Tue, 22-05-2012
Tamu

Drs. Nunung Sobari, MM: Mukakeun Jandela Pariwisata Tatar Sunda

Pintonkeun di FB

Anjungan Jawa Barat Taman Mini Indonesia Indah ( AJB TMII) lir jandela Tatar Sunda. Ti dinya, bisa nyawang Tatar Jawa Barat. Ngan, naon wae mangpaatna?

Upama kaparengan lolongok ka Taman Mini Indonesia Indah (TMII), bakal bruh-breh kabeungharan  Nusantra. Di dinya, bisa ngalanglang tempat-tempat nu mangrupa 'miniatur' kabeungharan budaya  seler bangsa Indonesia.   "Anjungan Jawa Barat lir jandela nu tiasa dianggo nyawang tatar Sunda," ceuk Drs. Nunung Sobari, MM., Kepala Balai Pengelola Anjungan Jawa Barat (AJB) Taman Mini Indonesia Indah (TMII) Jakarta.

Anjungan Jawa Barat nu kaasup UPTD Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Jawa Barat,  ceuk Nunung boga pancen ngawanohkeun potensi Jawa Barat ka sakumna bangsa Indonesia oge mancanagara. "AJB teh minangka puseurna tempat kanggo ngawanohkeun, ngalestarikeun, miara tur ngamumule seni, budaya, katut pariwisata Jawa Barat," pokna sawatara waktu ka tukang.

Anjungan Jawa Barat TMII, lana manjangkeun lalakon. Nilik kana umurna, mun di jalma mah geus manjing kana dewasa. Legok tapak genteng kadek, loba luang jeung pangalamanana.

Anjungan Jawa Barat diresmikeun 17 April 1975 ku Gupernur Jawa Barat, H. Aang Kunaefi. "Alhamdulillah dugi ka ayeuna, AJB teh tiasa ngalaksanakeun pancenna luyu sareng patekadan pamianganana," pokna.
Ngan tangtu, cenah, bisana kitu teh lantaran meunang pangrojong sakumna pihak, pangpangna  pangrojong Pamarentah Daerah Jawa Barat. "Perhatosan Pemda Jabar kacida saena," pokna nambahkeun.

Ciri Mandiri

Anjungan-anjungan nu aya di TMII boga ciri mandiri. Masing-masing ngagambarkeun kabeungharan budaya sewang-sewangan. Kitu deui AJB, boga ciri mandiri nu 'nenggang' ti nu lian.

Wawangunan AJB nyonto Karaton Kasepuhan Cirebon, Jawa Barat. Di dinya, di antarana, aya tempat keur mintonkeun kasenian Jawa Barat. "Sasaha ge tiasa minton di AJB, asal nyumponan pasaratanana," pokna.
Memang, teu sakumna seniman kaparengkeun bisa minton di AJB. Kitu teh, lantaran waktuna kawatesanan. Ari kasenian di Jawa Barat, apan sakitu lobana! "Tangtos, moal tiasa sadayana kapintonkeun," ceuk ieu seniman nu kungsi tolab elmu di Sekolah Menengah Karawitan Indonesia (SMKI) Bandung teh.

Najan garapan gawe AJB  puguh gek-gekanana, ari dina prak-prakan jeung kamekaranana mah tangtu bakal kacida gumantungna ka pihak-pihak nu ngokolakeunana. Drs. Nunung Sobari, MM.,  nu boga pancen ngaluluguan ais Balai Pengelola AJB, boga karep jeung impian sangkan eta anjungan jadi 'jandela' pamuka keur nu boga karep ngadongdon Jawa Barat. "Kumargi kitu, sakumna nu aya di AJB, boh nu tumali sareng barang-barang hasil karajinan, pintonan kasenian, sareng objek-objek pariwisata, satekah polah ditata atanapi dipintonkeun sahade-hadena malahmandar jadi pangirut sing saha wae nu gaduh karep lolongok ka Jawa Barat," ceuk ieu teureuh Bandung nu lahir taun 1957 teh.

Nunung Sobari engeuh pisan,  ngokolakeun AJB teh teu babari. Perelu tarekah daria ti sakumna pihak nu raket tumalina jeung eta bale. Hartina deuih,  ceuk Nunung,  AJB teh butuh pangrojong sakumna pihak, kaasup pangrojong masarakat Tatar Sunda.  

Naon wae kagiatan AJB teh? Tangtu we rupa-rupa. Aya pintonan seni dina waktu-waktu nu tangtu, pameran hasil karajinan katut nembongkeun cara-cara nyieunna, jeung sajabana. Lian ti kitu, kalayan mayeng aya acara 'badag', saperti Sapeuting di Tatar Parahyangan. Tah, eta pintonan mah kumplit naker. Mun beurangna aya seni helaran, peutingna mah mintonkeun rupa-rupa kasenian. "Alhamdulillah, pintonan sapertos kitu kenging pangbagea ti balarea, kalebet pangbagea ti para duta besar nu diulem ka AJB," pokna.

Satutas nyaksian pintonan, para tamu ondangan teh teu saeutik nu hayang langsung ningalian hasil karajinan atawa pintonan kasenian nu lembur asalna. Matak, ceuk Nunung boh karajinan boh kasenian nu dipintonkeun di AJB teh, nu bener-bener masih keneh dipiara jeung dimumule ku masarakatna. "Ulah dugi ka ukur aya dina pintonan di AJB wungkul," pokna semu ngawawadianan.

Anjungan Jawa Barat, memang lain ukur tempat pintonan kasenian wungkul. Lian ti tempatna pintonan, oge  puseurna informasi jeung atikanan deuih. Matak, teu aneh teu sing upama saban waktu, lian ti boga karep  lalajo, oge nu ngadon latihan kasenian, saperti nabeuh gamelan, diajar ngibing (nari),  ngahaleuang, jeung sajabana.

Ngakar kana Budaya

Kasenian-kasenian tradisional, ceuk Nunung Sobari, memang lain ukur keur kapentingan hiburan. Lian ti tongtonan, oge keur atikan. Ku lantaran kitu, ieu Kepala Balai AJB TMII teh  miharepna masarakat ngahucuhkeun barudak sina arulin katempat-tempat saperti AJB TMII. " Tangtos,  AJB satekah polah  nyayogikeun tongtonan nu pinuh ku tungtunan,"  ceuk ieu lulusan IKIP (UPI) Bandung teh.
Ceuk panitenana, seni teh kacida hadena keur ngawangun karakter barudak. Kagiatan kasenian, nu museur kana olah rasa, olah batin,  bisa ngalemesan budi barudak. "Umumna, nu gaduh jiwa seni mah,  paripolahna oge tara janten euwah-euwah nu ngabarubahkeun," pokna.

Seni hususna, budaya umumna, memang ka bula ka bale. Bisa keur rupa-rupa kapereluan. Dina pintonan seni tradisional, ceukNunung euyeub pisan ku tungtunan. 'Sareng mangpaatna oge rupi-rupi, kalebet tiasa ngandelan kareueus ka sarakan sorangan," pokna.

Rasa nasionalisme, ceuk kepala AJB, oge bisa diwangun ku lantaran engeuh kana budaya. Contona, waktu 'pakaya' budaya diaku batur, timbul rasa nasionalisme! Ngarasa kabintih mamaras, ngarasa teu diajenan batur. "Hikmahna, tembong rasa nasionalisme!" pokna.

Euyeub Prestasi

Sakur ais pangampih AJB tangtu reueus. Garapan gawena teu gaplah. Contona sual prestasi, matak reueus balarea. Kitu teh, dibuktikeun ku rupa-rupa pangajen nu kacangking ku Anjungan Jawa Barat. Salila taun 2009, AJB nyangking rupa-rupa kaunggulan. Dina Karnaval Prajurit, AJB kapeto jadi juara umum. Atuh dina Parade Lagu Nusantra, AJB ge meunang piala panata musik panghadena, panyipta lagu panghadena, jeung pintonan panghadena.

Kitu deui waktu Parade Tari Nusantara TMII, AJB ge, di antarana, meunang piala panata tari panghadena, piala panata musik panghadena, piala ngahias jeung busana panghadena, oge pintonan panghadena.

Kitu deui basa Pameran Pembangunan Tingkat Nasional,  waktu HUT TMII, Stand AJB ge kapilih jadi stand panghadena sa-Indonesia.

Naon deui kaunggulanana? Lian ti onjoy dina widang seni jeung kamotekaran, AJB ge unggul dina ngabebenah  lingkungan. Waktu pasanggiri nata lingkungan, AJB kapeto jadi panghadena dina sual kaberesihan, panataan taman, jeung kaamanan lingkungan. "Tiasa unggul sapertos kitu teh tangtos we margi seueur pangrojongna, pangpangna pangrojong ti Pamarentah Jawa Barat," pokna semu reueus.

***
(Ensa/Nay)

 

Cukcruk Galur


Kakasih: Drs. H. Nunung Sobari, MM.
Pamedalan: Bandung, 1957
Geureuha: Neneng Darmawati Herlina (guru)
Putra: Hermawan Subarna
           Sony Riza Windyagiri

Atikan:

  • Jurusan Basa Inggris  (S-1) IKIP (UPI) Bandung
  • Magister Manajemen (MM) Univeristas Winayamukti (Unwim) Bandung

Kalungguhan: Kepala Balai Pengelola Anjungan Jawa Barat TMII

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula