Sobat Sang Maestro (20)
Ku: Anrie Suhanda
(20)
Dua bulan ti harita, Hasan datang deui ka kamer Awang.
"Wang, hampura saya, lain saya teu hayang milu ngiringkeun sobat rek tunangan, tapi ieu awak asa lalesu bae, plu jeung pilek geus aya sabulanna teu cageur-cageur."
"Geus ka dokter?"
"Nya enggeus, apan di kantor oge aya dokter perusahaan."
"Cape teuing meureun, kudu loba istirahat."
"Sigana kitu, mudah-mudahan Ema jeung Husni gancang daratang."
"Rek kadarieu nyah ? Husni pindah sakola ka Jakarta?"
"Enya, tapi Ema mah meureun pulang anting be."
"Sukur ari aya nu ngurus mah, sogan moal cape teuing."
"Enya kitu, da ka kampus ge mindeng bolos ayeuna mah, ngan ari ka kantor mah maksakeun bae da kumaha kawajiban jeung tanggungjawab."
"Nya teu nanaon atuh, soal urang ka Ciampea mah teu kudu jadi pikiran ente, da cukup dianteur ku Abah jeung Ema ge."
"Sukses be nya, salam ka Pa Sahli sakulawarga, khususna mah ka Neng Tati."
"Nuhun San, muga-muga be ente oge sing gancang jagjag deui, ulah ngahayungkung kitu, teu pantes, era ku jabatan di kantor."
Sanggeus tamada, Hasan teu lila tuluy amitan. Awang siap-siap rek indit ka Ciampea. Tadina mah ngajakan Pa Lukman sangkan indit samobil, tapi sigana Pa Lukman balik miheulaan. Kakara kapikir ku Awang yen pananggung jawab acara tunangan teh nya Pa Lukman pisan. Jadi Pa Lukman kudu sagancang-gancangna aya di lokasi.
Acara tunangan antara Awang jeung Neng Tati diayakeun dina mangsa liburan sakola sanggeus Neng Tati "samen" ka kelas dua, aya pere dua minggu.
Tadina mah moal ondang-ondang, cukup ngumpulkeun baraya nu dareukeut bae, orokaya tatangga kulawarga Pa Sahli jeung Pa Lukman teu beunang dihahalangan, hayang daratang nyarumbang.
Atuh anu tadina rek meuncit kokok sahiji pikeun bakakak duaaneun teh kapaksa jadi meuncit tujuh, mangkaning anu baradagna wungkul. Munasabah lamun isuk pagetona di eta kampung loba anu hudang kabeurangan kusabab euweuh jago anu kongkorongok.
Neng Tati didangdanan kawas panganten beneran, ngan bae teu disigeran. Make sinjang garutan motif pecah kopi tina mori cap sen, warna dasarna coklat muda. Jamangna kabaya Bandung tina brukat bodas bawa (padagang) ti Bombay.
Salendangna sutra Paris warnana hejo saheab. Lah mun aya juru pantun mah, moal kudu ripuh nuliskeun meureun da osok langsung ditataan, dihariringkeun tanpa kudu make naskah.
"Heuy panganten, ulah ningkreb bae di kamar atuh, beurang keneh."
"Si Uneh taang toong bae, pasti kabitaeun."
"Kade Esih engke peuting bisi poho nulakan panto."
"Awas si eta mah sok gehgeran geura, bahaya bisi teu tahan."
Rupa-rupa polah nu ngaheureuyan "panganten", samaruk ari tunangan teh sarua jeung nikah? Horeng teu nyarahoeun nya, abong henteu ngalaman kabeh.
Dina prakna acara, Ceu Jenab kapeto jadi juru photo. Kamerana anu Awang titinggal baheula basa jadi reporter di Antara, kamera model heubeul tapi antik merekna Nikon. Ku Awang diwawadian sangkan loba opname klos-ap, ulah motoan pamandangan, ari beungeut jalmana henteu kaciri.
"Bismillah hirrohmanirrohim." Gerentes Awang basa ngasupkeun cingcin kana jari manis katuhu Neng Tati. Cingcin nu dipakekeun ka bebendena geus digrafiran ku ngaran manehna, ari cingcin nu dipake ku manehna geus digrafiran make ngaran Neng Tati.
Beres tukeur cingcin make aya acara sungkem sagala. Teuing saha nu ngamimitian bet loba anu laleweh. Ema utamana mah, mani eueuriheun ngarangkul Neng Tati, pajar teh deudeuh teuing mantu Ibu, anu lawas dipicangcam mangka ulah kapalang bela ka anak Ema da manehna teh anak Ema pangkasepan, pangbageuran, pangpinteran, pang......an loba deui . Sawareh nu hadir rada teu ngarti kana formula basa Sunda nu dipake, keun bae sugan ari geus maraca ieu carita mah tuluy pada ngama'lum, ulah disalahkeun eta dialek wewengkon ngaranna, lain basa ugeran.
Acara anu diayakeun saptu sore malem minggu, ditutup resmi samemeh magrib. Panganten lalaki hayangeun mondok di imah panganten awewe, ngan teu wani pok, da kalah era sorangan. Padahal pok-pok be, da manusiawi ari saukur boga kahayang bae mah. Kusabab balik ka Jakarta mah moal waka, nya kapaksa ngadon mondok di ....imah Uwa Lukman.
"Engkang........."
"Aya naon Enung?"
"Ulah pleng les sapertos kamari nya Kang, Enung mani nyeri beuheung sosonggeteun balas ngalieukan kabogoh anu teu embol-embol."
"Naha atuh mani haben bae dilieukan."
"Pan sono atuh Engkang."
"Ari panginten....."
"Panginten naon Engkang?"
"Panginten Engkang wungkul nu sono teh."
"Engkang oge sono ka Enung?"
"Nya kantenan atuh, sonona ge pangsonoan."
"Paingan atuh......."
"Paingan kumaha Nung?"
"Ocesna ge.....pangocesan."
Loba deui paguneman dua insan anu keur silih tamplokkeun kacintaan teh, tapi moal dipanjang- panjang bisi nu maca boseneun, ongkoh harga keretas jeung ongkos citak pan ayeuna mah ararundak.
Pokona mah acara tunangan antara Awang jeung Neng Tati geus kalaksanakeun kalawan salamet.
Selang saminggu ti harita Awang ngahaja jalan-jalan ka Jalan Jaksa nyampeurkeun ka galeri Deny Chaniago. Manehna geus bebekelan mangrupa poto-poto basa tunangan tea jeung lukisan diri Evie dibawa dina jok tukang mobilna.
Kasampak Deny Chaniago keur memeres lukisan anu dipajang di galerina. Ayeuna mah teu pati sibuk teuing manehna teh kusabab pesenan ti istana geus tara datang deui, geus ganti lalakon. Ganti dalang ganti wayang, ganti satria ganti oge para ponakawanna.
"Assalamualaikum."
"Walaikum salaam,"
"Damang Uda?"
"Alhamdulillah, kamana bae Mas Awang ? Mani lebeng."
"Sumuhun Uda, rada riweuh geuning padamelan teh."
"Nya wayahna be."
"Nembe ayeuna tiasa nepangan ka Uda, hapuntenna be abdi joledar, saparantos dijeujeuhkeun damel teh mani teu acan laporan ka Uda."
"Keun bae soal eta mah teu kudu dipikiran, da eta mah sabenerna lain jasa Uda Uda teuing. Buah hasil pepelakan Mas Awang be, lamun urang melak kahadean nya hasilna oge bakal mangrupa kahadean."
"Uda nuju salse?"
"Ayeuna mah kieu be, da tara aya kasibukan."
"Sakantenan abdi bade unjukan."
"Perihal naon Mas Awang?"
"Abdi dinten ahad anu kalangkung, parantos tukeur cingcin."
"Baruk? Na mani teu ngabejaan ka Uda."
"Ah da mung ngempelkeun kulawargi caket wungkul."
"Ka urang mana neundeun deudeuh teh?"
"Ka urang Ciampea, sepuhna mah rerencangan basa di Antara."
"Oh sukur atuh ari tuluy babarayaan mah."
"Cobi geura, ieu abdi ngabantun poto-potona." ceuk Awang bari ngasongkeun album mini tina plastik lambaran. Ku Deny Chaniago ditampanan, pek diilikan. Barang ningali poto Neng Tati, si Uda ngagebeg, ret ka Awang.
"Masya Alloh, Mas Awang, ieu teh saha?"
"Sumuhun tunangan abdi tea, ngaranna Tati Haryati, namung kaleresan be pamuluna mani sarimbag sareng almarhumah."
"Ngan beda umur nya, cacak mun saumur mah sigana persis pisan."
"Muhun da Tati mah nembe genepwelas taun, nembe kelas dua Aliyah."
"Wilujeng atuh Mas Awang, iraha nikahna ? Kade ulah teu ngabejaan ka Uda."
"Lami keneh panginten, da hoyong tamat heula sakola tingkat SMA, kantenan be dina waktosna tangtos Uda disuhunkeun kedah hadir."
"Insya Alloh, sugan kaumuran nya."
"Salajengna abdi teh gaduh pamundut ka Uda."
"Aya naon, cing pok carioskeun."
"Ieu mah manawi, nanging hapunten sateuacanna, bilih abdi kirang sopan."
"Alah, kawas kasaha bae, geura pok, aya naon?"
"Muhun perkawis lukisan diri almarhumah tea."
"Har apan eta geus milik mutlak Mas Awang, Uda mah geus teu ngaboga-boga deui."
"Sumuhun katampi pisan, eta manawi .... Euh kumargi....."
"Eueuh, Mas Awang ngarasa kararagok?"
"Sanes, sanes kitu, mung sakali deui abdi bade ngririweuh ka Uda."
"Nya teu nanaon, sok bae."
"Palebah lukisan kembang samoja bodas tea Uda...."
"Ooh, ngarti, Uda mani kakara inget. Ngarti lah. Mas Awang menta sangkan Uda ngarevisi eta lukisan palebah kembang samoja bodasna?"
"Tah, sumuhun kitu."
"Beres lah, gampang, dimana ayeuna lukisanana?"
"Aya itu dina mobil, cobi geura bade dibantun heula." leos Awang kaluar ti galeri muru kana mobilna. Kop nyokot lukisan anu dibungkus ku keretas payung warna coklat. Ayeuna mah perasaan dina jero dadana geus ngemplong, teu cara tadi basa can pok wakca ka Uda.
"Mangga ieu Uda," ku Deny Chaniago ditampanan, tapi henteu dibuka.
"Rek ku kembang naon digantina?"
"Manawi Uda satuju mah, ku kembang ros bae."
"Gampil lah, Uda satuju bae. Ngan meureun kudu aya waktu."
"Sumuhun eta mah iraha bae Uda salsena."
"Enya, engke be mun enggeus beres ku Uda dibejaan ku telepon, ka kantor Awang be nya ngabejaanana."
Harita torojol turis bule aya kana limaanana arasup ka galeri. Sanajan geus aya Dedy anu ngalayanan tamu tapi da afdolna mah kudu disampeurkeun oge ku Deny Chaniago. Atuh Awang gura-giru pamit, ongkoh da urusanana geus beres.*** (hanca)