Tue, 22-05-2012
Carita Pondok

Dalang Tanu

Pintonkeun di FB

Ku Ihung

Meneran Kuwu Jaro keur pidato, ti lebah jalan aya Jeep seseleket. Atuh piriwit Hansip kadenge pepelengkingan, nitah nyisi ka jalma-jalma nu ngahalangan. Teh we Kuwu Jaro mah: nu datang teh, Dalang Tanu! Enya. Da mobil eureun hareupeun Desa. Tuluy diparapag ku Kulisi jeung Lurah Manta.

Puguh nu ditungguna geus mucunghul mah, Kuwu Jaro ge teu mapanjangkeun pidatona. Buru we mungkas ku talatah, menta balarea bisa ngajaga katertiban sewang-sewangan.

"Lilakeun heula pidatona. Karunya, Dalangna karek datang!" Memeh tuturubun muru Desa, kitu nu diharewoskeun Kuwu Jaro ka Bapa Kapolsek nu rek hanjat mere sambutan panungtung. Kapolsek, ngabales ku serengeh, surti ti dituna mah kana maksud Kuwu Jaro.

"Kumaha, Juragan? Boro nu lalajo rek balubar deui" barang cunduk ge Kuwu Jaro mah langsung ngabageakeun tamuna teh ku adat-adatna. Nu dirangkul seuri maur. "Hampura Dunungan; kapegat kampanyeu di Sumedang. Inditna mah da ti asar keneh," cenah cek nu disungkunna.

"Kitu! Heueuh ongkoh, kampanyeu tuda keur di mana-mana! Mana susuguhna atuh, Lis. Maenya rek langsung dititah ka panggung mah?" Sora Kuwu Jaro ahirna mengkol ka Kulisi.
"Tong ngaririweuh, Dunungan! Ngiring salin we sakedap." Panyarek Dalang Tanu meupeus rampang-reumpeungna Kulisi nu rek sajung-jungeun.

Sabab kitu kahayangna Dalang Tanu, nya Kuwu Jaro teu majar kumaha. Enya, ongkoh, tuda waktu samporet pisan, da bongan datang katelatan.

"Di jero we," cek Kuwu Jaro bari nunjuk ka rohanganna.

Geus dikitukeun ku pribumi, teu talangke deui Dalang Tanu ge gancang nguniang tuluy muru ka lebah nu dituduhkeun. Ngan basa nepi ka lawang panto, katangen bet siga aya nu hayang dikedalkeun.

"Kumaha?" Kuwu Jaro nu ngeuh kana riuk Ki Dalang geuwat nyampeurkeun.
"Rek nu harita diobrolkeun tea wae, lalakonna?"
"Eta we lah!"

Geus ditandeskeun ku nu boga hajat mah, Dalang Tanu tibang unggut-unggutan. "Enya atuh," pokna, tuluy asup ka rohangan.

Geus Ki Dalang asup ka jero mah, Kuwu Jaro balik deui ka tempat diukna. Tuluy ngabaheuhay satutas ngaluarkeun bungkus samsu jeung meledugkeun rokona.

"Cik nyobaan samsu teh, Kuwu!"

Basa Hansip nyoceng rokona, Kuwu Jaro mah tonggoy we nyawang buruan Desa nu baranang.

Labas ka Alun-alun, sidik pasedek-sedek taktak jalma. Kolot-budak, awewe-lalaki, keur tingarigeg we siga nu pada hayang nyoplokkeun beuheungna sangkan nepi ka lebah panggung. Sedeng di panggungna, Polsekta mah teu kagalideuran ku corowokna jalma-jalma nu sigana geus teu sabar. Onaman, pan ngahaja Polsekta mah mapanjangkeun pidato teh, sasat bongan memehna diharewosan heula ku Kuwu Jaro.

"Meungpeung hiburan can dimimitian, sok inget-inget heula. Bisi poho aya nu can dikoncian. Kompor can dipareuman. Listrik can dicetrek-cetrekkeun. Salaku ti pihak keamanan, kuring mah moal weleh-weleh nginget kasalametan," panggeuing Polsekta, pacampuh jeung maceuhna sarwa sora.

***

Apan meunang hayang ti baheula. Geus niat na ikrarna, cenah mun pareng kapilih ku rahayat, manehna rek nanggap Dalang Tanu. Itung-itung sukuran sakalian hayang ngahibur rahayatna. Geus sataun, jadi Kuwuna mah, ngan karek ayeuna eta paniatan teh kalaksanakeun.

Ayeuna sigana mangsa nu merenah teh. Mangsa rahayat rek dibere hiburan. Karunya! Itung-itung mangpalerkeun hirup nu beuki pagujrud-tuda nempo Pamarentah kalah pasea wae. Para pamingpin kalah malikiran pribadina wae. Rahayat katalangsarana mah teu dipirosea. Komo ayeuna, sasat rek pemilu deui. Geus moal henteu, rahayat mah bakal kaluli-luli. Teu hayang temen, mun teh nepikeun ka siga baheula. Siga usum kampanyeu taun-taun katukang. Ngaalatankeun Blok Tonggoh jeung Lebak parasea; perang bedog perang kampak tibang marebutkeun paisan kosong. Kitu nu keur dilanglaeukeun na lamunan Kuwu Jaro teh. Da mun kongang mah, geus hayang gorowok we meureun manehna teh nitah-nitah ka rahayatna:

"Meunggeus, tong teuing daek diolo ku nu kitu patut! Kacape-cape! Da ahirna mah, ukur butuh ku sora wungkul! Geus prak mah jaradi Dewan, moal bet inget ka rahayat mah," siga kitu. Ngan nyaeta, maenya nepi kudu kitu mah. Meureun kasebutna, Kuwu naon? Kadua-dua, kudu nyukseskeun pemilu; lain ngahinghileudan teu bener ka rahayat.

Enya eta ge cek si Ulis tea mah: "Sabarahaeun waragadna nanggap Dalang Tanu mah, Kuwu?" ngan ku Kuwu Jaro mah tibang dihatean kieu we: "Tenang we Ulis, da moal bet nyoceng kas Desa ieuh. Tanggung jawab kuring, Dalang Tanu mah!"

Tea mah Kuwu Jaro ge maklum, naha si Ulis boga kareuwas kitu. Si Ulis mah teu apaleun tuda, kumaha hubungan manehna ka Dalang Tanu. Teu apal yen keur jaman kuliah mah, Dalang Tanu teh sobat dalitna, jalma nu kungsi sahakan-sainum jeung manehna.

Katelah tuda Dalang Tanu mah. Geus kaceluk ka mamana. Geus jadi sabiwir-hiji dina sungut balarea. Kari-kari ayeuna, bet bisa manggung di Desa Hegar! Ah, kacipta geunjleungna. Boa bakal ngarasa dikariaankeun, rahayat mah.

Kabuktian! Jalma sakitu tumplekna. Arayeuh-ayeuhan. Barungah, badis we hirup teh teu ngalaman boga kasusah. Tea mah alus, apan eta nu dipikahayang ku Kuwu Jaro. Bari sakalian, sugan jeung sugan rahayat meunang gambaran. Boga bekel keur nyanghareupan pemilu nu bakal datang.

Hayang lalakon, Kuru setra! Lalakon nu ngagambarkeun balukarna tina perang jeung dulur sorangan. Perang ngabelaan nu teu guna. Alatan kapegung raja durjana nu teu boga ras-rasan ka rahayatna.

"Kitu, pangna hayang lalakon Kuru setra teh!" Kitu cek Kuwu Jaro, basa ngobrol na telepon jeung Dalang Tanu.

***

Di jero rohangan, Dalang Tanu keur rekes ka nu boga Carita. Mujas-medi ka nu boga Widi, dumeh rek ngalalakonkeun deui Lalakon. Barang keur anteng mantengkeun niatna, kadenge sora panto teh ngareket. Panyana mah, Kuwu Jaro nu mukakeun teh, ngan barang direret, hatena banget oge ngagebeg.

Cacak lain Dalang Tanu, boa nu disanghareupan teh asa pisan pamohalan. Dalah Dalang Tanu, apan Dalang linuwih nu masagi luar-eusi. Bisa gancang kana memener Purwadaksi.

Mun aya nu nalingakeun, boa nyangka Dalang Tanu teh keur ngomong sorangan. Padahal nu saestuna, Dalang Tanu teh keur kadatangan semah ti jauhna. Tamu nu sok ngajirim dina lalakon, Kuru setra.
Sanggeus pada-pada regep, pok deui Yudistira ngomong kieu:

"Kuring ngahaja datang, ukur saeutik nu hayang ditepikeun."
"Puguh, reuwas mah nataku. Ngan kuring ge yakin, moal ge anjeun ngahaja nepungan, mun nu rek dicaritakeun, teu penting."
"Enya, kuring rek mawa beja! Peuting mangkukna, jeung Dursasana geus sapuk, moal teuing mapanjangkeun pacogregan. Karunya ka rahayat; daripada jadi tumbal nu teu guna. Ngagugulung dunya mah moal aya tungtungna."
"Baruk!"
"Matakna, geus teu kudu aya deui carita Kuru setra. Dalah kuring jeung dulur-dulur ti Kurawa ge geus pada silih menta hampura."
"Satemenna, kuring oge milu bagja kana beja ieu... Keun we atuh, sugan Kuru setra, jadi eunteung keur manusa."
"Loba keneh lalakon, Dalang! Eunteung teu kudu salawasna tina perang."
"Boa jalma mah kudu dilalakonkeun heula kitu!"
"Tapi apan Kami ge hayang nangtukeun jejer sorangan. Mun seg kuring jeung dulur-dulur ukur ngagugu kahayang Dewa, tada teuing ieu kapeurih moal aya tungtungna."
"Tapi kumaha, dalah ieu geus pamenta nu boga hajat."
"Ari kira-kira matak maslahat, naon salahna urang baruntak?"
"Kuru setra tetep dilalakonkeun... ngan lebah carita cuang robah, kumaha mun kitu?"
"Asal luyu jeung nu ku Kami dilakonan ayeuna."
"Duh, tapi mun dadakan kieu, naha kuring bisa ngalalakonkeunna, kitu?"
"Mun kudu, bae kuring nu nyaritakeunna!"

***

Basa Yudistira kaluar ti rohangan, Kuwu Jaro buru ngahuit ka Hansip Ipik. Nu dihuit gancang mere isarat ka si Dinta nu ngajega deukeut gada-gada. Atuh si Dinta ge tuluy rurusuhan nyampeurkeun panata calagra. Geus ditoel ku si Dinta, panata calagra unggeuk-unggeukan; tuluy we babatukan ka Polsekta. Polsekta nu geus elekesekeng nangtungna, ngalieuk ka panata calagra. Barang nempo panata calagra ngaunggeukan, katara beungeutna marahmay.

"Siap, Juragan!" cek Kuwu Jaro bari sasaged. Yudistira tibang mesem.
Nempo Dalang Tanu naek panggung, badan-badan nu lalajo oyag sapada harita. Surak, huit jeung keprok muwuh ngariegkeun Alun-alun.

Kuwu Jaro jeung rengrenganna, geus tingdayagdag di korsi panghareupna. Ari sinden jeung para nayaga kalah siga nu geugeumeueun. Saheulaan, bet siga nu keuna ku eureup-eureup.

Kesang tiis tingsariak.

***


Bandung, 2009

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

deni suwardi ngomentaran:

Reueus.... rupina mah kedah namatkeun dina angeun sewang-sewangan..... Jempol rempeug..

ki semar ngomentaran:

Ieu teh bakal diteruskeun.....

ki semar ngomentaran:

Ieu teh bakal diteruskeun.....

Eni Kunaenih ngomentaran:

kumaha endingna ieu carita teh ki Dalang .......?

Rinda Liana ngomentaran:

reueus ku guluyur basana. matak betah macana.

kang jamjam ngomentaran:

hanjakal teu aya gambar ilustrasina nu jadi ciciren majalah mangle,sanajan kitu sono ku carpon atanapi carita nu sanesna, dugi ka danget ayeuna sim kuring ngagugulung mangle terbitan belasan taun ka pengker, ngan hayoh we di aos, dugi ka ledehna

Inoue Kertapati ngomentaran:

Nengetan pok-pokan ki dalang Tanu jeung Yudistira gede harepan rahayat teh moal katalangsara kawas ayeuna. Tapi kanyataan nu aya jauh pisan tina harepan margi nu aya teh mung model duryudana jeung dursasana. Ganti pimpinan, rakyat tetep katalangsara jeung kadungsang-dungsang.

Osid Sulaeman ngomentaran:

Maca tur nengetan bahasa jeung guluyurna carita bahasan "Ki" Ihung, asa emut ka Kang Usep Romli HM kapungkur ...... wa'as. Lajengkeun Ki Ihung, urang dangdanan ku carita2 anu matak nambah geulis Nyi Mangle. Der aah.........

YADI supriadi wendy ngomentaran:

Hanjakal teu neras, tah kumaha carios kurusetra versi Yudistira teh? Boa, tiasa jadi picontoeun alam ayeuna dina cara ngaleungitkeun pacengkadan.