Tue, 22-05-2012
Carita Misteri

KRL Jurig Bogor-Jakarta (Kajadian Mapag Pilpres 2004)

Pintonkeun di FB

Ku: Madusari

Keur gegederna mapag Pilihan Presiden 2004 harita teh. Kajadian di Bogor-Jakarta tapi cukup inggeung sanusantara. Sabab kakara kajadian aheng sarupa kitu mah. Kabeneran maca dina MANGLE lalakon perkereta apian, bet ras inget kana kajadian di Bogor harita anu disarebut "Kereta Hantu". Dijiga-jiga mah memang jiga heueuh we kitu lalakonna, padahal wallahu allam da teu kakuping carita anu sabenerna, naon sababna eta Kareta Api Listrik (KRL) Bogor-Jakarta bet mabur ti setatsion Bogor ka Jakarta tanpa masinis tanpa panumpang jeung tanpa listrik.

***

Padahal eta teh kapan kareta Api Listrik, tapi bisa nyemprung mabur tanpa listrik, ceuk saha henteu aheng? Bogor patilasan Pajajaran anu nyimpen rupa rupaning kaahengan, hate mah geus teg, bisa jadi ieu teh isarah ti Prabu Siliwangi keur anu hayang maranggung jadi Kapala Nagara. Atawa Sang Prabu isarah yen mangke nu bakal jeneng Presiden teh putra Pajajaran atawa tokoh anu lila mangkuk di Pakuan Pajajaran jeung nyaah ka seuweu siwina.

Bener, ari anu unggulna mah warga kota Bogor hartina anu geus lawas linggih di Bogor, Susilo Bambang Yudhoyono tea kapan ti Cikeas.

Basa guntreng ngawangkong jeung Jendral Sudradjat Nataatmadja di Bumina, tokoh Sunda anu kantos jeneng Bupati Bogor oge copna ka dinya. Nya ayeuna putra Pajajaran manggung mingpin nagara jeung bangsa gerentes hate. Lamun enya, Pajajaran Anyar bakal kajurung laku geusan tandang makalangan, seuweu siwi Sunda hudang dangiang, unggah darajat jeung martabatna sanajan ayeuna oge keur nanjung.

Tapi nu lugay ti Pajajaran teh putra ti Tatar Wetan anu jugala di Tatar Sunda.

Sarua bae, meureun berekahna mah ti Siliwangi-Siliwangi keneh, sabab kantos dines di Kujang Dayeuhkolot Bandung anjeunna oge, malah nurutkeun Adang S mah, tentara tukang ngarang, anehna anjeunna teh  kantos, linggih di asrama Kujang Bojongsoang, kamarna ngarendeng jeung kamar kulawarga Adang anu harita Kopral keneh. Ka jamban ngantri sarua jeung pangeusi asrama sejenna. Campur gaul nyunda, teu karagok, ngan ari geus jadi presiden mah nya karagok we malah lewang nyawangna oge.

Balik deui kana dongeng Kareta Jurig, Mang Okan tukang roko asongan di salahsahiji pintu kareta api Bogor nyebutkeun yen harita teh malem Jumaah tanggal 12 Desember taun 2003 keur gegeden Pilihan Presiden. Mang Okan kukulintingan di deukeut palang  pintu, ngadagoan nu areureun lebah dinya ngadagoan kareta liwat. Tapi da geus peuting rada tiiseun. Keur kitu  ti beh wetan aya nu rentang-rentang datang dibaju bodas mapay erel, jiga santri ti pasantren, jubahna bodas gagayabagan. Geus deukeut ka pintu ngagupayan Mang Okan.

"Ka dieu Ujang!" pokna, Okan ngadeukeutan antara sadar jeung henteu.

Geus deukeut, leungeun nu dijubah bodas teh plak... kana taktakna.

"Ulah deukeut-deukeut teuing kana palang pintu nya, moal lila ge aya nu liwat geura!" pokna bari leos ninggalkeun Okan, dilieuk teh da geus teu aya duka ka mana.
"Puguh Emang kaget jeung reuwas campur sieun, da geuningan nu gaib tateh, sidik ngiles tapi seungitna meleber sabada manehna ngiles. Teu kungsi lila gurudug teh KRL liwat... mani ngan sakilat. Emang reuwas sabab tukang jaga pintu teu nutup palang pintu kareta. Manehna ge mani ngajgleng kageteun, terus ngajeten salila-lila. Leuwih kaget deui kareta teh leumpang sorangan da euweuh masinisan, malah lampuna ge pareum, poek meredong . Kitu carita Mang Okan anu nyaho-nyaho isukna  maca tina koran-koran pokna. Bener we anu peuting nyebrut muru Jakarta teh kareta hantu cenah..... Ya Alloh Ya Robbi..... ku aheng eta kajadian. Kajeun kalah kumaha bae teknisi moal bisa disalahkeun meureun.

Masarakat ngarasa yakin eta kareta api dimasinisan ku jurig. Tapi jurig ti mana?Da samemehna tacan kungsi kacilakaan eta KRL teh cenah. Aya deui anu njebutkeun masinisna pahlawan revolusi anu maot kageleng kareta api, aya deui anu nyebutkeun, nu ngamasinisanana teh pagawe kareta api anu maot panasaran jeung sajabana.

Sajeroning kitu,  Pa Dasikin mah boga carita nu beda jeung batur. Cenah manehna anu gawe di PT KA ti taun tujuhpuluhan teh (ayeuna geus pangsiun) samemeh  KRL jurig tea ngaliwat, kira satengah salapan peuting,  teu nyaho samemehna jol nenjo mobil Kijang  uget-ugetan mogok, padahal moal lila deui bakal aya KRL ngaliwat. Gancang pa Dasikin mantuan nyurung-nyurung Kijang jeung jalma-jalma anu geus aya di dinya, anbu kabehanana ge cenah panumpang Kijang. Anehna ngaberetem taya anu nyarita saurang oge jiga anu pireu. Tapi kacida beuratna eta mobil teh, henteu utek-utek acan disurung-surung ku jalma anu sakitu lobana teh. Alhamdulillah sabada Pa Dasikin ngagorowok tarik nyambat asma Alloh "Allohu akbar!" sababaraha kali, Kijang jol kaluar tina erel, teu kungsi lila bener aya KRL Jakarta-Bogor liwat. Ku Pa Dasikin dicatet, turta manehna yakin yen hiji mangsa bakal aya kajadian. Nu matak kalengger manehna mah, sabada ngalieuk ka tempat mobil Kijaqng tadi ngajugrug bet geus euweuh di tempatna...."Gustiii.... naon deui atuh ieu teh? Da sabenerna eta mobil kudu diomean heula sabab geus kataliti ruksak. Tapi ka mana atuh ayeuna? Keur uleng mikiran mobil nu ngadadak ngaleungit, ngagayuh ka subuh datang KRL tanpa masinis tanpa panuypang malah ampir tanpa soraan ngaliwat  ka Jakartakeun. Pa Dasikin ngagorowok tarik "Allohu Akbar!" kareta mabur terus muru Jakarta. Nu dipikapaur ku Pa Dasikin kumaha temen lamun jalma-jalma teu areungeuh terus cilaka, heug bakal loba anu ngulampreng wayah kitu teh, pangpangna nu daragang, tukang ojeg jeung barudak sakola anu nyarubuh. Pa Dasikin terus istigfar.

Beu...boa Kijang nu tadi  oge katubruk nya? Bulu pundukna ngadadak carengkat, rasa keueung ngeukeuweuk dirina. KRL atawa kalangkangna nu bieu liwat teh? Tapi jalma-jalma anu keur araya sisi jalan kareta api tinggorowok..."KRL juriiiiig...!" cenah. Rob ngaronom Pa Dasikin anu ngajanteng bari molotot.

Jalma-jalma recok nyaritakeun KRL nu cikeneh ngaliwat. Kabeh nyaksian sidik yen eta KRL poek meredong, euweuh panumpangan euweuh masinisan. Maranehna nganuhunkeun ka Pangeran anu geus nangtayungan maranehna, euweuh saurang oge anu kabeneran aya dina erel kareta api, ku kituna teu aya anu cilaka.

Jalma-jalma teu beak-beak istigfar, bari ngira-ngira kunaon pangna eta KRL jalan sorangan teu aya masinisan, teu aya panumpangna teu aya nanaon da poek meredong kawantu listrikna ge teu jalan. Mun lain dijalankeun ku jurig, ku naon atuh?

Kareta api Jurig atawa ririwa memang ti baheula ge geus kacaturkeun. Sipatna arek jiga jurig kapal laut. Tampolana jurigna teh masinis nu maot waktu kacilakaan, atawa panumpangna pisan nu marakayangan dina kareta api, numatak sipatna gerbong kareta api mah pikakeueungeun, komo lamun panumpangna corengcang.

Caturkeun Pa Ranu urang Depok, tumpak  KRL ka Jakartakeun bada Magrib. Di setatsion loba jalma tapi ngarobol we jongjon kajeun geus aya KRL anu eureun oge. Ari Pa Ranu mah da diburu ku rusuh tea, gancang naek, gek diuk tumaninah da panumpang teu pajejel teuing kajeun memang pinuh unggal dareksi oge. Tapi anehna ceuk Pa Ranu, taya sora nu kakuping, budak ge cicing we dina lahunan indungna, rehe jempe taya nu lemek. Pa Ranu  nanya ka nu diuk gigireunana tapi teu dijawab, ukur imut nembalanana teh. Kitu deui  Kondektur nu mariksa karcis taya nu lemek, cetrek... cetrek nyertrekan karcis, leos indit pairing-iring jeung baturna. Aneh... tepi ka bulu punduk Pa Ranu carengkat.

Di unggal setatsion taya nu turun taya nu naek, tepi weh ka  Manggarai... Pa Ranu turun lalaunan, tapi...naha batur euweuh anu tarurun, ka kota kabeh kitu? Panumpang angger caricing taya nu lemek taya nu obah. Luak... lieuk.... nu araya di setatsion jarongjon sagawena-sagawena, barudak anteng arulin. Pa Ranu gagancangan muru setatsion, langsung nanya ka patugas kareta api nu keur ngawarangkong. Ret kana KRL urut manehna tadi, gebeg....piraku ngan sakilat geus euweuh?

"Pa... pa.... naha jongjon bae, ongkoh tadi KRL eureun di dieu, abdi sorangan anu turun!"
"Turun ti mana?" ceuk  nu saurang  bari nyureng.
"Tina KRL nembe pisan,tapi langsung maju deui jigana mah Pa!" silih pelong patugas teh atuh, kitu deui sakur anu ngadenge kana wangkongan jeung Pa Ranu. Atuh jadi guyur.... aya KRL jurig...

Pa Ranu diajakan ka jero kantor disina nginum, dilelemper. Tetela aya anu nyaksian, Pa Ranu leumpang mapay erel  ka setatsionkeun, teu singna turun tina kareta api cenah.... bisi kalengger teu aya anu ngabejakeun  kaayaan nu sabenerna.

Tetela rarasaan wungkul tumpak kareta api teh ceuk salahsaurang kolot anu geus puluhan taun sok dagang di setatsion Manggarai. Da saenyana ti Depokna leumpang Pa Ranu teh, kusabab meureun dibantu ku nu gaib tea, leumpangna gancang jiga nu hiber, jadi tereh tepi ka Manggarai.

Nu ku Pa Ranu disebut KRL, saenyana jurigna anu bareto kacilakaan tepi ka penyon di Depok, loba korbanna. Tangtu bae panumpangna caricing teu lemek ditanya ku Pa Ranu oge da puguh kabeh ge... geus almarhum, dariuk dina KRL ukur... jurigna.

Tapi da tara ganggu ceuk eta kolot teh, malah sok nyalametkeun.

Sabada aya anu betus nyaritakeun kaayaan anu sabenerna, brek Pa Ranu gering, sok gogororokan... tuh KRL... tuh KRL! Cenah.

Pa Astono sejen deui pangalamanana. Manehna oge dagang di setatsionna teh. Awal selapanpuluhan pokna, kungsi  aya jalma tumpak  KRl ti Cilebut ka Bogorkeun. Sarua jeung pa Astono, manehna oge  panggih jeung  panumpang teu lemek, jarempe we hare-hare, ditanya teu nembalan. Da biasana dina KRL mah gandeng ribut, ieu mah rehe combrek.  Bada cunduk di setatsion Bogor, eta jalma pungak-pinguk sabab tetela KRL teh teu aya opanumpangan, ngan manehna we sorangan, atuh muringkak bulu pundukna. Ngagurubug terus nyarita ka nu araya di setatsion, anu kabeh oge nyebut henteu nenjo KRL eureun di setatsion. Jalma anu majar  bareng sakareta, katenjona ku nu di setatsion mah da leumpang ti Cilebut ka Bogorkeun... sidik leumpang. Tapi diteteangan ditatanyakeun, weleh eta jalma teu timu raratanana.... Jurig deui bae kitu?

Memang ceuk tukang  cukur, basa kareta api kacilakaan di Depok teh mayit nu maraot bacacaran sabudeureun bangke kareta api.***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

sudirman supriadiputra ngomentaran:

Naha bener kitu..!?