Badan Musawarah Masarakat Sunda (BAMMUS) Jawa Barat
Para mitra,
Seueur masalah nu karandapan ku masarakat Sunda tur dugi ka ayeuna teu acan tiasa karengsekeun. Upamina wae, masalah lingkungan sapertos reksakna leuweung dugi ka remen nimbulkeun musibah banjir sareng urug. Masalah kabudayaan, sapertos handapna karep maca (minat baca) masarakat, kitu deui pagelaran kasenian nu ancal-ancalan keneh. Ieu teh balukar panerbitan sareng pabukon teu acan majeng, lian ti kitu gedong kasenian oge teu acan mancen kalayan samistina. Salajengna seueur keneh masarakat miskin sareng masarakat nu ngaligeuh (pangangguran) balukar panghasilan masarakat teu acan ngaronjat. Tah, kumaha atuh ngungkulanana? Tangtos wae teu cekap ngandelkeun pamarentah wungkul, namung kedah sadayana aktor pangwangunan ngalalakon, ku jalan ngadorong pamarentah sareng masarakat samiuk sabilulungan.
Saha atuh nu tiasa ngadorong masarakat sangkan samiuk sabilulungan? Sanes wae antawis masarakat sareng masarakat namung masarakat sareng pamarentah? Sanes wae antawis pada-pada urang Sunda, namung oge antawis masarakat Sunda sareng masarakat etnis sanesna?
Nya, kanggo nedunan pangabutuh sapertos kitu, lembaga koordinatip teu kinten diperyogikeunana. Lembaga koordinatip pancenna nyaeta nepungkeun, ngahijikeun potensi-potensi nu aya di masarakat dugi ka sakumna potensi bieu ngagulidag ngahontal tujuan (udagan) sasarengan. Di tingkat dunya, upamina, lembaga Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB) mangrupi lembaga koordinatip nu pancenna ngahijikeun potensi sakum bangsa-bangsa enggoning ngahontal udagan kamanusaan sakumna. Lembaga bagian ti PBB sapertos UNICEF dina widang kasehatan, kitu deui UNESCO dina widang atikan kabudayaan apan tos karaos mangpaatna ku sadayana. Tah, ari di tingkat lokal masarakat Sunda naha parantos aya lembaga koordinatip?
Para mitra,
Alhamdulillah, dinten Minggu, ping 8 Maret 2009 kamari, di Hotel Horison, Bandung, parantos dideklarasikeun ngadegna Badan Musawarah Masarakat Sunda (BAMMUS) Jawa Barat. Lembaga bieu teh mangrupi lembaga koordinatip nu pancenna ngarengsekeun, ngungkulan masalah-masalah nu karandapan ku urang Sunda dina sarwa widang ( ekonomi, atikan, kabudayaan, lingkungan sareng sajabina). Nu kapeto mingpin BAMMUS Jawa Barat nyaeta H. Memet H. Hamdan, pajabat manten nu moal bireuk deui.
Tangtos wae, MANGLE miharep kagiatan BAMMUS Jawa Barat tiasa lungsur- langsar. Nu penting, atuh urang pasihan kapercantenan heula ka pangurusna enggoning nembongkeun wewesenna. Kukituna, tahap ngawitan, pangurus BAMMUS Jawa Barat peryogi ngawanohkeun heula visi sareng missina kitu deui programna. Salajengna , nya kantun prak ngalaksanakeun pancenna.
Naha lembaga BAMMUS Jawa Barat "laik terbang" dugi ka tiasa dijantenkeun andelan urang Sunda? Kumaha supaya ulah "mengulang kegagalan demi kegagalan" sapertos lembaga koordinatip samemehna? Antos laporanana minggu payun, para mitra!
Katgam: H. Memet H. Hamdan, mingpin BAMMUS Jawa Barat. Urang tanggap missi, visi sareng strategina.