Hj. Tetet Cahyati: Make Batik Ulah Ukur Uusuman
Seniman motekar tara sugema ku nu geus aya. Terus nyipta karya-karya anyar. Kitu teh saperti nu dilakukeun ku Dr. Hj. Tetet Cahyati, MM. Kamotekaranana, nganteurkeun ieu seniman teureuh Bandung kana jujuluk ‘Wanita Terinspiratif' 2009.***
Dunya seni Tetet Cahyati, warana-warni. Loba kabisana. Kamotekaranana tembong dina rupa-rupa widang. Ieu wanoja teureuh Bandung nu lahir taun 1963 teh parigel nyipta karya seni: carpon, puisi, novel, lagu, oge ngalukis. Carpon, puisi, jeung novelna, ngajangelek jadi buku. Sanggian laguna, asup ka dapur rekaman. Ari lukisan, kasaksen dina rupa-rupa pameran boh di urang boh di mancanagara.
Dunya seni Tetet Cahyati, lir akar nu teu weleh nyaliara, mageuhan jenglengan kasenimanana.
Naon deui kapunjulanana? Ka dieunakeun, ngaran Tetet ngelebat dina dunya batik. Kanyaahna kana seni talari karuhun, teu semet resep wungkul. Tina kapincut, jadi terus hayang ngoleksi! Tetet kungsi jadi kolektor batik Garutan, salah sahiji batik tradisional nu asalna ti wewengkon Garut, Jawa Barat. Kapincutna ku batik henteu ukur semet jadi kolektor tapi deuih nyipta batik wanda anyar nu katelah Batik Abstrak Bandung.
Miang tina Lukisan
Batik karya Hj. Tetet Cahyati nenggang ti nu lian. Gaya jeung wanda boga ciri mandiri. "Ngawitan mah hoyong ngiring ngeuyeuban dunya batik di lemah cai," pokna sawatara waktu ka tukang. Ngawangkong teh sababaraha kali di tempat pamatuhanana di Jalan Tirtasari III. No. 9 Bandung, Jawa Barat. Di dinya aya Sanggar Seni, tempat ieu istri budayawan Juniarso Ridwan nyiptakeun karya-karya senina.
Batik Abstrak Bandung boga ciri mandiri. Palsapahna, cara nyieunna, corakna, oge bahanna, beda jeung batik-batik samemehna. "Mung tetep napak kana tradisi batik," ceuk Dr. Hj. Tetet Cahyati, MM. Maksudna, dina mekarkeun batik, ieu putera pelukis beken Popo Iskandar (alm) teh, teu mengpar ti nu geus aya.
Batik Abstrak Bandung karya Tetet Cahyati, digarap kalayan miang tina lukisanana, gaya abstrak.
Saperti lukisan-lukisan nu katelah ‘genre' abstrak, Tetet teu ngawujudkeun ‘barang' nu digambarna dina wangun anu jinek. Lantaran, dina ngagelarkeun daya ciptana teh dumasar kana suasana hate, boh waktu sedih boh keur gumbira. Nilik lukisanana, Tetet ge teu leupas tina mere lolongkrang ka sing saha wae nu boga karep nyurahan karya-karyana. Ngan, upama nilik kana judul-judul lukisanana, tumali keneh jeung kaayaan sapopoe. Kitu teh, tembong dina judul-judul lukisan ‘Setangkai Bunga Patah, Bulan Kemarau, Senja di Kota Tua' jeung sajabana. Judul-judul kitu, nuduhkeun gambaran nu ilahar kaalaman dina kahirupan sapopoe.
Tetet bisa nyieun warna-warni corak batik lantaran lukisan abstrakna aya ratusna. Hartina, upama kabeh diconto dijieun batik, corak batikna ge moal kurang ti saratus rupa. "Mung nu tos didamel batik mah nembe kinten-kinten tujuh rupa," pokna. Tina hiji lukisan ge bisa jadi sababaraha rupa batik lantaran warnana rupa-rupa.
Batik Bandung mawa barokah. Lain wae keur Tetet pribadi, tapi deuih keur nu sejen. Malum, batik tulis, dipigawena ge leukleuk naker. Ari nu mesen teu weleh merul. Ku lantaran kitu, Hj. Tetet ge perelu balad. Ngan, moal hese, da sanggar senina teh kaimpungan ku nu boga karep mekarkeun bakat seni sewang-sewangan. Upama loba pesenan, saperti keur saragam, kari ngajakan anggota sanggar senina.
Kaengeuh Tetet kana seni, teu ngan wungkul sadirieun. Sanggarna bisa jadi pangjugjugan, pangpangna mah barudak nu boga karep mekarkeun kamampuhanana dina widang seni. Di dieu, anggota sanggar bisa milih kagiatan luyu jeung karesep sewang-sewangan. Hj. Tetet nyadiakeun ‘wadah', boh keur nu resep ngalukis, musik, sastra, oge kasenian tradisional sejenna. Ku lantaran kitu, teu aneh, upama sanggarna teu weleh haneuteun.
Kiwari, Tetet teu weleh riweuh. Ieu Pagawe Negeri Sipi (PNS) nu urusan dinesna tumali jeung pendidikan teh, oge dosen di sababaraha Perguruan Tinggi di Bandung. Tapi, najan riweuh, teu weleh nyadiakeun waktu keur ngabingbing para pamilon kagiatan di sanggar senina. Ngan, tangtu deuih kana kalangenanana ngalukis jeung ngabatik ge teu kateler-teler. "Iraha bae tiasa ngalukis sareng ngabatik," pokna mesem.
Di sanggarna, sayagi pakakas ngabatik. Ku cara kitu, saban waktu, Tetet bisa mulaskeun canting eusi encet kana lawon sutra, catun, jeung lawon hasil ATBM (Alat Tenun Bukan Mesin). Keur kagiatan kitu, Tetet dirojong ku kurang leuwih dua puluh pagawe nu biasa icikibung dina kagiatan di eta sanggar.
Batik Abstrak Bandung ‘made in' Tetet, memang boga ciri tur gaya mandiri. Keur ngajaga hak cipatana, Tetet ge ngadaftarkeun hasil kaparigelanana sangkan ngabogaan hak paten. Malum, jaman kiwari, teu buru-buru dipatenkeun mah bisa ‘diaku' ku pihak sejen!
Dina sual warna ‘dasar' oge boga gaya mandiri. Upama batik tradisional mah umumna warna-warna ‘natural' saperti bodas atawa warna coklat saperti warna taneuh, batik Tetet mah teu kitu. Ieu seniman mah leuwh wani kaluar tina ‘pakem'. Warna dasar batikna ge rupa-rupa, hejo, beureum, koneng, bulao, jeung sajabana.
Napak kana nu nyampak, bari jeung mekarkeun sisi-sisi sejena nu bisa dimekarkeun, karya Tetet teu burung pada ngabageakeun. Hasilna lain lulumayanan, satutas dipamerkeun dina sababaraha kagiatan, Batik Bandung atawa Batik Abstrak karya Tetet, teu burung pada mikalandep. "Kadieunakeun mah tos seueur anu mesen," pokna semu bungah.
Kaparigelan Tetet muka lolongkrang gawe keur pihak sejen. Kituna teh, sabab bakal naratay pangaruhna. Dina ngabatik sual nyelep, sual neukteukan bahan mah sok ku pihak sejen. Tetet mah husus ngalukis.
Sabaraha harega batikna? Tetet teu bruk-brak. Ngan, mun ditaksir dumasar kana bahan jeung lilana dipigawe, tangtu bakal boga harga mandiri. "Ngarengsekeun salambar batik teh kinten-kinten dua puluh dinten dugi ka sasasih,"pokna. Tuh, apan sabajuen sakumplitna teh, bisa meakeun waktu sakitu lilana!
Najan lila, teu burung loba hasilna, lantaran dina sakali ngabatik teh, tara ngadagoan anggeus pagawean nu tiheula. Hartina, dina sarintakan nyieun bisa ngagambaran sababaraha lambar.*** (Ensa/Nay)
Katgam:
1. Hj. Tetet Cahyati, seniman wanoja sarwa bisa
2. Batik Bandung karya Tetet Cahyati
3. Bisa dipake ka bula ka bale
4. Hj. Tetet Cahyati (kadua ti kenca) sareng Menteri Perindustrian Fahmi Idris dina acara "Ramadhan Fashion" Jakarta
Box
Sangkan Batik
Lain Ukur Uusuman
Batik lain ukur keur ka ondangan. Misti ka bula ka bale. Tapi, kumaha carana?
***
Upama batik tradisional dipola heula, batik buatan Tetet mah teu kitu wungkul. "Kantun nyalin tina gambar nu tos aya," ceuk Hj. Tetet Cahyati. Lukisan-lukisan abstrak hasil karyana, ‘ditranfer' kana batik. Ngan, teu kitu wungkul, ieu Doktor Ekonomi nu Disertasina sual pamasaran seni teh, sakapeung mah kudu nyieun heula lukisan abstrakna. Sanggeus kitu, kakara disalin kana lawon sutra dijieun batik tea. "Padamelanana oge memang leukleuk, peroyogi waktu sareng kasabaran," pokna.
Batik geus ngakar di masarakat. Ngan, dipakena mah can pati kubra. Malah, loba keneh nu boga anggapan, batik teh ngan ukur keur kaondangan. Kadieunakeun teu kitu, seniman kawas Tetet ngarobah pola pikir ‘masarakat' sangkan batik teu usum-usuman. Carana? "Batik kedah langkung dipikaresep ku masarakat," pokna. Tah, lebah dieu mah gumantung kana karancagean seniman.
Hasil leukeun tetela ngabuahkeun hasil. Batik buatanana lain wungkul keur pakeeun ka ondangan, tapi deuih keur ngantor atawa kagiatan sapopoe. Batik nu bahanna tina sutra bisa keur kagiatan-kagiatan resmi, tapi nu tina katun mah bisa keur ulin. "Kantun nyaluyukeun sareng corakna," ceuk seniman nu meunang jujuluk Wanita Terinspiratif 2009 teh.
Keur mekarkeun batik Bandungan, Tetet teu susah. Bandung nu jadi pangjugjugan wisatawan bisa jadi cukang lantaran seni urang Bandung leuwih pada mikawanoh.
Ngawanohkeun batik, memang butuh ‘media' sejen. Kudu kanyahoan ajenna waktu dipake. Keur kaperluan pinton anggon, ceuk Tetet teu ngarasa susah. Di Bandung mah kumplit, rek milih model kumaha wae ge aya. "Urang Bandung fashionable, resep dangdan," pokna. Pasipatan urang Bandung kawas kitu, jadi pangjurung mekarna papakean kaasup batik.
Dina implengan Tetet Cahyati, batik bisa leuwih mekar. Ngan, cenah, teu cukup ku pangrojong seniman jeung masarakat, tapi deuih butuh ku pangrojong kaum akademisi. "Tos meujeuhna upama di paguron luhur seni ge aya mata kuliah ngeunaan batik,"pokna pinuh ku pangharepan. *** (Ensa/Nay)
Katgam:
Baju batik lain ukur keur ka ondangan
<a href="http://www.hosting24.com/"><img src="http://analytics.hosting24.com/count.php" alt="web hosting" /></a>