Cagak Halimun
Ku: Ari Andriansyah
Jalan nu kiwari keur disorang
Ngembat reuma mangsa nalikung harepan
Karasa lengkah beuki longkewang
Basa jalan implengan rarumpil ngarunambing lalakon
Ibun leuweung teu reureuh nete ti daun ka daun
Mulas beueus tapak kawisaya. Ngalembereh
Mapay kuncup kalakay pamuntangan ti heula paturay
Ninggalkeun pamidangan lawas
Pucuk-pucuk pines tingarulang katebak angin
Ngagupayan ngajak ngeunteung 'na beungeut situ
Tingtrim. Mantunkeun wawacan beurang
Nembangkeun kidung suwung
Jalan mana nu rek disorang ku anjeun?
Sedeng halimun beuki mongkleng
Ngulambuan teuteup jeung renghap
Kari kalangkang sukma nu mangprung tunggang kasmaran
Mawa rusiah sewang-sewang muru simpe lawang gintung
Situ Lembang, 2007