Tue, 22-05-2012
Impik-implik

Rampak Kendang Wanoja Mudungdungkeun Kulawarga Berencana

Pintonkeun di FB

Seni kabula ka bale. Lian ti keur hiburan, oge tungtunan. Kitu nu dilakukeun ku Badan Koordinasi Keluarga Berencana Nasional (BKKBN). Ngan, naon wae hasilna?

Kabudayan kasenian, jasana sanes lumayan. Kitu ceuk  juru kawih. Kasenian, memang lain ukur keur hiburan, lain ukur jadi pangbeberah hate, da bisa keur rupa-rupa tujuan. Matak, teu aneh teu sing upama BKKBN ge ngayakeun pasanggiri seni keur kapentingan program Keluarga Berencana (KB).

Kagiatan kawas kitu, kasaksen sawatara waktu ka tukang, di Kabupaten Pringsewu, Propinsi Lampung.  Pasna mah ti tanggal 1 nepi ka 3 Oktober 2009. Seniman ti sakuliah Nusantara ngumpul di eta tempat. Maksudna, milu  pasanggiri mintonkeun seni.

Leuwih Nyerep

Keur urang tatar Jawa Barat, pintonan seni keur kapentingan sejen, lain kagiatan anyar.  Kasaksen ti baheula mula, upama aya nu orokan,  di antarana maca wawacan. Eta wawacan diilo (dibaca) terus dihaleuangkeun. Eusina haleuang ge pinuh ku tungtunan moral atawa budi pekerti. Cindekna, kekecapan seni keur seni, di Sunda mah teu salilana dipuhit.

Seni memang kabula-kabale, bisa dipake keur rupa-rupa kapereluan. Kekecapan, ngahibur jeung mere mangpaat, remen kasaksen dina pintonan-pintonan seni di tatar Sunda.

Adumanis seni jeung tujuanana, tembong dina rupa-rupa seni. Dina pupuh misalana, leubeut pisan ku ajaran moral atawa keur ngalemesan budi parangi. Ku lantaran kitu,  dina waktuna seni dibutuhkeun keur kapentingan sejen, keur urang Jawa Barat mah moal ngawagu.

Pintonan seni keur kapentingan sejen, teu burung tembong mangpaatna. Waktu seni Sunda diabenkeun di lembur batur, hasilna ge lain lulumayanan. "Alhamdulillah ku ayana pangrojong sakumna pihak, kontingen Jawa Barat tiasa ngahontal juara kahiji," ceuk Dra. Hj. Ida Indrawati, Kepala Bidang KSPK BKKBN Propinsi Jawa Barat.

Rombongan nu diluluguan langsung ku Drs. H. Rukman Heryana, MM., Kepala BKKBN Propinsi  Jawa Barat, kabagean mintonkeun momonesna dina jirangan katilu.  "Pangbagea ti nu haladir kacida saena," ceuk Hj. Ida  semu reueus.

Kontingen Jawa Barat, mintonkeun tilu rupa kasenian, Catur Warga, Topeng Rehe, jeung Rampak Kendang (wanoja). Hasilna nyugemakeun, jadi juara!  

Jadi juara kahiji, matak reueus balarea. Komo deui, da  pamilonna ge  33 propinsi. Hartina, nepi ka bisa ngahontal juara kahiji teh kudu ngelehkeun 32 pamilon sejenna.

Pintonan seni harita, lumangsung  sapoe sapeuting. Eta we, ti tabuh sapuluh isuk-iusk, cacap nepi ka tabuh sapuluh peuting. Padahal, masing-masing pintonan teh diwatesanan,   ukur 15 menit.

Satutas 33 pamilon mintonkeun kamampuhanana, panitia netepkeun heula genep pamilon panghadena. Nu kapilih pinunjul teh, Jawa Barat, Yogyakarta, Jawa Timur, Bali, Lampung, jeung Kepulauan Riau.

Pintonan seni, memang lain tujuan utama. Da, ceuk Drs. S. Teguh Santoso, Kepala Seksi Advokasi dan KIE BKKBN Jawa Barat,  nu penting mah 'eusina' atawa 'pesen' sual KB nu ditepikeun dina eta kasenian. "Margi pagelaran eta seni teh intina mah kanggo nepikeun  pesen-pesen sual Kulawarga Berencana, kanggo ngagedurkeun sumangt pamilon KB," ceuk Teguh.

Nyaritakeun seni keur kapentingan program  KB,  memang lain barang anyar. Dina mangsa ngagederna program KB saperti taun 1980-an, para seniman teh  biasa ilu-biung nepikeun program KB. Dina wayang golek, calung, reog,jeung sajabana pesen-pesen pentingna program KB bisa ditepikeun ku para seniman. "Pasanggiri seni di Lampung oge kalebet kango ngagedurkeun  deui sumanget masarakat dina widang  program KB," ceuk Teguh.

Nurutkeun ieu lulusan STKS Bandung teh, kagiatan Kulawarga Berencana,  butuh pangrojong saban pihak, kaasup para palaku seni. "Komo deui seniman mah raket pisan sareng masarakat,"pokna.

Keur urang Jawa Barat, geder KB ngaliwatan seni memang lain kakara. Kamampuhan para seniman remen dimangpaatkeun keur kapentingan program pamarentah, kaasup KB. Hasilna, ngabukti,  program KB di Jawa Barat kaasup punjul dibandingkeun jeung propinsi sejenna.

Dalitna seni jeung program KB, remen kasaksen di sawatara tempat. Cotona, di Ciamis, Jawa Barat, aya program nu katelah Macangkrama Kader Ciamis (MAKACI). Kagiatanana  neueul kana program KB. Di eta daerah, seni keur kapentingan KB geus nembongkeun hasil anu hade. Geder KB di Tatar Galuh, Jawa Barat, jadi panyundut sumanget daerah sejenna.

Panyuluhan KB ngaliwatan seni tradisional, ceuk Drs. Teguh Santoso, bakal terus digederkeun. Kitu teh, sabab geus kasaksen mangpaatna. Seni titinggal karuhun, nu gumulung di masarakat Tatar Sunda bisa dijadikeun media keur nepikeun rupa-rupa tujuan, kaasup keur ngagedurkeun sumanget pihak-pihak nu tumali jeung program  KB di Jawa Barat.

***
(Ensa/Dedas)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula