Tue, 22-05-2012
Carita Lucu

Nadar

Pintonkeun di FB

Ku: Ayo Yahya Heryanto

Ieu kajadian teh kurang leuwih geus aya sapuluh taun ka tukang mah. Ari nu boga lalakonna nyaeta Mang Karmidi, urang Cibuluh nu boga tempat panyetruman aki di  Jakarta. Harita teh Mang Karmidi nyarita kieu ka kuring.

"Jang, lamun Mamang boga tempat panyetruman aki nepi ka tujuh, Mamang rek nadar," cek manehna dina hiji waktu.
"Ayeuna geus boga sabaraha panyetruman aki teh, Mang?" kuring tetelepek hayang nyaho.
"Kakara boga tilu tempat, Jang" tembalna.

Geus kitu manehna kusiwel ngaluarkeun bungkus roko nu eusina ngan kari tilu batang deui. Sok dibikeun ka kuring.

"Kumaha rencana Mamang ka hareupna?" kuring nanya bari rada ngosom da keur nyundut roko bari dikenyot.
"Mun kaparengkeun boga tujuh, Mamang rek nadar," tembalna daria.
"Kumaha nadarna?" kuring beuki panasaran.

Ditanya kitu manehna teu buru-buru ngajawab, lantaran keur ngararasakeun nikmatna ngaroko. Katembong teh kawas nu peureum beunta.

"Saksian ku Ujang, nyah!" reg eureun deui nyaritana.
"Heeh Mang, siap jadi saksi-saksi bae mah. Komo ieu bonusna ge roko lamun ayeuna ngan tilu batang, isukna mah saselop nya Mang!" ceuk kuring ngaheureuyan.
"Teruskeun Mang, tadi teh nyarita kumaha?" kuring panasaran.
"Oh, heeh. Naon nya, Mamang ge poho deui" tembalna bari ngahehe.
"Jangji Mang, jangji" kuring ngingetan.
"Tah, kakara inget ayeuna mah!" terus manehna ngenyot roko deui.
"Mun Mamang tangka boga tujuh tempat, Mamang rek ngahajakeun leumpang alias jalan kaki ti Jakarta nepi ka dieu," cek manehna bari direumbay ku pepeta.
"Naha ku naon nadar teh teu milih nu sejen bae, Mang? Contona nu gampang, ngayakeun sukuran di imah Mamang bari ngundang Kiyai Dayat katut barudak santrina dititah maraca Yasin, itung-itung ngirim doa ka sepuh-sepuh Mamang nu tos ngantunkeun," cek kuring mere bongbolongan.
"Eta mah puguh deui atuh, Jang. Sukuran arek, malah mah rek meuncit domba jalu sagala. Ujang katut bapa Ujang ge pasti diundang. Leumpang ti Jakarta nepi ka imah rek dilaksanakeun. Sabab Mamang nyaho saeutik-eutikeun, alwa'du daenun, yen jangji teh hutang cek Mama Kiyai oge" tembalna bari ngahaha.
"Oh... jadi arek meuncit domba jalu, nya Mang? Jalan kaki alias long march oge rek dilaksanakeun?" cek kuring hayang ngayakinkeun.
"Insya Alloh, Jang. Duanana ge rek dilaksanakeun, mudah-mudahan Mamang katut Ujang dipanjangkeun umur nya," tembalna bari ngusapan punduk.
"Amin, amin...!" tembal teh milu bungah. Geus kitu mah manehna leumpang ngagedig muru ka pasarkeun. Jigana mah aya kaperluan manehna nu baris di beuli.

Ngendek tilu taun ti tas manehna ngobrol jeung kuring di warung Bi Narsih, kuring ngadenge beja hiliwir bawaning angin, yen Mang Karmidi ti mimiti poe Ahad kamari mulang ka lembur bari leumpang atawa badarat. Ari nu jadi sababna dumeh cita-citana geus laksana. Panyetruman akina geus boga tujuh tempat cenah.

Ah, Mang Karmidi bener-bener nekad, cek kuring ngagerentes na jero hate. Ari nu jadi pamikiran kuring, lalampahan ti Jakarta badarat nepi ka lembur  teh lain bantrak-bantrakeun. Iwal manehna olahragawan sejati. Lamun diukur ku kilometer, ti Jakarta ka Cibuluh teh kurang leuwih 350 kilo meter. Katambah-tambah umur manehna teh geus nincak kapala lima. Mun tanagana diukur, geus moal kawas budak ngora deui. katambah-tambah harita mah can aya HP kawas jaman ayeuna. Da mun geus boga Hp mah, bisi manehna meunang musibah di satengahing jalan teh, bisa nelepon ka nu di lembur.

Keur hulang-huleng kitu, lar aya Karna ngaliwat ka hareupeun imah kuring. Karna teh anak Mang Karmidi anu bungsu, lulusan SMP taun kamari.

"Jang, bener bapa Ujang rek leumpang ti Jakarta nepi ka lembur?" cek kuring nanya ka manehna.
"Leres, Kang. Malah ayeuna ge tos nepi ka Bekasi" tembal Karna ngeceskeun.
"Ceuk saha Ujang nyaho yen Bapa geus nepi ka Bekasi?" kuring panasaran.
"Eta, ceuk Mang Kodir nu kamari datang," tembal Karma bari ngoyoyod.

Oh, ari kitu mah Mang Karmidi teh teu jalir jangji, cek kuring ngomong sorangan. Lamun kamari di Bekasi, isuk pageto pasti geus nepi ka Purwakarta. Ti Purwakarta ka lembur paling meakeun waktu opat atawa lima poe. Jadi ceuk perkiraan kuring, Ahad atawa Senen oge manehna geus nepi ka imahna.

Geus kitu mah kuring pleng weh teu nginget-nginget lalampahan Mang Karmidi. Jeun teuing lah, da aya anakna jeung pamajikanana ieuh. Ongkohna harita teh kuring keur meumeujeuhna sibuk ku pagawean, sabab rek nyanghareupan Pemilu. Kabeneran kuring meunang tugas ti Desa, jadi ketua KPPS.

Ngendek lima poe ti harita kuring meunang beja ti Mang Halimi, yen Mang Karmidi geus nepi ka imahna, kuring panasaran hayang gura-giru papanggih. Ongkoh hayang nanya beja, kumaha lalakon di perjalanan anu sakitu jauhna.

Barang kuring asup ka pakarangan imahna, Mang Karmidi geus ngagorowok ti jero imah.

"Jang Rudi, buru-buru ka dieu, Mamang geus nepi kalayan salamet!" cek manehna bangun nu atoh pisan.
"Alhamdulillah nya Mang, jangji Mamang geus dicumponan," cek kuring bari parangkul-rangkul bakating ku sono.
"Alhamdulillah nya Jang, Mamang teu bohong," tembal manehna bari gek ngajak diuk di patengahan anu pinuh ku rupa-rupa kadaharan.
"Ari eta, ku naon bareuh Mang?" ceuk kuring bari nunjuk sukuna.
"Ah, teu nanaon Jang. Ieu mah bareuh soteh pedah tas leumpang jauh bae, lain bareuh ku panyakit," tembalna nembongkeun kasugemaan.

Geus kitu mah kuring nanggap Mang Karmidi nu nyaritakeun lalakon di perjalanan, ti mimiti indit nepi ka datang ka imah. Geus kitu tatanggana nu dareukeut rabul maranggihan, kawas nu narepungan jalma nu balik ti Mekah, kabeh tamu nu datang ka dinya disuguhan ku rupa-rupa kueh nu geus disadiakeun ti anggalna keneh. Mang Karmidi omat-omatan ka sakur nu hadir, yen engke peuting bada isa dititah ngariung di imahna. Maksud ngayakeun riungan teh itung-itung sukuran, dumeh cita-citana geus kalaksanakeun.

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

yon ngomentaran:

Asa ka ilhaman ku mang Karmadi. Hayang ngajaran ngadon leumpang ti Bandung ka lembur kuring anu perenahna kampung Hegarsari, desa Tanjungsari, Pagerageung, Tasikmalaya.