Tue, 22-05-2012
Hahaha

Ha.. ha.. ha.. (Edisi 2214)

Pintonkeun di FB

Surat Vs SMS
Kapala kantor Pos: "Ku sabab ayeuna mah geus jarang nu make surat pikeun alat komunikasi, da leuwih loba nu boga Hp, geus diputuskeun yen dinas-dinas pamarentahan dianjurkeun pisan supaya make surat pikeun nepikeun tujuan-tujuan kadinesan formal jeung semi formal. Malahan, dinas nu panglobana ngirim surat baris dijejer ku hadiah-hadiah nu aralus."
Pagawe Kantor Pos: "Hapunten, Pa. kanggo nyalabarkeun anjuranana kumaha?"
Kapala Kantor Pos: "SMS we para kapala Dinasna, ambeh tereh."
Pagawe Kantor Pos: "Har..."

Teni

Nu Anyar Panganten
Sodil: "Geuning, Di, can anggeus wae atuh berkas CPNS teh?"
Didi: "Puguh aya nu salah Dik, dina persaratan. Maklum tas panganten" (sura-seuri).
Sodik: "Salah naonana kitu, Di?"
Didi: "Eta puguh dina surat lamaran, sanggeus panutup teh ku kuring kalah ditulis kieu:
Hormat kami, panganten sakalian."

Teni

Eta Keneh - Eta Keneh
Opik: "Ceuk beja, anggota DPR jaman orde baru mah, lamun keur sidang paripurna teh sok narundutan, malah nepikeun ka sarena. Bener eta teh?"
Angga (budak mantan anggota dewan): "Ahhh... bohong eta mah!"
Opik: "Ari anu benerna kumaha atuh?"
Angga: "Ceuk Bapa, basa ku uing ditanyakeun. Cenah nu benerna mah lain nundutan, tapi ngiceupkeun panon lila teuing. Sajam sakali."
Opik (ngagerendeng): "Abong anggota dewan, mani pinter sagalana."

Memi Melia
Kp. Batusari RT 02/05
Ds. Sindang sari
Cisompet - Garut

Kahayang
Kuring: "Hey, nyaho teu? Dina Mangle, Hahaha urang geus dua kali abus nominasi, pikeun meunang pangdeudeul ti Bapa Drs. Dadang Iskandar M.Pd., malahan bulan kamari mah asup lima besar."
Eep: "Ahhh... mani agul kitu wae oge. Komo nu urang mah unggal bulan oge asup lima besar. Da kahayang teh, cik atuh ngahadiahan teh keur lima-eun."
Cucu: "Eh, ulah keur limaaneun. Kudu keur sapuluh urangeun, sabab nu urang mah sok asup sapuluh besar."
Opik: "Ahhh.... Ari urang mah hayang unggal hahaha dibere pangdeudeul. Keuheul atuh sabab dimuat tara asup nominasi pisan"

Memi Melia
Kp. Batusari RT 02/05
Ds. Sindang sari
Cisompet - Garut

Biro Jodoh
Cep Jumad keur neangan pipamajikan dina biro jodo nu aya dina koran. Breh aya nu narik atina: Gadis mapan, hitam manis, punya rumah, mobil, pengusaha, siap nikah, usia... 65 taun.
Gorowok we ka akina nu heubeul ngaduda, "Akiii! Yeuh... kakara aya keur Aki calon teh," pokna bari nyengir.

Wawan Sudarwan
SMPN 1 Pagaden
Subang 41252

Cuci Mulut
Tukang jail ka batur wayahna kudu narima wawalesna. Basa babaturan hajat, biasa rengrengan sakantor teh ondangan antri parasmanan. Jigana geus kompak kabeh deuih hare-hare jiga teu apaleun, atawa dikolingan meureun.
Rarat-reret ngan aya buncis jeung kumeli, nya seuseut seuat ge dihenggoy we bari ngareretan tobas batur. Beres dahar ger teh sarerea eak-eakan nyeungseurikeun. Tibang nyenghel we da rumasa. Torojol we pamajikan babaturan nu hajat nanggeuy daging samangkok pokna bari seuseurian, "Tong bendu kasep, tah ieu we cuci mulut" jeuy! Kagok wirang, dihenggoy we bari dirogrog ku batur. Bae we da ngeunah.

Wawan Sudarwan
SMPN 1 Pagaden
Subang 41252

Saruana
Sanajan aki Ajum teh umurna mah geus tunggang gunung, tapi awakna masih sehat, jagjag, malah masih keneh kuat mencug, kurad kored, tucab-tanceb di kebonna, anu anggangna ti imah manehna aya ari 5 Km mah.
Ngan ari kanyahona kana bag-bagan agama mah kaitung rada elat. Dina bulan puasa anu geus kaliwat, manehna rek indit ka kebon rek barang gawe.
Aki: "Nini, Aki rek ka kabon, rek ngored kebon suuk, da tangtu jukutna geus rarenung deui."
Nini: "Heueuh, jung wae atuh, meungpeung masih keneh isuk, Aki."
Aki: "Aki bekelna keur dahareun geus dibungkus? Sakalian jeung caina deuih!"
Nini: "Haar ari aki, apan didinya teh keur puasa lain? Make jeung kudu mekel kadaharan sagala?"
Aki: "Heueuh atuh ari keur puasa tea mah; tapi kumaha lamun Aki poho yen Aki teh keur puasa, rek ngadahar naon?"
Nini: "Aeh heueuh nya Aki, ke atuh dagoan Nini rek mungkusan dahareun, caina mah kana botol bir we nya?"
Aki: "Heueuh, buru-buru atuh!"

T. Suwerpi

Kaca Soca
Pun aki teh parantos sepuh, da yuswana parantos dalapan puluh tilu taun, ampir opat tikeleun umur abdi. Bade ngaos koran atanapi Al-Qur'an kedah wae ngaggo kacasoca.
Aki: "Dan, Aki mah tunduh, rek sare ayeuna we moal lalajo pertandingan sepak bola dina TV."
Dani: "Mangga wae aki atuh bade kulem mah bilih kasiangan  solat tahajud."
Aki: "Enya Dan."
Dani: "Eta kaca soca buka heula atuh Ki, ari bade kulem mah, bilih katindihan potong engke."
Aki: "Haaar ari Dani, naha kudu dibuka sagala, atuh lapur Aki moal bisa maca lamun aki ngimpi rek maca."
Dani: "Oh, kitu Ki? Teu langkung Aki atuh upami kitu mah."

T. Suwerpi

Paagul-agul
"Pun anak mah alhamdulillah naek jabatan."
"Janten naon?"
"Tina tukang sasapu janten Clening Service."
"Oh, sukur atuh. Komo pun anak mah tos dua kali naek pangkat."
"Kutan, kumaha tah?"
"Ngawitan mah tukang jaga, teras janten satpam, ayeuna janten security."

Rahmia Khoerunisa
Buah Batu - Bandung

Ongkos
Supir Angkot: "Kirang atuh Pa, ongkos sakieu mah turuna kedah di setopan anu tadi atos kalangkungan."
Panumpang: "Ah Pa, biasa oge abi sakitu ongkos teh. Ayeuna mah pan BBM geus turun, kuduna leuwih murah."
Supir Angkot: "Muhun BBM mah turun Pa, tapi geuning hahargaan sareng pangabutuh sapope mah henteu ngiring turun."
Panumpang: "Nya atuh sok pundurkeun deui angkotna nepi ka setopan nu tadi, da ongkosna oge ngan aya sakitu."

Rahmia Khoerunisa
Buah Batu - Bandung

Awet
Si Kabayan lamun meuli daging teh tara daging meles tapi sok nu aya tulangan, ngarah awet cenah. Lamun geus dipasak nu tiheula didaharna teh dagingna, engke tulangna dianclomkeun deui kana kuahna, samaraan deui, terus siukan caina wungkul pan aweeet...

Indra Gunawan

Nya Muhun
Ani: "Wa... mani awet lomari pakean teh tos sabaraha taun nya?"
Wa: "Aya tujuh taunna mah. Da ieu teh keur anyar keneh mah weuteuh."
Ani : "Nya muhun atuh Wa!"

Indra Gunawan

Payu
Maman : "Kabayan... hayang geuwat laku dagangan teu?"
Kabayan: " Nya... kumaha nya carana?"
Maman: "Kieu yeuh... ayeuna jualan basona eureun, ganti ku ngajual duit sapuluh rebuan. Pasti diserbu!"

Indra Gunawan

Teu Ngarti
Dadang : "Pangmeulikeun sangu, engkol, wortel, bawang daun, uyah jeung pedes" nitah ka si Suprit bari ngasongkeun duit 500 perak.
Suprit (olohok): "Moal cekap atuh Pa Dadang."
Dadang: "Cukup... jung-jung... kuring teh keur boke, engke geus boga milik rek ditraktir!"
Suprit: "Aduuuh Pa..." bari ngajanteng.
Dadang: "Dititah naon kitu bieu teh?"
Suprit: "Muhun nu saur bapa tadi..."
Dadang: "Eta teh bahan-bahan bala-bala bisi teu ngarti mah, berarti ieu duit cukup jang meuli bala-bala hiji..."

Indra Gunawan

Dipikanyaah
Budak: "Ma, mun tos ageung Ujang mah hoyong janten rakyat we."
Indung: "Naha?"
Budak: "Ngarah dipikanyaah Partai."

Moh. Iqbal - Cimahi

Sakeudeung
Atep: "Naha khutbah Jumaah teh mani sakeudeung?"
Andi: "Sakeudeung kumaha, sakieu keselna?"
Atep: "Kesel naon, uing karek meureumkeun panon sababaraha menit, beunta-beunta geus rek solat."
Andi: "Lain khutbah Jumaah nu sakeudeung, tapi maneh nu lila kerek!"

Moh. Iqbal - Cimahi

Ka Tepas

Komentar ti Para Mitra

Supados Mitra tiasa masihan komentar, mangga Login heula

Eni Kunaenih ngomentaran:

lalucu pisan hehehehe ........ nuhun ka pangarangna, tong bosen ngintunkeun Barakatak ........ diantos ku sim kuring.

zaharis ngomentaran:

ha..ha..ha..