Tue, 22-05-2012
Carkrim

Babaung Ajag (3)

Pintonkeun di FB

Ku: Dede Syafrudin

Jalma-jalma nu kasebut tokoh di Kampung Lebakhaur ngariung di imah Tua Kampung, ngabadamikeun pasualan ajag anu ngagalaksak kana ingon-ingon di lembur. Lian ti tuan rumah teh aya oge Babinsa, Pa Kandar, Erwe Yoyo, Erte Jajang, Bah Juar, Hansip Oman, jeung Enduy minangka wawakil ti golongan barudak ngora.

"Beuki dieu kalah beuki rea bae ingon-ingon anu dikerekeb ku ajag teh, Tua Kampung," Bah Juar muka wangkongan.
"Enya. Malah lain domba jeung embe wungkul anu jadi korbanna teh. Tadi subuh, cenah, munding Kang Wahya kasampak keur adug lajer sakarat. Beuheungna gorowong tapak sihung. Untung kaburu kapanggih, jadi kaburu keneh dipeuncit, teu lapur teuing," Hansip Oman mairan.
"Keur mah deuih imah Kang Wahya teh aya pisan di sisi leuweung," Enduy ngengklokan.
"Heueuh. Asa geus heubeul pisan ajag tara turun ka lembur teh. Jeung deuih baheula mah tara pati ngagalaksak siga ayeuna. Paling-paling ukur ngarekeb hiji atawa dua embe," Tua Kampung ngarahuh.
"Enya. Aya kana welas taunna," Bah Juar mairan.
"Sigana ajag kalaparan. Di gunung geus hese dahareun meureun," ceuk Pa Kandar.
"Heueuh, atuh da bongan tatangkalanana kalah hayoh bae ditaluaran, jadi we leuweung teh dugul. Sasatoan kakurangan dahareun," ceuk Enduy.
"Na Jang Enduy nyaho ti mana leuweung di urang dugul, da asa can kabejakeun sok ka leuweung atawa naek ka gunung?" Bah Juar nepak taktak Enduy.
"Teu kudu jauh-jauh naek ka gunung hayang nyaho leuweung geus bulistir mah, kapan ti lembur oge katingal. Komo lamun keur mangsana panas poe mah, katempo pisan," tembal Enduy.
"Meunggeus tong waka ngobrolkeun nu lain-lain, kapan urang teh keur ngabadamikeun pasualan ajag!" Erwe Yoyo ngahuit Bah Juar jeung Enduy.
"Ari warga di dieu tacan aya nu manggihan langsung eta ajag?" Babinsa nu ti tatadi ngabetem ahirna nyarita.
"Nyaeta teu Acan, Pa. Eta ge aya sababaraha urang tukang moro tos nyobian nyusud tapakna ka leuweung, tapi teu aya nu tiasa manggihan ka mana lumpat atanapi nyumputna eta sakadang ajag," E rwe Yoyo nembalan.
"Oh..., " Babinsa unggut-unggutan.
"Ari eta, ronda kumaha?" Babinsa nyarita deui.
"Ti saprak domba Mang Iding dikerekeb ge, siskamling teh langsung dihangkeutkeun deui," ayeuna mah Pa Kandar anu nembalan teh.
"Sabaraha urang unggal peutingna nu sok ngaronda teh?" ceuk Babinsa.
"Lima dugi tujuh jalmi, Pa," tembal Hansip Oman.
"Oh, kitu...," Babinsa unggut-unggutan deui. Tarangna katembong kerung, bangun anu keur uleng mikir.
"Ari nu sok moro bagong di dieu aya sabaraha urang?" ceuk Babinsa, sanggeus aya kana sawatara lilana kerung.
"Upami teu lepat mah aya genep urang. Kang Tatang, Mang Ikok, Bah Jumanta, Kang Sahili, Tete, jeung Eri Sero," tembal Enduy.
"Ngan sakitu?"
"Muhun. Da nu sanesna mah moro ge mun ukur sakali-kali bari jeung ula-ilu wungkul. Aya naon kitu, Pa?" ceuk Enduy.
"Kieu...," Babinsa ngarenghap heula sakedapan, "Wayahna ayeuna mah unggal peuting kudu aya anu ngaronda. Sakabeh kapala kulawarga wajib ngaronda. Ngeunaan jadwalna mah pek atur ku nu leuwih apal kana kaayaan di dieu. Ngan nu penting dina unggal kelompok mun bisa mah kudu aya tukang moro," pokna.
"Naha make  kedah aya tukang moro sagala, Pa?" Enduy nanya deui.
"Kahiji, tukang moro biasana boga pakarang. Mun teu bedil dorlok, tumbak-tumbak bae  mah piraku teu boga. Kadua, kangaranan tukang moro tangtu boga anjing anu seukeut angseuna jeung leber wawanenna. Lamun aya ajag teh ti kajauhan keneh ge geus kaambeueun ku anjing tukang moro. Atuh mun ajagna kabur, tangtu bisa gancang nyusud tapakna," Babinsa ngajentrekeun.
"Oh...," Enduy unggut-unggutan.
"Tambahkeun saurang deui tukang moro teh, Jang," ceuk Tua Kampung.
"Saha?"
"Iding."
"Mang Iding?" Enduy kerung.
"Asa tara katembong moro Mang Iding mah?" pokna deui.
"Ayeuna tara soteh, da baheula mah tukangna," tembal Tua Kampung.
"Oh, tapi geuning teu bogaeun anjing?" Enduy kerung deui.
"Geus paeh anjing nu Iding mah. Geus kolot teuing. Kapan baheula, keur Ujang leutik keneh, kungsi rek digegel ku anjing Iding lin?" ceuk Bah Juar.
"Oh, enya. Inget ayeuna mah, anjingna teh nu hideung tea nya?" Enduy nepak tarangna sorangan.
"Enya," tembal Bah Juar.
"Sigana bedilna mah aya keneh. Engke mun bagean manehna ngaronda, urang olo sina dibawa bedilna," ceuk Tua Kampung.
"Na mawa bedil bae make kudu diolo?" ceuk Enduy.
"Kapan kungsi rarag cadu make deui bedil," ceuk Bah Juar.
"Naha?" Enduy geus kerung deui.
"Engke deui we ngadongengna! Ayeuna mah sok geura tuliskeun saha-saha bae warga di dieu anu kudu diasupkeun kana kelompok keur siskamling," Erwe Yoyo geuwat ngalempengkeun deui jejer obrolan nu katembongna geus mimiti rek mengkol.
"Mangga, Pa. Mang Iding urang lebetkeun kana warga bersenjata anu gaduh misi memburu ajag. Ngan tangtosna ge moal disakelompokkeun sareng Kang Asruh, bisi kalah jadi perang sodara," Enduy ngomongna ditungtungan ku ngaheheh seuri.

Atuh tangtu bae nu araya di dinya ge milu seuri, kagugu ku omongan Enduy. Ukur Babinsa bae  anu teu seuri teh. 

"Sok sanajan warga diaktipkeun pikeun siskamling, lain hartina aparat lepas tangan. Polisi ge bakal turun tangan pikeun moro eta ajag anu geus ngaresahkeun warga masarakat." Babinsa nuluykeun omonganana.
"Nya upami kitu mah naon anu disanggemkeun ku Pa Babinsa teh urang enggal bae  laksanakeun. Wayahna Oman jeung Jang Enduy nyieun jadwal siskamling sakumaha anu bieu disanggemkeun ku Pa Babinsa, tuluy iberkeun ka sakumna warga Kampung Lebakhaur," ceuk Tua Kampung.
"Mangga," Hansip Oman jeung Jang Enduy meh bareng nembalan.
Sanggeus dicindekkeun kitu mah Babinsa teh pamit, ninggalkeun imah Tua Kampung. Ari nu sejen, tuluy bae sibuk ngatur jadwal ronda.
"Kade  poho, ceuk Pa Babinsa, unggal kelompok kudu aya tukang moro!" Erwe Yoyo ngingetan Enduy anu keur sibuk nuliskeun ngaran warga kampung kana jadwal ronda.
"Siap, Pa!" tembal Enduy.* (hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula