Tue, 22-05-2012
Carita Pondok

Leutak

Pintonkeun di FB

Ku: Raya AM

Cenah, kuring sakadang bagong bikang nu resep guyang dina kubangan leutak pikeun ngubaran bayeungyang jeung kareunang, nurunkeun panasna suhu dina awak. Renghik ngabangingik basa kutu-kutu nyoco dina kulit, laju ngagulitik. Ngagulung leutak sakujur awak.

Nu ngomong... maksud teh nu babaung mah ajag bikang. Nu hirupna-moal teu di mana ari lain di leuweung ganggong simagonggong. Panonna beureum burahay siga aya bola seuneu nu ngalentab-lentab dina jero awakna. Irungna nu hideung ngagurilap alatan baseuh dipencrong-pencrong kana beungeut kuring. Sungutna ngaburakeun titik-titik ciduh bareng jeung babaungna. Teu kuat saenyana mah, mun kongang mani hayang nalapung. Palangsiang digiring deui ka kantor RW.

Matak ku kuring teu dipalire.

Anggur mebeskeun ear phone kana ceuli sajero-jerona. Dangdut koplo dina MP3 disetel satarik-tarikna. Can reugreug, leungeun ngodok pesak nyabut sabatang Star Mild, laju diseungeut. Diseuseup sajero-jerona, satitik seuneu tina congo roko nu meletek murag kana pingping. Kontan ngerejet, laju diusapan. Tuh, pingping sakieu mulusna disebut begu. Komo lamun erok kuring geus nyingsat atawa-sok ngahaja-disingsatkeun. Rek saha jaluna nu teu kumetap.

Nu kukubuk, aeh... nu ngagukguk kasilep sorana ku musik dangdut. Ana disidik-sidik bet siga nu ngibing ngagentraan musik. Tapi direret teh kalah mingkin motah, panonna burial buncelik, beungeutna jadi kotak lantaran careham ngabagel teuas balas kekerot. Iyy... aya bikang siga kitu! Kapan kuduna mah lungguh timpuh andalemi. Sahenteuna lungguh tutut bodo keong, cara kuring. Ari si eta? Taya kapatut, boro-boro kabaud ku kecap lungguh. Kena-kena sato!

Salahna sorangan mana kitu ge, ari jadi awewe kudu aya beulieunana. Mun rumasa goreng rupa, atuh sing hade basa hade tata. Kudu bisa ngajaga gawangna minangka awewe, ngawulaan nu jadi salaki. Lain kalah hayang pakayana wungkul. Meredih kana hak, teu nolih kana tanggung jawab! Samarukna nu boga tanggung jawab teh ngan lalaki wungkul, kitu? Dina rumah tangga oge, ayana simbiosis mutualisme teh kacida perluna. Take and give lah, lain take and kick!

Rentang-rentang jaluna datang.

Seuneu dina dada si ajag bikang ujug-ujug mingkin rohaka siga dibanjur ku bengsin. Carehamna kekerot deui. Urat-urat raranteng dina tarangna, dina beuheungna, dina tonggong leungeunna, nembongkeun kuku-kuku nu siap nguwak-ngawik beungeut kuring.

Teu kawawa nahan napsu kapegung tayohna mah.

Roko nu keur napel dina biwir kuring ujug-ujug ditepak. Kuring ngajengkat nyingkahan ruhak nu mancawura. Kabel ear phone dikenyang, MP3 weuteuh nu milu kadudut dibanting kana tehel, tuluy dijejek satakerna. Dikusek-kusek siga ngaleyek naon boa. Teu kira-kira!

Kerewek kana buuk kuring, tuluy ngagunyeng-gunyeng kana sirah. Emh, aya ku rosa eta awewe.

Nu datang teu kungsi uluk salam, rawah-riwih. Rikat misahkeun.

"Naon ieu teh? Cik geura areling, atuh!" Pokna.
"Sia nu teu eling, anjing!" si ajag bikang ngagaik.

Dikitukeun jaluna ngarenjag, tuluy kekerot.

"Naon anjing siah, ka aing nyebut anjing!?"

Tuluyna kalah guntreng duaan. Kuring mundur lalaunan. Nu guntreng beuki rongkah. Der galungan. Ajag jeung ajag. Silih gegel silih cakar. Ajag bikang dicakalang. Teu kagok dipiting, geus taluk mah digiwing ninggalkeun kuring.

***

Teu kungsi saminggu, ajag jalu datang deui. Umat-imut, tapi ambekanana haroshos, ngahegak pondok-pondok. Letahna nu panjang ngelel, ngeclakkeun dahdir.

"Eulis," pokna bari hideng ngusapan kana buuk. "punten nya, kamari nepi ka riweuh gara-gara nu kolot."
"Ah, teu bisa disebut nu kolot da abdi mah sanes nu ngora."
"Har, naha?"
"Lain pedah abdi leuwih ngora atawa itu nu leuwih ti heula, kapan abdi mah tacan dikawin, aeh...ditikah maksud teh!"

Manehna ngehkeh, laju gogodeg.

"Sing sabar, geulis. Can waktuna."
"Tong waka cunihin atuh, da can waktuna!" kuring ngagebes.
"Ituh geura, kalah ambek. Itu ambek ieu ambek, ari Akang kedah kumaha?"
"Duuka." Ngadilak.
"Si Euceu mah reuwaseun keneh," mimiti ngupahan. "sing sabar, da mo lila ge paler. Ke lamun geus narimakeun, geus janglar kakara urang kawin."
"Nikah!"
"Aeh heueuh, nikah!"
"Engke atuh nganjangna ka abdi, ari kitu mah. Lamun Si Euceu geus paler."
"His ulah kitu, sing karunya atuh ka Akang..."

Humayua!
"Akang ge teu karunya ka abdi."
Manehna gagaro teu ateul. Tayohna kutu-kutu mimiti karasa nyoco.
"Jadi keukeuh rek tega?"
Kuring teu nembal.
"Nya, peun atuh. Akang meresan heula urusan jeung Si Euceu."
Manehna cengkat, tuluy ngaleos. Lungse.

Kuring cengkat. Leos ka kamar. Ujug-ujug ngarenjag reuwas lain dikieuna barang ngadenge sora reketna panto kamar.

Ajag jalu geus ngajegir di lawang panto. Panonna disorotkeun ka kuring mani gangas. Leungeunna nutupkeun panto lalaunan. Uyup-ayap kana tulak, clek!

Sakedapan paadu teuteup.

Gujubar! Teu tuwur-tawar deui, harita duaan guyang dina kubangan leutak pikeun ngubaran bayeungyang jeung kareunang. Ngubaran arateul tina kutu-kutu nu rocop nyaroco. Haroshos ambekan jeung gaikna ajag pacampur jeung renghik ngabangingik bagong. Patinggulitik. Leutak nu ngemplang keplok limpas. Patinggumulung. Leutak mancawura lir lambak nu ngagalura. Sakujur awak teu mangrupa, pinuh ku leutak.

Ajag babaung ti kajauhan, mani ngungun siga nu kanyenyerian.

***

Isukna si ajag jalu teu datang deui. Sigana riweuh jeung bikangna, ngadon hoghag parasea. Tapi geus sababaraha poe can datang keneh bae.

Awak mimiti karasa teu garenah. Kongkolak panon asa ngaheab panas. Beuteung ngusial. Heneg.

Saminggu, dua minggu, si ajag jalu can ngelol keneh bae. Sabulan, dua bulan... Beuteung nu-geuning-bureuyeung geus katingal bureuteu. Di sms teu ngabales. Ditelepon tara diangkat. Kungsi sababaraha kali-ngawani-wani maneh-ngjugjug ka imahna, teu kungsi panggih jeung manehna. Kalah si ajag bikang nu-unggal kuring datang-nyampak dina lawang pantona. Cara sasari, nulak cangkeng. Panonna beureum burahay. Irungna nu hideung ngagurilap baseuh. Sungutna ngaburakeun titik-titik ciduh bareng jeung babaungna. Pusing lah.

Gujubar! Guyang deui. Gulitik-gulitik. Asa motah-motah teuing, horeng aya budak susuruduk hayangeun nyusu. Gulitik-gulitik. Teu reureuh keneh, kalah mingkin motah. Horeng aya si cikal, si panengah, jeung adi-adina. Atuh rongkah guyang teh. Leutak mancawura...

Nu keur anteng nyusu karampa bujurna. Aya nu matak hemeng, budak teh aya buntutan, buntut ajag!

Ret ka lanceuk-lanceukna. Aya ku rupa-rupa barudak teh. Aya nu beungeutna panjang siga kuda, aya nu tandukan siga tanduk uncal, aya nu galing siga domba, jeung aya nu jabrig siga singa.

***

Cenah, kuring sakadang bagong bikang nu resep guyang dina kubangan leutak...

Keun bae lah. Da nu ngomong... maksud teh nu ngaheos mah oray bikang...

***

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Doni Ali ngomentaran:

bahasana sae....

Vyerlla ngomentaran:

Raya, carponna sae..