Harewos Nini Paraji (Bag. 6)
Yuda, Yaomil, Jaka, jeung Yuni kacida hariwangeunana ku kaayaan nini paraji teh. Karunya ku kakolotanana. Asa teu pantes nini-nini nu sakitu bageurna kudu ngalaman kawas kitu. Matak, Yuni mah ngadongsok ka Yuda jeung Yaomil sangkan dipangneangankeun pangacara sohor. Teu cukup ku Firman, SH.MH., cenah. Kudu ku tim! Sual waragad, boh Yuni boh Jaka ge siap ngabantu.
"Tapi, wioslah, cekap ku Pa Firman oge. Mangga we urang bandungan heula," ceuk Yaomil.
Yuni ngarasa aya nu 'teu beres' dina kasus Nini Ratna teh. "Boh pulisi boh jaksa nanganana ge bangun kaleked naker," ceuk Yuni.
"Ah, teu kitu, Yun. Atuda kasus-kasus nu keur disanghareupan pulisi teh lain kasus Ma Ratna wungkul," ceuk Yaomil.
"Enya, ari kitu tea mah. Tapi, kawas aya pihak nu hayang ngabeuratkeun Nini Ratna," pokna deui.
"Keun we, urang buktikeun di pangadilan!
Upama Yuda sabatur-batur hariwang ku kaayaan nini paraji, nu dipikahariwangna mah teu tenang-tenang we.
"Keun wae, ema jongjon di dieu, bisa nyalse ibadah, bisa lalugina solat jeung ngaji," ceuk Ma Ratna ngaharewos.
Ka dieunakeun nu opatan, Yuda, Yaomil, Yuni, jeung Jaka, jadi remen tepung. Dina saminggu eta ge aya kana tilu kalina. Ngumpulna, biasa di rumah makan Jaka. Da, kitu memang kahayang pribumi ge. Bari ngobrol teh, ngeusian beuteung deuih.
Jejer obrolan rupa-rupa. Nu tadina kumaha carana melaan nini paraji, ka dieunakeun mah hayang nyusud ulon-ulon nu jadi bibit rurujit. Perkara tarung di pangadilan, geus aya Firman SH., MH. Mun kurang rek sina dibaturan ku nu sejen. Tapi, saheulaanana, ceuk Yaomil, cukup ku sorangan. Ieu dosen Kriminologi teh yakin, Nini Ratna bisa bebas!
Saha nu jadi ulon-ulon eta kasus? Upama ngimeutan kajadian-kajadian nu tumiba ka Nini Ratna ka tukang-tukang, memang pantes upama loba nu payus katuding. Atawa, sakurang-kurangna, pantes disangka mikagiruk Nini Ratna. Saha tea? Tret Yuda nuliskeun ngaran-ngaran nu ceuk pikirna 'diduga' aya pakuat-pakaitna jeung Nini Ratna.
Dasim, Kanda, Amid, Adeng jeung Marjan, ditulis ku mangsi beureum. Kitu teh satutas ngumpulkeun bahan ti sababaraha nara sumber. Lain wungkul ti 'lawan-lawanna', tapi deuih ti babaturanana atawa ti dulurna.Yuni ge jadi leuwih getol mantuan Yuda. Keur dirina, beuki dieu beuki panasaran. Leuwih gemet ngabandungan lalakon Ratna leuwih jadi panasaran. Karasa, bukuna nu ngan ukur saratus tilu puluh dua kaca teh kurang keneh naker, loba nu can kakobet. Padahal, kacida narikna!
Dasim jeung Ma Ratna pakokolot supa. Cenah, ukur beda sataun, kolot keneh Ma Ratna. Pangna teu pati akur, lantaran remen pabentar paham. Mimitina pacengkadan dua inohong lembur teh teu bruk-brak, tapi lila-lila mah pada apal. Nu pangahirna, basa aya pilihan lurah tea. Biasa, kandidat teh menta tulung ka kokolot lembur. Nu saurang menta tulung ka Ma Ratna. Nu saurang deui ka Bah Dasim. Ma Ratna ngarojong Pa Surya, ari Bah Dasim ngabobotohan Pa Darna. Ahirna, nu kapilih teh Pa Surya. Tah, perkara eta mah loba nu apaleun, da puguh nembrak! Ngan, upama Nini Ratna biluk ka Pa Surya, naon sababna? Lebah dinya mah, nini paraji teh teu betus. Saha ari Darna? Manehna teh urut pagawe nagri nu dines di pasar. Ngan, cenah, ngundurkeun diri. Saterusna nyalon kades. Sagigireun nu tembong kaluar, loba deuih nu nyamuni. Horeng, Bah Dasim boga kakeuheul ka Ma Ratna ti bareto keneh. Harita, basa Bah Dasim ngajukeun pangsiun, lantaran, cenah, milu perang kamerdekaan, ahirna mah teu tulus boga pangsiun. Kitu teh lantaran taya saksi nu ngaenyakeun kana perjuangan Bah Dasim. "Nu puguh mah, Dasim teh milu ngungsi jeung kolotna, teu bajuang teu sing," ceuk Ma Ratna. Katerangan Ma Ratna kitu, dienyakeun ku Wa Asmita, nu apleun kana lalakon Bah Dasim ti lanceukna.
Kawas Dasim, Kanda ge boga pasualan pribadi jeung Nini Ratna. Kanda anak jongos Walanda. Ngan, ceuk Nini Ratna, dina waktu mahabuna gorombolan DI/TII Kanda ge kungsi jadi anggota gorombolan. Memang, teu loba nu apaleun upama Kanda milu ka gorombolan di leuweung, da nyarita ka urang lembur mah, manehna teh ngungsi ka kota ka dulurna. Tapi, Ma Ratna teu samar. Basa hiji waktu marajian salasaurang pamajikan gorombolan di leuweung, papanggih pisan jeung Kanda. Memang, Ma Ratna, teu kungsi nguar-nguar eta beja. Tapi, Kanda ngarasa, lalampahan hirupna bakal 'rocet' upama Ma Ratna nguar-nguar lalakonna.
Di antara nu opatan, Adeng jeung Marjan, jadi puseur perhatian Yuda. "Nu ngalantarankeun imah Ma Ratna kahuruan teh, Kang Radi, urang Susukan Burung." Kitu ceuk catetan Yuda. Kang Radi teh panyawah Pa Marjan. Kasus eta kungsi diuruskeun ku pulisi. Najan ahirna mah teu sakara-kara. Cenah, da memang lain ngahaja. Harita, kabeneran isuk-isuk, Kang Radi tas dibuat. Balikna nanggung segon sakarung leutik. Lian ti kitu, mawa jajaba sakarung, keur sayang hayam. Waktu reureuh di pipir Nini Ratna, manehna ngadurukan, meuleum sampeu da lapar. Geus kitu ujug-ujug indit ninggalkeun durukan nu hurung heneh. Seuneu beuki gede da katebak angin. Jajaba nu hurung hiber katebak angin keuna kana bilik dapur Ma Ratna. Imah Ma Ratna beak kaduruk. Barang-barangna taya nu kapuluk. Koper seng geheng. Eusina, pakean jeung keretas jadi ruhak.
Kasus eta teu kapapanjangan, da taya bukti ngahaja. Lian ti kitu, memang aya nu nguruskeun deuih, aya nu mantuan Radi. Enya, apan harita teh Marjan cakah-cikih, pulang anting ka kantos polsek. Dibarengan ku kapiadina nu dines di Polda. Urusan kahuruan teu kapapanjangan!
Naha enya kahuruan teh lain dihaja? Taya jawaban nu pasti. Ngan, nu tetela mah, Radi beuki dipikanyaah ku dununganana. "Alhamdulilllah, akangna teh dipanggaleuhkeun munding ku Pa Marjan," ceuk Ceu Edah pamajikan Radi. Harita teh, Yuda ngahaja nepungan Ceu Edah maluruh sawah sisi lembur nu disambut ku Kang Radi. Tina ngobrolkeun sawah sambutan, caritaan Ceu Edah manjangan ka mana karep. Bras weh kana kabageuran Pa Marjan. Najan lain dulur, cenah, kahemana mah moal eleh ku baraya sorangan. Cindekna, najan ukur bubujang, teu burung dipikanyaah ku dunungan. Ahirna, nepi ka dibere munding pelen sagala keur ngagarap sawah. "Ayeuna mah teu lega nyawah teh, ukur dua babaladon, da nu sanesna mah ku Pa Adeng wargi Pa Marjan," ceuk ceu Edah.
*** (hanca)
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulamuhamad yudi irwansyah ngomentaran:
Ngantosan lajeungna yeuh Nyi Mangle...paoseun abdi di Nigeria.Dede SS ngomentaran:
Muhun iraha sambungannaDikdik ngomentaran:
Diantos lajengna janten gantung dangueun yeuh..hatur nuhun..