Tue, 22-05-2012
Katumbiri

PGHI Bajoang Sangkan Guru Honor Jadi PNS

Pintonkeun di FB

Pahlawan tanpa tanda jasa. Ieu sebutan teh tangtuna oge lain wae pikeun guru PNS, tapi oge keur para guru honor. Hanjakalna ka para guru honor mah, perhatian pamarentah  teh teu pati karasa. Hal ieu nu karasa ku gutu-guru honor nu ngahiji dina beungkeutan Persatuan Guru Honor Indonesia (PGHI). Sakitu terus-terusan merjoangkeun nasibna, hanjakalna pamarentah teh, hususna Pemkab Badung teu pati nolih.
"Abdi teh tos langkung ti opat kali sumping ka dewan, tapi teu acan aya kelemng-kelemengna acan. Muhun eta oge dewan mah kaetang aspiratip, malihan aranjeunna siap nganteur PGHI ka Jakarta pikeun merjoangkeun nasibna,"ceuk Nasrudin, guru SDN Puncak Mulya, Kertasari nu harita waktu datang ka DPRD Kab. Bandung, jadi salah saurang jubir PGHI.

PGHI ditarima ku Komisi D DPRD Kab.Bandung, dipingpin ku Drs. H. Dadang Rusdiana, M.Si. Sanajan ieu puluhan guru nu kaiket dina PGHI teh kudu sabar nungguan ditarima ku dewan nu kabeneran keur ngalaksanakeun rapat anggaran 2009. Mimitina mah di tolak lantaran anggota dewan sibuk rapat anggaran jeung seminar. Katurug deuih PGHI datangna teh dadak-dadakan, teu mere iber ti anggalna keneh.

Tapi, para guru teh harita maksa rek nungguan nepi ka iraha wae."Saleresna sareng Komisi D mah teh tos klir, malihan dewan tos nyadiakeun mobil sareng sopirna pikeun jajap PGHI ka Jakarta. Mung kadongkapan abdi sadaya dinten ieu bade siraturahmi, saluyu sareng instruksi Bupati Bandung, H. Obar Sobara sangkan PGHI ngadatangan sakabeh SKPD nu aya patalina, kalebet dewan," pokna teh.

Lian ti kitu, ceuk Nasrudin, Bupati oge miharep sangkan PGHI oge milu  nalingakeun dana Rp 6,8 miliar nu diancokeun keur guru honor dina APBD 2008, nu diselewengkeun ku oknum nu teu mibanda tanggung jawab. "Di lapangan para guru sok aya potogan nu teu jelas ku pangurus PGHS. Malihan ayeuna bade disidangkeun di Pengadilan Bale Bandung," teges Nasrudin.

Leuwih jauh Nasrudin nyebutkeun, hasil tepung lapung teh, boh jeung dewan boh jeung SKPD baris jadi bahan pikeun berita acara nu bakal ditandatangan ku bupati pikeun tepikeuneun ka Jakarta. Poe harita (Rebo, 11/3) PHGI teh lain wae datang ka dewan jeung SKPD wungkul, tapi sabagean anggota diutus sangkan nyumpingan Bupati Obar Sobarna. "Tapi dugi ka siang ieu, jam 13.00 Wib, bupati teu aca tiasa keneh nampi saurna nuju aya acara di luar kantor. Nya ahirna ngantosan di pengkereun gedong Korpri,"  tandesna ngajentrekeun.
Kasubag Pemberitaan, Humas Pemkab Bandung, Asep Sahdiana ngajelaskeun, yen poe harita Bupati teu aya jadwal narima aspirasi ti PGHI. "Ti enjing-enjing keneh sim kuring tos ka protokol sareng ka sekpri bupati, dina agenda teu aya jadwal tepung jeung PGHI." Pokna teh.

Malahan ceuk Asep, sanggeusna solat lohor, agenda Bupati Obar teh ka daerah Solokan Jeruk, Majalaya. Nu jelas mah, pokna teh, PGHI teu bisa dadak-dadakan hayang panggih jeung Bupati mah, lantaran agendana geus jelas, jadi kudu mere iber ti anggalna keneh. Aspirasi PGHI nu miharep hayang dianggat jadi PNS, sabenerna mah di luar wewenang Pemkab Bandung. Sabab soal pengangkatan  pagawe mah, wewenangna teh aya di pamarentah pusat, Pemkab Bandung mah saukur ngajukeun jumlah PNS luyu jeung kabutuhan.

"Ngangkat PNS mah pan ayeuna jadi tanggung jawab pusat, Pamkab mah teu dibere wewenang, boh ngangkat PNS boh tanaga kontrak," tegesna. Ku ayana raperda guru honor satuju pisan, da kaharep mah posisi guru honor teh jelas sabab aturanana geus jinek. Salila ieu, pangangkatan guru honor teh saukur ditandatangan ku kapala sakola atawa ketua yayasan, pihak dinas teu nyaho-nyaho.

200 Rebu Sabulan

PGHI datangna kadewan salian ti niat siraturahmi, oge rek nepikeun aspirasi nu ditandatangan ku Ketua PGHI, Ir. Dedi Mulyadi jeung sekretarisna, Drs.Ahmad Lutfi. Di antara aspirasinya teh nyaeta miharep aya pangakuan ti Pemkab Bandung ka guru honor non-APBN/APBD. Pemkab Bandung kudu ngainventarisir jumlah guru honor non-APBN/APBD nu aya di Kab.Bandung. Salian ti kitu, para guru honor oge miharep sangkan gura-giru diangkat jadi PNS.

"Saleresna mah para guru honor ieu teh tos lebet kana data base, tapi kumargi teu dikawal, waktos pangangkatan PNS 2008 oge 'kalaut'. Tah ayeuna oge sim kuring sa parakanca maksad ka Jakarta teh bade ngawal pangangkatan PNS 2009," ceuk Nasrudin.

Dina panarimaan PNS kamari, para guru honor teh wajib milu seleksi. Lamun hal eta terus diantep, tinangtu nasib guru honor moal ngaronjat, sok sanajan geus ngabdi puluhan taun oge. Sabab ari dina seleksi mah nu lalulus teh sok guru-guru nu ngarora wa, malahan dina pasaratanana oge pan geus teu nyumponan, utamana dina umur.

Di tempat sejen, anggota Komisi D, Arifin Sobari jeung Oman Faturohman ngajelaskeun,  dina teu dibarengan ku PGHI jeung PGHS oge, APBD Kab.Bandung geus ngaalokasikeun bantuan pikeun para guru honor nu gedena Rp 200 rebu per bulan/guru. "Dina taun 2009 mah, pan BOS teh lain wae ti pusat tapi oge ti propinsi jeung Kab. Bandung, lain wae tambahan pikeun murid per siswa  Rp.40.000, oge keur guru honor," ceuk Oman.

Sabenerna mah, PGHI teh datangna awal teuing, sabab dewan rencanana rek ngondang ka PGHI jeung PHGS pikeun ngajelaskeun soal waragad keur maranehna. Dana eta teu turun ka kapal sakola, tapi langsung ka guru honor, Tinggal kumaha dinas P& K ngokolakeunana sangkan ulah nepi ka aya deui hal nu teu dipaharep.*** 

(Nunk)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula