Sobat sang Maestro (19)
Ku: Arie Suhanda
(19 )
Isukna, sakira jam sapuluh dina mobil Fiat 1100 D taun 1960 milik Awang geus metet ku muatan nu rek marilu rekreasi ka Kebon Raya. Neng Tati diuk di hareup gigireun Awang. Di jok tukang beulah kenca Ceu Jenab, ditema ku Abeng di tengah sarta Ceu Salamah di katuhuna. Babawaan dahareun dina rantang piknik geus diperenahkeun dina bahasi.
Neng Tati make rok terusan tina bahan shifon warna hejo pupus, keur usum model diplit dilipit-lipit. Kaluhurna make rangkepan switer pulas kayas tina bahan benang rajutan, ditambahan ku syal pamanis panambah sari. Selengseng awakna seungit parfum Calvin Klein, oleh-oleh meunang meuli bapana basa masih keneh di Km Krakatau, basa kabeneran aya panumpang padagang kosmetik keliling anu biasa pulang anting Singapur - Medan - Jakarta.
Buukna anu hideung meles panjang ngaliwatan bahu, dibeungkeut dibuntut kuda, ditutupan ku syal ipis pamanis tea. Make jam tangan wanita leutik merek Gucci buatan.........Tanah Abang. Kahandapna make kelom geulis buatan Tasik. Warna perenisna pulas taneuh, kulitna warna coklat muda.
Sanggeus tarapti geuleuyeung mobil maju lalaunan. Tatali marga di jalan teu sabaraha rame, ongkoh perjalanan henteu jauh, jadi santey be teu dilumpatkeun.
"Reugreug dikawal ku Abeng mah, aya tameng dada," ceuk Awang.
"Lah, Abeng tea tiasa naon, paling oge "tukang sapu", tukang meresihan tuangeun." Saur Salamah.
"Pan mun mobil mogok, Abeng siap ngadorong nya Beng?"
"Siap Boss," tembal Abeng, nyaho aya nu ngaheureuyan.
"Euceu mah mani hayang diuk dihareup, genah meureun," ceuk Ceu Jenab.
"Pek bae, asal.....mayar ganti rugi," tembal Neng Tati.
"Duh mani komersil,"
"Pasti be komersil, pan ayeuna mah tos terang amengan ka kota." ceuk Salamah deui mairan lanceukna. Suasana gogonjakan kitu geus nyiptakeun suasana nu conggah sarta geus ngarasa aya nuansa babarayaan. Geus "ngaku" yen maranehna teh bakal jadi duduluran, khususna lamun Awang jadi ngajodo ka Neng Tati.
Teu mangkuk sajam mobil geus diparkirkeun di palataran parkir hareupeun Pasar Anyar teu jauh ti panto gerbang Kebon Raya. Jrut panumpangna kabeh tarurun muru ka loket karcis rek arasup, teu poho barang bawaan dijingjing ku "pangiring" anu tiluan.
"Bade ngabasakeun Engkang bae ka awak sorangan teh, oge ka Neng Tati bade nyebat Enung be nya?"
"Naha kedah kitu?"
"Da urang teh nonoman Sunda, asa merenah lamun ngabasakeun Engkang jeung Enung, ongkoh karaosna langkung pas sareng langkung...... romantis, kitu ge ketah upami......"
"Upami naon kang?"
"Upami Enung teu acan aya nu kagungan?"
"Nya atos atuh."
"Saha? Urang mana?"
"Kapan Apa sareng Mamah."
"Duh mani reuwas, panginten teh enyaan aya nu ti payun."
"Seueur nu tipayun mah, tuh geuning mani ngabring kitu." mireng Neng Tati ngajak heureuy, Awang kataji, mani lucu. Laju duanana dariuk dina bangku tembok nu aya sisi jalan koral na handapeun tangkal kayu nu janggotan. Dariuk bari patarema ramo, arocon.
"Nung...."
"Kaah....."
"Leres teu acan aya nu sumping ka bumi? Maksad teh anu sumping gaduh maksad narosan atanapi naon bae sarupi kitu?"
"Uh, ari Engkang mani teu percanten. Teu acan Kang, teu acan."
"Eta bae itu aya pamuda nu datang sigana nyampeurkeun ka urang, Enung kenal ka maranehna?" Neng Tati ngagebeg, enya bae barang direret aya dua lalaki anu ngagidig nyampeurkeun.
"Henteu, teu kenal....... Engkang...." Karasa Neng Tati nyekelan leungeun Awang mani tipepereket.
"Aya naon Nung?"
"Yu ah urang milarian Ceu Jenab, ulah diladenan Kang....." pokna bari ngajewang leungeun Awang ngajak ingkah ti dinya. Awang anu calakan geus langsung boga rencana rek "demo" hareupeun Neng Tati, mun tea mah enya eta dua lalaki boga maksud jahat ka manehna, Awang rek nyandiwara.
"Tenang geulis, moal nanaon, sing percanten ka Engkang."
Lalaki du datang teh duaan, duanana bosongot semu amprotan. Spir dina leungeunna munggah tingberehil, awakna badag sambada, duanana jarangkung, rada jangkung batan pangawakan Awang. Duanana marake calana blujin model belel, disapatu kulit, nu hiji model pantopel, nu hiji deui model satengah lars. Ari ka luhurna, nu hiji make kaos hideung, hiji deui make kaos belang warna warni make setrip. Setrip beureum, bodas jeung koneng, persis model kaos urang Madura. Jol gantawang bae nyarekan.
"Hey bangsat," Awang repeh, henteu waka nembalan.
"Hey bangsat, na sia teu ngadenge?"
"Na nyarita ka saha andika teh? Ka kula? Sory be da kula mah lain bangsat."
"Eh, kalah ngalelewe siah."
"Hey Bung, aya pasal naon? Teu gugur teu angin datang-datang ngadon nyarekan batur."
"Nya aing gugurna." pokna si Kaos hideung bari rek muka serangan.
"Ke heula, kudu puguh nyaritana, anu bener aya naon make ambek ka kula?"
"Sia geus ngagubug Neng Tati."
"Ari kitu andika sahana? Dulurna?"
"Lain!"
"Naha atuh make ambek?"
"Tong loba capek siah, rasakeun yeuh!" ngomongna kitu si kaos hideung bari ngaheumbatkeun dampal leungeun katuhuna muru pipi Awang beulah kenca. Jeprot nenggel pisan, goak Neng Tati ngagoak bari meungpeunan beungeutna.
"Ha ha ha, rasakeun siah, budak bau jaringao hayang ngajago hareupeun aing? Na dikira di Cempea euweuh lalakian?"
"Na teunggeulan teh teu karasa, bet asa diusap ku mojang," ceuk Awang ngahaja mapanas.
"Ngaledek siah?" pokna kitu bari mindo, ayeuna mah ngaheumbat ti katuhu ka arah bekhen, nu diarah pipi Awang beulah katuhu. Sakali ieu mah ku Awang "dibeuli". Ceg leungeun si kaos hideung ditewak ku leungeun katuhuna, dicerek deleg. Si kaos hideung usaha narik leungeunna, tapi dalah digugunyeng oge panyekel Awang henteu ngomberan. Ku kaayaan kitu manehna boga maksud rek najongkeun sukuna kana kekemplong Awang, tapi maksudna teu kalaksanakeun sabab kaburu euweuh tanaga. Karasa hulu angenna nyeri lain dikieuna, ditindih ku tanaga anu rosa, antukna ngajengjen pahareup-hareup bari leungeun katuhu duanana pacecekel.
"Rubuh!" Awang nyentak teu pati tarik. Teu ngadua kalian bru duanana rubuh, tapak deku dina masing-masing tuurna, kawas anu rek nyembah ka Awang. Teu kanyahoan ti awalna, Neng Tati geus aya dina rangkulan Awang bari rambisak cisocaan, laju ngusapan pipi kenca Awang urut nampanan paneunggeul tadi.
"Engkang, ..... teu nanaon Engkang?"
"Henteu Nung, engkang teu nanaon."
"Teu ngaraos nyeri atanapi peureus?"
"Peureus keneh diciwit Enung."
"Yeh, na iraha diciwit ku Enung?"
"Nya ayeuna be sok," ceuk Awang bari ngasongkeun pipina. Neng Tati kalah ka salah tingkah, manehna kakara sadar yen geus aya dina rangkulan Awang, laju buru-buru pukah, rada ngajauhan. Musuh Awang nu duaan kadenge rumahuh, ku Awang disampeurkeun.
"Tah mun enya andika lalaki pek ayeuna geura hudang, ari mampu mah."
"Ampun Den, kuring taluk."
"Hade mun kitu, hayang dicageurkeun ayeuna atawa rek nugguan cageur sorangan kira-kira tilu jam deui?" ceuk Awang rada ngancam. Ti kajauhan aya sawatara urang turis anu ngawaskeun, tapi henteu nyalampeurkeun.
"Ampun Den, hayang dicageurkeun ayeuna be, kuring teu kuat nahan kanyeri."
"Gampang mun hayang cageur ayeuna mah, coba jawab pertanyaan kula."
"Deuk naroskeun naon Den?"
"Ari arandika kieu peta teh naha karep sorangan atawa dititah batur?"
"Karep sorangan Den."
"Lain titahan batur, upamana anu ngaharep ka Neng Tati?"
"Ampun Den, henteu, teu pisan-pisan, estu karep sorangan."
Kasampak anu tiluan keur maruka rantang, kabeneran kakara ampar-ampar make samak sewaan. Jalemprak handapeun tangkal bungur. Tangkal bungur anu sedeng mangkak kembangan, duh endahna. Komo pikeun anu keur suka bungah midang kanyaah kawas Awang jeung Neng Tati mah, ibaratna keuna pisan lambang kanyaah kaasihna anu mangkak siga kembang bungur.
***
Harita malem minggu sanggeus saminggu kaliwat.
Rumasa awak enggeus dewasa kolot sok kadalon-dalon. Ongkoh enya anu jadi Abah carang takol, mun nyarita ngan saukur saperluna. Mun Abah osok ngahuleng, na naon atuh nu jadi manah. Kapan mikiran nu jadi anak, anu ngan samata wayang, na iraha rek rarabi? Siga acan mikir-mikir. Na iraha rek mawa beja nu mawa bagja, sangkan Abah bisa gura-giru nyusul, kudu kamana nya menta.
"Abah, ayeuna kula deuk wakca."
"Ujang baeu hangkeut baeu bangkeut. Ema enggeus terus rasa yen Ujang arek balaka."
"Minggu nu kaliwat, kula geus nganjang ka imahna."
"Kutan geus manggih cawene anu jadi buah hate, meureun geulis inyana teh, siga kumaha?"
"Ema pasti enggeus terang ka inyana."
"Karah kitu, na iraha Ema tepung jeung inyana?"
"Kapan itu di kamer kula aya lukisan, tah inyana teh mirip pisan pamuluna jeung almarhumah Evie tea."
"Na saha aranna, urang mana inyana?"
"Aranna Neng Tati Haryati, putra bapa Sahli, urang Ciampea Bogor."
"Geuning eta Abah, horeng deukeut teu anggang meuntas mumunggang."
"Na geus asak-asak ngejo, bisi tutung tambagana?" ceuk Abah.
"Inyana turunan menak, geus dipangnoongkeun ku Mamang Brata dina kaca benggala gapura rasa, pokna teh budak bageur munggah aya cahayaan."
"Mun kitu isukan urang balanja, pageto urang niatan."
***
Poe ahad isukna, Awang nganteur kolotna balanja ka Pasar Senen, barangbeuli oleh-oleh ajang boro-boroeun urang lembur.
Sorena Hasan datang nganjang, nedunan jangjina basa panggih di Lapangan Banteng tea, basa kenalan jeung Noni. Saenyana sanajan imah pedeukeut tapi duanana katungkulkeun ku kariweuh sapopoe, jadi kakara harita bisa deui ngobrol salse kawas baheula-baheula mangsa keur can pada riweuh.
"Kumaha dongengna San? Ayeuna ente ngantor di mana?"
"Saya ditempatkeun di kantor baru di Pulo Gadung, ari sore kudu kuliah ka Salemba jadi rada puntang panting, untung aya mobil butut-butut ge."
"Atuh tara panggih jeung Enok?"
"Wah,tingaleun jaman atuh, Enok mah masa lalu."
"Masa lalu kumaha? Tumila diadu boksen nyah? dihalangan ku talina. Beuki lila beuki bosen, abong geus aya gantina."
"Lain kitu Wang, ngan bae sigana Enok mah teu bisa nuturkeun gaya hidup saya, ti barang balik ti Bangkok Enok siga nu ngolembar, ongkoh sigana aya nu ngahihileudan."
"Baruk? Kumaha kajadianana?"
"Inget keneh ka si Jo?"
"Tangtu, jadi si Jo anu ngahihileudanana?"
"Lain., tapi mitra engkoanana, sigana katarik ku Enok, atuh Enokna ge meureun merean "
"Enok mere surat "cerai", bari mulangkeun kalung pamere saya nu ti Bangkok tea , dina eta surat make aya photo sagala "
"Photo? Photo naon?"
"Photo saya keur patangkeup-tangkeup jeung Noni "
"Aje gile, nya pantes be atuh."
"Ke heula, eta photo lain patangkeup-tangkep dina harti nu porno, harita saya keur dina acara POSMA, make keneh atribut POSMA, kateuing saha anu pirajeunan motona mah."
"Nya meureun si itu atawa titahanana."
"Tah kitu, akhirna nya putus weh, untung bisa nuluy jeung Noni."
"Ari Noni saha?"
"Noni mah wanita karir, manehna geus boga posisi lumayan di hiji Bank Pamarentah."
"Wah hebat, keur geulis teh."
"Geulis nyah? Panya teh ari santri mah beda tetempoan, teu pati apal ka awewe geulis, ari Ente kumaha, digawe di mana?"
"Urang gawe di PT Gunung Sewu Enterpris anu kantorna di Jalan Hayam Wuruk."
"Genah atuh deukeut."
"Deukeut ari imah mah, tapi sapopoe da ider-ideran tugas lapangan."
"Bisnisna naon?"
"Impor ekspor, naon bae sarupaning barang kumaha pesenan, lolobana ekspor. Ari impor mah teu pati sering, paling-paling hiji dua, biasana ngimpor mesin-mesin jeung alat-alat berat."*** (hanca)
Komentar ti Para Mitra
Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heulaAhmad Salim (Iwan) ngomentaran:
Asa teu puguh