Tue, 22-05-2012
Sajak

Demi Beja Ieu Sajak Ditulis

Pintonkeun di FB

demi beja ieu sajak ditulis
sakumaha nu dicaritakeun ku hiji lalaki

basa angin meulit lamunan
kasangtukang nu teu dipisuka

ibarat panyiksa teu suda muka tatu anyar
ngungkab bebeneran liwat bebeneran

kawasna ieu hate
beuki leutik alahbatan zarah
ceuk ieu lalaki nu nampik munikeun mikir

ti jauhna rentang-rentang bandera ngelebet
bodas mapakan umpalan mega

luhureun ombak dikerabkeun gurat aran
dina wangun kalimah wening

teu singna lambaran simpe
dalah ieu lalaki kalah juuh cimata
peurih alahbatan dikeset hinis

demi beja ieu sajak ditulis
sakumaha dicaritakeun deui ku hiji lalaki

Panyingkiran, 2006

Catetan Redaksi:
Sajak nu ayeuna kapidangkeun teu kapaluruh saha nu nyeratna. Ku kituna, nu nyeratna mugi ngawartosan ka redaksi.

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Asikin Hidayat ngomentaran:

Ieu sajak beunang nulis kuring, dikirim langsung ka Mangle, nanging kawasna kertas naskahna bacacar, misah tina beundeulana dugi ka teu kapaluruh nu ngarangna. Ku kuring ieu sajak dimuat dina buku kum[ulan sajak kuring : DI WATES LANGIT (2011) dina kaca 69. Mugi kauninga.