Tue, 22-05-2012
Pangalaman Para Mitra

Lebaran Di Chiang Mai

Pintonkeun di FB

Ku: Johan Iskandar

Di ahir taun 1980-an, kuring meunang beasiswa tugas belajar S2 di Chiang Mai University (CMU), kota Chiang Mai pakaleran Muang Thai. Kabeneran mimiti kuliah teh bareng jeung awal bulan Puasa. Padahal hampir kabeh urang Chiang Mai agamana Budha. Aya sababaraha kelompok minoritas asal Cina jeung Pakistan, anu ngaragem agama Islam. Malahan, sababaraha kelompok muslim di Chiang Mai  baroga masjid masing-masing. Contona, di deukeut wewengkon pusat pasar malam (Nigtht Bazaar), aya masjid rada gede nu kelompok minoritas Cina Chiang Mai.

Kuring salila netep di Chiang Mai nyewa hiji kamar di tingkat dua, husus kamar-kamar sewaan keur mahasiswa. Lokasina henteu pati jauh ti kampus, sisi jalan gede tukangeun kampus CMU. Kabeneran jalan raya tukangeun kampus teh jadi liliwatan beus kota jeung angkot jurusan kampus CMU-Night Bazaar. Jadi, lamun kuring arek ka kota teh henteu susah teuing.

Sanajan ampir kabeh karyawan, mahasiswa jeung dosen di kampus CMU ngaragem agama Budha, tapi, kuring tetep boga tekad kuat pikeun ngalakonan kuliah bari puasa. Dina minggu kahiji mimiti puasa mah, pikeun dahar buka jeung saur, kuring ngahaja masak sorangan di kamar sewaan. Kusabab kitu, tiap sore rengse kuliah kuring biasa nyimpang heula ka pasar. Kabeneran pasarna oge henteu pati jauh ti kampus CMU. Pikeun takjil buka puasa biasana kuring tingal meuli sagala rupa kadaharan anu geus kari am, saperti kolek cau, jeung kueh-kuehna. Salian ti eta,  bahan-bahan pikeun masak oge milih anu bakal gampang diolahna, kayaning lauk, jeung bahan-bahan pikeun nyayur asem, saperti suuk, kacang panjang, asem, tangkil, jeung waluh siem. Henteu kaliwat oge balanja bahan rupa-rupa bungbu pikeun nyambel, saperti suuk, uyah, gula, bawang beureum, jeung comrang. Pikeun lalabna, biasa meuli bonteng, terong, kacang panjang jeung daun sampeu. Masak cukup sakali wae sore samemeh buka puasa. Pikeun saur mah, ngan kari ngahaneutkeun sesa kadaharan bae.

Tapi, nincak minggu kadua, lantaran tugas-tugas kuliah mimiti numpuk, kuring henteu aya waktu pikeun masak. Untungna di kampus aya mahasiwa muslim asal Propinsi Patani, Muang Thai pakidulan, nawaran katering. Henteu dipikir panjang deui, kuring pesen katering pikeun buka jeung saur. Husus tiap poe Jumaah kuring bisa ngilu buka puasa gratis di masjid kelompok muslim asal Cina, nu aya di  wewengkon Night Bazaar tea. Di dinya sagala rupa aya, di antarana barang-barang antik unik hasil  karajinan tangan urang Gunung Chiang Rai, wilayah segi tiga mas, tapel wates antara Muang Thai, Birma/Myanmar jeung Laos, anu katelah tempat marelak opium.

Biasana, poe Jumaah, pabeubeurang rengse kuliah kuring megat angkot jurusan Kampus CMU-Night Baazar atawa naek beus kota. Tepi ka tempat mangkal angkot di deukeut Night Bazaar, terus, leumpang ngajugjug ka mesjid, anu lokasina dina gang pahareup-hareup jeung wewengkon Night Bazaar. Rengse salat Jumaah, lamun henteu aya deui kuliah di kampus, biasana kuring nungguan buka puasa di masjid. Tamba kesel kuring sok jalan-jalan ka pusat toko buku, anu husus ngajual buku-buku impor. Rengse jalan-jalan terus balik deui ka masjid dina waktuna ampir magrib. Sore-sore, biasana di buruan masjid, jeung dina kolong imah panggung hareupeun masjid, geus ngajajar meja-meja anu pinuh ku kadaharan pikeun tajil jeung buka puasa. Eta teh disadiakeun ku kulawarga muslim turunan Cina anu imahna henteu jauh di sabudereun masjid. Saha bae bebas milih korsi jeung meja masing-masing anu dianggap masih kosong. Waktu buka teh, nangenan parentah ti imam masjid. Anjeunna nu marentah nakol bedug ka salah saurang pangurus masjid, diteruskeun ku adan magrib. Rengse adan, sarerea anu dariuk dina korsina masing-masing teh mimiti ngabatalan (tajil). Rengse ngabatalan, ngantri wudu dina pancuran anu ngajajar di hareupeun atawa gigireun masjid. Mun geus komat gereyek bae sarerea ngatur barisan pikeun solat jamaah magrib. Imamna ge sesepuh turunan Cina.   

Waktu anu kacida sedihna mah dina poe lebaran, kuring henteu bisa balik ka Bandung. Kapaksa milu lebaran jeung papada masarakat muslim di Chiang Mai. Isuk-isuk keneh, kuring geus indit ka masjid. Tepi ka mesjid kasampak jalma-jalma anu arek solat sunat Idul Fitri ngaliud di hareupeun masjid. Dina waktuna, imam masjid diiring ku jamaah asup ka pakarangan masjid. Di hareupeun masjid dibageakeun ku para pangurus masjid. Saterusna arasup ka masjid ngiringkeun imam masjid tea. Beres solat sunat, sarerea sasalaman. Dina waktu lebaran, sakabeh warung Cina anu ngajajar sapanjang gang mesjid, nyayagikeun dahareun lebaran bari teu kudu mayar. Nu boga warungna anu nawaran sangkan dahar di dinya.

Salian ti eta, kuring oge diondang ku warga muslim turunan Pakistan, anu jadi karyawan di CMU, pikeun datang ka imahna, ngajak dahar ngariung jeung kulawargana. Ku kituna, najan harita jauh ti lembur, tapi dina waktuna lebaran mah rada kahibur ngarayakeun lebaran babarengan.

Johan Iskandar
Dosen jeung Panalungtik Lingkungan
Unpad.                    

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

deni suwardi ngomentaran:

simkurim kataji pisan ku eta carios teh, meni waasnya, dugi ka ngangres simkuring maosna, mugi sing di paparin kakiatan atuh,

endang gunawan ngomentaran:

Sim kuringmah resep pisan maos pangalaman para mitra teh, sapertos pangalaman kang Johan, janten terang kahirupan di lembur batur.

Ujang Anom ngomentaran:

kacida bagjana jalema anu rea pangalamanana. Bisa nyukcruk elmu sok sanjan kudu nyebrang kapeuntas ka nagara batur, tos tangtu eta teh pangalaman anu kacida ahengna pikeun simkuring mah bati kabitana wae.