Tue, 22-05-2012
Carita Nyambung

Sobat Sang Maestro (18)

Pintonkeun di FB

Ku: Arie Suhanda
(18)

Isukna di imah gede, Bi Kingkin jeung Mang Jumta keur tatahar nyadiakeun oleh-oleh bawaeun Awang ka kota. Aya beas beureum pare huma lobana satolok leutik. Beas ketan hideung parantina nyieun peuyeum lobana tilu rantangeun. Ranginang jeung opak atah gorengeun. Gula kalapa lima batok jeung cau galek nu baradag jeung geus kolot na tangkal saturuy.

"Euleuh Ibi mani sasangkleng, na kumaha dibawana."
"Dibawana nya dipanggul."
"Ridu jeung beurat."
"Mun ridu urang karungan, moal make beurat da teu kudu dipundak ku sorangan, kanjat tumpangkeun kana bahasi mobil naon hesena?"

Tadina mah Awang hoream barangbawa teh. Tapi pacental-cental jeung Bi Kingkin mana mungkin bisa meunang? Awang eleh deet. Da enya atuh, sanggeus naek kana beus mah euweuh kecap ridu barangbawa. Cenah eta geus tepi ka kota, pikeun ngunjalna lakar nitahan tukang beca.

Awang ditarima digawe di PT Gunung Sewu Enterprises anu kantorna di Jalan Hayam Wuruk. Direktur Utamana Pa Bambang sobat Deny Chaniago tea nyatana urang Madiun, bapana Cina indungna urang Jawa. Jalmana someah hade ka semah matakan babari conggah. Henteu matak kararagok lamun staf boga maksud rek nepungan atawa nanyakeun masalah anu disanghareupan.

Awang kabeneran ditempatkeun jadi staf Direktur Pemasaran. Direkturna Pa Hary Suhaeri urang Majalaya, rehrehan raja tinun jeung tekstil. Sabage staf Direktur, Awang wajib tampil perlente. Salila jam kantor, utamana di jero kantor Awang kudu salawasna make baju tangan panjang jeung make dasi. Rohangan gawena oge rohangan nu make ase.

Dina poean kahiji, kakara ogenan gek diuk dina korsina, Awang geus kudu nyanghareupan problem perusahaan, nya eta ku ayana tindakan Pamarentah meuncit duit gajah tina Rp.1.000,- jadi Rp.1,--Ku kituna kaayaan pasar keur gonjang ganjing, hadena bae dina hal ekspor mah teu pati aya pangaruhna sabab harga geus dicantumkeun make US Dolar. Anu gonjang ganjing teh kaayaan pasar jero nagri kaasup pabrik pabrik anu nyadiakeun barang, kayaning pabrik gelas Kedawung Grup jeung Pabrik Tinun di Majalaya.

"Ayi Awang, cobi harga-harga diricek nya, kusabab perubahan kurs dolar, kaayaan pasar keur goncang, jadi mungkin jero saminggu atawa dua minggu mah urang nitenan heula gejolak pasar, khususna pasar jero negri, ari pasar luar negri mah moal sabaraha kapangaruhan." Kitu minangka briefing Pa Hary dina poean mimiti Awang nyanghareupan tumpukan tugas anu aya dina mejana.
"Dina nangtukeun harga jual urang kudu ati-ati. Kudu telik naliti ukuran. Dina surat pesenan atawa Purchasing Order bisa jadi ukuran jeung harga anu dipenta teh beda-beda. Misalna dina pesenan pecah belah, ukuran bisa hijian, bisa losinan, atawa per set. Ari harga kaen atawa produk garmen mah biasana kodian."
"Perlu diperhatikeun dina masang harga jual kudu wajar. Teu meunang mahal teuing oge teu meunang murah teuing. Lamun kamahalan, langganan anu rugi, perusahaan urang siga untung. Tapi sabenerna mah perusahaan urang oge bakalan rugi pikeun jangka panjang, sabab langganan bisa lari ka batur. Lamun murah teuing, tangtu perusahaan urang anu langsung karoroncodan sarta hese deui masang harga lamun aya pesenan sarupa kitu di waktu nu bakal datang," Awang unggut-unggutan tandaning ngarti kana sakabeh anu diomongkeun ku dununganana Pa Hary.

Nya jero sabulan mah manehna masih dijajap-jajap atawa manehna masih nganganteur Pa Hary kaditu kadieu, mangsa sarupa kitu disebutna mangsa magang atawa "milopen".

Sanggeus digawe mah, Awang kacida sibukna, beda pisan jeung basa keur nganggur. Ayeuna mah samasakali teu boga waktu pikeun lalamunan. Tugas ti kantor kacida makan waktuna. Kahiji keur mah jenis tugasna jauh beda jeung pagawean anu baheula di Kantor Berita Antara, kaduana kusabab aya sanering duit gajah tea. Katiluna dina kanyataanana volume pagawean jeung ragam kagiatanana kacida lobana. Atuh teu karasa waktu teh mani nyerelek.

"Ayi Awang, aya proyek gede yeuh " Saur Pa Hary dina hiji waktu bari ngiwir-ngiwir faxcimile anu ngamuat pesenan.
"Pesenan timana Pa?"
"Ti Paramaribo, Suriname."
"Dupi barangna?"
"Rupa-rupa barang pecah belah, lobana lima HC kontainer."
"Wah, seueur pisan."
"Ieu tantangan pikeun Perusahaan urang, khususna tantangan pikeun Ayi Awang."
"Nyuhunkeun dibimbing bae ku Bapa, da rumaos abdi mah teu acan terang nanaon, teu acan gaduh pangalaman."
"Palebah dinya mah ulah salempang da ku Bapa oge moal dijomplang."

Ari ukuran kontainer teh aya dua rupa. Kahiji anu reguler biasana disebut one twenty (dua puluh feet), anu kadua kontainer ukuran jumbo disebutna one forty (opat puluh feet) atawa disebut oge HC kontainer, eta eusina kira-kira geneppuluh meter kubik per kontainerna.

"Isuk pageto Pa Sutarjo ti Paramaribo bakal datang kadieu pikeun aras urus eta pesenan."
"Pa Sutarjo? Geuning sapertos urang Jawa?"
"Lengkepna mah Johan Sutarjo, turunan Jawa. Kapan jaman baheula waktu jaya-jayana VOC, loba urang Jawa anu milu ka Suriname, naha sabage jongos naha sabage tukang kebon atawa kuli kasar. Tah sigana diantara turunan maranehna ayeuna aya nu jadi pangusaha jegud."
"Sanajan ngaranna Johan Sutarjo, can tangtu manehna bisa ngomong basa Jawa, nya meureun ari saeutik-eutikeun mah ngarti ngan hese ngomongna."

Loba geuning kagiatan anu kudu dipigawe dina nedunan hiji pesenan oge. Mun aya pesenan pecah belah saperti kitu, anu kudu diheulakeun nya eta nyieun daftar barang pesenan, typena jeung kuantitina. Unggal aitem kudu dicatet kalawan apik jeung taliti. Pikeun produk pecah belah, PT Gunung Sewu Enterprises geus ngalanggan produk Kedawung Grup anu ruang pamerna aya di Jalan Muara Angke Jakarta Kota. Ari pikeun angkutan pelayaran Samudra geus ngalanggan ka kapal-kapal Havag Lloyd anu agenna aya di Jalan Roa Malaka.
Enya bae sanggeus liwat tilu poe, jol Pa Johan Sutarjo datang ka kantor PT Gunung Sewu Enterprises. Kadatangan ieu tamu istimewa disambut ku Pa Bambang pribadi, dibarengan ku Pa Hary jeung Mbak Nuke sekretaris Direktur Utama di ruang tamu Dirut. Sigana loba hal-hal anu lucu, bisa jadi masalah omongan basa Jawa anu pikeun Pa Johan mah mangrupa kasempetan pikeun diajar atawa ngalatih kamampuhan basa indungna. Kapireng sering aya nu sareuri cacalakatakan.

Poe isukna salila dua poe jeput Awang maturan Pa Johan idek liher di ruang pamer Kedawung Grup. Nyatetkeun pesenan ratusan aitem produk pecah belah anu diperlukeun pikeun pasar di Suriname. Dua poe saterusna Awang sibuk nyiapkeun nota persetujuan harga (sales confirmation) pikeun pihak Paramaribo, hadena urusan depe (uang muka) pesenan mah diurus langsung ku Pa Hary, kaasup urusan "hospitality" pribadi Pa Johan salila di Jakarta.

Dina ngagarap eta pagawean, Awang dibantu ku saurang staf Pemasaran jeung saurang juru ketik bawahanana Mbak Nuke. Cacak mun harita geus aya komputer mah meureunan nyieunan daftar teh moal kudu hese beleke.
"Kade hilap Yi Awang, harga nu dipenta ku Pa Johan harga CIF (cost and insurance freight ), jadi kudu ka kantor asuransi sarta nguruskeun ijin ekspor ka pabean. Pikeun ka kantor pabean invoicena nu dipake proforma invoice anu hargana leuwih murah, sangkan pajeg eksporna oge leuwih murah."

Ahirna mah urusan nedunan pesenan pikeun ka Paramaribo tuntas kalawan sukses. Pa Johan oge bakal langsung mulang, harita pamitan.

"Thank you Hary, it's nice making bussiness with you."
"It's okey," tembal Pa Hary bari sasalaman.
"Matur nuwun Mbak," ceuk Pa Johan ka Mbak Nuke.
"See you again soon." ceuk Mbak Nuke bari imut manis, tuluy teu poho sun pipi kiri sun pipi kanan.
"Thank you boy," pokna bari nepak kana taktak Awang. Awang rengkuh.

Eta pangalaman anu kacida gedena pikeun Awang mah, dina waktu anu sakitu singgetna manehna geus nembongkeunn kauletan jeung kaparigelanana enggoning migawe pagawean anu jadi tugasna. Manehna geus ngabuktikeun ka pingpinan yen manehna pantes make baju seragam didasian sarta diuk di rohangan kerja anu make ase.

Dina kasempetan sejenna, waktu aya pesenan garmen sarta sarung poleng ti Jidah, Awang nganteur Pa Hary ka Majalaya, ka pabrik tinun jeung pabrik tekstil. Pikeun Pa Hary mah sakalian kasempetan keur nganjang ka lembur nepungan babarayaanana.

Teu karasa ari sapopoe ngadukduk nyanghareupan pagawean mah, waktu teh mani nyerelek, kadang teu karasa waktu istirahat geus kaliwat.

"Adduh, de Awang, rajin amat, ini kan jamna istirahat," ceuk Mbak Nuke hiji mangsa bari ngelol ka rohangan kerja Awang.
"Tanggung Mbak, ini dikit lagi."
"Alaah, udeh deh tinggal dulu, yu kita makan siang." ceuk Mbak Nuke deui, sakali ieu mah kakaraeun Mbak

Nuke make ngajakan makan siang sagala. Gebeg Awang ngagebeg. Ras manehna inget kana kajadian basa poe ahad nu kaliwat ngumbah mobilna. Basa bobongkar, gorehel handapeun karpet jok hareup manggihan sacewir keretas anu geus dikekesek. Ku manehna dibeber-beber, ana breh teh horeng nota bon panti pijet."

Di jalan Mangga Dua. Barang ditelek-telek tanggalna, tetela eta peutingan basa Hasan nginjeum mobilna anu nepika dipeutingkeun tea di Gang Kelinci. Horeng Hasan kitu peta.
"Ayo deh, aja isin-isin, aku sing bayar." pok deui Mbak Nuke, sakali eta mah bari nyampeurkeun kana meja Awang. Awang galagepan, ras inget ka obrolan sawatara staf lalaki sanajan henteu pati dipikiran ku manehna, anu magar cenah Mbak Nuke teh "Piala Bergilir".

Mbak Nuke tea sabage Sekretaris Direktur Utama, lain awewe jore-jore, kageulisanana pantes mun meunang peunteun dalapan mah. Ras deui kana kasauran indung yen lamun neangan pipamajikaneun teh ulah ngan saukur geulis luarna, tapi kudu geulis jeung hatena.

"Maaf deh Mbak, saya nggak ikut, lagian saya belum solat lohor nih," ngadenge omongan "solat lohor" Mbak Nuke henteu maksa.

"Yo wis, ora opo-opo. Mengko se' melu yo?" pokna bari ngaleos ninggalkeun rohangan kerja Awang. Plong rarasaan Awang asa ngemplong, untung bisa nyingcet kalawan puguh alesanana. Gura giru manehna ka mushola rek solat lohor.

***

Ras inget ka Pa Lukman anu rek dipentaan tulung. Ceg kana telepon.
"Antara News Service."
"Ya, siapa nih."
"Saya operator Dedy."
"Halo Ded, saya Awang Suwangsa."
"Aeh Kang Awang, apa kabar, di mana sekarang?"
"Ada ajah, bisa tolong bicara sama Pa Lukman, sebentar aja."
"Boleh kang Awang boleh, sebentar saya panggilin ya?" teu sawatara lila Pa Lukman geus aya dina telepon.
"Halo Cep Awang?"
"Halo Pa Lukman, kumaha damang?"
"Alhamdulillah, Cep Awang damel dimana ayeuna?"
"Aya be, engke dongengna mah, ayeuna mah aya taroskeuneun."
"Bade naroskeun naon? Asa rareuwas."
"Dupi Pa Lukman sok angger mulih saptu sore ka Ciampea?"
"Nya muhun atuh, pan eta mah kawajiban."
"Kenging ku abdi dijajap? Nganggo mobil abdi maksad teh."
"Kutan? Cep Awang bade ngiring ka Cempea? Nya nuhun be bapa mah."
"Upami kitu antosan be di kantor, enjing ku abdi disampeur."
"Mangga, ku bapa diantos nya?"

Sore eta Awang balik ti kantor rada siang. Kusabab boga waktu, manehna ngeusian heula bensin di pom bensin nu aya di pojok lapangan Banteng. Barang srog mobilna ka tempat antrian di palataran pom, manehna ningali Hasan keur ngeusian mobil Opel type Olympia warna hejo. Dina jok hareup beulah kenca mobilna Awang ningali aya wanoja geulis keur maca buku. Gancang Awang kaluar tina mobilna, sarta nyampeurkeun ka Hasan.

"Halo sobat," Hasan ngalieuk.
"Halo, Wang?"
"Ka mana wae you teh, mani degig kena-kena geus boga mobil alus."
"Sory sobat, saya teh keur riweuh pisan, ma'lum digawe bari jeung kakara mimiti kuliah. Eh kenalin tuh," pokna bari nyampeurkeun kana mobil .
"Awang."
"Noni."
"Non, ini sobat lama saya Awang. Wang ini Noni teman kuliah di UI."
"Iraha deuk ka imah, sono euy hayang ngobrol."
"Poe minggu pageto sigana bisa."
"Tong pageto, urangna aya acara ka luar kota."
"Atuh minggu kaduana be nya?"
"Okey, ari ayeuna deuk ka marana?"
"Nya deuk ka kampus, yu ah geus telat yeuh," ceuk Hasan anu geus aya dina jok supir, laju majukeun mobilna. Awang unggeuk, Noni oge unggeuk. Laju Awang gura-giru asup deui kana mobilna, da ongkoh antrian geus maju.
"Geulis Noni teh, kabogohna kitu? Ari Enok kumaha?" gerentesna.*** (hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula