Tue, 22-05-2012
Hahaha

Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2213)

Pintonkeun di FB

Nu Teuleum
Aki: "Ari maneh keur nanaonan Sujang, ti tatadi ngajajanteng wae dina tambakan balong?"
Incu: "Pugug Ki, keur nungguan nu teuleum, ti tatadi... geus aya kana sajamna can hanjat keneh wae!"
Aki (reuwas): "Baruk..., nu titeuleum! Saha Sujang...?"
Incu: "Eta Ki..., eu... useup!" bari ngaleos
Aki: "Dasar...! Incu nurustunjung...!"

Agus B. Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16
Ds. Neglasari - Kec. Cisompet
Garut 44174

Presiden
Budak I: "Bejana cenah artis sinetron Derry Drajat nyalonkeun jadi Presiden, naha bener kitu?"
Budak II: "Ah... teu gaul silaing mah! Lain saukur nyalonkeun, tapi geus jadi presiden...!"
Budak I: "Na... di nagara mana, kitu?"
Budak II: "Eta... di negri impian!:

Agus B. Irawan
Kp. Cisarua RT 02/16
Ds. Neglasari - Kec. Cisompet
Garut 44174

Nyensus Wasta
Ahim nu jadi patugas sensus, keur nyensus Wasta.
Ahim: "Dupi wasta teh saha?"
Wasta: "Abdi."
Ahim: "Muhun, sayah wasta teh?"
Wasta: "Muhun, abdi."
Ahim(nyeuneu): "Muhun salira teh saha?"
Wasta: "Wasta."
Ahim: "Muhun, saha?"
Wasta: "Muhun, Wasta abdi."
Ahim: "Enya ngaran sia teh saha?"
Wasta: "Heueuh ceuk aing ge ngaran aing teh Si Wasta."

O Suarsa
Jl. UjungJaya Cijelas Km. 30
Sumedang 45382

Hewan Liar
Pa Guru: "Coba, sebutkeun conto-conto hewan liar, Andi?"
Andi: "Contona banteng, teras gajah, uncal, macan, teras... merak...!"
Pa Guru: "Coba teruskeun ku Ahim, naon deui tah hewan liar teh!"
Ahim: ""Eu... manuk, teras... domba,... sapi,... hayam, entog,... upami tos rada siang mah...!
Pa Guru: "Naha domba, sapi, entog jeung hayam bet asup hewan liar Him?"
Ahim: "Muhun Pa. Saur pun bapa oge di bumi teh, upami tos rada siang mah. Hayam jeung entog teh liarkeun bae, sina neangan nyatu sorangan."
Pa Guru: "Har?"

O Suarsa
Jl. UjungJaya Cijelas Km. 30
Sumedang 45382

Toserba
Bi Ani: "Man, anteur ka dokter, yu!"
Tedy: "Rek naon ka dokter?"
Bi Ani: "Mariksakeun Si Ade, geus umur opat taun bet ngompol keneh bae."
Tedy: "Mending dibawa ka toserba bae atuh"
Bi Ani: "Nanaonan dibawa ka Toserba, da ieu mah rek berobat."
Tedy: "Pan ari di Toserba mah ngarana ge toko serba ada, jadi geus barang pasti dokterna ge aya"
Bi Ani: "Har?"

Ayah Kawunglarang
Rancah 46387 Ciamis

Haged
Kasman: "Urang mah haged lamun diajak nongton haratis."
Asman: "Urang mah haged lamun diajak dahar di restoran."
Aslam: "Ari urang mah haged teh lamun diajak nongton terus jalan-jalanb ari balanja, sanggeus cape terus dahar di restoran."
Saur manuk: "Dasar sarakah!"

Ida Purnaningsih
Gg. H. Sobandi Jatihandap
Bandung

Tos Balanja
Pamuda 1: "Urang baralanja yu euy!"
Pamuda 2+3: "Hayu."
Pamuda 1: "Ari maneh?"
Pamuda 4: "Moal ah, kuring mah ngadagoan di dieu we."
Teu lila geus balik deui.
Pamuda 4: "Maneh meuli naon?"
Pamuda 1: "Meuli baju, yeuh." (bari nembongkeun bungkusan)
Pamuda 4: "Ari maneh?"
Pamuda 2: "Meuli calana." (bari nembongkeun bungkusan)
Pamuda 4: "Ari maneh meuli naon, teu katingali mawa bungkusan?"
Pamuda 3: "Meuli pulsa."
Pamuda 4: "Pantes."

Ida Purnaningsih
Gg. H. Sobandi Jatihandap
Bandung

Obrolan Tukang Batu
"Benernya di kota mah batu-batu wae oge bisa jadi duit gede lamun bisa molahna mah!"
"Heueuh, di dieu mah sakibik batu teh ngan dihargaan dua puluh rebu perak, bari jeung  ngalana oge teu cukup sapoe-dua poe hayang meunang sakibik teh, mimiti kudu neangan heula batu anu alus, geus meunang dipekprek dileutik-leutikeun, terus dipanggulan ka buruan imah nu pesen, geus meunang sakibik karek diduitan, bari jeung duitna teh dibagi dua."
"Di kota mah batu sagede curuk oge hargana bisa nyampe nepi ka lima belas rebu, naha ari di kampung mah batu sagarede kieu ge euweuh hargaan pisan."
"Benernya usaha mah meuning di kota, paingam loba jelema anu Urbanisasi nya."
"Heueuh."

Mima Utami
Kp. Lengkong RT 02/05
Kec. Cisompet - Kab. Garut

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula