Nu Megat Tengah Peuting
Ku: Agus Mulyana
Jam 11 peuting di hareupeun terminal, hujan geus mimiti raat nyesakeun cileuncang nu ngagarenang di sisi jalan
Geus aya tilu jamna kuring ngetem hareupeun terminal teh, nungguan sugan aya panumpang nu naek kana taksi cekelan kuring, unggal aya beus luar kota anu asup ka terminal, hate sok asa bungah, gede harepan susuganan aya milik meunang panumpang nu haat, nu imahna jauh, nuhun-nuhun nu berehan deuih... hih da nyamos deui nyamos deui.
Nu puguh mah panumpang teh kalah ngabereyek naraek beus kota, sawareh kana angkot, taksi mah teu direret-reret acan, panyangkana meureu naek taksi teh leuwih mahal, padahal mun diitung-itung mah... memang mahal.
Di terminal jalma beuki corengcang, harepan oge beuki ngipisan, galagat kieu mah asa mending mencar neangan panumpang teh.
"Din, uing mah rek hunting euy, susuganan meunang panumpang di jalan" ceuk kuring ka babaturan papada supir taksi nu sarua keur ngetem, manehna mani giak ngahenjigkeun, tidituna mah atoh meureun, sahenteuna saingan jadi ngurangan hiji.
Taksi ngageuleuyeung anca meulah simpena kota, ras inget ayeuna teh malem Juma'ah, munasabah mun simpe teh da malem Juma'ah mah arang langka jalma ador-adoran. Letah mimiti karasa asa haraseum, biasa nagih roko, memang geus sababaraha poe udud teh dieureunan, lain ku sabab fatwa MUI, tapi euweuh dana jang meulina, tong boro jang udud, keur dahar ge disungkeret pisan.
Sababaraha jalan jeung parapatan nu kaliwat kasampak suwung, taya jalma nu ngulampreng, aya ge andar-andar anu keur harees, ngararengkol na trotoar.
Taksi dipengkolkeun ka katuhu ngaliwatan jalan nu caraneom geueuman. Jalan nu brasna ka rumah sakit. Inget rumah sakit jadi inget ka pamajikan nu keur kakandungan, ayeuna teh nu katujuh bulanna. Sahenteuna dua bulan deui kudu geus siap biaya jang ngalahirkeun teh.
Ras deui ka si cikal nu di SMP, budak geulis jeung pinter, tapi sok minder da mindeng dipanggil ku kapala sakola alatan can ngalunasan uang bangunan, kitu deui adina nu mindeng ngangluh masalah sapatu nu jebol, tas nu soeh jeung sajabana, ras deui ka si tanteu nu boga kontrakan nu geus tilu bulan can kabayar, si eta mah mun nagih teh mani denger jojorowokan na lawang panto, atuh tatangga kontrakan teh mani ronghok ngalalajoan, di jero kamar pamajikan ngan biasa ceurik paungku-ungku jeung si cikal. Jalma teh mani taya ras-rasan, padahal usahana mah maju cur-cor ti ditu ti dieu, nya ngarentenkeun nya ngontrakeun. Sakapeung mah sok hayang maledogkeun asbak tah kana beungeutna nu pasagi, abong urang Bat... aeh tong nyabit-nyabit etnis ketang. Di mana-mana ge jalma mah aya nu alus aya nu gor... "Hey awas!!!..." Cekiiit, suku refleks nincak pedal rem satarikna, reg taksi eureun, dihareupeun ngajega jalma jangkung gede mencrong ka kuring, ningali potonganana mah manehna teh lain jalma jore-jore, papakeanana sing sarwa kewes, make jeket wol disaletingan nu keur trendy tea. Calana jeung sapatuna ge pasti mahal, ali berlian buburicakan dina jarijina, atra katenjo da kasorot ku lampu mobil, kuring gagancangan turun nyampeurkeun ka manehna, seja sasadu.
"Aduh punten Pa, abdi nuju ngalamun nembe teh, sareng deui bapa nyebrangna ngagentak" Omong teh.
"Teu nanaon... anteurkeun we kuring ka Taman Cemara nu ditungtung kota." Tembalna. Rada hemeng oge tengah peuting kieu rek ka Taman Cemara, da lebah dinya mah taya perumahan nanaon, nu aya ngan leuweung pinus jeung camara, tapi teu nanaon ketang, nu penting kuring meunang panumpang, gancang kuring mukakeun panto taksi nu tukang, manehna leumpang dadaligdeugan laju asup ka jero taksi.
Di jalan ka tungtung kotakeun panumpang teh teu kecet-kecet, diintip na kaca spion manehna siga nu sare, matana peureum, leungeun katuhuna diteueulkeun kana dada lebah jajantung, keun we, ke mun geus nepi rek digeuingkeun, pikir teh.
"Kuring teu sare!" cenah ngadak-ngadak, rada reuwas oge mireng sorana nu handaruan.
"Ti ayeuna ka hareup kuring geus teu butuh sare deui" pokna deui, jigana manehna teh boga panyakit insomania meureun, tadi basa megat taksi manehna teh tos uubar ti rumah sakit jigana mah.
Taksi nyemprung lancar taya hambatan, kuring jongjon nyetiran, penumpang ge jongjon na jok tukang, kaangseu meleber seungit parfumna, parfum mahal tangtuna ge jadi inget ka Si Yani pagawe anyar bagian administrasi, randa ngora urang Kuningan mun ngaliwat teh kaambeu parfumna angin-anginan, lain ge-er, ceuk si Manto mah manehna naksir ka kuring, cenah kuring jiga kabogohna mangsa keur di SMA, paingan atuh sok kulat-alet wae ka kuring, malah kungsi menta dianteur ka lemburna sagala, ngan kuringna we tau diri, nyasat atuh maraban anak pamajikan ge sakitu seuseut-seuatna, mun beger deui teh kiamat kubro meureun.
Teu karasa taksi geus nepi kanu dituju, dina argo kabaca angka geus Rp. 46.000,- panumpang mukakeun kaca jandela, ari sugan teh rek turun terus babayar, ari heug teh jongjon we diuk dina tempatna.
"Argona tong dipareuman" cenah bari panona mah anteng nyawang ka Taman nu poek, rajeg ku tatangkalan, kuring hihidenganan nyaangkeun lampu kabin, tapi manehna rikat ngahulag, kapaksa lampu teh dipareuman deui, ku kacaangan saliwat ge kuring beuki sidik kana beungeutna, umurna kira-kira lima puluh taunan leuwih, tapi katingalina gagah keneh najan paromanna alum jiga nu ngemu kasedih.
"Di taman ieu tilu puluh taun ka tukang kuring tepung jeung Santi, pamajikan kuring nu kahiji" cenah, sanggeus simpe rada lila.
"Jeung manehna kuring ngalaman rumah tangga nu tengtrem pinuh ku kabagjaan, nepi ka boga budak tilu."
Najan remeng-remeng kaciri bengeutna nu tadina alum jadi marahmay, geus kitu mah ngan barabat we manehna nyaritakeun lalakon hirupna, rumah tangga nu pinuh kabagjaan, anak-anakna nu palinter oge usahana nu beuki jugala, salila manehna ngabamblam kuring mah jempe we ngadengekeun bari rus-ras kana nasib diri nu jauh tangen dibanding nasib manehna, jadi inget deui ka pamajikan nu keur kakandungan, ka anak nu prihatin, ka kontrakan nu can dibayar kana kasbon kantor nu ngagugunung, tapi rada kaupahan oge ningali meteran argo nu terus nambahan da teu di pareuman sakumaha pamenta manehna.
Jam satu leuwih saeutik waktu manehna nitah balik deui ka kota, "Ka jalan Sekar Kedaton No. 13" pokna teh, moal salah eta pasti imahna, komplek elit di puseur kota, tempat para konglomerat jeung pejabat bumen-bumen.
Taksi keur meujeuhna mengpengan waktu manehna ngadadak nitah eureun hareupeun "Blue Moon" klab malam nu kawentar, husus keur para elit jeung selebritis manehna mencrong seukeut ka lebah "Blue Moon" nu suwung, da malem Juma'ah mah sok tutup, huntuna kekerot, kaciri carehamna rengkeng.
"Tah di tempat la'nat ieu kuring wawuh ka Si Katrine awewe geulis nu hatena badis ajag, si ungkluk pangeretan!" cenah pinuh kaceuceub.
"Manehna nu ngancurkeun rumah tangga kuring, tapi dalah dikumaha da kuring bogoh beak karep ka manehna" pokna deui, kuring ngembang kadu.
Kutan, geuning lalakona teh can tamat. Gerentes kuring, barabat deui manehna nyaritakeun lalakona babak ka dua, kumaha ngacrudna manehna jeung si Katrine nepi ka pamajikanana luas maehan maneh ku cara nginum pel tidur, waktu pamajikanana sakarat di imah, manehna mah keur senang-senang jeung si Katrine na kapal pesiar di laut Bali. Ti harita manehna di musuhan ku anak-anakna, ahirna si Katrine di kawin jadi pamajikan nu kadua.
Ka beh dieunakeun manehna curiga pamajikanana sok nyolowedor jeung budak ngora.
"Tadi beurang kuring bebeja rek ka luar Jawa, api-api aya urusan bisnis di Makasar, padahal mah kuring teu ka mamana, kuring ngintip-ngintip di peuntaseun imah, na mobil sewaan" cenah.
"Kira-kira jam dalapan si gigolo teh datang, sanggeus diantep kira-kira sajam kuring ngagentak asup ka imah, kasampak di kamar maranehna keur... ah, anjeun ge ngarti meureun keur kumaha maranehna" Manehna eureun heula nyaritana, napasna renghap ranjung.
"Kuring teu kawawa nahan amarah, nyokot peso ti dapur laju dibubat-babitkeun ka maranehanana, si nurus tunjung teh kalah ngaralawan tah, tapi teu burung ahirna mah ieu peso teh niruk jajantung" cenah bari ngaluarkeun peso ti jero jeketna kuring ngalenyap nenjo peso nu ngagurilap panjangna kira sajeungkal.
"Bayangkeun ku anjeun peso sakieu seukeutna niruk jajantung, getih ngaburial, ngalembereh ka mana-mana... sanggeus kitu kuring lumpat sakaparan-paran, asa inget asa henteu, nepika papanggih jeung anjeun di hareupeun rumah sakit"
"Tapi kuring ngarasa sugema, si ungkluk jeung si gigolo ayeuna tangtu geus aya dihiji tempat nu pinuh ku kasedihan jeung kahinaan. Maranehna geus moal bisa ka mamana ha... ha... ha..."
Kuring ngadegdeg napas asa sesek, kesang tiis kaluar sa awak-awak, teu nyangka ieu panumpang teh geuning pembunuh, tangtu pulisi keur nyusud manehna ayeuna teh, mun manehna katewak na taksi kuring, sieun teuing kuring kababawa.
"Kuring lain pembunuh!... Kuring ukur hiji salaki nu ngabela hakna" pokna teh, Ya Alloh lian ti maehan teh manehna jiga nu apal kana gerentes hate kuring.
"Kuring memang bisa maca hate anjeun! ti tadi anjeun mikiran pamajikan anjeun nu kakandungan, mikiran anak, mikiran hutang, kabeh geus kabaca ku kuring" pokna teh satengah nyentak.
"Sok ayeuna mah anteurkeun kuring ka Sekar Kedaton 13 tong hariwang ku kuring pasti di bayar!" pokna tandes.
Sajajalan kuring mumuntang ka Pangeran. Babacaan sabisa-bisa. Kabeh ayat suci nu apal di bacakeun na jero hate, di tukang manehna ngarahuh jiga nu marudah
"Aneh, ayeuna mah kuring teu bisa maca hate anjeun, hate anjeun pinuh ku cahaya, matak silo" manehna ngomong, leuleuy ayeuna mah.
Ngadenge kitu kuring beuki teteg, maca ayat ayat suci beuki yakin.
Dina dashbor kaciri lampu amper bengsin keukeureujeupan cirining bengsin geus ampir koredas. Bingung sagede gunung lantaran dina saku taya duit saperak-perak acan sesa uang kas ge apan tadi dibikeun ka pamajikan.
"Punten Bapa ieu bengsin tos ampir seep, manawi tiasa ngeclok heula, perhetangkeun we engke tina ongkos" omong kuring mamandapan.
"Tong hariwang kuring boga kartu ATM, tuh di peuntas aya mesin ATM" pokna bari nunjuk ka kantor Bank di peuntaseun. Manehna muka saleting jeketna, kokodok kana saku jero, kuring ngagebeg nenjo baju kamejana nu baloboran getih, jelas katenjo da kacaangan lampu jalan.
Sanggeus kutrat-kotret na keretas manehna nyodorkeun kartu ATM nu baloboran getih, leungeun kuring nu ngadegdeg hideng nampanan, lalaunan kuring kaluar sanggeus ngaaktifkeun emergency lock. Ku kitu manehna moal bisa ka luar da panto ngonci otomatis, moal bisa dibuka ti jero, na hate kuring nganuhunkeun ka minijer nu geus masang konci model kitu dina sakabeh taksina.
Di kantor Bank nyampak satpam duaan keur lalajo tivi di jero posna, hate asa reug-reug. Kuring ngaluarkeun hp "si jadul" terus mencet tombolna neangan nomer kantor polisi sektor kota.
"Selamat malam, kantor polisi di sini, ada yang bisa saya bantu" cenah, ti beh ditu polisi jaga nembalan.
"Malam Pa, saya mau tanya tentang pembunuhan di jalan Sekar Kedaton No. 13."
"Oh ya, kejadianya tadi sekitar pukul 21, korbannya bernama Halim Wijaya, korban tewas dengan tusukan pisau tepat di jantung Bapa wartawan yah? Sebaiknya bapa datang ke sini. Ada kejanggalan dalam kasus ini. Supaya lebih jelas, bapa..."
"Punten Pa, abdi mah sanes wartawan, abdi supir taksi"
"Hah! Supir taksi, naon perluna supir taksi nanyakeun pembunuhan?"
"Abdi bade laporan Pa, pelaku pembunuhan aya na taksi abdi, saena bapa kirim petugas kanggo..."
"Tong macem-macem kamu! Pelaku pembunuhanana geus ditewak, ayeuna geus di sel di kantor polisi, apal teu? Pelakuna nyaeta pamajikanana jeung lalaki selingkuhanana, justru nu can kapanggih teh korbana, mayitna ngaleungit waktu rek di otospi rumah sakit."
Guluprak hape murag kana ubin, kuring nyarande kana mesin ATM ngumpulkeun pangacian.
"Pa! kenapa? Ada yang bisa saya bantu?" ceuk satpam nu duaan, nyalampeurkeun.
"Pa satpam tulungan abdi, na taksi abdi aya jalma... pem... pembunuh, nelepon ka pulisi kalah dicarekan" kuring ngajawab balelol, ngaderegdeg.
"Tenang Pa, tenang, tunggu disini, kami cek dulu" duanana rikat ngepung taksi kuring, nyorot-nyorotkeun batre ka jero, bari ngamang-ngamang pentungan, sanggeus rada lila maranehna nyalampeurkeun deui.
"Teu aya sasaha Pa, taksina kosong, jigana tos kabur"pokna, kuring ngahuleng beakeun pikir, kumaha bisana kabur, pan geus dikonci otomatis.
Rada lila kuring nyanghunjar nyarande kana mesin ATM sanggeus rada teger karampa kartu ATM dina saku calana, diilikan kabaca tulisan Halim Wijaya, tukangeun kartu aya angka-angka ditulis dina keretas karapet ku getih, moal salah pasti nomer PIN nu ditulis ku manehna tadi, rek kana kartu, ret kana mesin ATM, ras ka pamajikan hate mimiti sabil.
Taksi ngageuleuyeung deui, hawa janari nebak ka jero mobil, karasa tiis, lalaunan kaca mobil ditutupkeun, dina laci dashbord aya keresek hideung, eusina duit tiluwelas juta, dina saku karampa deui karu ATM, ku kuring diusapan, tadi teh pangagguran di cek saldona, aya 143 juta, ditarik we tilu welas juta, tingal saratus tilu puluh juta, saumur hirup kakara ngalaman nyekel duit sagede kieu, dada asa rek bitu, kebek ku kabungah, tapi... ke heula... tilu welas juta... saratus tilu puluh juta mani sing sarwa tilu welas, angka sial ieu teh,.. ah paduli teuing ketang nu bogana ge geus ngahiang teuing ka mana, ieu duit geus jadi milik kuring, emh... jikan, laksana urang hayang boga imah teh, urang neangan imah nu harga saratus jutaan di wetaneun kota, urang meuli motor, tivi gede, dividi,jeung... jadi jigana kuring nganteur si Yani ka lemburna teh.
Gejejes, reg mobil ujug-ujug eureun, mesina paeh, alah ieu beak bengsin geuning. Bakat ku bungah nepi ka poho tadi teu ngeusi bengsin, luak-lieuk, geuning di tetelar ieu teh, jauh ka ditu ka dieu.
Jepret!.... konci otomatis ngonci sorangan, jajantung karasa asa didudut, kaangseu bau hangru nyambuang na jero mobil... bau getih, lalaunan kuring ngareret ka tukang dina jok tukang ngabelegbeg jirim manehna, mencrong seukeut ka kuring, matana hurung, peso nu ngagurilap na leungeunna diangkat lalaunan.***
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaYayan Sahindi ngomentaran:
Sae pisan! sok atuh sing seueur ngadamel carpon misteri teh meni unggal lebet ka ieu situs teu nambah2 geuning kontenna...Sofyan M ngomentaran:
dua jempol, Kang...!!!Ai Yuliasih ngomentaran:
Sae pisan...sihabudin jamil ngomentaran:
sae Kangkang nungki ngomentaran:
Leuh, sae lah kang, mugia tiasa teras nyiptakeun carios samodel kieu. wilujeng !!!!!