Ha.. ha.. ha.. Pinilih Bulan Agustus 2009
Salila bulan Agustus 2009 Mangle ngamuat dalapan puluh judul Ha-Ha-Ha. Anu langsung kapilih minangka unggulanana nya eta: "Beuki Gelo" (Fitri Wulansari, Mangle nomer 2232), "Ngadurukan" (Aan Sumhana, Mangle nomer 2232), "Saruana" (Wawan Sudarwan, Mangle nomer 2233), "Teu Hayang" (Ena Rs, Mangle nomer 2233), "Buka Pantona" (Wiwin Rahayu, , Mangle nomer 2233), "SMS" (Endang, Mangle nomer 2234), "Si Kabayan" (T.S, Mangle nomer 2234), jeung "Masih Mending" (Izul, Mangle nomer 2235).
Tina dalapan judul nu kapilih minangka unggulan teh kasaring deui, kapilih opat judul nu diunggulkeun pikeun "pipiniliheun", nya eta: "Beuki Gelo", "Saruana", "Teu Hayang", jeung "SMS".
Beuki
Gelo
Meunang beja yen cenah Si Emang teh ayeuna mah geus cageur tina ‘panyakit gede-rahulna', Basa ditanya naon palakiahna pangna bisa cageur kitu, jawabna teh, "Teu pira, unggal isuk-isuk, hudang sare, ngabaheum cengek we sapiring mah," cenah. Tapi teu matak ieuh kana kasehatan cenah. "Buktina Emang ayeuna teu kua-kieu. Padahal dina jero saminggu teh Emang geus beak ngabaheum cengek... dua kintal!" Tuh, cageur pan?
Saruana
Saliwat mah antara sakola jeung madrasah teh siga euweuh bedana. Da memang ari nu sejen-sejenna mah sarua wae boh madrasah boh sakola oge kitu-kitu keneh. Padahal masing kumaha bae oge pasti tetep aya bedana. Ceuk Amad jeung Kusmin mah bedana teh nya eta "Ari sakola mah ustadna guru, ari madrasah mah guruna teh ustad." Tuh, bedana pan?
Teu Hayang
Nu kahiji hayangeun usaha, tapi teu bogaeun modal. Nu kadua bogaeun modal, tapi teu hayangeun usaha. Nu katilu mah, teu boga modal, tapi... teu hayangeun usaha! Tuh, kumplit pan?"
SMS
Mun teu inget kana lagu nada SMS nu judulna Ulah Ceurik, geus hayang sahinghingeun ceurik masa SMS nu sakitu ‘garihalna' ditujukeun ka kuring. Geura we, nu ti Wa Ocoh: "Nung, wayahna Ua can bisa mayar hutang dipake mayar semesteran heula ku lanceuk maneh," cenah. Can dijawab geus jol deui SMS ti Ceu Ijah, cenah pageto sabeus gede genep puluh urang jumlahna rek piknik ka Pangandaran, "Ngan rek mampir heula ka imah Enung, siapkeun we senek jeung sangu sarereaaneun, nya?" cenah. Tuh, garihal pan?
***
Ahirna juri mutuskeun yen minangka Ha-Ha-Ha Pinilih Mangle Bulan Agustus 2009 nya eta: "Beuki Gelo" (Fitri Wulansari), "Saruana" (Wawan Sudarwan), jeung "SMS" (Endang), sarta baris mareunang pangdeudeul Rp 125.000.- (saratus dua puluh lima rebu rupia) sewang ti Drs. Dadang Iskandar, M.Pd. Dekan Fakultas Keguruan dan Ilmu Pendidikan UNPAS.
***
Juri Ha-Ha-Ha Pinilih
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heuladhimaz bgt ngomentaran:
haduh jadi te tiasa kulem,,,"babarakatakan wae"andy.siswandi ngomentaran:
Aya ku kreatip nya ari urang sunda,salut lah......!!!Agus Djunaedi Sulaiman ngomentaran:
.. nu dipikaresep sim kuring mah eta nu Beuki Gelo, ...... hahahahaTata Haidar Riza ngomentaran:
Rada kerung yeuh.....????Ujang Emka ngomentaran:
Can pati ngarti mamang mah... Daripada disebut aikiyu dibawah garis kemiskinan, ah miluan we... hahahaha...Eni Kunaenih ngomentaran:
saleresna mah sim kuring bingung margi sadayana oge lalucuuuuu ......... hehehehe.Rinda Liana ngomentaran:
di kantor tunduhhhh...langsung cengharrrrrrrrrrrrrrr... Hatur nuhun mitra sareng mangle.cipto wijoyo ngomentaran:
sadayana ge sae,..ha..ha.. abdi jadi cageur gering teh,ha..ha...cipto wijoyo ngomentaran:
sadayanage pikalucueun......dasar urang sunda aya-aya wae pikaseurieun teh....hahahahacipto wijoyo ngomentaran:
siiiiip,sadayanage pikalucueunteteh usi ngomentaran:
mun ceuk sim kirung mah nu judulna beuki gelo nu panglucuna teh.. :))Ujang Hade ngomentaran:
ceuk kuring mah nu judulna SMS pang lucuna mah.... :)