Tue, 22-05-2012
Kingkilaban

Kingkilaban Edisi 2241

Pintonkeun di FB

IDA WYDAWATI: Sukses di Abudabi

Sabda rada lila teu kakuping bejana nganclang saba nagara jeung sorana anu halimpu empuk, Ida Wydawati juru mamaos nu mingpin  Lingkung Seni Malati jol nepungan ka MANGLE. Puguh kaget da pokna teh, nembe wangsul ti Abudabi. Sakali ieu mah nganclang teh henteu ka Perancis deui tapi ka  Timur Tengah. Angger  ari anu mawana mah mitra gawe Ida anu satia Le Mation  sarupaning Even Organizer mun di urang mah anu geus kacida moyanna. Saminggu sabada Lebaran ngontakna teh, siap ka Abudabi cenah bari ngasongkeun acarana, dina raraga  Gempungan nagara-nagara anggota PBB, husus ngabahas jeung nyawalakeun  kultur, budaya bangsa-bangsa sajagat bari mintonkeun conto-conto anu pangtradisionalna jeung panghadena. 

Alpukahna UNICEF, Ida sapara kanca dipentes mintonkeun mamaos Cianjuran dipirig kacapi suling. Kusabab ieu mah arek manggung jeung ditongton ku para gegeden Islam, jadi ti Bandung ge ku Ida geus dirarancang eusi acara anu  sabagian gede rek ditongton ku kulawarga Raja, para pangagung nagara, malah tamu kahormatanana oge putra Makuta Abudabi. Tangtu anu di digelar, anu Islami, di antarana lagu Do'a anu tetela loba anu kasengsrem atuh ngomt-ngomatan pisan ka anggota rombonganna supaya manggung anu enya-enya, mintonkeun kamampuh anu panghade-hadena. Pancen Ida, nya ngaheuang dipirig ku kacapi  rincik 2 -Hery  Supriadi,  Asep Wahyudin-suling, Asep Nugraha  kacapi indung,  Dede Suparman rincik 1.
Tempat pagelarannana, di Emirat Palace, gedong sigrong di palataran karaton pisan, da puguh hotelna oge kagungan kulawarga raja. Kitu deui sabagian panongtonna, sajaba ti para gegeden nagara, hempak kulawarga raja, tamu kahormatanana, putra makuta karajaan anu katajieun pisan ku kacapi suling.

Lamun ngendong di hotel mayar sorangan, sapeuting teh Rp 100 juta (saratus juta rupia), tuangna saurang Rp. 25 juta (duapuluhlima njuta rupia).

"Wonderfull music" saur para menak Abudabi 00sabada nyaksian  jeung ngadangukeun mamaos Cianjuran. Gelikna suling geus wasa nembus mamaras rasa  para menak Emirat Arab. Galindeng sora Ida anu empuk halimpu nembus mamaras rasa, puguh beuki sakral cenah kadangu ku aranjeunna mah. C ianjuran teh. Aya anu ngagerendeng, pokna teh "Sora gelikna suling geus mampuh  ngajak lelembutan nyaba ka sawarga!" pokna. Basa Ida ngahaleuangkeun lagu do'a, loba anu menta rumpakana, hayang diajar cenah.

Dubes RI keur Abudabi mah nelepun ngedalkeun kasugemana, saurna teh ' Geuningan musik urang bya anu aralus teh, the best performance! Wonderfull music, penampilanna, endah! Lagu Sekar manis endah ,hanjakal teu ngarti!" ceuk nu boga komentar. Pamuji-pamuji kedal rina ati sanubari suci.

Di antara nu hadir aya urang bule make saragam dalang, dibendo jeung  lebah cangkengna  keris nyulagrang, manehna netelakeun ngarasa leuwih Indonesia batan Indonesiana sorangan, reueus geus ngulik elmu tradisional padalangan di Nusantara. Iran, Korea, Meksiko, Thailand, Jepang jeung nagara-nagara sejenna nyebutkeun hayang ngondang Ida saparakanca ka nagarana.

"Sok ngahelas Ida mah, naha nya ari di nagara deungeun dihormat jeung pada mikareueus seni trasional urang teh. Tapi di nagara sorangan bangun anu henteu dipalire, jalan sorangan we nikreuh!" Ida kacida miharepna  mamaos Cianjuran boga hak paten memeh diaku ku batur jadi milikna. Eta ge ceuk Ida keneh, kungsi aya anu merjuangkeun ti Cianjur, tapi da teu puguh lajuning lakuna, jempling keneh we tepi ka ayeuna oge. Beuki karasa hirup nyoranganna teh.

Basa acara panutupan, sarerea diondang tuang wengi jeung para pamilon gempungan sadunya tea jeung para gegeden nagara. Mangrupa hiji kareueus dihormat tuang wengi jeung para delegasi ti 24 nagara di dunya ceuk Ida Widawati.

Ngahaleungna Ida henteu gembleng mamaos Cianjuran, di antarana aya kawih, tapi pikeun pamikat mah, gembleng we.

Ida maher oge ngahaleuangkeun lagu Sunda ku basa Walanda jeung Inggris.

"Pokona sugema pisan, Alhamdulillah sanaos dadak-dadakan, rada rusuh tapi henteu ngirangan kana sumanget, minton tetep anu pangsae-saena, nyugemakeun tatamu".

Sepuh mah di Bandung anu kamelelangan, pangpangna mertua Ida, Pa Haji Supriatna Ketua  Panglawungan Tembang Sunda tea, kring deui kring deui nelepun, naroskeun kamekaran garapan di Abudabi. Diwaler satarabasna, kasugemaan naon bae anu kapendak di panyabaan, Bapa sugema manah, ceuk Ida. Tukang nyuling mah  Asep make jeung carindakdak, pokna teh teu ngimpi teu gundam tina nyuling arek ngalaman jadi tamu karajaan jeung nincak palataran karaton anu sakieu agrengna. Tangtu nbae anu pangsugemana, rajaning sugema  mah, Ida Wydawati jeung kang caroge Hery Supriatna.

*** (HRS)

ARIEF SB: Birokrat Nu Nyeniman

Artis jadi birokrat? Naon anehna. Teu sing matak heran, da nu kawas kitu mah loba kacida. Geura we, waktu usum pilihan calon legislatif, kacida lobana nu boga karep jadi pulitisi. Atuh kitu deui dina mangsa pilihan pilkada, teu arang artis teh nu harayang jadi pajabat atawa birokrat.

Kumaha ari birokrat, naha aya nu hayang jadi artis. Nu kieu mah teu loba. Ngan, memang aya, saperti Wakil gupernur DKI manten Basopi Sudirman tea, apan pinter ngahaleuang, malah nepi ka ngaluarkeun albeum sagala.

Kumaha pajabat sejenna? Tah, Camat Sumur Bandung, Kota Bandung Drs. Arief Syarifudin, SH. deuih nu biasa ngahaleuang teh. Ieu caroge dr. Yudhit Yunia, M.S., teh  mindeng nembongkeun kaparigelan seni, hususna dina hahaleuangan.

Sual hahaleuangan, ieu ramana  Adit jeung Dita, memang lain kakara. Bakatna tembong ti baheula mula. Pa camat nu lahir di Bandung 11 Januari 1969 teh remen manggung dina rupa-rupa acara.

Kamampuhan Arief SB, lalandihan dalitna, geus teu matak cangcaya. Kituna nyampak  dina rupa-rupa wanda lagu. Ngahaleuangkeun lagu-lagu wanda naon wae boh Pop Sunda, boh Indonesia, pon kitu deui  dangdut, moal nguyang ka batur.

Kamampuhanana teu ukur nepi ka dinya. Arif ge ayeuna geus medalkeun hasil karyana. Malah asup dapur rekaman. Lalaguanana geus ngabukti di-CD-keun. Sumebarna  henteu wae ukur di Bandung, tapi deui di kota-kota gede sejenna. Atuh, salapan judul lagu nu  dihaleuangkeun dina eta CD, saperti 'Lelaki Kesepian', 'Ya Robbi', jeung sajabana bisa kabandungan ku balarea.

***(nay)

ARIFIN PANIGORO: Sarjana Pertanian Kudu Balik Deui ka Sawah

Indonesia  geus sohor ti baheula keneh salah sahiji "Nagara Agraris" (Nagara Pertanian) anu subur mamur gemah ripah loh jinawi tata tengtrem karta raharja, rea ketan rea keton buncir leuit loba duit. Jadi nagara swa sembada pangan anu cadu nguyang ka batur, malah mah sok remen ngaekspor jeung nyumbang mere maweh ka nagara anu katarajang kalaparan.Tapi jaman geus robah luyu jeung  suhu politik, nambahna pamukim (Indonesia 220 juta jiwa),  katut krisis perekonomian global anu dampakna bisa dirasakeun ku urang kiwari.Total balanja impor produk pangan Indonesia wae kiwari geus kacida gedena nepi ka ngahontal 50 triliun.Hal ieu geusjadi kila-kila  yen nagara urang geus kajiret kana pitapak impor bahan pangan (food trap). Malah lamun seug Indonesia teu bisa ngungkulan "ketergantungan impor pangan" ieu, bisa jadi nagara urang bakal ngarandapan  krisis pangan (food crisis) hal ieu geus kabuktian, nalika harga gula kiwari geus ngahontal level Rp.10.000/kg.

"Tah ku kituna, heh aranjeun para mahasiswa jeung sakumna civitas akademika Unpad ulah ngajarentul wae. Kuring umajak ka aranjeun para calon sarjana jeung ka para alumni(sarjana/lulusan) Pertanian Unpad, hayu urang turun ka sawah." Kitu uar pangajak Arifin Panigoro basa nepikeun Kuliah Umumna "Quo Vadis Sarjana Pertanian" dina acara mieling Dies Natalis ka-50 Fakultas Pertanian Unpad di Plaza Faperta Jatinangor (01/09).
Uar pangajak Insinyur ITB anu ngadegkeun Medco  ka mahasiswa anyar(Maba) Pertanian Unpad teh memang geus waktuna jeung kacida merenahna, sabab salah sahiji titik lemah tina pamekaran potensi pertanian di urang teh nyaeta kurangna tanaga terdidik anu neuleuman widang pertanian. Arifin prihatin, taya inovasi pertanian di Indonesia, "Padahal kuring yakin riset jeung studi pertanian geus numpuk di unggal kampus, kitu deui alumni fakultas pertanian geus rebuan,tapi kunaon ketak pikeun neuleuman profesi widang pertanian jeung pakebonan kurang pisan.Alumni Pertanian kiwari katingalina leuwih milih digawe di bank, kantor, pasar swalayan, wartawan atawana profesi lianna anu non "bulu taneuh". Padahal sektor pertanian  kacida utamana dina sektor perekonomian nagara.Dina taun 1885 wae ekspor produk pertanian Indonesia anu ngan US$3,2 teh dina taun 2003 undak jadi US$11,1M".Kitu saurna.

Jadi bagalna, cek Arifin kudu aya titik akselerasi tina rojongan para sarjana pertanian, inovasi pertanian jeung ngamangpaatkeun jutaan lahan kritis(data Dephut:70 juta hektar) sangkan Indonesia ngajadi raksasa pangan dunia.

*** (ASEP GP)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

deni suwardi ngomentaran:

sumuhun apan ayeunamah dipelesetkeun IPB oge, saurna institut perbankan bogor, margi seueur lulusan ti ipb damel di bank, sanes ancrub kana pertanian tapi malih damel di pabrik artos

andang s. argayuda ngomentaran:

iraha.... ibu Ida Wydawati bade ngahaleuang deui...?, leungiteun ku haleuang cianjuranana.

Dani Hamdani ngomentaran:

Kiwari mah seueur sarjana pertanian nu langkung resep damel di kantor. Naha, nya?

sudirman supriadiputra ngomentaran:

Komo we atuh ngiring reueus pisan ka ibu ida widawaty wilujeng...

Taufik Arrahman Wiradinata ngomentaran:

Ngaraos reueus ku ibu Ida Wydawati, wilujeng bu....!