Tue, 22-05-2012
Katumbiri

Karugian Akibat Lini di Kab.Bandung Nepi ka Rp 1,4 Trilyun

Pintonkeun di FB

Geus saminggu leuwih korban lini caricing di tenda pangungsian, bari kahirupan nu sarwa walurat. Salian ti hese ku cai beresih, bantuan oge dibagikeunnana can sacara walatra. Data di PB Satlak Kab.Bandung nyebutkeun,lini nu gedena nepi ka 7,3 skala richer geus ngabalukarkeun 66.114 warga Kab.Bandung hirup di tenda pangungsian. Pangungsi lolobana di Kecamatan Pangalengan nepi ka 45.000 urang, Kertasari 12.658 urang Cimaung 2.951 urang sedengkeun Pacet jeung Pasirjambu masing-masing 1599 urang jeung 1089 urang. Pikeun ngarangsum para pangungsi teh, Pemkab Bandung dina wapoena merlukeun beas nepi ka 26 ton. Sedengkeun persediaan beas nu aya di Bulog, ukur 900 ton eta oge pikeun korban lini lain wae nu aya di Kab.Bandung tapi oge pikeun korban nu aya di Kab.Bandung Barat.

Nepi ka Salasa (8/9) tina 31 kacamatan nu aya di Kabupaten Bandung, Kacamatan Cileunyi dianggap daerah nu bebas tina lini. "Tapi sanes hartosna di Cileunyi taanpa getaran, mung lini di eta kacamatan teu dugi ka ngancurkeun bumi atanapi sarana publik sanesna," ceuk Kasubag. Pemberitaan Humas Pemkab Bandung, Asep Sahdiana

Sedengkeun kacamatan nu dianggap pang parahna diantarana Pangalengan, Kertasari, Pasirjambu, Pacet jeung Ciamung. Lini nu ngendakeun wilayah Kab.Bandung teh teges Asep, geus ngabalukarkeun Kab.Bandung karugian nepi ka Rp 1,4 trilyun.

Sedengkeun korban nu maot, aya 18 urang, Imah warga nu ancur atawa rusak total (RT) 277 unit,rusak berat (RB) aya 150.029 , rusak sedang (RS) 6.090. Lini oge ngancurkeun 599 sarana ibadah, 31 unit sarana pamarentahan. Sarana pendidikan oge loba nu ancur alatan lini, data negeskeun sakola nu ruksak berat 823.277 unit, RS 599 unit. " Pikeun murid nu wangunan sakolana ancur pisan, teu bisa dipake sama sakali, Dinas pendidikan Kab.Bandung ngaluarkeun kawijakan, sahelaanan para murid teh sarakolana di tenda darurat. Tapi pikeun sakola nu sabagian wangunanana masih  bisa dipake, diharepkeun proses belajar mengajarna ulah nepi ka eureun, " pokna.

Panengetan Mangle di lapangan, Sabtu ( 5/9) akibat lini di Desa Pangalengan matak ngaprihatikeun pisan. Salian ti loba wangunan milik warga nu ancur, sakola oge loba nu rubuh, jalan di sapanjang pangalengan balelah, malahan aya taneh nu ngewag

Matak pimelangeun kajadian longsor mun hujan datang.Salin ti kitu kondisi para pangungsi, nu ditampung di lima tenda matak pikasediheun. Kondisi sarupa kitu pikeun baduka mah, teu jadi pasualan tetep barungah malah parogot pisan waktu ngariluan "konseling" psikologis anak nu dibalukarkeun ku akibat ayana lini.    

Logistik geus Cukup   

Bantuan logistik mangrupa mie instan, beas jeung simbut sabenerna pikeun korban lini di wilayah Kab.Bandung mah moal matak kakurangan. Nu jadi masalah pikeun para korban, utamana para pangusngi nu aya di tenda-tenda darurat mah sual cai bersih jeung WC umum. " Hiji tenda dilengkepan sa unit jamban, sedengkeun nu di tampung di tiap tenda teh aya kana ratusa urang na. Malihan bantosan cai bersih oge cekap teu cekap sadinten ukur satengki," ceuk  Dedah  salah saurang korban lini di Desa/Kacamatan Pangalengan.

Dedah nandeskeun, bantuan mangrupa simbut, kadaharan boh mie instan jeung beas di Pangalengan mah geus moal kakurangan. Ngan nu euweuh teh meren kadahan pikuen budak orok jeung balita. Kusabab kitu teu saeutik, korban pangungsi nu boga balita mah sok rerengona ngmpulkeun duit pikeun, meuli bubur orok atawa susu sapi nu masih keneh taheureun. Pasualan lain nu jadi  pikiran warga mah, kumaha carana ngawangun deui imah sangkan bisa gura-giru nyicingan deui imahna sewang-sewangan. Sabab lamun cicing wae di tenda, ti poe ka poe  pasulana bakal terus nambahan, malahan jalma nu tadina jajag bisa jadi gering, alatan udara di Pangalengan anu goreng lain wae diakibatkeun ku  kebul  tapi angin nu  bari mawa kekebul eta nu ngabalukarkeun loba pangusi nu katarajang panyakit salesma jeung batuk.

Korban lainna Enah nyebutkeun, bantuan beas atawa mie instan memang loba tapi dina ngabagikeunana kurang walatra. Entongan ka daerah gempa lainna, pikeun pangungsi di Pangalengan wae can walatra. Buktina cenah, teu saeutik korban nu tetep ngalaksanakeun ibadah puasa di pangungsian, dian waktu buka puasa ukur nginum cai herang wungkul. Rangsum atawa sangu bungkus, dibagikeunana sapoena ukur sakali, eta oge dibikeunna ampir tengah peuting.. "Upami buka mah ema teh mung ngaleuuet cai herang wungkul, tuangna ngantosan nu ngabagi biasana jam 11 weungi, saurna sakantenan kanggo saur," pokna

Anggota DPRD Kab.Bandung, Arifin Sobari ngaenyakeun, yen bantuan logistik poikeun korban lini di Kab.Bandung geus leuwih ti cukup.Ngan pokna, nu jadi pasualan teh."pendistribusianana" can kenah walatra, teu saeutik korban lini di kacamatan lain nu can ka bere bantuan ti pamarentah. "Padahal teu tiasa kitu, komo pikeun Kab.Bandung mah tos eueyueb ku pangalaman dina ngurus korban bencana. Tapi naha sual distribusi bantuan korban bencana nu teu walatra sok kaulang-deui-kaulang deui nya?" pokna pinuh ku tanda tanya.

Kahambatna distribusi bantuan alatan "medan" nu hese dijangkau, pikeun urang Jakarta sih mangga wae nyarios kitu, ceuk Arifin tapi pikeun pamarentah Kab.Bandung mah hal sarupa kitu the lain alesan. Sabab pikeun warga Kab.bandung mah kabehanana oge geus apal, yen daerah di wilayah Kab.Bandung mah, nu aya di gunung oge bisa dijugjug, teu bisa ku mobil oge tapi ari ku roda dua mah masih bisa.

Ngawangun Barak

Leuwih jauh Arifin nyebutkeun, korban lini teu bisa salalawasna cicing di tenda pangungsian, tapi pamarentah kudu gura-giru ngagunakeun dana tak tersangka di APBD nu gedena Rp 10 milyar, pikeun digunakeun tanggap dadurat korban lini. " Nya atuh para korban ulah diantep cicing di tenda, bari nungguan imahna rengse dibangun deui. Tenda darurat samentawis meren bisa jadi solusi, tapi lamun nepi ka sabulan diantep cicing di tenda malah bakal nambihan pasualan," pokna waktu ditepungan, samemeh rapat mangdungdengkeun tata tertib dewan 2009-2014 di Soreang.

Memang dina ngamalirkeun anggaran nu Rp 10 milyar teh wajib persetujuan dewan, tapi tacan ayana kalengkepan dewan tong jadi alesan pihak eksekuf, pikeun gura giru ngamalirkeun eta anggaran. " Meski teu acan aya kalengkepan dewan, tapi sadayana anggota tos ngarantosan pengajuan ti eksekutip ngenaan eta dana. Mekanisme masihan persetujuan, teu aya kelengkepana dewan oge tiasa ngalangkunagan sidang paripurna, tur hal eta saluyu sareng katangtosan nu aya," tegas Arifin.

Boh Arfin oge Drs.H.A.Najib ngarasa yakin, dina rek ngamalirkeun eta dana eta sigana wae nungguan hela data korban nu bener-benar "valid'. Salin ti kitu Bupati Bandung bibanda sikep nu ati-ati pisan dina ngagunakeun eta anggaran, sabab "sensitif " pisan loba pihak nu bakal nalingakeun, lain wae ku dewan tapi oge pihak yudikatip. "Nya teu kirang alatan lepat sakedik penggunaan dana tak tersangka eta, teu sakeudik bupati nu jaranten tersangka," teges Najib.

Ku wadarag Rp 10 milyar teges Arifin, loba hal nu bisa dilakukeun ku Pemkab Badung  dina hal nangulangi korban lini. Umpamana wae, bisa digunakeun pikeun ngawangun barak-barak pikeun para pangungsi nu imahna geus ancur alatan lini. "Bari aranjeuna ngantosan bumina dibangun deui, ulah sina di tenda wae tapi ditempatkeun dibarak nu tos dilengkepan ku sarana tur prasarana nu basajan tapi saluyu sareng program kasehatan. Contona dina sual sanitasi ulah dugi ka ngotoran ka lingkungan," pokna.

Sedengkeun Najib nyebutkeun, ku ayana lini Rebo (2/9) kamari, pamarentah kudu ngilikan deui kawijakan-kawijakanana dina sual pangwangunan sarana publik, kaasup katangtuan pikeun imah-imah warga. Rencanana DPRD ngaliwatan Badan legislasi, rek nerbitkeun peraturan daeran (perda) inisiatip ngenaan kwalitas wangunan publik sangkan bisa tahan ku lini. Hal ieu disaluyukeun jeung daearh Kab.bandung nu rawan bencana, lain wae banjir tapi oge longsor jeung lini.

***nunk 

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula