Tue, 22-05-2012
Sajak

Panggayuh Subuh

Pintonkeun di FB

Ku: Godi Suwarna

tengah peuting geuning mireng deui gending
nu harita mirig ringkang papasangan di basisir
wirahma angkleungan ombak ngaweuhan deui di dieu
di rohang remeng nu teu weleh semu ngembeng ku kakangen
lalaunan galindeng rumpaka gandrung ngajak nyoreang katineung
mirig sukma kumalayang ka sagara pamedar gebur purnama

sora hitar ngajentrengan hariring laguning peuting
ngageterkeun pucuk lilin nu keur nyewuk niruk peteng
kawas parahu cumelak ngarambah jaladri mongkleng
terus ngangkleung nembus dingding nu ngelun badis halimun    
lalaunan ngaleongkeun angen-angen balayar ngambah ungkara
nilar raga nu ngalungsar ditandasa lalancip titilarasna

ieu lagu nu teu weleh ngaweuhan ti sedong waktu
kapireng bet beuki ngoncrang satengahing dingding jempling
sada gentra nu antare ngagupaykeun mangpirang rema kaheman
barang ringkang katalimbeng tengahing parungpung peteng
aya galindeng kamelang nu mulangkeun sahurunan pangacian
samemeh gedur balebat ngaduruk rorongkong peuting

(07)

KARETA PAMUNGKAS

"jungjungan, pan erel teh perlambang katresnan urang
najan manjang papasangan moal nungtung tepung nanjung!"
kitu pisan harewos halon panyajak di halteu nu humarurung
barang saumpalan layung gumulung di punduk gunung
samar-samar, unggeuk mojang nu gandrung binarung liwung
cisocana garumenclang nyalangkrung dina pangambung

gumuruh kareta sore nganteurkeun peuting ka kulon
nilar dayeuh pamaneuhan nu kungsi mageuhan deudeuh
sora hatongna ngaweuhan di rohang nu semu ngembeng
lir tangara samagaha ngageterkeun ramat asih 'na jajantung 
sedeng lawang tororowongan kasawang mimiti mongkleng
dina hate nu kamari tinaretes mangpirang genclang sulintang

"wilujeng kantun, jungjunan! citangis tawis kakangen
baris teras nyikaracak nyarengan ringkang awaking!"
kitu harewos halon nyi mojang di peron nu beuki jempling
galindengna nyidem inghak da hinis nulak genggerong
jam dingding geuning ngiberan yen kareta nu pamungkas
baris cunduk nyampeur ringkang nu nyorangan mapag peteng

(08)

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Yayan Sahindi ngomentaran:

Duh asa emut kana lirik2 lagu hetty koes endang,"hariring gentra katineung..." "runtuyan ombak laut kidul..." matak nyerep tur nyeredet kana kalbu waas pisan...