Tue, 22-05-2012
Carita Pondok

Nunggu

Pintonkeun di FB

Ku Iding Rohana

Geus meh dua jam aya kana tilu puluh urangna mah jalma dariuk na korsi di rohangan Kilinik Afiat. Nunggu dr. syamsu muka praktekna. Sarerea panonna museur na lebah panto ruang dokter Syamsu, Dokter Spesialis Dalam jeung Kandungan nu ka mashur. Biasana dokter Syamsu jam dua muka praktekna teh kari-kari ayeuna geus jam opat leuwih saparapat can keneh bae. Boa-boa di kantor tempat dinsna aya halangan, aya nu operasi deui. Emh, pielateun! Harita Danu nu keur nganteur pamajikana berobat ngarasa panasaran tuluy ngajugjug rohangan informasi, nanyakeun. Manahoreng teu jauh tina sangkaan dokter Syamsu cenah nuju ngoprasi pasenna di Rumah Sakit tempat dinesna. Praktekna bade diundur ngawitan jam genep magrib. Beu!
Tah dina kituna ari berobat ka kilinik eta teh. Hoream ku nungguanana, sajaba sok eulat teh mani ngantay deuih bubuhan dokterna geus kakocap. Matak cangkeul puguh oge. Ngan mun teu kitu sasat geus meunang nomer mah apan sakalieun meunang panggilan teh urangna kudu tugur. Mun hanteu ka na dieusian batur. Lapur. Waktu nunggu bakal leuwih lila deui.

"Kumaha, Kang cios nganteur abdi ka kilinik teh?" sora pamajikana kadengena ku Danu mani asa nongtoreng deui.
"Kumaha mun poe Rebo we atuh, Dev. Di kantor akang nuju riweuh!" tembal Danu semu hoream.
"Muhun da kasakit mah tiasa diengkekeun, Kang!" ceuk Devi ngabalieur tayohna ngarasa keuheul. "Rek jeung

Dewi bae atuh ari Akang hoream mah." Pokna deui bari ngaleos rek nyusulan adina, adi beuteung Danu. Najan bari jeung rada rumegog Danu maksa indit ngantor. Duh, bet aya rasa hanjakal na hatena. Kunaon dirina bet tega nalobehkeun, teu daek nganteur Devi ka kilinik. Boa-boa hate Devi kasinggeung, ngarasa disapirakeun. Atawa moal hanteu pasti nyebut Danu, salaki taya pisan perhatian. Naha atuh aing kalahka ngajurungkeun adi beuteung sina indit bari naek mobil umum deuih.

Ngendek dua minggu ti harita, Devi nyarita pajar teh palang merahna aya deui. Ari sakuduna mah saminggu ti harita tuda kontrol deui teh. Saminggu ti tas berobat ceuk dokter kudu buru-buru deui dipariksakeun. Ngan teuing kumaha ngarasa euweuh masalah, Devi teu kungsi ka dokter deui harita teh. Ana kitu mah bener haed teh teu normal. Moal enya kareseban sabulan campleng. Ngarasa bisi matak nambahan parna jeung ngamomorekeun deui pamajikan teu kungsi nunggu pangajak Devi pikeun mariksakeun deui, gasik Danu nyarita.

"Hayu jeung Akang ka kilinikna, Dev!"
"Lah, wios ari sibuk mah, Kang. Abdi nyalira oge da kaduga ieuh." Pokna bari rada ngareret ku juru panonna. Apilain.
"Ah, hanteu. Da nyalse ieuh."
"Kedahna mah minggu kamari tuda kontrol teh" ceuk Devi semu hanjakal.
"Ari sugan teh muhun bae tos normal deui." tembal Danu sarua semu hanjakal.
"Sakantenan atuh sareng Akang dipariosna, bade?"
"Ah, sieun! Moal Akang mah." Danu ngabalieur. "Sudi teuing, moal Akang mah!"

Danu kekepehan bangun sieun naker. Teuing kumaha unggal diajak berobat manehna sok mangsar-mingsir. Hatena mungguh gegebegan. Da nyakitu Danu mah sok sieun ku bisi rempan ku sugan tea. Kumaha mun enya dirina nurutkeun pamariksaan moal baris boga turunan. Lalaki gabug ceuk Si Kedot tea mah mun nyindiran ka manehna teh. Ras kadinya hatena ngadadak ngalenyap. Jantungna ngetug ngadulugdug. Ah..., asa moal sanggup nyanghareupan ponis dokter model kitu! Pisakumahaeun teuing nyeri jeung nalangsana.
"Ari kitu Akang bade hayoh nungguan bae nu teu puguh?" ceuk Devi semu keuheul. "Mending dipariksa heula ngarah puguh bule hideungna, sanes kitu? Da teu cukup atuh ukur nunda harepan mah tetep we usaha heula satekah polah. Sangkan jinek iwal ti kudu dipariksa, kumaha?" Devi neuteup seukeut salakina. Aya gurat-gurat pangharepan na sorot panonna nu cureuleuk. Gurat pangharepan ti nu jadi salaki sangkan daek dipariksa pikeun nangtukeun sikep ka hareupna. Panghareupan sangkan nu jadi salaki wani narima sing kumaha bae oge kanyataan tina hasil pamariksaan engke. Tangtu kaasup kasiapan dirina oge sok sanajan sakumaha pamariksaan nu enggeus-enggeus mah Devi mah normal. Ngagetih model kitu saur dokter mah kalan-kalan wungkul. Dikitukeun teh Danu kalah malik neuteup. Paneuteupna lir ngobet eusining hate Devi. Naha enya hate awewe nu geus marengan hirupna salila salapan taun baris tumarima kana kadar nu pinasti? Naha Devi baris tetep jinek na hatena?

Sajongjongan Devi nungguan pangjawab salakina. Tarang Danu mani ngariut bakat ku uleng.
"Nya hayu atuh, Akang oge rek dipariksa sakalian ngarah paruguh." Tembal Danu semu halon bari nangkeup Devi sajongjongan.

Basa Danu jeung Devi ka Kilinik Afiat ray poena sakumaha biasa nu narunggu mani ngantay. Katempona rereanan nu ngadon daratang teh awewe ngarora keneh sapantaran pamajikan Danu. Aya eta oge saurang-urangeun nu geus mareunang umur nu ngadon mariksakeun rahim alatan sababaraha hal. Kitu deui nu sarua kasusna samodel karandapan ku Devi, ngagetih bae. Ngan rereana diantara maranehna mariksakeun kahamilan.

Sarua jeung nu enggeus-enggeus angger ningan rek eulat deui dokter teh bubuhan pasenna di tempat dines matuhna kacida lobana. Kajojo pisan. Sarua jeung nu keur narunggu di kilinikna. Nu narunggu harita geus mimiti elekesekeng. Kesel. Geus ngaret dua jam tea atuh. Ibu-ibu nu haramil katempo mani narahnay. Kesangna rarenung na tarangna. Nungguan dokter bangun ku cape naker. Pantes kituna mah tong boro maranehna nu keur ngabadan dua, Danu we jeung Devi nu kasebutna sabadan turta kasebut waringkas lebah nungguan mangjam-jam mah teu wurung elekesekeng. Asa peot bujur. Komo nu keur ngabadan dua, nu haramil teu sirikna kesang badag kesang lembut maseuhan saawak-awak!

"Tos sabaraha sasih, Bu?" ceuk Devi muka wangkongan tamba kesel ka hiji awewe nu diuk gigireunana.
"Lima sasih." tembalna pondok. "Teteh tos sabaraha sasih?" pokna deui malik nanya.
"Ah, hanteu abdi mah." tembal Devi rada halon sorana. Aya rasa timburu na hatena. Aya rasa nu ujug-ujug ngagareuwahkeun ketug jajantungna. Hatena bet ngarasa ngaleketey. Na iraha atuh aing rek kawas maranehna. Reuneuh. Devi ngadon maling reret ka salakina. Danu geus terus rasa. Sorot mata Devi nu pinuh ku pananya jeung nganaha-naha. Danu ngadon ngabalieur.
"Karaos naon kitu?"
"Emh..., kareseban teu patos lancar." tembal Devi.
"Ooh." ceuk awewe gigireunana bari narik napas tuluy ngusapan beuteungna nu melendung semu usik-usikan.

Pantesna teh si utun inji keur ngarengkol ngararasakeun haneutna disimbutan rahim nu jadi indung. Rahim indung nu mangrupa alam nu tengtrem tur tingtrim pikeun manehna, can apaleun alam dunya jaman kiwari nu bayeungyang jeung pinuh ku rupa-rupa kokotor. Sajongjongan eta awewe ngusapan beuteungna tuluy ngusap tarangna nu renung tayohna ngarasa hareudang bubuhan jalma padedet. Salakina neuteup pinuh ku rasa deudeuh.

Meh jam opat dokter can jebul keneh. Nu narungguan katempo meh kabeh semu lungse tungtungna ngan ukur ting haruleng. Ibu-ibu nu haramil ngarusapan beuteungna sakapeung bangun nu tingsalengir nahan kakesel pangaruh si utun inji. Kaayaan simpe. Ngan duaan sapasang salaki jeung pamajikan nu kawilang ngora keneh pisan nu ngadon guntreng ngobrol teh. Paselang jeung saleuseurian bari jeung ocon sagala. Jiga-jiga nu anyar papangantenan. Danu anteng melong ka nu keur arocon bari noel pamajikanna. Nu sejen ting rareret nempo pamolah eta dua jalma. Sakitu simpe teh maranehna mah kalah beuki motah hareureuyna semu teu boga ka era. Nu sejen deui-deui ngan ukur silih reret kapiasem. Eta nu bikangna deuih mani cumentil pisan tuda, ihh matak..., Danu ngadon cengir.

***

Tuhu ka na parentah dokter sabada Danu harita dipariksa turta dibere surat rujukan sangkan mariksakeun spermana, manehna nurutkeun. Nyaksian kitu Devi kacida ngarasa bungahna. Devi ngarasa yakin salakina tangtu geus ngarasa siap pikeun nyanghareupan naon rupa hasil pamariksaan. Boh beureum boh hideungna. Beda ningan Danu ayeuna jeung Danu waktu-waktu katukang mah, mun rek dipariksakeun teh estu mugen kajeun teuing tepi ka hoghagna.

Cunduk ka na waktuna Danu geus jebul deui ka eta kilinik maksudna rek mikeun hasil pamariksaan laboratorium. Sakumaha sasari nu narunggu geus padedet. Nyokot nomer paheula-heula. Untung Danu ti memehna geus nyokot nomer daptar. Ka lima. Moal kesel teuing nungguan mun buka praktekna pas waktuna mah. Teuing mun elat deui mah kawas nu enggeus-enggeus.

Mun anu ngaduakalian katukang Danu jeung Devi teu ieuh ngarasa cape teuing nungguan najan eulat oge, nu ayeuna mah karasana beda pisan ti sasari. Teuing pedah mun keur aya ditugguan mah. Naon deui ari lain nuggu pamustungan dokter mah. Hasil pamariksaan sperma ti Lab Sperma nu baris dieceskeun ku dokter Syamsu. Ditempoan eta oge hasil pamariksaan ti Lab teh ngan teu apal kabeh naon maksudna. Ngan ukur diduga-duga jeung di jijiga kumaha payusna nu sabenerna teu matak tetela. Tapi naha kesang badag kesang lembut mani juuh maseuhan awak Danu? Duh, sok sieun geus terus rasa, ceuk pikirna. Bakal meunang pamustungan anu goreng! Sieun matak meunang wiwirang, kumaha teuing! Ngadadak Danu harita diukna leuwih elekeseng batan awewe-awewe nu keur hamil di eta rohang tunggu. Asal nyul-nyel hayang utah, alahmanan nu keur nyiram. Awakna karasa lungse. Jero dadana wuwuh ratug tutunggulan. Danu peureum sakedapan. Boa-boa totonden goreng!?

Basa meunang panggilan pamariksaan sup Danu jeung Devi arasup. Danu ngasongkeun keretas hasil pamariksaan ti Lab Sperma bari hatena ratug. Devi nyekel leungeun salakina pageuh pisan. Barang muka eta keretas Dokter ngadon olohok ngembang kadu bari rut-ret neuteup Danu. Bla-bla-bla dokter ngeceskeun semu pinuh ku rasa hanjakal mireungeuh kitu Danu beuki ratug. Dadana ampir bejah. Bet asa pamohalan, kecil kemungkinan Anda punya anak, kitu saur dokter harita matak nyoplokkeun jajantung!
Danu rumanggieung kaluar ti kamer dokter bari ditungtun ku Devi nu teu weleh nyaaheun ka dirina. Bray panto muka, breh awewe nu garede beuteung nu rarenung ku kesang banget lila nungguan. Aneh nu ti tadi hatena ngarasa karunya tur deudeuh ka maranehna bet kasilih ku ambek kapegung. Aya rasa timburu nu rohaka na jero dadana. Aya rasa nu barontak na hatena. Teu percaya ka na naon rupa kanyataan nu tumiba ka manehna. Teuing ku naon nempo awewe nu bureuyeung bet hayang nalapung. Buru-buru Danu ngusap beungeut. Kareret ku manehna si utun inji nu keur morongkol na jero beuteung bari sare tibra semu ni'mat ngararasakeun alam rahim. Alam nu tengtrem tingtrim teu karobeda ku rupaning masalah. Alam rahim nu tingtrim beda jeung alam dunya nu matak bayeungyang hate. Alam dunya nu sakapeung matak meunggaskeun harepan tur moekeun pipikiran. Baluweng. Ngan barang nempo si utun inji ngalempereh bangun pasrah kaceuceubna ngadadak leungit. Rasa karunya jeung deudeuh lalaunan maseuhan hatena nu keur ngentab.

Barang nepi ka luar ti rohangan tunggu geus breh deui Danu nempo nu mendeyang. Saurang. Duaan. Tiluan. Tuh..., ningan lobaan. Lain awewe nu keur bureuyeung ieu mah, lain nu keur rareuneuh. Ieu mah lalaki. Lalaki nu awakna bayuhyuh. Beuteungna nambru. Nyel Danu ngarasa ambek. Teu antaparah deui jebet saurang lalaki nu bayuhyuh tadi diteunggeul sakebekna keuna pisan kana mamarasna. Jelepung beuteung eta lalaki di talapung. Borolo eusi peujitna ngawut. Geutih hideung lir aspal ngaburial tina beuteungna. Hangru. Gajleng Danu luncat ka jalan nu keur meujeuhna ngantay kendaraan. Jalan hideung nu tik-tik ting koceak bangun ripuh. Kanyenyerian.

***


Saung Pangharepan, April 2009

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

H Andi.D Awaludin,S.IP ngomentaran:

kunaon atuh nya manehna teh, candak gera ka dokter....

Eva Masfufah ngomentaran:

aya nya nu kitu...hadeueuh...

Siti Eha Julaeha ngomentaran:

karunya teuing kang danu... Hoyongeun bayuhyuh sigana yeh

aditya kamana ngomentaran:

cape,en nu ngarang na jdi ngamukk

wahyudeen ali husen ngomentaran:

deudeuh teuing kang danu

aam amarullah ngomentaran:

rupina rumpaka henteu ngedit deui naskahna panginten? hapunten nu kasuhun, katingalna seueur keneh kecap-kecap nu sanes basa sunda (indonesia di sundakeun) sareng cara nulisna kirang tepat...

iwan sumargawan ngomentaran:

Naha bet teu puguh endingna

Eni Kunaenih ngomentaran:

euleuh2 geuning kalah ka ngamuk kitu .....

Ujang Anom ngomentaran:

Asa ras kana diri..beda na kuring ditinggal ku si utun inji dina jero kandungan. Asa leungit pangacian waktu dokter monis budak kuring geus te aya dikieuna sabab telat nya mariksakeun

edwin ngomentaran:

naha bet kitu endingna.......