Tue, 22-05-2012
Katumbiri

Nyerdaskeun Budak Ku Nutrisi Jeung Stimulasi-Floor Time

Pintonkeun di FB

Poe Saptu Tanggal 7 Maret 2009 anu kaliwat "Anmum Care Indonesia" anu aya dina papayung pausahaan pengelola susu multinasional Fonterra - Selandia Baru, geus ngayakeun Floor Time Road Show Seminar "Building your child's brain connection" di Grand Aquila Jl.Doktor Djunjunan Bandung. Acara gunem catur hal "nyerdaskeun budak ku nutrisi anu tepat & stimulasi- floor time" ieu, mintonkeun para pembicara: Dr.Muliaman Mansyur, Dr.Dewi K Utama, SpA, MpsiT ti Mediapic Therapic Clinik Bandung ngaguar: "Memaksimalkan Kecerdasan Anak Dengan Floor Time", jeung Dr. Yohanes Tri Nugroho, Msi Med, SpA  Doktor Spesialis Anak ti RS. St.Boromeus Bandung ngaguar: "Pentingnya Nutrisi Untuk Kecerdasan Anak".

Sakumaha anu geus pada mikaterang, uteuk (otak) teh puseurna "perkembangtumbuhan" budak.Dina jero uteuk si jabang bayi anu kakara medal aya 100 miliyar sel uteuk anu tacan numbu (terhubung) sacara sampurna. Uteuk ngalaman masa konstruksi ti mimiti "janin" nepi kana dekade munggaran mangsa keur budak. Dina sajeroning konstruksi, bakal loba sel syaraf anu kawangun jeung kapake. Kakuatan jeung jumlah hubungan anyar antar sel  syaraf ieu anu jadi dadasar pikeun memori (ingetan) budak nepi ka dewasa.Tah pikeun ngaoptimalkeun hubungan antar sel syaraf ieu merlukeun nutrisi anu cukup.

Jadi, ku ayana asupan nutrisi anu tepat jeung stimulasi (rangsangan) bakal mangaruhan kana kacerdasan budak. Uteuk si utun inji anu geus lahir ka alam dunya leuwih bisa mekarkeun IQ-na tibatan ti keur dina jero kandungan indungna.ku kituna para sepuhna kudu geten mere asupan nutrisi, sabab lamun bari teu dibarengan ku gizi anu hade, uteukna bakal ruksak sacara permanen.Mere tambahan nutrisi ka jabang bayi dina umur 6-18 bulan bakal mere epek anu hade (positif), tapi lamun budak kurang gizi bakal kakurangan "mielin" (serabut uteuk) jeung gangguan pungsi "neurotransmitter / bahan kimia uteuk.

Hal ieu dienyakeun ku Doktor Yohanes, yen nutrisi kacida pentingna pikeun kacerdasan budak,  jeung saurna "Diantara nutrisi panghadena pikeun si jabang bayi taya deui iwal ti ASI (Air Susu Indung/Ibu).Sabab dina jero ASI loba zat gizi anu diperlukeun pikeun kamekaran uteuk anu sehat saperti protein jeung asam amino, AA-DHA, Gangliosida (GA), kolin jeung zat gizi mikoronutrien lianna. Tah ari Gangliosida (GA) lian  dina ASI teh bakal kapanggih oge dina susu sapi(aya dina produk susu "Anmum" anu manfaatna pikeun kasehatan indung anu keur ngandung(hamil) & ngarangsang kamekaran uteuk orokna, pen) ati, paru-paru, lauk jeung endog". Kitu saurna. Leuwih jauh Yohanes ngeceskeun, Gangliosida teh "penghubung" sel-sel syaraf anu geus kabangun, tah lobana jaringan koneksi (syaraf) eta pisan anu bakal nyerdaskeun proses belajar/proses memori  budak.Cek Yohanes, pikeun nyampurnakeun kadaharan/nutrisi sangkan hirup sehat bari jeung cerdas, taya gagantina deui si jabang bayi  teh iwal ti kudu dibere ASI. Lian ti eta,  ASI ge bakal ngaraketkeun hubungan emosional antara Indung jeung anak.Lamun indung deukeut jeung anak si budak ge bakal leuwih dalit jeung  mikanyaah kolotna. Berekahna tina nyusuan budak ku ASI bakal nyegah kasakit kangker pinareup (payudara). Sabab lamun cisusu teu dikaluarkeun dina mangsa nyusuan, bakal namper jeung teuas laju mangaruhan kana  kasehatan pinareup. ASI oge jadi metode KB alamiah sabab indungna bakal anteng nyusuan budak moal tereh-tereh ngandeg(hamil) deui. Ulah nepi budak kakara sataun geus adian deui, pan teu hade pikeun kamekaran budak jeung bakal jadi kabeungbeurat kulawarga sabab lamun deres teuing boga budak moal kaurus gizi jeung kasehatanana.Kitu saurna.

Floor Time

Pendidikan kulawarga kacida utamana pikeun kamekaran fisik jeung mental budak, peran para sepuh kacida pentingna dina ngatik-ngadidik murangkalihna. Tapi ku pajamanan ayeuna, utamana di dayeuh-dayeuh gede,  Indung jeung Bapa teh rata-rata sibuk digarawe, alhasil budak ngan dipihapekeun ka lanjang (pembantu) anu rata-rata atikanana rendah. Alhasil kamekaran budak teu luyu jeung anu diharepkeun lantaran teu kaaping-kajaring.

Tapi kiwari aya metode Floor Time, anu bisa dipake pikeun nohonan "kebersamaan yang berkualitas" dina waktu anu samporet. Konsepna indung jeung budak salila 20-30 menit(tanpa interupsi) interaksi(ngasuh) jeung mawa ulin budakna.Manfaatna bisa ngaraketkeun hubungan emosi, ngawangun komunikasi jeung wadah pikeun namplokeun kanyaah jeung gagasan.Nurutkeun Doktor Dewi  Floor Time  teh salah sahiji  cara anu sistematis jeung "terpadu" dumasar kana pananglungtikan anu geus kauji sasila 25 taun pikeun mantuan budak sangkan hirupna  mekar kaatik jeung kadidik, "Janten mangpaatna teh upami murangkalihna normal, engkena si murangkalihna teh bakal sae mentalna, kreatif, pikiranna logis sareng asak jeujeuhan margi "berempati"(boga rasrasan), mampu ngontrol diri sareng nyaah ka sasama mahluk.Carana, prinsipna mah kedah ngabina komunikasi, diajak cacarios sareng paparin pamahaman ku basa  anu kahartoseun ku budak, sangkan nyaah ka sasama, hormat ka saluhureun, pami aya pasualan kedah diemutan sareng pilari solusina(jalan kaluarna).

Upami murangkalihna teu acan tiasa cacarios, orok keneh mah,  komunikasina cekap ku diais, diayunambing, bari diusapan, diempok-empok, teras "dihao-hakeng" sangkan apal ka sepuhna.Pami murangkalihna Autistik (lincah/hyperaktif) kedah 8-10 kali dina sadintenna, anu mung ukur "gangguan belajar" tanpa autistik 3-4 kali, tah pami anu normal mah cekap sakali dina sadintenna,   "diFloorTime" salami 20-30 menit." Kitu saur Doktor Dewi.

(Asep GP)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula