Kampung Seeng Geus Teu Nyengsreng
Paribasa "beunang ditungguan ku seeng nyengreng" boa-boa tereh leungit. Kitu teh, lantaran kadeseh ku pakakas anyar saperti 'rice cooker'. Kumaha 'nasib'pangrajin seeng di Kampung Cihamerang Desa Banjaran Wetan Kacamatan Banjaran, Kabupaten Bandung?
Pasosore, langit angkeub, Engkus Kusnadi (27) anteng ngutrak-ngetrek almaniem sesa-sesa tina nyieunan seeng. Areng paranti ngalebur almanieum, bahan baku seeng, geus pareum. Nu nyesa kari haseupna, diulinkeun angin.
"Seeng nu tos beres mah tadi siang tos dikintunkeun ka pasar," ceuk Engkus, waktu Mangle nganjang ka Kampung Cihamerang, sawatara waktu nu kaliwat.
Engkus teh salasaurang nonoman nu masih keneh neuleuman usaha nyieunan seeng. Nu sejen mah leuwih kataji digawe di pabrik batan ngoprek seeng. Alesanana mah, cenah, gawe di pabrik mah boga panghasilan anu tetep. Atuh saban rek Lebaran mareunang THR. Dina waktuna kudu kaluar oge pagawe pabrik mah mareunang tunjangan. Beda jeung cekel usaha nyieunan seeng, sagala rupa ngandelkeun kesang sorangan bari jeung pangasilanana teu tetep kawas pagawe pabrik.
"Pun anak oge teu daekkeun dititah diajar nyieun seeng teh. Kalah riweuh neangan gawe ka pabrik. Bari jeung ayeuna mah digawe di pabrik teh cenah leuwih ripuh, lantaran rereana tanaga kontrak, langka anu diangkat jadi pagawe," ceuk Mamat (50), pangrajin seeng di Kampung Cihamerang.
Ceuk katerangan Mamat, pangrajin seeng di Kampung Cihamerang kiwari nu cekel usaha kana nyieunan seeng teh kari tiluan. Salian ti manehna aya oge lanceukna, Erasidi (60) jeung suanna (Engkus Kusnadi).
"Padahal baheula mah nu nyieunan seeng di Kampung Cihamerang leuwih ti genep puluh urang. Kiwari nu sejen parindah usaha kana nyieunan kurupuk," ceuk Erasidi.
Mamat jeung lanceukna katut suanna dina sapoe bisa nyieun seeng tilu. Dua minggu sakali seeng nu diproduksi ku Mamat sadudulur teh dibawa ka pasar. Seeng produksi Mamat salian ti dipasarkeun di wewengkon Banjaran teh dipasarkeun oge ka wewengkon Pangalengan jeung Ciwidey, malah aya oge anu dipasarkeun ka Kota Bandung.
Tina Beureum kana Bodas
Mamat jeung Erasidi naratas usaha nyieunan seeng ti leuleutik. Nuluykeun tapak kolotna, ti jaman rame keneh seeng beureum (tambaga-red) nepi ka pindah kana seeng bodas (almaniem-red). Keur mah harita Kampung Cihamerang teh kasebutna Kampung seeng, meh unggal suhunan cekel usaha kana nyieun seeng.
"Da baheula mah mun aya nu pesen seeng seueur teh, sadinten oge kacumponan," ceuk Mamat.
Ceuk pangakuanana, Mamat mimiti pindah tina nyieunan seeng beureum kana seeng bodas kira-kira taun 1981. Alesan utamana mah ekonomi. Lantaran seeng beureum mah proses nyieunna leuwih lila tinimbang seeng bodas. Bahan bakuna oge leuwih mahal tambaga tinimbang almunieum mah.
"Salian ti kitu seeng beureum mah langkung tahan lama tinimbang seeng bodas. Upami seueur ngadamelan seeng beureum tangtu bakal lami kana butuh deuina teh, da tahan lama tea," pokna.
Ceuk katerangan Mamat, seeng beureum bisa tahan opat puluh nepi ka lima puluh taun bari terus-terusan dipake atawa ceuk istilah ayeuna mah dipleter. Sedengkeun seeng bodas mah paling lila oge tahan nepi ka dua puluh taun, kitu oge mun bahanna alus. Ngan leuwihna seeng bodas mah nyieunna ukur sapoe, henteu meakkeun waktu dua poe cara nyieun seeng beureum. Rasana oge cai nu ditaheur dina seeng bodas leuwih ngeunah tinimbang anu ditaheur dina seeng beureum.
Ku alesan sarupa kitu, beuki dieu teh beuki langka bae anu nyieun seeng beureum. Mana komo anu nyieunna oge geus narungtutan pindah profesi. Lian ti kitu bahan bakuna oge beuki mahal. Sakali nyieun seeng beureum modalna paling saeutik dua ratus rebuan, harga jualna antara dua ratus lima puluh nepi ka tilu ratus rebu.
"Osok aya eta oge sakali-kalieun anu pesen seeng beureum, pangpangna anu rek hajat gede di pelemburan," pokna deui.
Salian ti bahan bakuna mahal, nyieun seeng beureum kiwari jadi leuwih hese lantaran kualitas areng keur ngaleburna oge beuki goreng. Kiwari mah langka pisan areng tina kai kolot. Areng ayeuna nu dijieun tina reuma jeung kai albasiah kualitasna teu sabanding jeung areng tina kai kolot, sarta otomatis mangaruhan kana kualitas seeng.
"Ngadamel seeng beureum mah teu tiasa ngaggo areng awon, teu kiateun. Kedah nganggo areng sae wae," Erasidi ngembohan.
Ngigelan Jaman
Dina ngokolakeun usahana, Mamat jeung Erasidi estuning henteu salilana keukeuh kana pakem heubeul. Maranehna satekah polah ngigelan jaman, luyu jeung kabutuh konsumen. Mun baheula inovasina tina seeng beureum kana seeng bodas, kiwari Mamat jeung Erasidi nyieun seeng ukuran leutik anu cocog ditagogkeun luhureun kompor gas.
"Ti saprak usum kompor gas, abdi ngadamelan seeng ukuran alit kanggo masak dina kompor gas. Alhamdulillah pajeng, malah langkung pajeng ti seeng ageung sok sanajan diproduksina ukur tilu puluh persen tina produksi seeng nu dijieun ku abdi," ceuk Mamat.
Seeng leutik dipasarkeunana leuwih rea ka daerah kota anu memang geus rea make kompor gas. Sedengkeun seeng gede mah leuwih rea dipasarkeun ka pilemburan anu masih keneh rea make hawu. Mamat oge ngarasa optimis seeng ukuran leutik hasil inovasina teh bakal leuwih rea dipikabutuh ku masarakat, pangpangna masarakat menengah ka handap. Lantaran hargana kawilang leuwih murah jeung leuwih awet tinimbang alat-alat masak moderen model rice cooker.
"Nyangu dina kompor gas nganggo seeng alit rata-rata satengah jam oge tos asak," Mamat ngembohan.
Lian ti nyieun seeng leutik, Mamat jeung Erasidi oge nyieun rupa-rupaka pakakas dapur sejen, di antarana panci jeung teko, keur nambah-nambah panghasilan atawa ngamangpaatkeun barang sesa tina nyieun seeng.
Keur bahan baku nyieun seeng, Mamat jeung Eras balanja sorangan ka tempat-tempat jeung padagang langgananan. Bahanna make babarang-barang almunieum rongsokan anu terus dilebur deui. Tara make almunieum murni, lantaran mahal jeung langka. Sakali-kalieun sok aya tukang rongsokan anu datang ka tempat Mamat jeung Erasidi mroduksi seeng.
"Tetep anu diandelkeun mah balanja langsung ka tukang dagang bahal almunieum, da ari ti tukang rongsokan mah datang jeung jumlah barangna oge henteu tangtu," ceuk Erasidi.
***
Dede Sy.
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaKang Asep ngomentaran:
mugia tiasa mempertahanken usahana ngadamelan seeng, margi sangu tina rice cooker mah te raos sur abi mah. makana ka pun bojo miarang tetep ngango seeng pami masak tehKusna Rusyana ngomentaran:
namung biasana pamadegan jalmi sok robih, barang-barang anu tradisionil biasana sok diaranggo deui, janten teu kedah hariwang, nu penting tiasa aya lengkah-lengkah anu inovatifApuy Darehdeh ngomentaran:
sanes ngelelewe ieu mah, janten emut ka nini ipah di lembur kuring anu geus mangpuluh-puluh taun nyienan hawu tina taneuh, kumaha ayeuna nasib na nya .....kang jalu ngomentaran:
cik juragan sugan aya lah... kali2 mah mosting makalah2 anu make bahasa sunda....!!!!kang deny urang cibugeul ngomentaran:
seeng kapungkurmah sok di anggo sljj..janteun emut waktos alit.saur pun ibu gerokeun nami pun rama ngalangkungan seeng.supados pun rama enggal uih ti dayeuh.hehe teu nyambung ah.!Tata sukanta ngomentaran:
tambih dulang sareng boboko...Dikdik ngomentaran:
Seeng mah baladna aseupan..pami teu lepat mah nyDikdik ngomentaran:
Seeng mah baladna aseupan..pami teu lepat mah ny