprotan ku baygon. Seprena didudut, dibebeskeun kana mesin cuci. Kasurna ditangtungkeun, can wani disarean.
Teu lila dur-duran adan Magrib. Astagfirullah, solat Asar kaliwat da sibuk nguruskeun bilatung. Gebrus mandi, tuluy wudu. Karek ge ngamparkeun sajadah,
"Arkh..................!" embun-embunan asa ditiir ku beusi panas parat nepi ka beuheung. Nyeri, peurih, panas. Kuring aduglajer luhureun sajadah. Mukena jibreg ku kesang. Leungeun masih keneh nugkup sirah bari nonggeng basa adan Isa eces ti masjid sisi jalan. Lalaunan kasakit rerep.
"Allohu Akbar, Astagfirulloh hal adzim," kuring istigfar, dua waktu solat kaliwat.
Kuniang hudang, laju ka cai nyokot deui wudu bari teu eureun-eureun maca istigfar dina hate.
***
"Tah kitu Ya. Unggal Asar nepi ka Magrib awak Bingah teh bau hangru. Ti Magrib nepi ka Isa sirah asa ditiir ku beusi panas. Encan bilatung nu ujug-ujug minuhan kamar, weleh teu ngarti Bingah mah," kuring mungkas carita.
Dea unggut-unggutan, pok nyarita, "Bing percaya teu kana hal-hal mistis?"
Dea neuteup kuring. Leungeunna teu eureun-eureun ngaduk-ngaduk es oyen.
"Hal mistis kumaha?" kuring malik nanya, regot deui kana jus sirsak.
Kantin geus mimiti sepi, sapuluh menit deui ka jam satu, jam istirahat tereh beak.
"Numutkeun dokter mah teu kapanggih aya kasakit dina sirah, padahal geus di-CT Scan sagala," Dea neuteup deui ka kuring bari angger ngaduk-ngaduk es oyenna.
"Ceuk pamanggih Dea mah Bing teh aya nu ngaheureuyan," Dea kadenge daria naker.
Kuring seuri bari gogodeg, "Nonsens, ieu teh jaman komputerisasi Ya, geus teu usum nu kararitu"
Dea neundeun sendok nepi ka ngelentring kana mangkokna. Jep kuring jempe.
"Terserah eta mah, Bingah rek percaya atawa henteu. Tapi kajadian-kajadian aneh nu karandapan ku Bingah pasti aya sababna," omong Dea tandes, "Bisi panasaran ke minggu ku Dea dianteur ka lembur Dodoho, urang nepungan ki Idong." jung Dea nangtung.
Jarum pondok tina jam di tembok kantin lempeng ka angka hiji.
"Rek naon? Nepungan saha bieu teh?" kuring nyekel leungeun Dea tangka ngarandeg lengkahna di lawang kantin.
"Tatamba ka nu bisa!" Dea rusuh kaluar ti kantin muru rohanganana di lantai dua.
Kuring ge sarua balik deui ka rohangan kerja, Staf Marketing di lantai hiji.
***
Poe Minggu nu geus dijangjikeun Dea nyampeur ka kontrakan.
"Samotor we Bing, Dea nu mawa."
Kuring unggeuk, motor kuring diasupkeun deui. Gek diuk dina jok Beat tukangeun Dea. Bius wae motor maju ngulon.
"Na ari Dea mani lampar, nyaho tempat kieu sagala?" sajajalan kuring luak-lieuk bari babacaan. Puguh jalan nu disorang teh totoang wungkul. Enya ge lalampahan ti beurang, tapi keur kuring mah pangawakan awewe asa hemar-hemir.
Jaba tiiseun, titatadi karek pasanggrok jeung dua motor ti lebah nu papalingpang, ari nu sajalan mah euweuh. Keur mah eukeur jalan nu disorang teh garihal batu wungkul, malah tadi mah kungsi manggihan batu sagede munding ngajegir sisi jalan.
Dea anteng manco ka hareup, milihan jalan keur tincakeun motorna. Palebah kebon kayuputih motor ngenca mapay jalan satapak nu cepel ku taneuh beureum. Reg eureun hareupeun imah panggung. Imah ti nu bilik nu geus kacida reyodna. Asa na dongeng jaman kiwari manggihan imah model kieu. Mun disurungkeun ku leungeun sabeulah ge ceuk bohongna tea mah teu burung runtuh imah teh.
"Hayu Bing!" leungeun katuhu kuring dibedol, kalacat muru panto imah panggung.
Leungeun Dea satengah meureup rek ngetrokan panto tina papan nu teu dipulas ku cet. Can ge diketrok, panto geus muka sorangan.
Rekeee...t, hih, sorana ge matak kukurayeun.
"Yap ka dieu, Cu..." sora aki-aki ngabageakeun.
Kuring muranteng kana leungeun Dea. Ku Dea kalah digusur ka jero, gek dariuk hareupeun si aki nu tuluy kunyam-kunyem, hareupeuna ngelun bau menyan matak murel.
"Keur aya nu ngagawean nyah urang teh?" si aki neuteup kuring, "Lain jelema jauh ieu mah," cenahna nyusul tepus. Nyah beunta, mencrong ka kuring.
"Tiasa ditarekahan? Mun tiasa mah balikeun deui we atuh sina karasaeun
ku nu ngagawaanana," Dea ngocomang. Si aki ngarenyu.
"Teu bisa mun teu dipenta ku jinisna mah."
Dea nyigeung kuring ku leungeun kencana.
"Eu....., kumaha maksadna?"
Si aki seuri pikasieuneun ditungtungan ku ngagerem. Dea nyigeung deui ku leungeun kencana.
"Muhun, pangna ka dieu teh hoyong damang ki," cekeng padu engab.
Si aki unggut-unggutan, "Ieu mah jalma deukeut, unggal poe pagiling-gisik, keun urang beresan."
"Eu.....ki?"
Si aki beunta, kerung ka kuring nu tadi ngagentraan.
"Teu kedah dibalikkeun deui.
Ku damangna ge
tos cekap."
"Kararagok atuh pamenta teh!" si aki bangun nu nyentak.
Kuring ngarempod, ti mimiti asup ge hate teu merean. Sieun jeung cangcaya ongkoh. Ah, teu mikeun we los-los ka tempat kawas kieu. Tapi teu bisa majar kumaha, kagok asong.
Si aki nangtung, kunyam-kunyem deui bari nanggeuy parupuyan. Sababaraha kali muter ngurilingan awak kuring, atuh haseup menyan teh mani mulek, meh-mehan ongkek mun teu nutupan irung bari sakapeung nahan napas. Ari sugan teh geus anggeus nepi ka dinya, pek teh kuring tuluy diceuceuhan ku cai du'a, tuluy jempol leungeun jeung suku kuring diburaan. Si aki teu eureun-eureun kunyam-kunyem jeung ngagerem matak cengkat bulu punduk.
Gek deui di tempatna, "Beurat, kudu dituluykeun ritual saban bedug."
"Ritual kumaha Ki?" Dea
nu pirajeunan tatanya, kuring mah teu hayang nyaho. Hate kekejetan hayang
balik.
"Bekel we ieu uyah,
awurkeun ka unggal juru imah, pangpangna di kamar. Tah ieu cai, campurkeun kana
cai nu dipake mandi. Omat dina maleman wedalan mandina kudu make kembang tujuh
rupa, pas jam duabelas peuting, teu meunang kurang teu meunang leuwih."
Dea saregep ngadengekeun nepi ka si aki anggeus papatah. Kuring mah teu lemek sakemek.
"Kade poho, saban bedug teu meunang antel kana cai," ceuk si aki mungkas omonganana.
Dea unggut-unggutan tanda ngarti.
***
Balik ti imah dukun dur Asar. Ya Alloh, lohor kaliwat. Kuring gura-giru muru ka cai, tapi ngarandeg basa Dea ngahulag.
"Ulah waka ka cai Bing. Apan ceuk si aki ge
saban bedug teu meunang antel kana cai."
"Haar, ari rek wudu kumaha?"
"Ke atuh tungguan satengah jam mah," Gap Dea kana leungeun katuhu kuring.
"Ih, nya dipandeurikeun
tea atuh solat teh. Jaba tadi can solat lohor, rek dijama sakalian."
"Yeh, mani teu meunang dipikanyaah!" Dea ngenyang leungeun kuring.
Kuring molohok, saumur wawuh karek ayeuna kapireng Dea nyegag.
"Kateu-teu ari atuh jauh-jauh tatamba. Cik atuh Bing sakali ieu
mah sing nurut, da keur didinya keneh. Telat satengah jam mah teu nanaon atuh,
hayang cageur lin?"
Kuring eleh deet. Gek dina korsi tamu. Dea mah langsung ngawur-ngawur uyah bekel ti si aki tea ka unggul juru rohangan.
Awak nu lungse nyarande kana korsi, teu karasa kuring ngalenyap. Tibra. Hudang soteh basa hawar-hawar kapireng sora adan. Astagfirulloh, geus Magrib deui. Tibuburanjat rek muru ka cai, tapi dicegat deui ku Dea.
"Bing, geus hudang?" satengah maksa Dea ngagusur ka meja makan, "Ceuk Bingah unggal adan Asar nepi ka Magrib awak Bingah sok bau hangru?"
Kuring unggeuk.
"Tadi mah henteu Bing,
percaya teu? Nya, ceuk Dea ge sakti tah si aki teh," Dea imut agul.
"Nyaan tadi awak Bing teu
bau hangru Ya?" tanya kuring cangcaya.
"Suer!" Dea ngacungkeun
curuk jeung leungeun panengah kencana.
"Alhamdulillah," ceuk
kuring atoh, "Ya, kunaon Bing teu dihudangkeun. Tadi teh pan rek solat jama tea."
"Karunya tuda mani ngageubra
tibra naker," omong Dea enteng.
Kuring ngarenghap.
"Urang dahar heula yu, Dea
masak spagheti make kornet jeung keju, saaya-aya bahan dina kulkas," Dea muka
tudung saji, selengseng seungitna langsung neumbrag irung tangka motah nu
kukurubukan di jero beuteung.
"Ke atuh ka cai heula,"
kuring cengkat, tapi dihulag ku Dea.
"Bing, apan ceuk si aki ge tong paantel jeung cai saban bedug. Bari nungguan mending
urang dahar heula yu, tiis mah teu ngeunah geura."
Kuring kawas nu kasirep, nampanan piring nu diasongkeun ku Dea. Rampus dahar teh, teuing pasakan Dea nu ngeunah atawa pareng beuteung keur lapar.
Rengse dahar Dea cacarita lalakon bibina nu cenah beunang diteluh ku tatanggana. Teu pira, pedah budakna parebut cocooan, ari ku alona teu dibere injeum. Isukna awak bibina merang teu pupuguh. Sanggeus tatamba ka ki Idong langsung cageur cenah.
"Nyaan nya Ya, biasana wayah kieu teh Bing keur aduglajer ngararasakeun kanyeri anu pohara. Sirah kawas anu ditiir ku beusi panas, parat nepi ka tikoro. Rerep-rerep mun kapireng sora adan Isa."
Dea imut, "Nya ceuk Dea ge hebat si aki teh. Matak sing nurut kana pantanganana, tong antel kana cai saban bedug."
Gebeg. Ya Alloh, pan can solat Magrib. Ret kana jam dina tembok dapur, jam tujuh kurang lima menit. Sakeudeung deui adan Isa.
Dea mah jongjon cacarita keneh, kawas nu teu inget-inget acan kana waktu solat. Nya sapeuting eta mah Dea maturan ngendong di kontrakan. Nyaan, euweuh nu karasa saeutik-eutik acan. Di kamar ge, boro-boro bilatung, teu sireum-sireum acan. Enya kitu pedah elmu si aki nu cenah sakti tea? Kateuing! Nu pasti mah sapoe eta lapur teu antel kana sajadah.
***
(Dua)
Hhhh.... pagawean numpuk bae teu beak-beak unggal poe. Ramo-ramo dicengkatkeun tina keyboard.. Dibetotan nepi ka bebeletekan. Jongjon gawe teh ayeuna mah, tisaprak tatamba ka si aki tea awak kuring teu ngaluarkeun deui bau hangru. Babaturan sarohangan ge teu kagareuwahkeun deui. Nita, pa Eko jeung nu sejen someah deui cara sasari.
Tapi henteu ari Meli mah, teuing teu ngarti puguh ge ku babaturan nu hiji eta mah. Jebras-jebris bae ka kuring teh, mimitina baheula basa amprok di kantin, kuring keur pareng dahar sameja jeung Reihan katut Dea. Ceuk carita Nita mah, Meli teh boga hate kadua leutik ka Reihan. Moal kitu Meli nu geus ngagawean kuring teh? Naha ka kuring, pan kuring mah lain nanaonna Reihan. Ah, barina los-los boga pikiran goreng ka Meli, Suudzon!
Hp dina pésak blazer ngurulung. Diilikan, sms ti Reihan.
"Bing, makan siang di luar nya. Diantos di gerbang tabuh duabelas!"
Reihan teh sarua jeung Dea, staf personalia. Bujangan, jangkung, manis, malah panonna ngingetkeun kuring ka Silvelster Stallone, linduk tapi teuteupna seukeut. Resep kuring ge mimitina mah, da barang amprok ge geus langsung cop kana hate.
Ah, mun lain beubeureuh Dea...
Tee...t, jam 12. Waktuna istirahat. Ngolebat imut Reihan, tepungan bae kitu? Kumaha Dea? Ah, biasana ge abring-abringan tiluan.
Kuring rusuh muru gerbang henteu ka kantin cara biasa. Barang anjog ge, di gerbang si hideung santen geus mulas lambeyna ku imut bari nyarande kana Timor-na.
"Mangga!" langsung mukakeun panto hareup.
"Haar...., nyalira ning, ari Dea?"
Reihan teu malire, teu sirikna satengah disurungkeun kuring disinah asup, laju ditutupkeun pantona. Satengah lumpat Reihan ngurilingan mobilna, bus tina panto katuhu. Geuleuyeung Timor hideung metalic kaluar ti kawasan BIC (Bukit Indah City, kawasan industri di Purwakarta)
"Bade ka Bogarasa atanapi ka Boboko?" Reihan ngareret ka kuring.
"Patarosan Bing ge teu acan diwaler, ari Dea teu ngiring?"
Reihan kalah nyerengeh, "Ih, duka teu ngasuh."
"Teu lucu!" kuring
kuraweud.. Duh, kumaha mun Dea nyahoeun kuring indit jeung Reihan ngadon makan
siang bari teu bebeja heula.
"Kenging atuh
sakali-kali mah ngajak Bingah wungkul. Mani kedah abring-abringan bae!" Reihan ngadilak
"Kumaha pami Dea bendu?" kuring mencrong ka beulah katuhu.
"Naha
kedah bendu, barina bendu kunaon? Da abdi mah jalmi bebas merdeka milih rerencangan,
teu kedah sareng Dea wae," Reihan ngareret, laju neuteup deui ka hareup
nyerangkeun jalan.
Rerencangan? Kapan ceuk Dea ge manehna jeung Reihan teh geus pasini jangji jadi bebene-beubeureuh nu satia. Ah, dasar lalaki!
Reihan mere sen ka kenca, beus mobil ka buruan Bogarasa, reg eureun di tempat parkir. Kuring buru-buru muka panto, turun sorangan, bisi kaburu dipangmukakeun ku Reihan. Era, barina lain nanaonna.
Reihan ngajajarkeun lengkahna kencaeun kuring. Mukakeun korsi sagala keur diuk kuring.
"Cah kangkung, gurame asam manis sareng es krim kombinasi. Leres?" Reihan imut leleb naker.
Dahareun nu dipesen teh karesep kuring kabeh. Ah, tangtu nyahoeun da apan sering mesen nu kitu mun pareng dahar tiluan jeung Dea. Kuring nyieuhkeun rasa nu mimiti seseleket kana jero hate. Tapi, duh, teuing ku manis nu imut peuntaseun meja. Jaba socana nu linduk sakitu seukeutna nembus jajantung.
"Hey, ngalamun bae!" Reihan ngagebah.
Kuring imut nyumputkeun semu.
"Tah kitu atuh pan sae katingalna. Nuju ngemutan naon sih, aya nu
bendu pami urang paduduaan kieu?"
Kuring godeg, "Justru sabalikna, pasti aya nu bendu ka Bing."
Reihan kalah seuri, "Dea?"
Kuring unggeuk. Enya Dea. Dea anu lucu, Dea anu boga panon cahayaan kawas bulan tanggal opatbelas, Dea anu tara leupas nyabit-nyabit ngaran Reihan mun keur guntreng ngobrolkeun soal lelaki idaman.
"Bing...." Reihan ngadon mencrong.
"Hm....?" Kuring ngabalieur, teu wasa paadu teuteup jeung sorot soca
nu matak ngendagkeun jajantung.
"Dea kungsi nyarios?" Reihan teu daek lesot neuteup kuring.
"Nyarios naon?" prok
paadu teuteup.
Lah, naha aya nu nyeblak tangka ngageter mapay-mapay lulurung hate kuring.
"Saleresna Reihan caket
sareng Dea salami ieu teh keur ngumpulkeun informasi geunaan Bingah," Reihan
ngarandeg, "Saleresna tos lami Reihan neundeun hate ka Bingah." Kuring
curinghak, henteu salah denge mah?
"Punten pami Reihan
kumawantun, padahal Reihan terang Bingah tos aya nu kagungan,"
Kuring kerung teu ngarti.
"Hiji lalaki gandang, pengusaha sukses nu ayeuna nuju aya bisnis di luar negri," Reihan nyusul tepus, "Kantenan serasina. Nu istrina geulis, pinter tur mandiri. Saur Dea ge, dipikanyaah pisan Bingah teh ku calon mitoha."
Jempe sajongjongan. Pesenan datang. Cah kangkung dina hotplate mani ngebul matak ngahudang selera.
Kuring ngarongkong kana cukil rek nyiuk sangu. Reihan ge kawasna sarua. Teu kahaja, gap kana leungeun kuring. Tapi basa kuring rek medol, Reihan kalah anteng ngarames ramo-ramo kuring. Duh, jero dada gumuruh tangka nyeak muriang saawak-awak.
"Ah, hanjakal Reihan kapandeurian," omongna halon.
Kawas nu seunggah, lalaunan Reihan ngalesotkeun leungeun kuring laju nyiuk sangu dikana piring kuringkeun, tuluy ngeusian piringna.
Pikiran kuring cus-cos ka Dea. Naon pangna Dea kudu ngarang carita samodel kitu? Cenah kuring geus boga beubeureuh maneuh nu gandang, pengusaha sukses nu ayeuna keur aya bisnis di luar negri. Malah cenah kuring dipikanyaah sagala ku calon mitoha. Calon mitoha nu mana? Saha? Kuring sorangan teu nyaho!
Eta cenah Reihan kungsi balaka ka Dea mikaresep kuring, naha Dea mah can kungsi betus soal eta? Apan cenah ceuk Dea antara manehna jeung Reihan teh geus paheut, pasini jangji rek silih mikaasih.
Naha nu diomongkeun ku Reihan, rengkak paripolah Reihan, ayeuna bet pasalia? Ah, dasar lalaki! Pasti Reihan ayeuna keur nyandewara, ngulinkeun perasaan kuring.
"Bing....?"
Kuring ngarandeg, teu jadi ngahuap.
"Reihan nyungkeun widi hoyong mikanyaah ka Bingah," omongna daria naker, kawas aktor hebat nu keur maen sinetron, teu riuk-riuk, kawas nu geus nyaho kana naskah dialogna. Euweuh ulat bohong dina beungeutna.
Tapi teu burung kuring curinghak, asa ditongtak hate. Naha bet ngomong kitu? Ari Dea rek dikamanakeun?
Tangtuna ge Reihan ayeuna teh keur ngerahkeun jurusna. Samarukna kabeh awewe bisa dirayu. Kuring hare-hare, nuluykeun deui hanca ngahuap.
"Ceuk tadi ge punten pami Reihan wantun culangung," Reihan anteng neuteup, "Atuda Reihan ningal sinyal ti Bingah..........."
Kuring batuk kabesekan nepi ka peurih kana irung. Gagang kangkung melag dina tikoro.
Reihan geuwat nangtung, sor ngasongkeun cai. Leguk diinum, tapi gagang kangkung teu daék palid, angger melag dina tikoro. Ningali kuring cacalangapan, Reihan mepeg punduk lalaunan, Borolo........ utah getih!
"Bing!" Reihan ngajerit. Kuring tiba olohok.
Aya nu ngalembereh tina liang irung, disusut ku tonggong leungeun kenca, beureum. Getih!
Bing...?" Reihan mayang awak kuring. Kulahek, les teu inget di bumi alam.
***
(Tilu)Geus dua poe kuring diopname dibaturan ku Dea, sobat nu aya mangsa kuring keur butuh. Teu ieuh geruh ka kolot di lembur, kalah matak ngagareuwahkeun. Dea ge geus cukup keur ngawulaan kuring. Dea nu sakitu belana nepi ka ijin ti kantor keur maturan kuring beurang-peuting. Reihan mah unggal balik gawe ngalongokna teh, lain ngalongok-longok teuing meureun, pedah aya Dea di dieu.
Selang infus jeung oksigen pasuranteng. Saawak-awak tiis combrek, leungeun jeung suku jagreug. Awak ge teu bisa diusik-malikkeun. Untung panon bisa keneh ngiceup, biwir bisa keneh dipake ngomong.
Mun datang mangsa reup-reupan Magrib, embun-embunan kawas ditiir ku beusi panas parat nepi ka tikoro. Untung aya Dea nu tuluy bebeja ka dokter jaga. Salamet, teu adug lajer sabab kaburu disuntik pereda sakit. Tina hasil CT-Scan angger teu kapanggih panyakit dina sirah, kitu deui hasil cek darah jeung ronsen. Catetan medis teu nimu kasakit nanaon. Kabeh normal. Duh Gusti, naha naon sabenerna nu keur karandapan ku kuring? Bau hangru mimiti kaluar deui tina sakujur awak kuring, lain pedah geus dua poe teu mandi. Ieu mah bau cara harita tea, teuing naon sababna. Ras ka Meli, pikiran suudzon deui. Tapi tuluy istighfar.
Sora adan kapireng ngelewung angin-anginan. Adan Asar. Hate tingsereset, enya rumasa. Ti saprak balik ti dukun tea kuring geus tara sujud ka Anjeun ya Alloh, kuring luas ninggalkeun solat pedah hayang cageur tina kasakit aneh jeung bau hangru nu teu pupuguh kaluar tina awak kuring.
Ayeuna basa kuring geus teu walakaya, geus teu bisa leumpang ka cai pikeun wudu, malah geus teu bisa usik saeutik-eutik acan tina ranjang rumah sakit. Ya Alloh, naha Anjeun masih keneh nampi tobat kuring? Ampun Gusti, rumasa kuring geus jauh mengpar, mopohokeun ni'mat ti Anjeun nu teu pegat-pegat keur kuring.
Panon juuh ku cimata, tuluy ngamalir ngaliwatan pipi, maseuhan anggel. Dina hate kuring niat solat Asar, ukur ku isarat kiceup, teu bisa jujungkelan cara sasari.
Beres solat, panto aya nu nyurungkeun. Bus lalaki jangkung pakulitan hideung santen dibarung ku imut. Reihan. Panonna nu linduk ti jauh keneh geus neuteup kuring, teu weleh ngendagkeun jajantung..
Gek diuk dina korsi kencaeun ranjang.
"Naha tabuh sabaraha ayeuna? Ning tos uih?"
Reihan imut deui. "Tos ijin wangsul tipayun. Kumaha ayeuna, naon nu karaos?" aya geter kahariwang. Asa-asa leungeun katuhuna meungpeukan irung.
"Tong caket-caket atuh, bilih ongkek," omong teh ngaheruk.
Hate mah peurih. Naha kunaon atuh awak teh bet bau hangru teu pupuguh? Ku dokter atawa suster onaman teu era teu sing. Sabodo teu wawuh ieuh. Tapi ku Reihan? Lah!
Dea deuih, ka mana atuh jam sakieu can embol-embol. Pan tadi ge bebejana moal lila. Rek balik heula nunda seuseuheun, rek mandi heula, tuluy mawa salin. Rek buru-buru ka dieu deui cenah da ka kantor mah geus ijin deui make telepun..
Reihan deuih, disina jauh teh angger diuk teu daek ingkah, kalah hayoh ngusapan kana buuk nu tangtuna ge cepel geus dua poe teu ngambeu sampo..
"Bing.....?" teuteupna leleb, nepi kana mamaras.
Kuring peureum teu wasa nampanan rasa nu ngagalura tina sorot socana.
"Sing sabar nya Bing, Dea......" teu kebat
Kuring curinghak, "Kunaon Dea?"
Reihan ngaranggeum dampal leungeun kenca - katuhu kuring.
"Dea kacilakaan, duka nuju kumaha. Ayeuna di ICU."
Ya Alloh. Hate ngadadak ngaleketey. Gusti, cekap abdi nu nandangan sagala rupi cocobi, ulah Dea. Dea nu sakitu belana ka kuring. Emh, Dea mugi-mugi teu aya nu tatu. Peupeuriheun kuring teu bisa ojah-ojah acan.
Reihan beuki pageuh ngaranggeum ramo-ramo kuring kawas nu hayang mere sumanget sinah teger, tapi angger teu bisa. Cipanon murubut, merebey maseuhan pipi.
"Bing, sing sabar bageur," Reihan nyusutan cipanon ku ramo-ramo kencana. Leungeun katuhuna angger ngeukeupan dampal leungeun kuring, kalah hayoh diciuman digalentoran, teu gilaeun pedah bau hangru.
Duh, kumaha mun Dea nyahoeun peta Reihan samodel kieu? Hate kumejot hayang ngaleupaskeun dampal leungeun.
"Bing.....?" Reihan reuwas ngarasakeun ramo-ramo kuring
utek-utekan. Pon kitu deui kuring.
"Sok, cobian deui Bing!" Reihan nangkubkeun dampal leungeun kenca
kuring luhureun dampal leungeun kencana nu ditamprakkeun.
Cara tadi, sakuat tanaga kuring museurkeun konsentrasi kana ramo-ramo. Bismillahirohman nirohim...., lalaunan curuk utek-utekan, tuluy jempol, cingir, kabeh ramo kuring bisa digerakkeun!
"Hiji deui Bing!" Reihan geuwat ngarawu leungeun katuhu kuring sanggeus leungeun kenca diecagkeun lalaunan, bisi robah infusanana.
Cara tadi, ramo-ramo leungeun katuhu kuring ge bisa digerakkeun! Alhamdulillah hirobil alamin ya Alloh.
Reihan ngagabrug bakat ku atoh. Celengok nyiuman kana tarang kawas nu poho kana bau hangru awak kuring.
"Atos Rey, sujud sukur anggur mah!"
Reihan cengkat, tuluy nambru kana tehel keramik, sujud sukur bari bedah cimata.
Emh, mun lain beubeureuh Dea...
Bari teu kendat-kendat ngucapkeun alhamdulillah dina hate, kuring nyobaan ngagerakkeun suku, bisa! Tuluy malikkeun awak ka kenca jeung ka katuhu, bisa!
"Teras, teras cobian Bing!" Reihan mere sumanget bari seuri bungah.
Seuri nu ihlas, teu siga keur nyandewara pedah hayang ngabubungah kuring. Kawas nu euweuh Dea dina hatena.
Ah, Dea naha kumaha kaayaan anjeun ayeuna?
Kulutrak sora panto dibuka. Lol sirah Argi adina Dea. Ku Reihan disampeurkeun. Duanana haharewosan di lawang panto, teu lila Argi ngales deui.
"Aya naon Re ?" kuring
curiga, boa-boa aya nanaon nu tumiba ka Dea. Ah, palias teuing...
"Bing, Bingah kiat calik?"
"Duka atuh, urang cobian."
Reihan mangku awak kuring, didiukeun, disarandekeun kana panyarandean ranjang rumah sakit. Golosor morosod deui kana posisi sare..
"Teu acan kiat nya Bing?" Reihan bangun nu bingung.
"Ke, urang cobian deui."
Kuring peureum. Bismillahirohman nirohim. Ya Alloh, mungguh Anjeun nu ngusik malikkeun diri abdi, nya ka Anjeun abdi nyuhunkeun. Pasihan kasempetan sakali deui ka abdi supados tiasa tobat.
Cara tadi, Reihan mangku deui awak kuring, didiukkeun, disarandekeun kana panyarandean ranjang rumah sakit. Kuat rada lila, teu ngagolosor deui.
"Tiasa Bing? Nyeri teu?"
"Insya Alloh kiat"
"Kiatkeun nya Bing!" Reihan ngadorong korsi roda ti juru rohangan.
"Bing, moal ku nanaon pami selang oksigemna dilaan
heula?"
"Insya Alloh kiat."
Teu talangke, Reihan mukaan selang oksigen dina irung.
Gerewek awak kuring dipangku, didiukkeun dina korsi roda. Leungeun kencana nyekel infusan, dijungjungkeun ka luhur, leungkeun katuhuna nyekel korsi roda laju didorong ka luar.
"Bade ka mana ieu teh Rey?" leungeun nu karek bisa gerak teh
tipepereket nyekelan kana korsi roda, bongan Reihan ngadorongna bangun nu
rusuh.
"Urang ningal Dea di ruang ICU," Reihan angger rusuh teu malire
kuring nu sieun tijongklok.
Di panto ruang ICU geus aya Argi katut indung-bapana Dea.
"Teras lebet we, diantos titatadi. Dea nyebat-nyebat bae nami Bingah," ceuk indungna carinakdak.
Geulueyeung deui korsi roda didorong ku Reihan asup ka rohangan tempat Dea dirawat.
Ya Alloh, Gusti! Dea, naha keur naon atuh nepi ka kieu? Jigana Dea mah ngebut deui mawa motor teh. Eta tingali sirah dibengker ku perban, suku jeung leungeun digift, beuheung deuih make ditunjel ku..... ah, kateuing naon aranna.
"Ya.....!" Kuring ceurik nyegruk kana awakna. Nu dicengceurikan nyah beunta, beungeutna pias lir nu euweuh getihan.
"Keur kumaha atuh Ya, nepi ka kieu?"
Dea kalah mencrong ka Reihan. Reihan surti ninggalkeun kuring paduduaan.
"Pami aya nanaon mah, sasauran we nya," omongna bari nutupkeun panto.
"Bing, Dea meunang wawalesna Bing," sora Dea halon, teu sirikna ka
dengdek-dengdek kuring ngadengekeunana.
Tuluy Dea nyegruk.
"Hampura Dea Bing, hampura.........."
Leungeun kuring ngusapan pipi Dea da sirahna mah dibengker ku perban matak linu ningalina gé.
"Bingah nu kudu dihampura ku Dea, rumasa sok nyusahkeun Dea."
"Matak kitu ge kalakuan Dea keneh!" Dea nempas.
Kuring kerung teu ngarti. Dea neuteup lila kawas nu hayang ngodek jero hate kuring.
"Bing....?"
"Hmmm?"
"Bingah apal pan kumaha
deudeuhna Dea ka Reihan?"
Kuring unggeuk.
"Tapi Bing..." Dea ngarenghap panjang, "Reihan kalah balaka neundeun hate ka Bingah."
Gebeg. Kuring neuteup Dea teu percaya. Dea maksakeun imut, imut nu nyumputkeun kapeurih. Teu, kuring teu bisa dibobodo!
"Dea poekeun Bing. Harita Dea ngagegedur timburu napi ka tega kaniaya, deleka ka Bingah."
Kuring teu lemek sakemek can ngarti naon nu diomongkeun ku Dea. Nya Dea tuluy cacarita deui. Cenah manehna pisan nu ngadukunkeun kuring, awak kuring sina bau hangru ngarah Reihan teu daek ngadeukeutan. Tapi bilatung jeung kasakit tina sirah mah cenah Dea ge teu nyaho. Da pamenta Dea ka dukun mah supaya Reihan ngajauhan kuring. Cenah mun kuring wani-wani ngadeukeutan Reihan bakal lumpuh saawak-awak.
Emh, paingan teu pupuguh utah getih basa di restoran tea, tuluy awak ujug-ujug jagreug.
"Hampura Dea Bing. Dea kapoekan," Dea nyegruk, "Basa Bing nyaritakeun di kantin harita tea, harita keneh Dea geus sadar yen Dea geus salah lampah. Tuluy ngajak Bing tatamba. Sugan teh Bingah rek malikkeun teluh basa diajak tatamba ka aki Idong tea, saenyana Dea geus sadrah."
Tuluy Dea nyaritakeun yen manehna kungsi ngadatangan dukun nu geus neluh kuring, rek menta teluhna dicabut. Tapi teu bisa, dukunna geus maot saminggu tisaprak Dea neluhkeun kuring. Rek balaka ka kuring teu wasa cenah, sieun leungiteun sobat nu sakitu dalitna.
"Bing, hate Dea ngarakacak basa ningali Bingah namprak di rumah
sakit. Dea teu tega Bing," Dea beuki nyegruk, "Tadi isuk gilig na hate rek maehan
maneh."
"Ya !" kuring reuwas kacida.
"Mawa motor teh enya
tarik pisan, tuluy ditabrakkeun kana kontener. Sugan teh rek sakaligus...."
"Dea!"
Cipanon Dea beuki gancang murubutna.
"Atuda teu kuat ningali Bingah tunggara alatan Dea nu deleka. Sugan pangaruh teluh teh leungit ku jalan maehan maneh."
Teu sadar kuring nangtung. Ya Alloh, kuring bisa nangtung deui! Tuluy ngagabrug Dea.
"Naha teu balaka ti baheula Ya? Pilakadar Reihan mah diridokeun ku Bingah nyaan na ge."
Biwir Dea ngarenyu imut. Lain ketah, muringis.
"Tah, eta pisan nu dipikasieun ku Dea mah Bing. Kajembaran manah anjeun nu teu kapimilik ku Dea."
Kuring godeg, "Justru Bing loba diajar ti Dea. Dea mah geus wani ngorbankeun nyawa keur Bingah."
Dea muringis deui, "Sabab Dea nu geus deleka ka Bing, nya Dea nu kudu tanggung jawab. Hampura Dea nya Bing...." Sora Dea beuki halon.
Kuring unggeuk bari imut ningtrimkeun hate sobat.
"Ha - tur - nu - hun, Bing...." sora Dea haroshos. Tuluy ngulahek. Pipina cabrek.
Kuring jejeritan nepi ka ngaronyok kabeh ka jero. Reihan, Argi, indung-bapana, suster jeung dokter jaga.
Teu sangka, harita pisan Dea ninggalkeun. Dea anu lucu, Dea anu panonna cahaya bulan purnama, Dea nu teu weleh maturan mangsa kuring keur butuh batur, Dea nu aya basa kuring tunggara. Ah, Dea sobat kuring ayeuna geus miheulaan.
Ya Alloh nu Maha Welas tur Maha Asih, mugi Anjeun ngahampura samudaya kalepatan abdi sareng Dea. Apan jalmi mah tempatna salah.
Ti harita kuring ujug-ujug cageur sabihara-sabihari deui. Ku dokter ge dijurungkeun balik da memang cenah teu kadiagnosa kasakit nanaon dina awak kuring. Nya kuring balik harita keneh, teu balik ka kontrakan tapi ka imah Dea, milu ngamandian.
Anehna, basa rek dikafanan, awak Dea ngaluarkeun bau hangru, leuwih bau ti hangruna awak kuring basa harita. Tina baham, liang irung jeung ceulina kaluar bilatung nu balucitreuk sagede-gede cingir. Kuring muringkak bulu punduk, ras inget kajadian sababaraha waktu ka tukang. Teu beda kawas bilatung nu utey di kamar kuring. Astagfirulloh hal adzim.
***
Kahatur : Heni (A Friend in need is a friend indeed)
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaatek haris ngomentaran:
duh matak ngaleketey manah maosna...mung kumaha tah cintana reihan?