Tue, 22-05-2012
Bale Bandung

Opat Pasualan

Pintonkeun di FB

Karek oge kekedengan di tempat tidur nu heureut, reureuh bada balik ngantor, kadenge hp disada. Sudjana cengkat tuluy ngilikan hpna nu diteundeun luhureun tv. Horeng sms ti Ki Silah, cenah dina hiji riungan kungsi narima sms ti warga Jawa Barat nu nepikeun opat pasualan. Kahiji, naha masarakat Jawa Barat (Sunda) bisa ngabejerbeaskeun kahayangna kalayan eces? Dua, mun bisa kitu, apan kaitung strategis mun kahayang bieu ditepikeun, dinegosiasikeun ka para calon (caleg atawa capres) . Katilu, Sulawesi sabada Jusuf Kalla manggung kaitung maju pesat, tah, kumaha ari Jawa Barat engkena?Kaopat, saupama taya calon nu wani nyieun kontrak jeung masarakat Jawa Barat, naha wani Jawa Barat ngamunculkeun calon alternatip atawa malahan ngaboikot pemilu? Satuluyna, Ki Silah nanyakeun, kumaha cenah pamanggih di dinya ?

Sudjana ngahuleng sajongjongan, tapi ahirna mah teu burung nepikeun balesanana. Sual kahiji, mun teu salah, asana Sarwono Kusumaatmadja nu kungsi nepikeun pasualan kitu teh. Tapi, manehna poho deui, dina riungan naon jeung iraha Sarwono nepikeun pasualan bieu. Memang, nyoreang ka tukang, saperti dina riungan Kongres Pamuda Sunda, taun 1956, urang Sunda teu pati eces ngarumuskeun karepna. Teu signipikan apan usulanana teh. Upamana wae, ngajorowokkeun nagara federasi, atawa malahan sual tetek bengek saperti hayang ngarobah ngaran Pulo Jawa jeung sajabana. Dina mangsa Bung Karno kumawasa dibarengan ku Jendral Nasution nu sakitu tohtohan mela NKRI, tangtu pimanaeun bakal nedunan kahayang masarakat nu boga karep ngawangun nagara federasi. Akibatna, apan can nanaon "kaom federalis" saperti Adjam, Saikin jeung nu lianna geus digebug manten ku tentara. Nya, ari dibarung ku kawani mah baruntak kawas GAM atawa OPM, teu nanaon nepikeun kahayang saperti kitu. Tapi, buktina apan jawara Gerakan Sunda Taun 50an teu luas saperti kitu.

Naha urang Sunda bisa ngarumuskeun kahayangna?

Sabenerna mah, pikir Sudjana, geus jelas kahayang urang Sunda teh. Piraku tina saban tesis jeung panalitian di paguron luhur, kitu deui nu "tersirat" dina pikukuh jeung pitutur karuhun, kahayang masarakat teu bisa kabaca?Jelas, saban masarakat oge boga kahayang ngahontal karaharjaan jeung kaadilan. Atuh pedaranana nu eces mah apan bisa dibaca dina program pamarentah daerah ti waktu ka waktu saperti nu disusun ku para ahli di Bapeda. Piraku can eces keneh wae? Nu jelas, lain masarakat Sunda teu mampuh nyusun karepna, tapi nu puguh mah para pamingpinna nu teu mampuh wae ngawujudkeunana. Jadi, nu jadi sual, kunaon pamarentah daerah Jawa Barat can mampuh wae nedunan kahayang masarakatna? Da, saupama para calon bener-bener ngadengekeun sora-sora masarakat mah, tangtu geus bisa kadenge harus pisan, naon wae nu jadi angen-angen balarea teh.

Jusuf Kalla.

Kumaha ari Sulawesi nu maju pesat sabada Jusuf Kalla manggung?

Naha bener eta teh?Naha bener kuat korelasina jeung manggungna Jusuf Kalla?

Hal saperti kitu kudu bener-bener dipaluruh tuluy tembrakkeun dina media massa. Pikir Sudjana, upama bener kitu, atuh Jusuf Kalla, minangka Wapres nu sakuduna ngamajukeun sakabeh wilayah di Indonesia, geus teu adil, ngawilah-wilah daerah, ari lemburna dimajukeun ari daerah sejen diantep. Ah, lebah dieu mah, Jusuf Kalla kudu pada ngajorag sarta diprotes! Kunaon anjeun pilih kasih, saukur ngamajukeun lembur sorangan, ari wilayan sejen diantep?

Pasualan nu ditepikeun saperti kitu, jigana saukur mapanas urang Sunda supaya nyalonkeun wargana jadi presiden. Tapi, urusanana teu basajan saperti kitu. Dina jadina oge aya urang Sunda jadi presiden, tangtu diperedih kudu mampuh ngamajukeun sakur wilayah di Indonesia ulah saukur ngamajukeun tatar Sunda wungkul. Jadi, sabenerna mah, mun presiden atawa wakil presiden ngalarapkeun pancenna bener-bener, estuning moal jadi pasirikan kulantaran bakal tohtohan ngamajukeun sakur wilayah di Indonesia. Ana kitu, teu jadi sual rek ti etnis mana wae nu kapilih jadi Presiden atawa Wakil Presiden RI teh. Naha make pusing-pusing sual kitu?

Satuluyna, saupama calon teu wani nyieun kontrak pulitik naha wani ngamunculkeun pamingpin alternatip atawa ngaboikot pemilu? Lebah dieu, nu penting mah urangna sorangan, daek henteu nawarkeun kontrak pulitik ka para calon. Tapi, ulah miharep teuing sabada dijieun kontrak tuluy para pamingpin bakal satia ngalarapkeunana.

Jadi nu penting mah, lain kontrak jeung para calon nu engkena bisa sulaya, tapi konsisten henteu urang nagih jangji ka para calon sabada manggung? Nu perlu mah urang Sunda kudu boga "pressure group"(kelompok penekan) nu wani tuluy-tuluyan ngadongsok para pamingpin nu keur manggung supaya bener-bener ngalarapkeun pancenna.

Karno Kartadibrata

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula