Lain Hiji-hijina Andelan
Ku Karno Kartadibrata
Wakil rayat di parlemen, minangka hasil Pemilu kamari, geus diistrenan, hartina-miang tina sangkaan nu hade- rayat boga andelan kapentinganana bakal aya nu mela supaya bisa ngawujud. Sanajan kitu, nyawang kana paripolah wakil rahayat samemehna, kitu deui nalingakeun manajemen partey pulitik nu lumangsung nepi ka kiwari, harepan saperti kitu teh henteu gembleng. Teu weleh dikukuntit ku kahariwang jeung karempan, bok bisi wakil rayat jalir jangji. Kawasna kahariwang saperti kitu geus karasa ku wakil rahayat sorangan, saperti Budiman Sudjatmiko, anggota DPR ti PDIP. Manehna nulis kieu.
"Sejak kemarin, saya dan rekan-rekan resmi dilantik mewakili Anda. Mari kita akui saja, Anda dan kebanyakan rakyat tidak berkepentingan bagaimana kami resmi menjadi wakil Anda di parlemen. Yang menjadi kepentingan Anda adalah kesediaan kami untuk terus diuji di hadapan altar mimpi dan harapan orang banyak, serta bagaimana kami mengakhirinya lima tahun mendatang.
Bagaimana perasaan saya?
Terus terang saya dihantui perasaan jika orang-orang desa yang telah menjadikan saya sebagai wakil rayat di DPR tak akan lebih baik nasibnya lima tahun kedepan dibandingkan dengan saat saya pertama kali menyepakati perjuangan bersama mereka 18 tahun silam"(Kompas, Jumaah, 2 Oktober 2009).
Satuluyna Budiman Sudjatmiko oge nandeskeun, nu disebut wakil rayat teh teu kawatesanan ku saukur wakil rayat minangka anggota parlemen, tapi ngawengku oge wakil rayat dina harti nu jembar nyaeta kaasup maranehna di luar parlemen saperti kalangan cendekiawan, agamawan, budayawan, jurnalis, pendidik, usahawan nu ngalarapkeun prinsip pamarentahan nu bersih , para aktivis akar rumput jeung nu sejenna nu fungsina henteu kurang penting enggoning nyehatkeun paradaban pulitik.
Ana kitu, jelas, rayat henteu saukur ngapimilik wakil rayat di parlemen wungkul minangka hiji-hijina andelan nu bisa mela hak-hak maranehna, tapi boga keneh wakil rayat dina harti nu jembar di masarakat. Ngan nu tetep jadi sual, geus nepi ka mana atuh, boh wakil rayat di parlemen boh wakil rayat sejenna di masarakat, nedunan pancenna, nyaeta mela hak-hak masarakat, ngawujudkeun, diantarana, karaharjaan balarea? Jadi lebah dieu, estuning mangrupa pancen urang sarerea supaya wakil rayat di parlemen jeung luareun parlemen teh mampuh nembongkeun wewesenna.
Solidaritas
Aya kajadian nu nimbulkeun harepan sabada ngabandungan "perseteruan" antara pihak kapulisian jeung KPK nu dipapandekeun jeung "pertarungan" antara cakcak jeung buaya. Tembong apan sakitu reana ahli hukum nu mela KPK supaya lembaga bieu nu jadi andelan pikeun numpes korupsi teh ulah nepi ka dihengkerkeun. Sabalikna timbul dongsokan nu kuat supaya kapulisian ngabersihkeun aparatna. Ieu totonden nu hade, masarakat sipil geus nguniang enggoning nanjeurkeun kaadilan.
Atuh minangka kokojo hudangna kakuatan masarakat sipil, tembong dina polah nu teuneung ludeung lembaga masarakat saperti ICW, upamana. Hal saperti kitu diaku terus terang ku tokoh Angkatan 66 sarta pangusaha saperti Sugeng Sarjadi nu netelakeun, cenah sora nu kritis saendeng-endeng di masarakat urang kiwari, teu eureun-eureun ngagugat kateuadilan, tetela lain datang ti partey pulitik tapi ti LSM jeung media massa. Sugeng nyontokeun lembaga nu sorana teu weleh kritis teh, ICW jeung kritik-kritik keras media massa,saperti editorial koran Media Indonesia.
Tah, ngeunteung kana kajadian bieu, jelas apan pohara perluna solidaritas di kalangan kakuatan-kakuatan masarakat sipil, enggoning mela ka pentingan balarea.
Ana kitu, perlu pisan solidaritas antara wakil rayat di parlemen jeung wakil rayat di luareun parlemen sarta kakuatan masarakat sipil lianna. Hal saperti kitu ngan bisa tumuwuh saupama, paling saeutik, aya komunikasi intensip di antara maranehna.
Dilegaan ka Daerah
Perlu diaku, solidaritas, pamahaman nu sarua tur kuat kana kapentingan balarea tur sakalian bari jeung jinek deuih strategi pikeun ngahontalna, karek tumuwuh di kota-kota gede. Lembaga nu kritis saperti ICW, Kontras, jeung lembaga nu "powerful " sejenna apan karek kumelendang di kota gede saperti Jakarta. Tapi, can tembong lembaga saperti kitu tumuwuh di daerah. Padahal, kapentingan nasional apan dumukna di daerah. Buktina, iraha kapentingan balarea saperti kaungkulanana kamiskinan jeung mahing nerekabna jumlah masarakat nu ngaligeuh, aspirasi ngahontal kabudayaan nu luhur ajenna dibela supaya ngawujud ku lembaga nu powerful di daerah?
Iraha, upamana, Komisi-komisi DPRD, Paguyuban Pasundan jeung DAMAS, sorana harus tur kritis saperti ICW jeung Kontras?