Mudik Lebaran
Ku: Ading Suhandana
Lebaran geus aya samingguna, tapi haeubna karasa keneh, unggal tatangga, kolot, budak, lalaki, awewe ti jauhna nu deukeutna abring abringan nepungan kawawuhan, kitu deui nu jadi anak nepungan ka kolotna, nu ngora nepungan ka nu saluhureun ngadon sasalaman menta hampura, kalan kalan anu teu wawuh ge sacara teu ngahaja silih asongkeun leungeun "Nyuhunkeun dihapunten samudaya kalepatan," atuh anu nampana ngajawab, "Sami-sami."Ku endah poe poe nu fitri, mun sakabeh poe teh kawas poean lebaran kacida nimatna, laleah, sadrah kana sagala kasalahan inyana salaku manusa. Dunya teh karasa tingtrim. Geus puluhan kali datangna bulan agung bulan Ramadhan. Geus puluhan kali umat muslim ngalaksanakeun ibadah saum, tapi palebah udagan jadi jalma anu taqwa jeung ngawangun kasolehan sosial teu saeutik nu tisoledat.
Pakpikpek Maman meresan bawaeun isukan balik ka lembur. ngahaja disiapkeun ti anggalna bisi aya nu poho teu kabawa. Pakean keur salin, beas, peda, oncom, teu poho kana sawo anu jadi kasenangan kolotna. Balanjaan eta duitna meunang pamere ti anakna nu geus rumah tangga. Pamajikanana katut budak anu bungsu geus tiheula mulang, sapuluh poe samemeh lebaran.
Ngahaja taun ayeuna mah manehna mudik teh rada leuir tinu biasana ambeh teu heurin teuing tutumpakanana, tapi ketah sabenerna mah samemehna aya perang batin dina dirina, nepikeun kungsi parea rea omong jeung pamajikanana. Masalahna teh duit. Naha mending mudik papanggih jeung kolot katut dulur dulurna menta dihampura tina sagala kasalahan manehna salila ieu, bari ti mana nyumponan kabutuh sapopoe keur kahirupan sabulan ka hareup jeung kulawargana. Maklum geus pangsiun mah euweuh nu merhatikeun nu mangrupa hadiah atawa THR teh. Mudik teh ngancokkeun tina gajih bulan September 2008 anu dibayarkeun tanggal 23 September 2008. Pilihan kadua hanteu mudik, tapi keur hirup sapopoe geus puguh juntrunganana. Menta hampura ka kolot mah bisa ku surat ieu. Tapi sajorelat kapikir ku manehna ge cara kitu teh kurang merenah ka kolot mah, turug turug lebaran teh ngan sataun sakali piraku teu wasa datang.
"Taun ayeuna mah Pa, mani teu sakali kali acan nempo nu jadi kolot, meujeuh mun lebaran teh rada lila di lembur, sono" cek pamajikanana muka obrolan.
Manehna teu buru buru ngajawab, siga aya nu dipikiran. Kulantaran kitu pamajikanana nyarita deui. "Ieuh Bapana kalahka ngahuleng diajak nyarita teh, iraha urang ka lembur?"
"Ka lembur mah jadi masalah, rek
make duit nu mana, acan kudu babawaan, acan keur ninggalan kolot. Apan mamah ge
nyaho potongan ka bank aya sapertiluna gajih urut ngawinkeun, sesana keur hirup
sapopoe pas pisan. Eta teh salila lima taun."
"Atuh Pa, biasana ge naur
nganjuk, sugan bae aya rizki anu teu disangka-sangka!"
"Mun aya, kumaha lamun euweuh?
Apan jadi masalah kana kahirupan urang sapopoe!"
Pamajikanana reuwas ngadenge jawaban salakina, anu geus matok dina pamadeganana.
"Ih, sok nyapirakeun kanyaah
Allah! Naha apa salila hirup teu kungsi dahar? Allah mah maha beunghar, nitenan
kabutuh mahlukna. Kari urangna bae."
"Enya bapa ge ngarti palebah
dinya mah, tapi pan kudu aya ihtiar ti urangna, da rizki teh teu ujug-ujug
datang ti langit. Ari bapa sapopoena ukur moyan mah, nya ti mana datangna
rizki, ari lain gaji pangsiun mah".
"Ih, ulah itung itungan kitu atuh
Pa, da hirup mah lain itungan matematik. Contona bae anu getol zakat, infak,
shadakoh, apan rizki teh kaluar, tapi naha geuning buktina kakayaanana teh
nambahan! Coba teu kaharti apan mun diitung ka dinya mah!"
Ngadenge caritaan pamajikanana kitu manehna istigfar, tuluy solat dua rakaat menta hampura ka Allah SWT tina sagala kasalahanana bisi kaasup sirik anu teu karasa, diteruskeun shalat Duha dua rakaat. Rengse shalat terus menta hampura ka pamajikanana anu diuk gigireun "Hampura Bapa!" pokna. Eta leungeun salakina ku pamajikanana teu dipalire ngan kudupruk nyuuh dina lahunan salakina, bari ngagukguk ceurik. Ku manehna sirah pamajikanana teh diusapan binarung deudeuh.
"Mamah bener. Hadena mah pageto
mudik teh, sugan bae lowong keneh tutumpakanana. Isukan balanja heula keur
sajoleun, ulah keupat endang teuing sangkan aya boro boroeun."
"Numpak naon pa? Maju ka lebaran
mah biasana sok hareurin, mun bisa mah jajapkeun, susah dina naekna sok
parebut."
"Kieu bae atuh, bari ngirit, ti
Bandung ka Cicalengka heula kana kareta api KRD Patas, dijajapkeun ku Bapa, ti
Cicalengka ka Leles kana beus. Omat lamun can dipapagkeun ulah balik."
Lamun inget kana paguneman harita, manehna sok ngarahuh panjang bangun hanjelu. Tetela sanajan sawangeun hirup geus cueut ka hareup can kacangking keneh galeuh galeuhna kabagjaan. Nu jadi ukuran teh masih keneh haliah dunya. Padahal manehna ge nyaho da resep maca buku agama, yen dunya teh lir cocooan, kaulinan anu teu lana, da hirup nu sabenerna mah anu langgeng apan di alam aherat tea. Babandingan kasenangan dunya jeung aherat teh lir sakeclak cai anu ragrag tina curuk nu dianclomkeun ka laut. Tapi naha manehna resep kana cocooan, padahal cocooan teh moal lana kapimilikna! Eta bae masalah lebaran, naha kudu utang itung heula duit nu aya. Apan manehna gede, disakolakeun tug nepi ka bisa digawe teh tur jadi Pagawe Nagri deui, apan eta teh jasa kolotna. Naha rek nepungan kolot tanda kanyaah, nepikeun wasa ngukur ku duit. Padahal anu jadi kolotna mah teu kaop elat beja, pangpangna mah masalah cageur henteuna remen katarima ti tatanggana batur salembur anu tas balik ti lembur. pantes mun kitu mah kanyaah anak ka kolot sapanjang galah, ari kanyaah kolot ka anak mah tan wangenan euweuh watesna. Karasa ku manehna ge sok sanajan geus boga incu, teu weleh sok ditatanyakeun, malah sakapeung mah asa kaleuleuwihi siga ka budak leutik. Paingan mun nu jadi anak rek babakti ka nu jadi kolot, mulang tarima, sok sanajan kanyaah sagede kumaha bae tur bro broan ku harta, moal bisa kacumponan ku anak mayar kanyaah kolot, Da kolot ngurus anak mah sangkan waluya, ari anak ngurus kolot mah meungpeung hirup. Ngeunteung ka dirina beu asa kacida teuing.
Karasa nyanyautanana lamun pareng dilenyepan, lir raheut ku hinis nyerina ting sereset. Ku kituna manehna nekadkeun diri rek bener bener ngurus kolotna anu geus tokroh tokroh, maklum Bapana geus umur 85 taun ari indungna umur 78 taun. "Bismillah" gerentesna.
Keur nginget nginget bisi aya nu can kabawa, kulutrak panto hareup muka. Dilieuk horeng pamajikanana jeung indung Bapana. Manehna kacida reuwasna. Pangpangna mah kacida erana kapiheulaan ku kolot anu nepungan teh. Sanggeus indung Bapana dariuk manehna nyarita bangun era.
"Maksad mah enjing Pa bade ka
lembur teh!"
"Bapa jeung ema maneh teh, melang
ka hidep. Asa hayang gok papanggih, teu weleh dipiinget asa ngalangkang bae
dina kongkolak panon, malum geus sataun teu papanggih. Nu matak dicaram ge ku
Nina pamajikan maneh, Bapa jeung ema teh maksa hayang ayeuna. Eung deui Man,
sugan teh ari geus pangsiun mah aya pikiran rek balik ka lembur, tapi didagoan
sakitu lilana teh bet teu aya bae. Atuh tanah anu 20 tumbak bagean hidep ku
Bapa teh dijual, batan ngajejembrung ku eurih. Payu 30 juta tah ieu duitna.
Ngan Bapa jeung ema maneh teh ti danget ayeuna rek cicing di dieu. Karunya ka
adi hidep di lembur mah, ngurus ema jeung Bapa teh. Sok sanajan tara humandeuar
katempo ripuhna, malum panghasilan tina tani teu bisa diandelkeun. Lamun Bapa
salah dina lebah dieu hampura nya?" bari song Bapana ngasongkeun duit.
Eta gepokan duit teh ku manehna teu dipalire, ngan koloyong bae munjungan ka indung Bapana. Mimitina ka Indungna terus ka bapana ngagukguk dina lahunan kolotna menta hampura tina katambelaranana. Bedah bebeakan cimatana. Katugenah anu ngukuntit salila ieu peuyar sapada harita. Bener bener bagja lebaran taun ayeuna bisa ngariung jeung kolotna.
***
Bandung, 26 September 2008
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaAhmad Solehudin ngomentaran:
meni asa kagagas maos carpon kang ading teh... sok ran emut ka pun biang nuju teu damang di kuningan, ari abdi ukur tiasa mulang teh paling oge 2kali sataun... hapunten mah.. pa..iwan ngomentaran:
meni asa ngoleang ka jaman katukang..eta carita teh meuni wararaasTata Haidar Riza ngomentaran:
Ibu.....mugi sing sehat saterasna...amin. Kitu deui kanggo Bapa....Akung silung ngomentaran:
Duh Gusti.. Janten ras emut ka pun bapa anu tos teu aya.wiero djampang ngomentaran:
Kang Ading Suhandana,,,aduh ieu hate sim kuring kagagas pisan,teu wasa cisoca ngeyembeng na konkolak panon,bari maca carpon akang,,,abdi ayeuna nuju di Saudi Arabia,,tilu dinten deui Lebaran (saptu 27 agts 2011) sami srg 27 ramadhan...astagfirullah abdi emut ka lembur ka pun biang sareng ibu na pun bojo anu parantos dua tahun abdi teu ngariung,,,hapunten ema sareng mamah di bumi...insya Allah mudah2an sing dipanjangkeun yuswa sadayana... Mangle oge haturnuhun,,tiasa ngalandongan kasono ka lembur,ari tos manco di mangle online teh abdi teu asa di nagara deungeun (saudia Arabia) Hatur salam oge ka parawargi sadyana pembaca Mangle oge anu tos ngiring ngomentaran di halaman ieu... Minalaidin walpaidin kasadyana..Nugraha Abadi ngomentaran:
kanyaah kolot lir cai sagara nu mo saat-saat..... sapanjang musim.Kang Ramdani ngomentaran:
Sae pisan kang carios teh. Tiasa ngelinagn supados teu tamelar kanu janten sepuh.uranglembursingkur ngomentaran:
teu karasa nyurucud cai panon macana...inget kanu jadi kolot di lembur...rumasa jarang mulang ti pangumbaraan...hampura mah pahyon ngomentaran:
Matak kagagas matak ngahelas. Sanajan umur kolot geus cueut ka hareup tapi memang kanyaah kolot mah tetep nganteng nepi ka panungtungan hirupna