Tue, 22-05-2012
Carkrim

Babaung Ajag (4)

Pintonkeun di FB

Ku: Dede Syafrudin

Peuting, ti bada Isa keneh Enduy geus aya di pos ronda. Bedog nu anyar ngasah nyolegreng dina cangkengna. Salian ti Enduy, di pos ronda teh geus nyampak aya Kang Tatang jeung Bah Juar. Bedil dorlok paranti moro, nu Kang Tatang, disarandekeun deukeut kohkol. Si Kiclik, anjing Kang Tatang, anteng diuk di kolong pos. Teu lila ti harita, torojol Hansip Oman.

"Har, pan maneh mah asa lain bagean ngaronda ayeuna, Man?" ceuk Bah Juar.
"Da kuring mah tugas, wajib datang unggal peuting," tembal Hansip Oman.
"Aeh heueuh nya, poho. Kapan maneh mah enggonna ge di pos," Bah Juar nyarita deui, ditungtungan ku ngaheheh.

Teu loba carita deui, gek Hansip Oman diuk gigireun Kang Tatang. Ragamang leungeunna kana gelas seng. Geus kitu kop deui kana gula jeung kopi. Beres nyendokan kopi jeung gula kana gelas, curulung dicician ku cai termos nu memang geus disadiakeun ti memeh isa keneh, laju dikoce k. Teu cukup ku ninyuh kopi wungkul, matana ngareret kana roko kretek nu Bah Juar, tuluy dirongkong.

"Punten ah, ngiringan," pokna.
"Mangga, mangga, Juragan. Raos geura nembe sumping langsung ngopi jeung ngaroko. Bilih sakantenan bade sareng panekerna?" tembal Bah Juar, angger ditungtungan ku ngaheheh.
"Wios, ngabantun korekna mah," ceuk Hansip Oman.
"Sisinarieun silaing mawa korek. Biasana oge ukur ngamodal biwirna wungkul," Bah Juar nyarita deui.
"Korek-korek bae mah kabeuli uing ge," tembal Hansip Oman, bari laju ngahurungkeun roko. Haseup roko nyerebung tina bahamna.

Beuki peuting nu rek ngaronda tingtorojol. Kabeh nyaroren bedog, malah aya oge anu mawa gobang jeung samurey.

"Geus daratang kabeh nu dek ngaronda teh, Oman?" ceuk Bah Juar.
"Kari Asruh, Bah," tembalna.
"Can nyahoeun boa, kabagean ngaronda ayeuna."
"Tos diwartosan da ku abdi. Malah tadi sonten ge, waktu pendak di Pengkolan, ku abdi diingetan deui manehna kabagean ngaronda wengi ayeuna," Hansip Oman nembalan deui.
"Paling oge ngalanto heula ka imah Ceu Dedeh," ceuk Enduy.
"Sigana mah," Kang Tatang ngengklokan.
"Dasar Si careraman, teu kaur amprok jeung nu denok. Teu kaur aya rangda, kudu bae  didekeman. Cik sakali-kali mah gerebeg atuh Oman, ulah diantep bae!" Bah Juar kukulutus.
"Siap, Bah!" tembal Hansip Oman.
"Nenggar cadas ayeuna mah Asruh teh," Kang Tatang nyarita deui.
"Neunggar cadas kumaha?" ceuk Hansip Oman, bari laju ngaleguk cikopi tina gelasna.
"Heueuh rea saingan. Kapan lain saurang dua urang anu resep ka Nyi Dedeh teh. Pangpangna kudu bersaing pisan mah jeung Mang Iding," ceuk Kang Tatang.
"Saingan berat eta mah. Duda tea...!" Enduy neruskeun kalimat Kang Tatang.
"Na kumaha kitu mun duda?" Bah Juar ngareret ka Enduy.
"Enya geus lila teu ngurek. Jadi mun manggih liang belut teh pasti nyoso! Hehehe...," Enduy seuri, bangun anu genah naker.

Ger nu lian oge  milu seuri, kagugu ku omongan Enduy.

"Na nyaho ti mana budak kamari sorekana urusan ngurek? Kapan ujang mah kawin ge can ngalaman," Bah Juar neke tuur Enduy nu nyorondoy ka hareupeunana.
"Aduh, tong bari tuka-teke kitu atuh kana tuur batur teh! Ceuk cenah uing ge," Enduy ngusapan tuurna nu karasa rada linu alatan diteke ku leungeun Bah Juar nu make batu ali.

Tuluy bae obrolan teh museur kana kalakuan Kang Asruh jeung Ceu Dedeh, oge lalaki-lalaki lianna anu deukeut atawa sok remen ngaheroan Ceu Dedeh.

"Lebah tujuan mah pasti beda antara Asruh jeung Mang Iding teh," ceuk E rwe Yoyo.
"Beda kumaha?" Hansip Oman kerung.
"Mang Iding mah sigana seurieus rek mileuleuheung Nyi Dedeh...."
"Naha?" Hansip Oman motong kalimah E rwe Yoyo.
"Kahiji, Mang Iding teh geus aya taunna jadi duda. Kadua, Mang Iding mah tara kabejakeun bangor ka awewe. Beda pisan jeung Asruh. Tong boro ka rangda, ka parawan ge  manehna mah ngudag-ngudag ge ngan saukur saheureuyeun," tembal Erwe Yoyo.
"Iding ge bageur soteh ayeuna geus kolot. Da baheula mah sed saeutik ti Jang Asruh," ceuk Bah Juar.
"Tah, geus gosip anyar deui wae yeuh. Kumaha kitu, Bah, baheulana Mang Iding teh?" Enduy neuteup Bah Juar.
"Enya, ceuk Abah ge sed saeutik ti Jang Asruh," Bah Juar nembalan.
"Sed saeutik teh leuwih parah ti Kang Asruh?" Enduy angger neuteup Bah Juar.
"Henteu ari saparna Jang Asruh mah, najan sarua cunihin ge. Ngan lebah ka awewe, Iding mah boga ulat licik. Sok daek rerebut, teu paduli ka batur atawa ka sobat. Kapan boga pamajikanana oge sasat meunang ngarebut ti sobatna sorangan," Bah Juar nembalan deui.
"Kutan? Meunang ngarebut ti saha, Bah?" Enduy ngembang boled.
"Meunang ngarebut ti..., tuh geuning aya nu datang deui," Bah Juar teu kebat nyaritana lantaran kaburu katembong aya nu keur leumpang muru ka pos ronda.
"Tah geuning panjang umur, keur diomongkeun norojol," ceuk Kang Tatang, waktu sidik yen anu leumpang muru ka pos ronda teh horeng Kang Asruh.
"Ka mana heula ari Ujang, batur geus ngadagoan ti tatadi teh?" ceuk Bah Juar.

Kang Asruh ukur nembalan ku ngaheheh, bari gek diuk bareng jeung batur.

"Raos nya, bade  ngaronda ngaranda heula," Kang Tatang nyaritana bari gap leungeunna kana bedil dorlok, diilikan palatuk jeung kucubungna.
Kang Asruh ngadelek.
"Tong dulak-delek kitu ari rumasa mah!" ceuk Bah Juar.

Ger nu araya di pos ronda seuri. Ari nu diseungseurikeunana mah timbang uluman-alimen bae .

"Kumaha peta urang peuting ayeuna yeuh?" Kang Asruh mindahkeun jejer obrolan.
"Nu pasti mah rek nguriling, siskamling, bisi aya sakadang ajag ngadodoho ingon-ingon. Lain rek ngadon ngadepong di imah rangda!" ceuk Hansip Oman.

Ger sareuri deui.

"Euleuh-euleuh geus kadinya deui ngomong teh. Nya wajar we kuring mah kitu ge, da ngora keneh. Mun Bah Juar teu pates, lantaran geus bau taneuh!" Kang Asruh ngomongna dibarung ku jamotrot.
"Nyaeta rumasa teu pantes kami mah, matak tara pirajeunan ngaranda ge," tembal Bah Juar.
"Lain rumasa teu pantes, tapi rumasa sieun ku indungna budak!" ceuk Erwe Yoyo.

Ayeuna mah bagean Bah Juar anu ngadelek, ka Erwe Yoyo.

Ger nu sejen seuri. Nyeungseurikeun peta Bah Juar.

"Geuning nyaneh daek milu ngaronda?" Bah Juar geuwat mengkolkeun obrolan.
"Nya daek atuh. Keur mah dititah, kawajiban deuih!" Kang Asruh ngomongna semu dangah.(hanca)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula