Tue, 22-05-2012
Nyusur Galur

Sukapura Jadi Kabupaten Tasikmalaya: Kungsi Jadi Puseur Dayeuh Priatim

Pintonkeun di FB

Minggu pengker pedaran ngeunaan Sukapura parantos dugika pindahna puseur dayeuh ti Sukaraja ka Pasirpanjang, tapi ngan keur saheulaanan sipatna teh. Sabab Manonjaya anu direncanakeun jadi puseur dayeuh, keur dokdak keneh ngawangun dumasar kana pola panglinggihan para bupati di Priangan. Tapi pindahna puseur dayeuh kabupaten henteu mawa parubahan-parubahan kana struktur birokrasi balukar parombakan anu dilakukeun ku Wiradadaha VIII, di antarana parobahan tanggung jawab Patih anu masih mintonkeun birokrasi patrimonial.

***

Nu disebut patrimonial gaya Wiradadaha VIII, nyaeta anu nyarangking kalungguhan dina struktur birokrasi pamarentahan, ngan para saderek jeung karabat Bupati wungkul. Mun ayeuna mah KKN tea meureun.

Taun 1837 Wiradadaha VIII wapat, ngantunkeun 14 putra. Tapi anu ngaganti jeneng Bupati mah raina nu jeneng Patih nyaeta Raden Tumenggung Danuningrat nu marentah ti taun 1837 tepi ka 1844. Danuningrat pisan anu neruskeun ngawangun kota Manonjaya taun 1828-1830 oge. Tapi henteu aya kamekaran anu tembong. Taun 1844 Danuningrat wapat, layonna dikurebkeun di Tanjungmalaya.

Sajeroning kitu, sabada resmi jadi puseur dayeuh Kabupaten mah, Manonjaya mekarna melesat pisan. Pangaturan tata kota disaluyukeun jeung pola anu geus ditangtukeun jeung anu dikudukeun ku pamarentah kolonial, tepi ka Manonjaya jadi kota artistik anu endah.Di dieu unsur-unsur budaya anyar anu dibawa ku Walanda mekar saluyu jeung anu dilarepkeun ku Walanda, tepi ka katingalna akulturasi.

Nu ngaganti R.T. Danuningrat, Raden Tumenggung Rangga Wiradimanggala, gelarna R.T. Wiratanubaya Bupati Sukapura anu ka 10 (1844-1855).

Dalem Sukapura anu ieu pisan, Wiratanubaya anu numuwuhkeun ajaran jeung atikan agama Islam di Sukapura teh. Di Manonjaya dugdeg diadegkeun pasantren-pasantren. Bupati gede pisan bantuanna kana pangwangunan sarana kaagamaan di daerah kakawasaanana. Keur ningkatkeun produksi pertanian, kamelangna Bupati ka patani di buktikeun ku jalan ngawangun solokan-solokan jeung irigasi. Tanpa bantuan p-amarentah, Bupati ngawangun jeung ngomean jalan-jalan anu ngalancarkeun patalimarga kota jeung desa-desa. Raden Tumenggung Wiratanubaya geus ngalahirkeun struktur sosial anyar di masarakat Anu ngarulik elmu di pasantren nempatan salahsahiji struktur sosial nu ilahar disebut Santri. Santri mangrupa sumber penting dina ngawangun kapamingpinan di lingkungan masarakat pribumi jeung moles rupa-rupa aspek kahirupan sosial jeung ekonomi. Hadirna para santri nyababkeun ngageserna kelas soaial sejenna, ku kituna kamekaran ekonomi di Sukapura ngalaman kamajuan dina abad ka 19.

Dina taun 1855, Wiratanubaya wapat, sabada jadi almarhum ditelah Dalem Sumeren. Caritana numatak ditelah Dalem Sumeren teh, kusabab henteu kagungan putra, kalungguhan Bupati diserenkeun ka raina nyaeta Rangga Tanuwangsa, gelarna Wiraadegdaha. Bupati Sukapura ka XI teh henteu nganggo gelar Wiradadaha tapi Wiraadegdaha. Marentah taun 1855-1875. Dina taun 1872 dileler gelar Adipati. Atuh saterusna jadi Raden Adipati Wiraadegdaha.

Jaman pamarentahan dijalankeun ku Adipati Wiraadegdaha, pajak tanah masih keneh dilarapkeun, rayat mah nyarebutna teh "Lan (land) Rente)".

Kalungguhanana Dirurud

Land Rente ieu teh hasil gempungan tujuh Bupati Priangan taun 1689 nu diluluguan ku Komisaris Otto van Rees. Kaluarna mah taun 1871 saterusna dilarapkeun di Priangan. Kakawasaan Bupati ka rayatna dileungitkeun, keur ngagantianana Bupati digajih. Keur nyombo hate bupati anu kakawasaanana dikurangan, pamarentah kolonial nya ngalelerkeun gelar Adipati ka para Bupati Sukapura jeung Cianjur .

Raden Adipati Wiraadegdaha nolak kana aturan-aturan anyar, hartina nanduk ka pamarentah kolonial. Kusabab kitu dirurud tina kalungguhanana. Taun 1871 sabada cuke diganti ku pajeg kahasilan, terus para Bupati digajih, kakawasaan para bupati bener-bener diwatesan, tepi ka rea anu dianggap teu becus, dina ngajalankeun kawajibanna mengpar tina aturan jeung sajabana, kasalahan bupati dikorehan tepi ka bubuk leutikna. Saperti anu kaalaman ku Wiraadegdaha anu dipaksa turu n tina kalungguhanana jeung saterusna dibuang ka Bogor. Tapi tetep dipangsiun 300 gulden sabulan. Sabada dibuang ka kota Bogor, ku urang Sukapura disebutna teh Dalem Bogor. Taun 1908 Dalem Bogor diidinan mulang deui ka Manonjaya. Di antara saruntuy jasa-jasana, ngarobah karangan ngeunaan adat istiadat jeung undak-usuk basa Sunda. Wiraadegdaha wapat taun 1912, layonna dipendem di Tanjungmalaya.

Wiraadegdaha diganti ku raina nyaeta R.Demang Danukusumah, Patih Manonjaya. Sabada jeneng bupati, katelahna jadi Raden Tumenggung Wirahadinigrat, Dalem Sukapura ka XII (1976-1901), Wirahadiningrat bupati pamungkas anu linggih di Manonjaya. Taun 1893 dileler gelar Adipati anu dina taun 1898 kenging niugraha Payung Kuning, taun 1900 dileler Bintang Oranye Nassau ku pamarentah kolonial. Kulantaran kitu, sabada wapat disarebut Dalem Bintang tug tepi ka kiwari.

Makamna oge disebut Makam Dalem Bintang. Memang umumna di Priangan ti pangkat Kapala desa tepi ka patinggi jeung pihak-pihak sewasta anu dileler Bintang Oranye Nasaau sok ditarelah Dalem Bintang, Kuwu Bentang jeung sajabana.

Taun eta keneh, Dalem Wirahadiningrat nampi suirat resmi nu netepkeun yen puseur dayeuh Sukapura kudu dipindahkeun ka Tasikmalaya. Tapi anjeunna mah henteu ngalaman ngalih sabab kaburu wapat terus dipendem di Tanjungmalaya.

Nu ngagentosna, putra Dalem Bogor nu jenengan Raden Rangga Wiratanuwangsa jadi Bupati Sukapura anu ka XIII (1901-1908) Anjeunna pisan anu ngalihkeun puseur dayeuh ti Manonjaya ka Tasikmalaya oge. Dumasar kana surat offisieel (resmi) tanggal 1 Oktober 1901 puseur dayeuh Sukapura ti Manonjaya dipindahkeun ka Tasikmalaya, ku kituna, R.T. Wiraadiningrat jadi Bupati munggaran anu marentah di Tasikmalaya, gelarna Aria, eta sababna di kalangan masarakat sohorna Dalem Aria. Taun 1908 Dalem Aria wapat, layonna dipendem di Tanjungmalaya.

Ari pangna puseur dayeuh Sukapura ti Manonjaya pindah ka Tasikmalaya, di antarana'

  1. Daerah Galunggung anu subur, dipake melak tarum. Ari kota anu pangdeukeutna ka Galunggung, ngan Tasikmalaya. Supaya teu jauh teuing ngumpulkeun tarum, pamarentah kolonial nya mindahkeun puseur dayeuh Sukapura ti Manonjaya ka Tasikmalaya. Estuning demi tarum.
  2. Kota Tasikmalaya, lian ti leuwih lega lamun dibandingkeun jeung Manonjaya, tanahna leuwih datar jeung leuwih endah pamandanganna. Lamun dijadikeun puseur dayeuh teh kacida pantesna.


Dina mangsa pamarentahan Dalem Aria, Kabupaten Sukapura ngalaman parobahan gede. Afdeeling Mangunreja jeung Tasikmalaya dileungitkeun bawahanna langsung diparentah ku Bupati. Afdeeling Mangunreja, nu asup ka wilayah Sukapura. Distrik Mangunreja, Deudeul, Taraju, Sukaraja, Karang, jeung Parung. Sesana, Cikajang, Batuwangi, Kandangwesi. Nagara (Pameungpeuk diasupkeun ka Limbangan). Ti Afdeeling Tasikmalaya mah Ciawi, Indihiyang jeung Singaparna. Distrik Malangbong dibagi dua kabupaten nyaeta, sabagian ka distrik Limbangan sabagian deui ka Sumedang. Ti harita distrik-distrik bawahan Sukapura loba anu dileungitkeun atawa dihijikeun jeung kabupaten sejen. Taun 1910 bawahan Kabupaten Sukapura, diganti jadi Kabupaten Tasikmalaya tug tepi ka kiwari. Tasikmalaya diwangun ku 10 distrik. Kulantaran taun 1925 kaluar Bestuurhevorming, Tasikmalaya kungsi jadi puseur dayeuh Karsidenan Priangan Timur, tapi taun 1931 Karsidenan dileungitkeun.

Sabada Dalem Aria wapat, nya digentos ku putra cikalna nu jenengan Wiratanuningrat, Dalem Sukapura anu ka XIV nu marentah taun 1908-1937. Waktu diangkat jadi Bupati teh, keur jeneng Wadana di Ciheulang. Dina pamarentahanna, Kabupaten Sukapura ngalaman maju pesat, kitu deui pangwangunanana maju pisan. Di antara hasil usahana;

  1. Muka Rawa Lakbok jeung leuweung Gagayunan anu nurutkeun rayat sabudeureunana kacida sangetna. Ayeuna mah kaereh ka Kabupaten Ciamis.
  2. Rawa Lakbok anu legana 30.000 bau teh disangling jadi kebon-kebon jeung pasawahan anu subur.
  3. Ngamajukeun rupa-rupa koperasi dagang, kayaning Koperasi batik, tinun, anyaman jeung peternakan. Di antarana oge perkebunan Sangiang Kalang, Lembu Andini jeung Pakumpulan Duit Hadiah (PDH).
  4. Ngadegkeun madrasah-madrasah.
  5. Ngadegkeun imah-imah fakir miskin Islam.
  6. Ngawangun jambatan-jambatan, di antarana jambatan gantung kawat di jalan Ciwarak, Linggasari, jalan ka Talegong, jalan ka Leuwibudah, jalan ka Cigugur jeung jambatan di Mangunreja.

 
Dumasar kana jasa-jasana ieu, R.Wiratanuningrat dileler layang pangajen ku pamarentah kolonial. Tanggal 21 Agustus 1920 dumasar kana Surat Putusan No 1 dileler gelar Adipati. Terus tanggal 24 Agustus 1922 dumasar kana SK nomer 39 dileler bintang Offisier der Orde van Oranye Nassau. Dumasar kana SK No.13/ 21 Agustus 1926 kenging nugraha nampi Gele Songsong (pajeng kuning)..

R.A.A Wiratanuningratr jeneng Bupati tepi ka taun 1937.

Nete karirna ti handap, mimiti diangkat jadi jadi pagawe Gupernemen taun 1897, jadi jurutulis Kontroleur di Bandung Kaler. Sabada tilu taun jadi Ulis, dumasar kana bisluit 5 Oktober 1901 no 12397/8 diangkat jadi Asisten Wadana di Onderdistrik Andir distrik Ujungberung Kaler, afdeeling Bandung. Sabada 7 taun neyepeng Onderdistrik dumasar kana bisluit tanggal 12 Pebruari 1908 no 26 diangkat jadi Wadana Distrik di Ciheulang afdeeling Sukabumi 7 bulan. Tanggal 23 Aguistus 1908 dumasar kana bisluit no 2, diangkat jadi Bupati di Tasikmalaya. Sapanjang dipingpin ku Wiratanuningrat, aturan Desentralisasi jeung otonomi pamarentah Hindia Walanda dilaksanakeun di Tasikmalaya ti taun 1926. R.T.Wiratanuningrat teh Bupati Pangwangunan Tasikmalaya. Sapanjang pamarentahanna pangwangunan ampir taya eureunna. Wiratanuningrat wapat 5 Mei 1937. Ti harita jaman Kangjeng Dalem dipungkas, geus teu aya deui kadaleman, teu aya deui Kangjeng Dalem jeung Raden Ayu.

Nu ngaganti Wiratanuningrat, putrana Wirahadiningrat nu jenenganna R.T.Wiradiputra, saderek Dalem Bogor. Sabada sataun Dalem Wiratanuningrat wapat,

Nyaeta tanggal 1 Januari 1938, sabagian tanah Sukapura anu tadina kaereh ka Kabupaten Ciamis, iwal ti Distrik Manonjaya, dipulangkeun deui ka Ciamis. Parobahan ieu kasaluyuan ku Dalem Ciamis R.T.A Sunarya, putra R.A.Wirhadiningrat bupati Sukapura ka XII. Heuleut genep bulan ti harita, Bupati Sukapura XV R.T.A Wiradiputra diangkat jadi Bupati Sukapuras ka XV tanggal 6 Juli 1938. Wiradiputra teh saderek Dalem Ciamis R.T.A Sunarya . Waktu diangkat, keur jadi Bupati Bogor.

Taun 1942 penjajahan Walanda dipungkas di Indonesia. Saterusna diganti ku penjajahan Jepang. Tasikmalaya langsung jadi daerah pendudukan tentara Jepang anu teu eleh kekedemesna dina ngedukan kauntungan ti bumi Indonesia anu subur. Rajakaya Indonesia dikunjalan ka nagarana keur kapentingan bangsana sorangan. Nasib Indonesia harita lir ibarat leupas tina sungut maung gep kana sungut buhaya.

Rayat diperes bebeakan, Tasikmalaya diwajibkeun ngumpulkeun beas tilu kuintal saban bulan. Tapi melang ka rayatna bisi kalaparan, Bupati Wiradiputra nolak ngumpulkeun beas anu sakitu lobana. Boboleh ngan bisa setor sakuintal sabulan. Kulantaran aturan eta pisan tanggal 25 Pebruari 1944 di Kawadanan Singaparna kajadian para santri baruntak ngalawan kasawenang-wenangan Jepang. Kulantaran kaluarna aturan ngumpulkeun beas anu sakitu lobana saban bulan, para santri ti pasantren Sukamanah nu diluluguan ku Kiyai Haji Zaenal Mustafa baruntak. Bupati Wiradiputra mantuan rayatna anu ditindes. Jepang tangtu bae kasigeung ku sikep Bupati, anu ahirna Bupati Wiradiputra dipaksa kudu ngecagkeun kalungguhan saterusna diganti ku raina anu jenengan R.T.A Sunarya eta teh taun 1947. R.T.A Sunarya jadi Bupati Tasikmnalaya taun 1945-1946, ngan sataun da saterusna mah diganti ku saderekna R.T. Wiradiputra nu marentah keur kadua kalina taun 1047-1948. jadi Bupati anu ka XVII, jadi Wiradiputra teh rundayan asli Sukapuira anu jeneng Bupati Tasikmalaya. Ti harita nu jeneng Bupati henteu dumasar deui kana garis turunan, geus lain kalungguhan warisan deui. Ti harita mah demikrasi dilarapkeun, demokratis dumasar kana pilihan rayat sorangan liwat DPRD.***

(HRS/bahan sabagian tina pedaran Ibu DR. Marlina/Kota-kota Lama di Jawa Barat)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula