Sandekala
Ku: Ihung
Kungsi mireng, Sandekala?
Cobian lahir di lembur uing-lembur di beh kiduleun Majalengka; lembur nu dilingkung ku gunung jeung pasawahan-cobian rasana hirup-kumbuh di ditu, sakantenan bari ngaulukutekan budayana.
Nalika Saderek masih keneh resep lalayangan, ngadu-ngadukeun jangkrik, neangan siki lampeni atawa ngojay di walungan, mangka tanwande kecap Sandekala bakal kapireng, engke wengina. Kecap nu ditegeskeun ku Kolot urang-diala maksud sangkan nyebarkeun kakeueung ka nu mirengna.
Leres, kolot-kolot mah sok kalah bungah nempo roman urang muringkak teh. Komo pami matak urang gagancangan muru tajug mah; atuh satengah jam ti harita sora urang kapirengeun, patarik-tarik nalar ikro jeung susuratan. Tos we, tos kitu mah gurat-gurat kacape nu memehna ngagaleng na mastaka Kolot teh ngadadak sirna; gegentosna janten raray nu marahmay.
Kalayan sumanget, Kolot teh sok terus ngadadar, naon ari Sandekala. Cara nyaritakeunna lir Wa Kepoh pami nuju ngadongeng: nalagtag sareng capetang dibarung ku pepeta nu ngayakinkeun.
"Sandekala mah jangkungna sagede buta. Matana sagede-gede balastrang. Huntuna sihungan. Karesepna ngadahar uteuk budak nu nalaktak." Kitu cenah ngagambarkeunna teh!
Tos kitu mah teras we Sandekala teh ucang-angge na sirah Saderek. Beungeutna atra pikasieuneun. Bengeut mangkeluk nu ka dieuna, teu dipiharep datang kana impian.
Kaleresan bumi uing mah ayana di sisi lembur. Patukang-tonggong sareng leuweung nu sok nganteurkeun seorna angin jeung sora-sora sasatoan ka jero pangkeng. Matak mun tengah peuting uing kahudangkeun ku eta-eta sora, atuh badan teh sok wae teras ngadegdeg. Kaciptana, Sandekala teh karek kaluar tina rungkun, tuluy turun ka lembur rek neangan budak keur hakaneunna. Hiiy...! Atuh uing sok tuluy mubuykeun hulu kana sarung bari sabisa-bisa ngadu'a muga Sandekala teu datang, mawa uing. Ngan mun geus teu kuat nahan kakeueung atuh sok gorowok we uing teh, menta tulung.
Mun geus cocorowokan kitu, sok enya, Sandekala teh ilang tanpa karana. Nu aya jadi Ema jeung Bapa nu cikeneh ngahudangkeun. "Sandekala mah sieunna ku kulhu; matak babacaan heula ari rek sare teh!" Tuluy kadenge papatahna dina sela-sela ratug kareureuhnakeun.
Apan ari di kota mah, kusabab lobana gedong nu jarangkung, kabel-kabel listrik jeung telepon, geuning lalayangan Saderek teh sok teu laluasa suat-seotna; tah ari di lembur mah, sawangsulna. Lalayangan teh sok jadi garuda nu pangkawasana di luhur mega. Pasawahan nu upluk-aplak matak janten tegalan kabungah keur nu resep lalayangan mah-teu kedah ngemutan kasieun: sok bilih kenurna nyangked atawa meulit kana kabel-kabel listrik.
Mun bel uih sakola tos ngeleneng, hal nu tiheula datang kana sirah, geus tangtu iwal kenur jeung lalayangan. Matak sanggeus ngalungkeun kantong jeung ganti pakean, ngan dua hal eta we nu ngarurusuh barang-tuang teh. Tah basa nuju mukakeun tutup sangu mah, masih keneh inget kana parentah Ema jeung Bapa, tadi isuk teh: "Engke beurang anteurkeun ceret ka sawah." "Tong poho ngarit jukut keur si Kukut!" siga kitu. Ngan nya edas we atuh... seg tepi kana huap panungtung mah dak dumadak poho kana tugas jeung tanggung-jawab teh. Hate nu kekerejet hayang geura-geura ngabecir ka tegalan sawah malah geus mohokeun deui yen urut dahar teh sakuduna mah diberesan deui.
"Pidiiiiin, burukeun!"
Tah komo basa panyaluk babaturan geus nampeu di buruan mah...
Kitu sigana numutkeun uing mah-jalan hiji-hijina pami Saderek hoyong pendak jeung Sandekala-kedah dongkap ka lembur uing; sakantenan kersa paheuyeuk sareng hirup-huripna.
Dina sore nu hegar, mangsa layung umyang na mumunggang, tah harita, Saderek bakal surti naha uing sok sono ka tanah-kalahiran. Cahaya-cahaya emas nu mantul tina jangjang-jangjang papatong asana moal kapendak di kota mah. Atuh Saderek mani sakitu katajina. Mani olohok ngembang kadu, ningal kaayaan sakitu endahna. Dina kaayaan keur simeuteun, lalaunan kabagjaan nyeblok siga cai walungan; nyeblok ti mangsa-mangsa nu bieu kasorang: Di luhur mega nu ngeplak bodas langlayangan nu suak-seok lir gatotgaca nu medengkreng di kuru setra. Leuweung Buni nu masihan ranggeuyan buah lampeni; nu sikina jadi mimis keur seseletokan. Leuweung nu nyadiakeun jangkrik Kidang. Jangkrik-jangkrik sagarede-gede cingir. Jangkrik-jangkrik nu cadu mundur ti pakalangan.
Memeh layung ngaleketey, memeh lalay kalaluar, memeh Saderek sadar yen tos mangsana kedah gancang-gancang mulang, diteuteup heula eta mumunggang nu keur dikepung ligar layung teh. Uing mah ukur mesem basa na jantung Saderek timbul kahemeng: Naha enya di handapeun umyang layung aya Sandekala nu pikasieuneun?
"Pidiiin, buru! Bisi aya, Sandekala!"
Mun tos mireng rerencangan nyebut kitu mah, Saderek teh ngaranjug sakebekna satuluyna tuturubun nyusul nu geus tiheula lalumpatan.
"Woooy, dagoan!"
Waktu ngabecir, bet gening aya pirasat nutur-nutur: boa-boa Sandekala milu ngudag! Duh, tada teuing Ema jeung Bapa...!
"Dasar budak bantangor! Ti mana wae siah? Gawe ngan ngador wae! Montong balik, sakalian!"
Sora Ema ngontrog uing di lawang panto. Tuluy curukna bentik tutunjuk kana beling nu geus ngadungkuk deukeut hawu. Uing jadi bueuk meunang mabuk. Ulah-ulah wantun neuteup raray Ema, dalah waktos si kapas ngalalar kana suku ge, mani nguat-nguat maneh sangkan teu nalapung manehna-tina ngeongna uing mah geus ngajudi, pasti ucing kehed eta nu geus meupeuskeun gelas jeung piring teh. Bari ngegelan kuku sorangan uing nebak-nebak naon nu bakal karandapan.
Tacan ge rengse ngimpleng nyerina pangjewer Ema, gening kasieun nu sabenerna mah ngagantawang ti sora Bapa. "Mana, budak bangkawarah teh? Sugan kudu dilelepkeun ka balong, ku aing!" Tuluy lengkahna karasa nampeu tukangeun. Ieu bitis mah geus asa sajepret-jepreteun we di peupeuh ku sapu nyere teh. Asa hayang sawer-wereun, kiih! Malah boa, na pikir teh, meureun panyabok Bapa ge bakal ngalayang kana pipi. Nya uing peureum tipepereket.
Uing disered ku Bapa. Kana sungut karasa asa diwewelan ku jukut. "Lebok, tah!" basa Bapa nyentak kitu, sakolepat uing inget ka si kukut.
Gejeburrrr!!! Sora cai balong nu muncrat pacampur jeung sora Bapa, "Awas mun wani hanjat! Keun, sina dilegleg ku Sandekala!"
Wanci geus teges ninggalkeun poe. Sora kohkol ti tajug kadenge kurulungna. Tapi naha asa taya sora nu parupujian? Nya kamarana babaturan; naha sarua kitu nasibna, siga uing?
Ari tadi beurang mah-najan sapopoe ngeueum di walungan, ih da resep we nu aya-teu tiris teu sing. Na ari ayeuna, ieu awak sakitu ngahodhodna. Tea mah Uing ge ngarti, naha Saderek sakitu ngahodhodna. Babakuna lain pedah mangsa geus asup ka peuting teuing tapi oge dumasar kana rasa kakeueung nu tohaga. Ka dinyana mah tuda tong boro ayeuna, sasat keur aya di tengah balong, dalah aya di tempat nu nyumput-nyamuni ge, apan Sandekala mah sok apaleun... komo deui sasat ieu mah geus dibikeun ku kolot sorangan...
Satengah jam ka hareupna, Saderek bakal ngarasa yen Sandekala teh geus nampeu di hareupeun mata; nalika aya kalangkang ngajuringkang nyampeurkeun. Harita, mun mah Saderek dibere waktu keur medalkeun pamenta, geus tangtu hiji-hijina nu dipenta teh sangkan waktu bisa dibalikkeun deui. Tuluy Saderek bakal jangji nu sajangji-jangjina: rek turut-tumut ka Kolot. Moal deui-deui baha kana sagala panyarekna. Rek salawasna ngagugu kana naon parentah Ema jeung Bapa.
Malah basa Bapa ngalungkeun sarung, satutasna Saderek beres beberesih, hate mah apan masih keneh gegebegan...
Lelembutan mimiti bengras deui teh basa Ema nyodorkeun piring sangu ka hareupeun; atuh bungangangna, nya basa Bapa eureun mamatahanna tuluy menta dipangmencetankeun sukuna.
"Yeuh, budak baong mah sok jadi parab Sandekala. Matak ari jadi budak teh kudu bageur. Kudu daek dititah. Tong loba teuing ulin!" sora Bapa ayun-ayunan dina peuting nu beuki lelenggutan.
"Geus geura sare ka ditu!"
Duh bungangangna ieu hate... Jauh dina pucuk jantung, aya jangji nu dipatri...
Di luar, sora angin ngagelebug. Sada anjing babaung...
Dina ngimpi, Sandekala ngajuringkang ti nu bala ***
Bandung, 1 Pebruari 2009